Anda di halaman 1dari 3

YAYASAN RIFA’IYAH ARJAWINANGUN

SMK DINAMIKA ARJAWINANGUN


N S S : 322021720002 N P S N : 20254049
KOMPETENSI KEAHLIAN FARMASI DAN TEKNIK KOMPUTER JARINGAN TERAKREDITASI ”A”
Nomor : 02.00/204/BAP-SM/SK/XII/2015
Alamat : Komplek Pend. Ishlahul Muta’allimin Jl. Serayu No. 42 Jungjang Kec. Arjawinangun
45162 Telp. (0231) 358727 Fax. (0231) 357239 Email: dinamika_farma42@yahoo.co.id

Mata Diktat : Bahasa Sunda Hari /Tgl :


Kelas / Program : X / Farmasi & TKJ Waktu :
Tahun Pelajaran : Semester : Ganjil

A. Pilihlah Jawaban dibawah ini yang paling Tepat !


1. Tarjamahan tina kalimah “Saya merasa bangga menjadi orang Sunda.” Anu merenah, nyaeta…
a. Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda.
b. Kuring ngarasa reureus jadi urang Sunda.
c. Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda.
d. Kuring ngarasa ngaeunah jadi urang Sunda.
e. Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda.
2. Kecap-kecap basa Sunda anu hese ditarjamahkeun kana basa Indonesia, nyaeta kecap…
a. Pangantet
b. Penyambung
c. Penganteur
d. Sulur
e. Parentah
3. Paribasa nu mangrupa tarjamahan tina basa Indonesia, nyaeta…
a. Wong becik ketitik wong ala ketara.
b. Waktu sarua jeung duit.
c. Aya hurang handapeun batu.
d. Adam lali tapel.
e. Gindi piker belang bayah.
4. Paribasa Indonesia “Biar lambat asal selamat” hartina mirip jeung paribasa Sunda…
a. Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung.
b. Jauh-jauh panjang gagang.
c. Kaduhung tara ti heula.
d. Kajeun kendor asal ngagembol.
e. Ulah gancang picang.
5. Lamun rek narjamahkeun, urang merlukeun kamus, nyaeta kamus…
a. Ekabasa
b. Istilah
c. Asing
d. Ensiklopedia
e. Dwibasa
6. Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Arab, nyaeta…
a. Takwa
b. Iman
c. Agama
d. Abdi
e. Akhlak
7. Unsur serepan anu acan sagemblengna kaserep kana basa Sunda ditulisna…
a. Ditulis biasa
b. Dikekentengan
c. Digurathandapan
d. Dicondongkeun
e. Dikandelkeun
8. Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna…
a. Carpon
b. Dongeng
c. Biografi
d. Sketsa
e. Fiksimini
9. Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongeng…
a. Farabel
b. Sage
c. Mite
d. Legenda
e. Babad
10. Dina dongeng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antarana wae, nyaeta…
a. Raja kahampangan dina balokeng.
b. Dayangsumbi boga anak Sangkuriang.
c. Sangkuriang saeyana anak raja
d. Dayangsumbi kawin jeung Si Tumang.
e. Sangkuriang nyieun parahu.
11. Unsur-unsur carita dina dongeng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi sejenna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-
unsur carita, nyaeta…
a. Latar
b. Galur
c. Palaku
d. Tema
e. Purwakanti
12. Dina dongeng Si Kabayan, tokoh anu langka dicaritakeun teh, nyaeta…
a. Si Kabayan
b. Sobatna Si Kabayan
c. Mitohana Si Kabayan
d. Si Iteung, pamajikan Si Kabayan
e. Si Atok, anakna Si Kabayan
13. Ieu di handap mangrupa kecap-kecap anu ilahar dipake dina kalimah parentah, iwal…
a. Mangga
b. Cing
c. Punten
d. Wah
e. Hayu
14. Ieu di handap omongan anu henteu kaasup kana kalimah parentah, nyaeta…
a. Sampurasun!
b. Mangga ka lebet!
c. Teu kenging calik di dinya!
d. Antosan sakedap, nya!
e. Rampes
15. Kagiatan nu dilaksanakeun ku alpukahna sakola, tapi di luareun kagiatan diajar nu formal, disebutna…
a. Kurikuler
b. Formal
c. Ekstrakurikuler
d. Nonformal
e. Formal
16. Hal-hal atawa aktivitas anu dipilampah ku urang dina hiji waktu di tempat nu tangtu disebutna…
a. Diajar
b. Kagiatan
c. Kajadian
d. Peristiwa
e. Pangalaman
17. Kagiatan dipilampah ku ngayakeun indit-inditan ti imah ka tempat tujuan tur dilaporkeun hasilna dina wangun tulisan
saperti dina Koran atawa majalah disebutna…
a. Wawancara
b. Neangan warta
c. Lalampahan
d. Touring
e. Panalungtikan
18. Laporan jurnalistik mah ilaharna ditulis ku…
a. Penyiar
b. Wartawan
c. Guru
d. Siswa
e. Panalungtik
19. Kecap rajekan dwireka nu dibarengan ku rarangken, nyaeta…
a. Bubuahan
b. Dialing-alungkeun
c. Dibulak-balik
d. Palk-plik-pluk
e. Kadupak-dupal
20. Ieu di handap kaasup kana kecap rajekan dwipurwa, nyaeta…
a. Tatajong
b. Pipiti
c. Cacakan
d. Dadahut
e. Kakara
21. Rumpaka kawih the saenyana mah sarua jeung sajak pedah sok dihaleuangkeun. Ieu di handap anu henteu kaasup kana
unsur-unsur lahir rumpaka kawih, nyaeta…
a. Tema
b. Tipografi
c. Gaya basa
d. Purwakanti
e. Imaji
22. “Jatmika teh sababaraha kali jadi pinunjul kelas.”
Dina kalimah di luhur aya kecap rajekan nu wandana…
a. Dwimadya
b. Dwipurwa
c. Dwimurni
d. Dwireka
e. Trilingga
23. Lamun ditingali tina jumlah jajaran jeung purwakantina, lagu “Es Lilin” teh disusun dina wangun…
a. Paparikan
b. Rarakitan
c. Wawangsalan
d. Papantunan
e. Tatarucingan
24. Baca rumpaka ieu kawih!
Es lilin mah, aduh, kalapa muda,
Dibantun mah, geuning, ka Sukajadi,
Abdi isin, geuning, samar kaduga,
Sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi.

Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaeta…


a. E-d-a-s
b. Da-di-ga-di
c. Muda-Sukajadi-kaduga-ngajadi
d. A-i-a-i
e. M-s-k-ng
25. Eusi pada kahiji rumpaka kawih “Es Lilin”, nyaeta…
a. Es lilin dijieunna tina kalapa muda
b. Abdi isin samar kaduga sabab sieun teu ngajadi
c. Es lilin dijual ka Sukajadi
d. Sieun teu jadi dibawa ka Sukajadi
e. Abdi isin sieun teu ngajadi

B. Essay !

1. Naon pentingna tarjamahan teh?


2. Naon ari dongeng legenda?
3. Sebutkeun struktur carita dongeng teh!
4. Kumaha adegan laporan kagiatan teh?
5. Naon bedana fabel jeung legenda teh!

Anda mungkin juga menyukai