Anda di halaman 1dari 11

SOAL UJIAN SEKOLAH BAHASA SUNDA

TAHUN AJARAN 2018-2019

1. Paguneman teh asalna tina kecap gunem, nu hartina ... .


A. nyarita kasar
B. nyarita lemes
C. nyarita sorangan
D. nyarita silih tempas

2. Bu Nani : “kunaon kamari teu sakola?”


Ridwan : “Abdi udur bu, saur dokter, kedah cek darah, margi bilih kena DBD”
Bu Nani : “Kumaha hasilna?”
Ridwan : “Negatip bu, mung gejala tipes”
Bu Nani : “Oh kitu? Nya sok atuh geura diuk deui, urang mimiti diajar ... siapkeun
bukuna.”
Latar tempat eta paguneman di ... .
A. Imah
B. Jalan
C. Kelas
D. Rumah sakit

3. Panji : “Aeh, naon PR basa sunda teh?”


Dika : “Kudu ngarang sajak. Temana bebas. Minggu hareup dikumpulkeun. Ceunah ceuk
Bu Lilis, mun sajakna alus rek dikirimkeun ka majalah sunda.”
Panji : “Atuh mun kitu mah urang rek meuli heula majalahna, ah!”
Dika : “Urang ge arek. Sugan we sajak urang bisa dimuat.”
Jejer dina paguneman diluhur nyaeta ... .
A. Sajakna alus
B. PR basa sunda
C. Ngarang sajak
D. Majalah sunda

4. Dumasar eusina, “ Gunung Tangkuban Parahu” kaasupna kana wanda dongeng ... .
A. Mite
B. Sage
C. Piarabel
D. Legenda
5. Titeunan sempalan dongeng ieu di handap!
“Pasosore sangkuriang geus balik deui ti leuweung bari mawa ati mencek pesenan
indungna (Dayang Sumbi), padahal nu dibawa teh lain ati mencek tapi ati si Tumang, sato
kukutan indungna ... .”
Lamun ditilik, sempalan dongeng diluhur nuduhkeun wateukna tokoh Sangkuriang ... .
A. Bageur
B. Ngabohong
C. Pinter
D. Gede hulu

6. Titeunan sempalan dongeng ieu di handap!


“Dina waktu ngan sapeuting Sangkuriang bias nyanggupeun pamenta Dayang Sumbi,
nyaeta nyieun parahu ... sok sanajan Sangkuriang teh menta bantuan jin supaya tereh
anggeus ... .”

Dumasar sempalan dongeng diluhur, Sangkuriang bisa nyieun parahu dina waktu ngan
sapoe. Nuduhkeun yen dongeng miboga unsur ... .
A. Waktu
B. Kasaktian
C. Kasombongan
D. Pamohalan (teu asup akal)

7. Ku lantaran ambeuk jeung apal yen Dayang Sumbi geus ngagagalkeun rencanana, teu
antaparah deui parahu anu geus meh rengse teh ditajong ku sangkuriang nepi ka nangkubna.
Eta parahu anu ditajong ku Sangkuriang neupi ka nagkub teh ayeuna katelah Gunung
Tangkuban Parahu. Ari tunggul-tunggul kai anu dituaran ku sangkuriang keur bahan nyieun
parahu tea, ayeuna katelah Bukit Tunggul.

Jejer/tema dongeng diluhur nyaritakeun ngeunaan ... .


A. Sangkuriang
B. Dayang Sumbi
C. Parahu nangkub
D. Gunung Tangkuban Parahu

8. Titeunan conto pupuh ieu dihandap!

GAMBUH
Tuh itu beurit lintuh
Mani rendey keneh anakna sapuluh
Arilikan gambarna masing taliti
Anakna kabeh ngariung
Saregep hormat ka kolot

Wacana diluhur kagolongkeun kana ... .


A. Sajak
B. Kawih
C. Pupuh
D. Sisindiran
9. Titeunan conto pupuh ieu dihandap!

PUCUNG
Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora
Bisi engke heunteu lulus
Batur seuri urang sumegrak nalangsa

Guru wilangan jeung guru lagu pupuh diluhur nyaeta ... .


A. 6-u, 2-a, 4-u, 5-a
B. 12-u, 6-a, 9-u, 13-a
C. 12-u, 6-a, 8-u, 12-a
D. 11-u, 6-a, 8-u, 12-a

10. Titeunan conto pupuh ieu dihandap!

WIRANGRONG
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nuntut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara

Wateuk atawa sipatna nyaeta ... .


A. Sedih
B. Silih asih
C. Gumbira
D. Nasehat

11. Titeunan conto sempalan sajak ieu dihandap!

Bandung
Hayang kuring nanya heula
Samemeh pamit rek paanggang
Ieu bandung nu heurin ku tangtu
Itu Lembang kota herang jeung bentang
Mindeng mere ilham kana kalam

Nu jadi jejer dina sajak diluhur teh, nyaeta ... .


A. Pamit
B. Mere ilham
C. Kaendahan alam
D. Bandung kota parahiyangan
12. Titeunan sempalan sajak ieu dihandap!

Sawah
Hejo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagunungan paul lautan
Taya katengreman ngan ancaman

Dumasar sempalan sajak diluhur, katangen sikep panyajak teh hayang ngabejaan ka nu maca
ngeunaan ... .
A. Kaayaan tanah sunda nu endah, tapi heunteu tengtrem tur loba ancaman
B. Kaayaan tanah sunda nu endah tur tengtrem pikabeutaheun
C. Kaayaan alam sunda anu geus ruksak ku polusi
D. Kaayaan pagunungan anu hejo lembok

13. Titeunan conto sempalan sajak ieu dihandap!

Mulang peuting
Dua budak adi lanceuk
Dakina karandel bajuna saroek
Teu nyahoeun hartina waktu
Bulan gempur dilangit biru
(Kuring ngarakeutkeun beuheung baju)

Dina sempalan sajak diluhur, nu nuduhkeun kalimah nu ngandung makna konotasi teh,aya
dina kalimah ... .
A. Dua budak adi lanceuk
B. Bulan gempur dilangit biru
C. Teu nyahoeun hartina waktu
D. Kuring ngarakeutkeun beuheung baju

14. Titeunan conto sisindiran ieu di handap!

PAPARIKAN RARAKITAN
Ngawuluku ngawalajar Sing getol nginum jajamu
Kudu di baladah heula nu guna nguwatkeun awak
Dina waktu rek diajar sing getol neangan elmu
Hayu ngadoa heula nu guna dunya aherat

Nu ngabedakeun paparikan jeung rarakitan, nyaeta ... .


A. Jumlah pada
B. Jumlah engang
C. Jumlah padalisan
D. Purwakanti dihareup jeung tungtung padalisan
15. Eusian titik-titik sisindiran ieu dihandap!

PAPARIKAN RARAKITAN
Samping hideung dina bilik sapanjang jalan soreang
Kumaha nuhurkeunana ....................................
Abdi nineung ka nu balik sapanjang tacan kasorang
...................................... moal weleh dikalaan
A. Kumaha nuhurkeunana, amis mata disusukan
B. Kumaha nuturkeunana, moal weleh diaspalan
C. Leumpangna endeuk-endeukan, kade kaancloman leungeun
D. Mun rek milu geuwat dandan,sok hayang nanya nu pundung

16. Titeunan lirik tembang dihandap ieu!

Karatagan Pahlawan
Teu honcewang, sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur, pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rari tur tega pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklhas rido keur korban merdeka

Jejer lagu diluhur nyaeta ... .


A. Sumangat pahlawan
B. Kaendahan lemah cai
C. Pahlawan kamerdekaan
D. Perjuangan kamerdekaan

17. Tembang nu aya pankaitna jeung perjuangan di Jawa Barat, nyaeta ... .
A. Es lilin
B. Bubuy bulan
C. Mojang priangan
D. Karatagan pahlawan

18. Ieu dihandap nu kaasup katerangan wawancara nu hade nyaeta ... .


A. Basa nu di gunakeun bebas teu kudu sopan jeung pakean kudu alus jeung mahal
B. Hasil wawancara teu kudu di rekap
C. Basa nu di gunakeun kudu sopan jeung baku ,hasil wawancara disusun rekapna
D. Alat wawancara kudu mahal teu kudu mderhatiekun basa

19. Rina : ” Assalamualaikum Bu.Guru...”


Bu Guru : ” Walaikumsallam Rina, aya naon peryogi naon Rina sareng Deden teh...?”
Deden : ” Punten Ibu bade aya nu di taroskeun...”
Bu Guru : ” Mangga atuh perkawis naon...?”
Rina : ” Perkawis angklung, eta teh nami alat musik tina naon bu didamelna...?”
Bu Guru : ” Eta nami alat musik tradisional nu didamelna tina awi.”
Deden : ” Ti daerah mana bu kawitna angklung…?”

Jejer eta wawancara Bu Guru sareng Rina, Deden nyaeta ... .


A. Kasehatan
B. Sosial
C. Kasenian
D. Teknologi

20. Hal-hal nu kudu diperhatikeun nalika wawancara nyaeta ... .


A. Hasil wawancara teu kudu di rekap
B. Basa nu di gunakeun kudu sopan jeung baku
C. Alat wawancara kudu mahal teu kudu merhatikeun basana
D. Basa nu di gunakeun bebas teu kudu sopan jeung pakean kudu alus jeung mahal

21. A. Perkara atawa tema nu rek ditanyakeun ka narasumber


B. nu wawancara kudu loba
C. nyiapkeun partanyaan nu rek diteupikeun ka narasumber
D. mawa kadaharan nu loba pikeun narasumber

Tina katerangan diluhur nu kaasup tahapan persiapan wawancara nyaeta....


A. A jeung B
B. A jeung C
C. C jeung D
D. D jeung C

22. Alat musik nu di jieunna tina awi nyaeta ... .


A. Goong
B. Angklung
C. Gendang
D. Kacapi

23. Tari Jaipongan mangrupa gabungan teni ... .


A. Seni sora jeung seni gerak
B. Seni musik jeung seni teater
C. Seni musik jeung seni gerak
D. Seni gerak jeung seni teater
24. Teu karasa, Atin migawe di sakola ieu teh geus meunang tilu bulan. Jadi tukang beberesih
jeung purah muka panto gerbang saban isuk jeung ngoncikeunana deui saban sore. Sapopoe,
hate mah teu weleh di robeda ku kahayang nuluykeun sakola. Tapi dalah kumaha, da
beubeunangan digawe oge kapan sok tuluy dikerimkeun ka ema di lembur. Boro-boro keur
beaya nuluykeun sakola.

Saha tokoh utama nu labuh pangtukangna dina pudunan teh....


A. Ema
B. Atin
C. Didin
D. Kuring

25. “jalan nu di sorang, kaayaanana asa teu jauh beda jeung baheula. Pangpangna aya mun keur
usum ngijih eta. Keur usum hujan mah mindeng atuh kuring atawa babaturan teu tulus indit
ka sakola. Alatanana, nya labuh tea. Labuh babarengan. Enya, apan ari leumpang teh na
pudunan mah sok nguntuy”

Jejer/tema carpon diluhur nyaritakeun ngeunaan ... .


A. Jalan nu disorang
B. Labuh babarengan
C. Teu tulus indit ka sakola
D. Si diding labuhna tisorodot ka hareup

26. Barang jrut tina mobil teh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna.
Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunna sejenna patingjungkiring.
Alun-alun anu lega, mobil anu harerang patingjalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar
teu kaitung reana. Panon eunteup deuina wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih
nyaksian sakola anu di pinuhan ku barudak pantar kuring, bangun anu palinter.

Dumasar eusina, latar dina carpon diluhur aya di....


A. Imah
B. Jalan
C. Sakola
D. Rumah sakit
Conto surat pikeun soal no 27-29

ORGANISASI INTRA SEKOLAH (OSIS)


SMP NEGERI 50 BEKASI
Sekertariat : Jln. An Nahl pondokgede Tlp.021 8470941 ....1

Nomer : 01/OSIS-bek/IV/2018 ..... 3 Bekasi, 17 april 2018 .... 2


Perkawis : Uleman
Lampiran : -

Kahatur sdrk : Azzahra .... 4


Di tempat

Assalamualaikum …. 5
Hatur uninga, wireh OSIS SMPN 50 Bekasi dina raraga mieling Hari Pendidikan Nasional,
2 mei 2018 bade ngayakeun kagiatan “pasanggiri biantara basa sunda” kukituna simkuring
seja ngahaturan saderek kanggo sumping dina acara rapat panitia, kumargi seeur hal nu
peryogi di badanteukeun. eta gempungan teh In syaa Allah bade dilaksankeun .... 6
Dinten/kaping : Jumaah / 20 April 2018
Waktos : tabuh 14.00 WINB d.k rengse
Tempat : secretariat OSIS SMPN 50 Bekasi
Kalintang bingahna,upami saderek tiasa rurumpaheun sumping dina waktosna. Langkung ti
payun ngahaturkeun sewu nuhun kana perhatosanana.
Wassalam ..... 7

Pupuhu Girang serat .......8

Faishal Ihsan Fatimah

27. Bagian tina kop surat, titimangsa jeung salam panutup ditunjukkeun sacara runtut ku
angka ... .
A. 1,2,5
B. 1,2,7
C. 1,2,8
D. 1,3,7

28. Eta surat ditujukeun ka ... .


A. Osis
B. Azzahra
C. Fatimah
D. Faishal ihsan

29. Eusi suratna ngeunaan ondangan pikeun acara ... .


A. 2 Mei 2018
B. Rapat panitia Mieling Hardiknas
C. Pasanggiri Biantara bahasa sunda
D. Mieling poe pendidikan nasional

30. Baca sempalan teks biantara (pidato) dihandap ieu!

“Dina ieu waktos,abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang
sadayana. Urang wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan jauh tina sagala
panyakit. Kumargi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinteun ku cara anu sehat....”

Jejer pidaato diluhur nyaeta....


A. Kabersihan awak jeung lingkungan
B. Ngajauhan panyakit
C. Lingkungan social
D. Lingkungan sabudeureun

31. Baca teks biantara dihandap ieu!


“Puji sukur urang sanggakeun ka Allah SWT, Margi ku barokah sareng karunia anjeunna,
urang sadayana tiasa sasarengan kempal di ieu tempat, mugia ieu kagiatan kenging ridho ti
Alloh nu maha kawasa. Aamiin.”

Sempalan conto biantara diluhur bagian tina ... .


A. Salam bubuka
B. Eusi bubuka
C. Eusi inti
D. Eusi panutup

32. “Saenggeus opat taun ngagabung jeung pabrik tekstil toyoda, divisi pabrik mobilna
diresmikeun ngadeg sorangan dina taun 1937 tur ganti ngaran jadi Toyota. Jadi, Pabrik
tekstil mah ngaranna teh Toyoda, ari pabrik mobilna mah ngaranna teh Toyota.”

tina sempalan conto artikel diluhur,nu boga pabrik Toyota jeung pabrik Toyoda teh ... .
A. Toyoda pabrik mobil
B. Toyota pabrik tekstil
C. Pabrik Toyota jeung pabrik Toyoda nu bogana beda
D. Pabrik Toyoda jeung pabrik Toyota nu bogana sarua

33. “Di daerah Subang lamun aya hajatan sunatan atawa nikahan sok aya nu nanggap sisingaan.
Sisingaan sok sanajan asalna ti daerah Subang tapi geus sumebar ka sakabeh Jawa Barat.
Panganten atawa budak sunat sok diarak ditumpakeun dina boneka singa badag nu dibawa
ku jelema, jadi siga singa nu keur leumpang jeung luak leok, dipiring ku alat musik
tradisional, salasahijina kendang. Ampir sarua jeung kabiasaan kariaan urang Cina nyaeta
barongsay.”

Sempalan artikel diluhur jejerna nyaeta....


A. Sosial
B. Kasenian
C. Kaulinan
D. Pendidikan

34. “Kasenian Budaya Urang”

Nu ngamuat informasi anu penting pikeun nu maca. Sok komo deui, eusina mangrupa
pamikiran-pamikiran atawa kamandang ti nu nulisna nu diwuwuh ku informasi nu bisa
dipertanggungjawabkeun bebeneranna.

Artikel nyaeta....
A. Tulisan atawa karangan imajinasi
B. Tulisan nu di lengkapan ku gambar-gambar
C. Tulisan atawa karangan dumasar fakta jeung data
D. Tulisan atawa karangan dumasar pikiran jeung elmu sorangan

35. Kalimah dihandap ieu nu mangrupa judul tina karangan eksposisi, nyaeta ... .
A. Hayu urang hirup sehat
B. Potensi Budaya kota Bekasi
C. Lengkah-lengkah ngaktipkeun akun twiter
D. Pentingna imunisasi dipteri pikeun barudak sakola

36. Kalimah dihandap ieu nu mangrupa pengertian tina karangan eksposisi, nyaeta ... .
A. Karangan nu nerangkeun tatacara nyieun hiji produk
B. Karangan nu medarkeun hiji pasualan, atawa kaayaan
C. Karangan nu ngandung ajakan pikeun ka nu maca karangan
D. Karangan anu medarkeun hiji pasualan dumasar kana pamanggih si panulisna

37. Lengkepan sempalna patelakan warta ieu dihandap!


A : ................?
B : Bapa wakasek bidang kesiswaan

mun jawaban b, pataleukan (pertanyaan) keur a anu merenah nyaeta ... .


A. Why (naha) bet disita?
B. When (iraha) kajadiana?
C. Where (dimana) kajadianna?
D. Who ( saha) nu nyitana?

38. Lengkepan sempalan patelakan warta ieu dihandap !


A : Iraha kajadianna?
B : ...............

Mun patekan na a, jawaban nu merenah keur b, nyaeta ... .


A. Minggu kamari
B. Tata tertib sakola
C. Aturan no 22 tahun 2015
D. Wakasek bidang kesiswaan
39. Titeunan unsur-unsur carita drama ieu dihandap!
A. Nada
B. Dialog
C. Wirahma
D. Jejer
E. Wateuk
F. Imaji

Tina katerangan diluhur nu kaasup unsure drama nyaeta....


A. B, D, E
B. A, B, C
C. B, C, D
D. D, E, F

40. Sempalan drama


Geber-geber Hihid Aing
(hiji poe aya budak pahatu keur leumpang asruk-asrukkan di leuweung)
Budak awewe : “Rek kamana urang teh, kang?”
Budak lalaki : “Neangan jalan,Nyai, urang teh kasarung.”
Budak awewe : “Tapi kuring mah geus cape, titadi asruk-asrukan wae.”
Budak lalaki : “sabar we, Nyai.”
Budak awewe : “lapar deui, beuteung geus kukurubukan.”
Budak lalaki : “Enya, ke sugan kapanggih bungbuahan.”
Budak awewe : “Tuh,kang, itu buah naon meuni mepheuy kitu?”

Amanat nu bisa dicokot tina teks drama diluhur nyaeta ... .


A. Ulah asruk-asrukan di leuweung
B. Kudu akur jeung nyaah ka dulur
C. Ulah nyaah ka dulur
D. Kudu alus sangka

II. Uraian :
41. Seratkeun ku hidep (tuliskan) pada kahiji tembang Manuk Dadali !

42. Sebutkeun unsur-unsur intrinsik carpon (carita pondok)!

43. Susun bagean-bagean surat ieu dihandap jadi struktur surat pribadi anu merenah !
1). Eusi 6). Panutup surat
2). Salam pamuka 7). Ngaran anu ngirim surat
3). Titimangsa 8). Tanda tangan
4). Pamuka surat 9). Salam panutup
5). Tujuan surat

44. Seratkeun saparagrap warta nu tema na kajadian alam (aya 2 unsur what jeung where).

45. Seratkeun kumaha cara midangkeun “Sangu Goreng”.

Anda mungkin juga menyukai