Anda di halaman 1dari 7

PAKET U.

1 (KURIKULUM 2013 SUSULAN)


PEMERINTAH KABUPATEN CIAMIS
DINAS PENDIDIKAN
UJIAN SEKOLAH SMP/ MTs
TAHUN PELAJARAN 2018/ 2019
LEMBAR SOALUTAMA KURIKULUM 2013

Mata Pelajaran : Muatan Lokal Bahasa Sunda


Satuan Pendididkan : SMP
Hari :
Tanggal :
Alokasi Waktu : 90 Menit
Dimulai Pukul :
Diakhiri Pukul :

PETUNJUK UMUM :

1. Gunakan pensil 2B untuk menghitamkan bulatan pada Lembar Jawaban Komputer ( LJK )
Contoh cara menghitamkan :
a b © d benar a b c d salah
a b c d salah a b c d salah
2. Perhatikan dan ikuti petunjuk pengisian pada Lembar Jawaban Komputer (LJK) yang disediakan
3. Periksa dan bacalah soal-soal sebelumAnda menjawabnya
4. Laporkan kepada Pengawas, jika terdapat tulisan yang kurang jelas, rusak atau jumlah soal
kurang
5. Soal sebanyak 45 butir dalam bentuk pilihan jawaban dan essay, semua harus dijawab dengan
benar dan tepat
6. Dahulukan menjawab soal-soal yang Anda anggap mudah
7. Penilaian diatur sebagai berikut : a. Nilai minimal = 0
: b Nilai maksimal = 100
8. Mintalah kertas buram kepada pengawas bila diperlukan
9. Periksalah pekerjaan anda sebelum diserahkan kepada Pengawas
10.Tidak diijinkan menggunakan kalkulator, tabel matematika atau alat bantu hitung lainnya.

I PILIHAN GANDA
1. Pék baca tur tengetan conto wacana paguneman kalawan taliti!

Pa Rido : “Halo, Assalamua’alaikum! Tiasa nyarios sareng Pa Budi ?”


Indah : “Nuju angkat ka Bandung. Ieu saha ?”
Pa Rido : “Sareng Pa Rido ieu tèh, Nèng, rerencangan damel Pa Budi. Ari Ēnèng tèh putrana
panginten, nya ?”
Indah : “Sumuhun, Pa ! Abdi Indah.”
Pa Rido : “Iraha bapa tèh angkatna, Nèng ?”
Indah : “Kamari sonten kinten-kinten tabuh opat.”
Pa Rido : “Mulihna iraha saurna, Nèng ?”
Indah : “Upami teu lepat nguping mah engké siang saurna téh, Pa.”
Pa Rido : “Oh…kitu! Titip sanggem ka tuang rama diantos kasumpinganana ka rorompok
engkè sabada Magrib, badè sukuran babarna pun incu.”
Indah : “Muhun mangga, Insya Alloh, Pa.”
Pa Rido : “Kitu waè, Nèng. Kadè hilap ka tuang rama sakalih, diantos pisan. Nuhun nya,
Nèng.Assalamu’alaikum !”
Indah : “Mangga. Wa’alaikumussalam!”
Eusi paguneman dina telepon di luhur nya èta :
A. ngabèjaan incuna Pa Rido tos babar.
B. ngajakan bapana Indah ka Bandung.
C. nanyakeunputrana Pa Budi ka Indah.
D. ngulem sukuran babaran ka Pa Budi

2. Pék tengetan gambar ieu di handap, kalawan telik!

Gambar di luhur nuduhkeun conto kaulinan tradisional barudak Sunda nu disebut :


A. Anjang-anjangan
B. Oray-orayan
C. Eundeuk-eundeukan
D. Prangpring

Pék baca tur tengetan conto wacana Pupujian di handap kalawan taliti!

Ramana Sayid Abdullah


Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeuna di Mekkah
Wengi Senén Taun Gajah
Keur lima taun yuswana
Ditinggal pupus ibuna
Tuluy dirawat éyangna
Abdul Muthalib asmana
3. Amanat nu hayang ditepikeun dina éta Pupujian nya éta :
A. Nabi Muhammad Saw. harita yuswana némbé lima taun.
B. Nabi Muhammad Saw. ti alit kénéh tos hirup prihatin.
C. Nabi Muhammad Saw. dikantun pupus ku ibuna.
D. Nabi Muhammad Saw.dirawat ku Abdul Muthalib.

Pék tengetan sempalan wacana ngeunaan pangalaman pribadi!


Wasta abdi, Hastian.Pangaresep abdi atanapi hobi abdi kaétang seueur, kantenan apan
abdi mah kasebat urang lembur, jadi resep ameng rupi-rupi kaulinan urang lembur wé, sapertos
medar langlayangan, ngadu kaléci, panggal, gatrik, jajangkungan sareng barén.Abdi gé resep
ngurek sareng nguseup deuih. Ari peré sakola sok kanjat dua iangan ngurek téh, isuk-isuk jeung
burit, bubuhan seueur pasawahan di lembur abdi mah, laléndo seueur belutan, pami nguseup
mah resepna ari tos hujan….

4. Wacana di luhur téh ngeunaan....


A. wasta abdi B. pangaresep abdi C. kaayaan di lembur D. ulin di lembur

Pék tengetan sempalan dongéng nu judulna “Ajag Nangtang Jelema”!


Teu loba omong, gajleng ajag kaluar tina panyumputan muru ka jalan. Ngajega bari
babaung. Barang nénjo aya ajag babaung, paninggaran ngarandeg, rikat ngokangkeun bedilna.
“Aéh, aéh rék narajang siah…”ceuk paninggaran. Dorrr! Sora bedil minuhan
leuweung.Bareng jeung beledagna bedil, ajag ngudupruk, getih ulaweran. Nguk…nguuuk…kusek!
Harita kénéh ajag paéh.Lantaran jelema mah teu beukieun daging ajag, atuh diantep baé ngajoprak
di jalan.
Sanggeus paninggaran indit, kurumuy peucang kaluar tina panyumputan. Nyampeurkeun.
“Matak ogé ulah sombong, asa aing panggagahna…” ceuk peucang bari nokér bugang ajag
ku sukuna. Geus kitu mah léos baé indit.
(Dicutat tina Buku Pamekar Diajar Basa Sunda, kaca : 57)
5. Dongéng nu judulna “Ajag Nangtang Jelema” kaasup wanda dongéng :
A. Fabel C. Legénda
B. Parabel D. Mitos

6. Pék tengetan gambar di handap !

Téma iklan layanan masarakat di luhur nya éta :


A. ai sumber kahirupan C. sumber cai beresih
B. waspada bahaya cai D. pentingna miara cai

Pék tengetan semplan sajak di handap !


AKI JEUNG BALON (Ami Raksanagara)
Beurat teuing lengkah aki ngukur jalan
Kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan
Dibaturan sobat ngaran rancatan
Anu runtuy digantungan barang-barang kaulinan.

7. Harti tina kalimah “Dibaturan sobat ngaran rancatan”dina éta sajak nyaéta :
A. Si Aki teu gaduheun batur hirup. C. Pagawéan Si Aki unggal poé
B. Si Aki matak pikawatireun D. Si Aki téh tukang dagang kaulinan

8. Suasana nu diébréhkeun dina sajak “Aki jeung Balon”, nya éta ....
A. pikaresepeun C. pikawatireun
B. pikasieuneun D. pikabungaheun

9. Rarangkén pamaéh dina Aksara Sundadilambangkeun ku gambar :


A. / 7 / C. / Z /
B. / / D. / 0 /

10. Lenyepan kawih di handap!


Karatagan Pahlawan
Teu honcéwang (teu ringrang)
Sumoréang (haringrang)
Tékadna pahlawan bangsa (pahlawan)
Cadu mundur (takabur)
Pantrang mulang (honcéwang)
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tégang pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdéka ….
Dicutat tina Buku Lancar Bahasa Sunda kaca : 6
Conto Purwakanti dina kawih di luhur aya dina ungkara :
A. cadu mundur takabur C. mun maksud tacan laksana
B. berjuang keur lemah cai D. iklas rido keur korban merdéka
11. Harti kecap “pati” nya éta “
A. lahir B.hirup C. paéh D. cilaka

12. Rumusan anu biasa digunakeun dina nulis warta nu hadé nya éta
A. 5W + 1 H B. W + H C. 5H + 1W D. 5WH + 5H

13. Pék tengetan conto Sisindiran di handap!


Ka kidul rék ngala gedang
Minyak goréng dina botol
Si endul teu bisa hudang
Singhoréng manéhna ngompol
Eusi Sisindiran di luhur nya éta...
A. piwuruk B. silih asih C. kareueus D. sésébréd/heureuy

14. Ditilik tina wangunna, Sisindiran di luhur kaasup kana wangun….


A. Paparikan B. Rarakitan C.Wawangsalan D. Pupujian

15. Baca sempalan artikel ieu di handap!


Di urang mah moal aya nu bireuk deui kana penca téh.Sok aya ogé anu nyebut ulin, ameng,
maénpo atawa silat.Malah loba ogé anu nyebut penca silat.
Sempalan artikel di luhur kaasup bagian….
A. bubuka B. eusi C. panutup D. kacindekan

16. Pék ilo tur tengetan pupuh di handap!


Sipat jalma adat masing-masing
Nu rajin nu getol
Nu balabah soméah daréhdéh
Wijaksana tulatén gumati
Lantip amis budi
Ampuh lungguh timpuh
Guru lagu jeung guru wilangan padalisan kahji jeung kadua pupuh di luhur nya éta….
A. 10 i – 10 o B. 10 é – 10i C. 12 i – 6 o D. 6 i - 6 u

17. Pupuh Mijil umumna nembongkeun watek ….


A. ambek B. sedih C. banyol D. gumbira

18. Istilah séjén pikeun panata acara nya éta…


A. Panumbu catur B. Panata calagara C. Master of ceremony D. Panata warta

Baca tur tengetan sempalan Carita Pondok pikeun nomer 19 jeung 20


...,
Najan awak asa lungsé, teu burung émbér ditampanan. Leumpang bari ngajingjing émbér
muru buruan Pa RW. Gen émbér handapeun keran, cai ngocor ngagolontor hérang naker.
Leuh, mun seug di imah sorangan réa cai bari hérang kawas kieu, meureun moal capé
ngakutan. Leuheung basa ayeuna, soré teu dirurusuh.Ari isuk-isuk mah waktu teh sok asa
samporét pisan, bubuhan rék indit sakola.

19. Sempalan Carita Pondokdi luhur ngagunakeuna galur...


A. mérélé / ngaguluyur awal nepi ka ahir C. mobok tengah terus ka awal
B. galur mundur di ahir ka awal D. galur gabungan/ campuran

20. Dimana latar tempat jeung waktu dina sempalan eta carpon ?
A. imah Pa RW, isuk-isuk. C. imah Pa RW, Pasosoré.
B. buruan Pa RW, isuk-isuk. d. buruan Pa RW, Pasosoré.

Pék baca naskah biantara di handap sing imeut unggal alinéa! (Soal pikeun nomer 21 – 25)
(1) Assalamu’alaikum Warrahmatullahi Wabarokaatuh,
(2) Puji sareng sukur urang sanggakeun ka Allah Swt. Solawat sinareng salam mugi ngocor ka
jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad saw.
(3) Rupina cekap sakieu baé pamapag ti sim kuring, hapunten bilih aya basa nu kirang
merenah larapna.
(4) Ibu kepala sakola anu ku sim kuring dipihormat,
Bapa/Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat, Siswa/siswi kelas 9 nu dipikacinta.
(5) Sugri kadang wargi anu sami linggih,
(6) Billahi taufik walhidayah, wasalamu’alaikum warraahmatullahi wabarrakatuh,
(7) Dinten ieu urang ngariung dina raraga paturay tineung siswa/siswi kelas salapan anu
parantos namatkeun pangajaranna salami tilu taun di SMP.

21. Urutan alinéa anu merenah pikeun naskah biantara di luhur nyaéta ….
A. (1), (4), (2), (5), (7), (3), (6) C. (1), (5), (4), (2), (3), (7), (6)
B. (1), (4), (7), (5), (3), (2), (6) D. (1), (5), (7), (4), (2), (3), (6)

22. “Sugri kadang wargi anu sami linggih.” Eta ungkara kaasup conto …. dina biantara.
A. pangbagéa B. bubuka C. pangbagéa randegan D. panutup

23. Eusi biantara di luhur aya dinaalinéa ka ….


A. (2) B. (4) C. (3) D. (7)

24. Bagian kalimah bubuka biantara aya dina alinéa :


A. (5) B. (3) C. (4) D. (2)

25. Bagian pangbagéa atawa kata sapaan aya dinaalinéa :


A. (4) B. (5) C. (6) D. (7)

Baca Wacana di handap pikeun soal no 26-29


Diajar ka Kampung Kuta
Imahna, angger ti baheula ogé, taya anu ditembok.Komo dibeton jeung dikeramik mah.
Kudu imah panggung nu sakabéh dangdananana tina kai jeung awi. Hateupna tina injuk atawa
kiray, teu meunang makékenténg(1). Ari wangun imahan kudu imah panjang. Teu meunang
imah wangun léter L atawa léter U, jeung teu meunang nyangharep ka wétan deuih (3)
Disabudeuren Kampung Kuta aya leuweung tutupan anu disebut Leuweung Gedé.Èta
leuweung dianggap karamat ku urang dinya mah.Anu matak upama rék asup ka leuweung,
loba pantranganana. Diantara baé, teu meunang makedadampar suku ( sandal atawa sapatu).
Kudu nyékér. Teu meunang héhéotan atawa nyiduh, teu meunang maké baju dines jeung teu
meunang maké baju hideung-hideung deuih (2).
Pantrangan séjénna anu patali jeung kahirupan sapopoé, diatarana teu meunang maké
perhiasan méwah.Teu meunang némbongkeun hal-hal anu aya patalina jeung kaméwahan
duniawi.Kaasup pangkat jeung jabatan, eta téh nitah urng sangkan hirup basajan (4).
(Dicutat tina Buku “Gapura Basa” Kelas IX kaca : 27-28)
26. Paragrap anu ngajelaskeun wangunan-wangunan anu jadi ciri khas di Kampong Kuta aya dina
nomer…
A. (1) B. (2) C. (3) D (4)

27. Paragrap anu eusina nétélakeun ciri khas di Kampung Kuta sarta béda jeung anu aya di
kampung-kampung modéren nyaéta..
A. (1) jeung (2) B. (1), (2), jeung (3) C. (1), (3), jeung (4) D. (1), (2), (3), jeung (4)
28. Wangunan imah anu aya di Kampung Kuta téh béda jeung nu aya di kampung modéren, nyaéta
masih wangunimah .…
A. jogo anjing B. parahu kumureb C. panjang/jolopong D.julang ngapak

29. Dina kahirupan sapopoédi Kampung Kuta, masarakatna miboga pantrangan nya éta aya dina
nomer….
A. (1) B. (2) C. (3) D. (4)
Pék Baca wacana di handap!
Aya paribasa cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok. Cikaracak mangrupa
gambaran atawa élmu anu katarima ku urang teu bisa ngagolontor sakaligus, tapi nyaraclakan
saeutik-saeutik anu baris aya tapakna ka nu leukeun jeung getol nyuprih élmuna….
30.Eusi tina wacana di luhur aya patalina jeung widang….
A. budaya B. atikan C. ekonomi D. kasehatan

31. Paribasa “Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok”ngandung harti :


A. Lamun urang daék leukeun diajar tinangtu bakal bisa.
B. Sakumaha teuasna batu lami-lami bakal legok .
C. Kagoréngan mah najan disumputkeun ogé bakal kapanggih.
D. Kahadéan nu geus lila leungit ku sakali kagoréngan.

32. Lengkepan kalimah di handap ku babasan nu merenah!


Budak téh …kolot keur ngobrol miluan ngobrol.
A. gede hulu B kokolot begog C. beurat birit D.hampang leungeun

33. Jalma anu soméah tur hadé parangina sok disebut jalma ....
A. alus budi B. budi parangi C. amis budi D. ngabudi ucing

34. Basa Ibu Guru lebet ka kelas, barudak langsung jep jempé, ….
A. kawas anjing tutung buntut. C. kawas gaang katincak
B. kawas bujur aseupan D. kawas hayam rek endogan

35. Dasar budak éta mah geus …., hésé pisan dipapatahanna, kalakuan téh teu robah-robah.
A. cul dog dog tinggal igel C. mapatahan ngojay ka meri
B. adat kakurung ku iga D. bonténg ngalawan kadu

Pék baca sempalan novel ieu di handap!


Kondi téh budak lembur, urang Pagerageung, Kabupaten Tasikmalaya.Kulawargana
hirup basajan.Bapana kungsi usaha jadi tukang potrét, tukang baso, tuluy bangkrut lantaran
kadéséh ku batur. Bapana tuluy jadi tukang kuli bangunan di Jakarta, tapi teu lila, lantaran
katarajang musibah, ragrag ti luhur wangunan nepi ka nombrona teu bisa nanaon. Pikeun
nyumponan kabutuh hirup sapopoé, parabot imahna kapaksa dijualan.
36. Téma sempalan novel “Patepung di Bandung” di luhur nya éta….
A. Politik C. Social
B. Budaya D.Agama

37. Palaku utama dina sempalan novel di luhur nya éta….


A. bapana C. lanceukna
B. kondi D.manehna

38. Latar tempat anu dicaritakeun dina eta novel nya éta....
A. di Jakarta C.di Tasikmalaya
B. di Ciamis D. di lemburna
39. Watek palaku utama dina nyangharepan masalah hirupna dina novel di luhur nya éta :
A. Teu narima kana kaayaan, nepi ka ngantep bapana gering.
B. Sabar tur tanggung jawab, bari ngurus bapana nu gering.
C. Abur-aburan ninggalkeun kulawargana indit ka Bandung.
D. Wani ngalakukeun kajahatan nepi ka dibérok di penjara.

40. Sabada maca sempalan novel “ Patepung di Bandung”, ngahudang rasa ….


A.ambek B. karunya C. bungah D. ambek
II. ESSAY
Pituduh : Pék jawab sakur pananya di handap kalayan bener, singget tur jéntré!

41. Tuliskeun judul Novel Sunda katut pangarangna (paling saeutik 5 judul)!
42. Tuliskeun paling saeutik tilu bedana karangan wangun Carpon jeung Novel!
43. Tuliskeun paling saeutik lima urang pangarang naskah drama Sunda!
44. Dina bagian-bagian drama aya nu disebut Prolog. Pek jentrekeun naon maksudna!
45. Dina bagian-bagian drama aya nu disebut Babak. Pek jentrekeun naon maksudna!!

WILUJENG MIDAMEL
--- TIM PANYUSUN SOAL US BASA SUNDA 2018---

Anda mungkin juga menyukai