Anda di halaman 1dari 11

DOKUMEN SEKOLAH AM-UM-MTs-P09

SANGAT RAHASIA

ASSESMEN MADRASAH
TAHUN PELAJARAN 2022/2023

UTAMA
MTs ASSASUL ISLAMIYAH

BIDANG STUDI : BAHASA SUNDA

KEMENTERIAN AGAMA
KABUPATEN SUKABUMI
KEMENTERIAN AGAMA KABUPATEN SUKABUMI

WAKTU PELAKSANAAN
Hari/Tanggal : Jum’at, 14 April 2023
Jam : 07.30 – 09.00 WIB
Kode Asesmen : AM-UM-MTs-P09

PETUNJUK UMUM

1. Periksalah Naskah Soal yang Anda terima sebelum mengerjakan soal yang meliputi :
a. Kelengkapan jumlah halaman beserta urutannya.
b. Kelengkapan nomor soal beserta urutannya.
c. Kesesuaian Nama Mata Uji tertera pada kanan atas Naskah Soal Asesmen
Madrasah (LJAM).
2. Laporkan kepada pengawas ruang apabila terdapat lembar soal, nomor soal yang tidak
lengkap atau tidak urut, serta LJAM yang rusak, robek, atau terlipat untuk memperoleh
gantinya.
3. Tulislah Nama dan Nomor Peserta AM (Asesmen Madrasah) Anda pada kolom yang
disediakan di halaman pertama soal ujian.
4. Gunakan pensil 2B untuk mengisi LJAM dengan ketentuan sebagai berikut:
a. Tulislah Nama Anda pada kotak yang disediakan, lalu hitamkan bulatan di
bawahnya sesuai dengan huruf di atasnya.
b. Tuliskan nomor peserta, ruang, paket soal (jika ada),
c. Pilih nama mata pelajaran yang diujikan, hari/tanggal, nama sekolah, dan tanda
tangan Anda.
5. Jika terjadi kesalahan dalam mengisi bulatan, hapus sebersih mungkin dengan karet
penghapus kemudian hitamkan bulatan yang menurut Anda benar.
6. Waktu yang tersedia untuk mengerjakan Naskah Soal adalah 120 menit.
7. Naskah terdiri dari 45 (empat puluh lima) butir soal yang masing-masing dengan 40
(empat puluh) pilihan jawaban dan 5 (lima) butir soal uraian.
8. Dilarang menggunakan HP maupun alat bantu teknologi lainnya.
9. Periksalah pekerjaan Anda sebelum diserahkan kepada pengawas ujian.

SELAMAT MENGERJAKAN

Berdoalah sebelum mengerjakan soal.


Kerjakan dengan jujur, karena kejujuran adalah cermin kepribadian.
I. Pilihlah salah satu jawaban yang paling tepat dan benar!
1. “Cing naon perjuangan kiai Zainal Mustofa téh?”
“Ngalawan penjajah jepang!” témbal Dani
“Terus naon deui?”
“Atos wé. Ditangkep ku Jepang, dipenjara téras dihukum pati.”
“Teu salah éta ogé. Memang umumna mah urang téh ngan nyaho Kiai Zainal Mustofa bajoang
ngalawan tentara Jepang di Sukamanah. Carang anu nyaho saméméhna mah. Padahal
perjoangan Kiai Zainal Mustofa téh geus dimimitian ti jaman Walanda kénéh. Buktina
anjeunna kungsi di bui ku Pamarentah Hindia Walanda di Sukamiskin jeung dipanjara di
Ciamis”
Tema nu kagambar dina sempalan dialog di luhur nyaéta…
A. Kiai Zenal Mustofa dibui ku Pamarentahan Walanda
B. Perjoangan Kiai Zenal Mustofa ti mimiti jaman Walanda nepi ka jaman Jepang
C. Kiai Zenal Mustofa ditangkep tuluy di bui ku tentara Jepang
D. Kiai Zainal Mustofa bajoang ngalawan tentara Jepang di Sukamanah
2. Titénan gambar di handap !

Kakawihan nu luyu jeung gambar di luhur nyaéta….


A. Paciwit-ciwit lutung
Si lutung pindah ka tungtung
Paciwit-ciwit lutung
Si lutung pindah ka tungtung

B. Eundeuk eundeukan cangkuang


Bale bandung paseban
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki
C. Géré tong géré tong
Nu éléh di potong
Géré tong géré tong
Nu éléh di potong
D. Ojok-ojok ami-ami
dirojok ku jarami ojok-
ojok uat-uat ngarojok
nu dibuat ojok-ojok
aung-aung Ngarojok nu
di saung
3. tata cara atawa prak-parakan kaulinan barudak anu disebut Paciwit-ciwit lutung nyaéta….
A. Duaan pahareup-hareup terus jogol silih surung pakuat-kuat tanaga
B. Masing-masing dampal leungeun dikeupeulkeun tuluy disimpen di handap
C. Suku disampaykeun pakait-kait, bari ngawih
D. Silih ciwit tonggong dampal leungeun nyusun ka luhur

4. Harta banda nu ngaleuya


Urang moal bisa mawa
Ngan amal nu dibawa Batur
urang anu bela
Amanat nu kapanggih dina pupujian di luhur, nya éta….
A. Kudu loba harta banda
B. Kudu réa batur
C. Kudu loba amal
D. Kudu béla ka batur

5. Poé munggaran asup sakola, nu ngabasakeun ka abdi téh rupa-rupa. Aya nu nyebut nitis, surti,
malah aya nu nyebut ingkang ogé. Tah lebah nu pandeuri disebut mah abdi téh asa teu narima,
da puguh ngaran ingkang mah bau-bau ngaran lalaki. Komo éta mah pa Agus, “héy
rumingkang di bumi alam….” Cenah. Banyol maksud na mah, teu ieuh asup hate da kapan
sidik ngaran abdi téh NITIS SURTI RUMINGKANG.
Suasana nu kagambar dina sempalan pangalaman di luhur nyaéta….
A. Pikasediheun
B. Pikakeuheuleun
C. Pikaseurieun
D. Pikaresepeun

6. Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai bari
gegerungan. Sato-sato nu kungsi meunang kanyeri ti manéhna ngarumpul ngariung nu keur
gegerungan téa.
Ceuk Munding, “Ah siah maké gegerungan! Rék nyambat ka saha? Moal aya nu nyaaheun
ka sia mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil nu keur gegerungan. Nempo
kalakuan Munding kitu, sakabéh sato nu harita aya di dinya sareuri akey-akeyan. Kabéh sato
nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang Kuda. Nempo sato-
sato sejen galumbira téh manéhna mah ukur gogodeg.
Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain téjéh tah si Belang téh ku
sampéan! Lain baheula si Belo ditekuk?” Témbal Kuda, “Kaula mah lain teu ngéwa kana
kalakuan Maung téh. Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manéhna téh keur
sakarat, sakeudeung deui ogé paéh. Kuduna mah sato nur keur sakarat téh ulah
dihareureuykeun kitu. Meureun ceuk batur téh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!”
Sanggeus ngadéngé omongan Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempé sarta patinglaleos
ka leuweung deui.
Latar tempat tina carita dongéng di luhur nya éta….
A. Handapeun tangkal kai
B. Handapeun kandang domba
C. Di jero kandang kuda
D. Di jero kandang munding

7. Unsur pamohalan nu aya dina carita dongéng di luhur nya éta….


A. Maung ngalungsar
B. Keur sakarat
C. Sasatoan bisa ngomong
D. Patinglaleos ka leuweung

8. Pesen moral anu kagambar tina sempalan dongéng di luhur nya éta….
A. Hirup kudu daek tutulung kanu butuh tatalang kanu susah
B. Kudu gede kawani dina nyanghareupan musuh
C. Lamun aya nu jahat ka urang kudu dibales ku pagawean jahat deui
D. Ulah nganiaya ka anu teu walakaya sarta teu ngabales pagawéan jahat ku jahat deui
9. Muara
Anteurkeun kuring ka gunung
Rék nyusu cikahuripan
Anu ngocor ngagolontor
Rék neueulkeun ketug jajantung
Kana galeuh kasucian
Anu can baur kokotor
………..
Rasa nu kagambar dina sajak di luhur nyaéta….
A. Sieun
B. Gumbira
C. Sedih
D. Sono
10. Kecap ngagolontor dina sajak di luhur ngandung harti…..
A. Ngocorna leutik
B. Teu kaluar cai
C. Ngocorna badag
D. Cai kiruh
11. Kalimah nu ngandung harti konotatif dina sajak di luhur nyaéta….
A. Nyusu cikahuripan
B. Ngocor ngagolontor
C. Anteurkeun kuring
D. Bau kokotor

12. Aksara sunda di luhur di baca jadi kalimah….


A. Sukabumi juara C. Ciamis selaras
B. Tasik siap D. Banjar Idaman

13 ..kecap “Budak teuneung”lamun di tulis kana aksara sunda, nyaeta…

14. Buah Kawung


Buah kawung buah kawung ruruntuyan
Muragna mah muragna ka sisi cai Hayu
urang sauyunan
Ngabélaan lemah cai
Amanat anu aya dina rumpaka kawih di luhur nyaéta….
A. Buah kawung bentukna ruruntuyan
B. Hirup mah kudu boga pamadegan
C. Jalma hirup boga kahayang
D. Hirup kudu sauyunan

15. Harti kecap sauyunan dina rumpaka kawih di luhur nyaéta….


A. Ngalakukeun pagawéan sorangan-sorangan
B. Ngabogaan tujuan nu béda-béda
C. Tara daék gotong royong
D. Ngalakukeun pagawéan babarengan atawa gotong royong
16.
Kawih 1 Kawih 2
DUH INDUNG KARATAGAN PAHLAWAN
Duh indung ngaraksa ngajaring anak Teu honcéwang, sumoréang, tekadna
Najan rungsing matak pusing pahlawan bangsa
Heunteu weleh deudeuh, mikanyaah Cadu mundur, pantang mulang, mun
asih maksud tacan laksana
Di mongmong jeung di titimang Berjuang keur, lemah cai, lali rabi tur
Duh indung ngaping ngadama-dama tegang pati
anak Taya basa menta pamulang tarima, iklas
Ngamumule buah haté rido keur korban merdéka
Ngajungjung tur ngagung-ngagung
anak dijieun puputon

Téma kawih di luhur nya éta…..


A. Kawih 1 : Kanyaah ka Indung
Kawih 2 : Pangharepan
B. Kawih 1 : Kanyaah Anak
Kawih 2 : Pangharepan
C. Kawih 1 : Kanyaah ka Indung
Kawih 2 : Perjuangan
D. Kawih 1 : Kanyaah Indung
Kawih 2 : Perjuangan

17. Pucuk tiwu akar bangban


Amis mata di susukan
…………………………..
…………………………..
Eusi nu merenah pikeun ngeusian eusi sisindiran di luhur nyaéta….
A. Hayang angkat sasarengan
Bati gegetun nya ati
B. Mun rék milu geura dangdan
Cimata geura susutan
C. Haté bungah tanpa tanding
Nampi serat kikintunan
D. Ulah sok liar tipeuting
Loba pisan gogodana

18. Nu kaasup kana sisindiran rarakitan nyaéta……


A. Talingtung talina benang Mobil
beureum guguratan Satungtung
teu acan beunangMoal weléh
diakalan
B. Cau naon cau naon
Cau kulutuk di juru
Bau naon bau naon
Bau nu hitut di juru
C. Baju kutud henteu pola
Dikelin teu dijalujur Mun
teu cucud ti sakolaArisin
balik ka lembur
D. Ka mana nya nyiar kulit
Hayang seubeuh sesewiran
Kamana nya nyiar duit
Hayang seubeuh pelesiran
19. RONGGÉNG GUNUNG
Ronggéng Gunung nyaéta kasenian khas Ciamis anu biasa digelar di buruan imah
nalika aya anu hajat kawinan,sunatan, atawa di huma jeung di kebon, upamana nalika
dibutuhkeun pikeun upacara ngawuluku atawa melak paré. Jalma anu kagabung dina
kelompok kasenian Ronggéng Gunung biasana antara genep nepi ka 10 urang.
Waditra anu digunakeun pikeun mirig tari Ronggéng Gunung nyaéta ketuk tilu siki,
goong, jeung gendang. Pikeun jadi ronggéng dina jaman baheula henteu gampang kawas
ayeuna.
Rupaning sarat kudu dicumponan diantarana pangawakan kudu hadé, puasa 40 poé
anu bukana téh ukur ngadahar cau raja dua siki. Lian ti éta, umumna ronggéng kudu taat kana
aturan teu meunang waka kawin, ku sabab kitu ronggéng téh kudu lanjangatawa randa.
Gagasan Utama artikel di luhur nyaéta….
A. Ronggéng gunung kasenian khas Ciamis
B. Teu meunang kawin lamun hayang jadi ronggéng
C. Ronggéng mah kudu lajang atawa randa
D. Ronggéng gunung asalna ti Jawa Barat

20. Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, diulinkeun ku cara
dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) antukna ngahasilkeun sora nu ngageter dina
susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras (nada)
nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog.
Alat musik angklung ditabeuh ku cara…..
A. Ditakol
B. Dipetik
C. Dieundeukkeun
D. Digésék

21. Pupuh Mijil


Najan cicing nya di tepis wiring,
kadé ulah bodo,
Kudu tetep nungtut élmu baé,
sabab jalma nu loba pangarti,
Hirup tangtu hurip,
mulus tur rahayu
Watek pupuh di luhur nyaéta….
A. Ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté
B. Ngagambarkeun nungguan bari pinuh pangharepan sareng kanyaah
C. Ngagambarkeun kabungahan sareng kasugemaan
D. Ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan

22. 1. Doa
2. Nyusun program kerja
3. Tutup
4. Bubuka
5. Sambutan ti pupuhu osis
Susunan acara rapat nu merenah nyaéta….
A. 2-3-1-4-5
B. 4-5-2-1-3
C. 3-5-1-5-4
D. 1-2-3-4-5
23. Nu kudu diperhatikeun waktu jadi MC
1. Sora atawa vocal kudu jelas
2. Intonasi na teugeug
3. Iramana ulah gancang teuing
4. Maké bahasa gaul
Hal nu kudu diperhatikeun waktu jadi MC nu bener nyaéta….
A. 1 jeung 2
B. 1 jeung 3
C. 2 jeung 4
D. 2 jeung 3

24. SAPATU
Ti poé Senén kénéh indit ka sakola téh asa teu puguh. lain teu purun diajar ngan asa ku éra.
lantaran sapatu anu ngan boga sarampasan téh geus ruksak. anu sabeulah hareupna geus calawak.
disakola sok pada maroyokan mani geus paranas ceuli. éta ogé lain teu hayang meuli nu anyar.
tapi dalah dikumaha waktu waktu ayeuna mah keur teu boga duit pisan. munbébéja kakolot sok
kalah digelendeng. pajarkeuna téh, manéh mah jabrah teuing kana barang téh. geus dikitukeun
mah kuring tara loba omong deui, sok kalah leos wae indit.
Jam pelajaran kahiji bagéan matematika. mun aya tugas sok dititah ka hareup. titah
ngaréngsékeun soal, tuluy disaruakeun. kuring dititah kahareup, basa keur ngaléngkah ka hareup,
sapatu nu dipaké téh teu dijungjungkeun luhur luhur bisi disada pak ceplok. kuring malik maksud
téh rék balik, diuk deui kana korsi, ngan édas bakat ku geumpeur kuring poho,
ngajungjungkeun sapatu luhur teuing. tuluy ngaléngkah. Ari dijungjungkeun deui na atuh
"ceplok" sapatu anu calawak téh disada mani pak ceplok. sorana agem da harita keur
jempling. ger kabéh sareuri. nu teu nyaho nanaon ogé kabawakeun seuri. kuring mah bati
bareureum beungeut,teu kuat nahan éra.
Watek kuring dina wacana di luhur nya éta….
A. Gedé ambek
B. Barbarian ceurik
C. Sabar
D. Gedé kawani

25. Hikmah nu bisa diconto tina carita di luhur nyaéta….


A. Lamun hayang boga kudu ménta ka batur
B. Hirup kudu bener jeung bageur
C. Hirup kudu sabar jeung bisa ningali kaayaan
D. Jadi jalma teu kudu usaha bébéakan da milik mah geus aya nu ngatur
26. Palaku utama dina sempalan carita pondok di luhur nyaéta….
A. Kuring
B. Manéhna
C. Kolot
D. Guru
27. Dina liburan tahun ieu, kuring jeung babaturan ngayakeun acara ulin jalan-jalan ka basisir
Pangandaran. Pangandaran téh ayana di basisir kidul Jawa Barat. Ayeuna Pangandaran
mangrupakeun kota kabupatén. Saacan ngawujud kabupatén sorangan, Pangandaran asalna téh
bagian ti Kabupaten Ciamis, tapi ayeuna Pangandaran jadi kabupaten sorangan, misah ti
Kabupaten Ciamis. Lamun urang ti Bandung rék ka Pangandaran, urang kudu ngaliwatan kota
Tasik, Ciamis jeung Banjar.
Sabenerna mah Pangandaran téh ngabogaan basisir anu éndah, di Pangandaran jeung
sabudeureunna ogé aya tempat-tempat séjénna anu kasohor, diantarana basisir Batu Hiu, basisir
Batu Karas jeung Cukang Taneuh atawa leuwih kasohor ngaranna Green Canyon.
Poko pokiran nu aya dina laporan kajadian di luhur nya éta….
A. Liburan ka basisir Pangandaran
B. Babaturan ngayakeun ulin ka basisir
C. Liburan taun ieu jalan-jalan
D. Pangandaran jadi kota kabupaten
28. Kecap kasohor dina laporan di luhur ngandung harti….
A. Teu arapaleun
B. Katingali
C. Teu kasorang
D. Kawentar
29. Bapa pupuhu sakola, bapa ibu guru kalih para siswa anu dipihormat,
Sim kuring pun Leni Mulyani, pupuhu Sanggar Sastra, ngahaturkeun nuhun kana kasumpingan
sadayana. Alhamdulillah dina dinten Saptu kaping 18 Februari 2019 ieu Sanggar Sastra di sakola
urang tiasa ngayakeun hiji pagelaran drama basa Sunda. Ieupagelaran téh diayakeun dina raraga
miéling “Poé Basa Indung Sadunya” anu dipikaéling unggal kaping 21 Februari 2019.
Kasimpulan eusi tina biantara di luhur nya éta…..
A. Ngayakeun kagiatan sanggar sastra di lingkungan sakola
B. Sanggar Sastra rék ngayakeun kegiatan lomba-lomba
C. Pagelaran drama basa Sunda dina raraga miéling “Poé Basa Indung Sadunya”
D. Poé Basa Indung Sadunya diayakeun unggal kaping 21 Februari
30. Poé Basa Indung Sadunya dipiéling tiap tanggal….
A. 18 Februari
B. 19 Februari
C. 20 Februari
D. 21 Februari

31. KAMPUNG KUTA


Kampung adat Kuta mangrupakeun salah sahiji adat warisan budaya karuhun urangsunda.
Lokasina aya di désa Karangpaningal Kec. Tambaksari Kab. Ciamis. Ciri khaskampung adat
Kuta nyaéta imah wangun panggung tina papan atawa bilik jeung sirap tina eurih atawa daun
kalapa. Jadi euweuh imah nu dijieun tina tembok atawa maké kenténg siga paimahan di kota.
Kahirupan sapopoé umumna masyarakat Kuta nyaéta tatanen.
Dikampung Kuta masih kénéh aya wangunan warisan saperti Leuit, nyaéta wangunan anu
fungsina pikeun neundeun paré hasil panén. Kampung adat Kuta pernah meunang pangleler
Kalpataru dina widang Penyelamat Lingkungan Kabupaten Ciamis ti Presidén Républik
Indonesia taun 2007. Ciri khas lianna nyaéta masyarakatna anu soméah, balageur jeung basajan
ditambah ku hawa anu tiis matak betah pikeun tamu nu ngahaja datang ka kampung adat Kuta.
Di kampung adat Kuta masih kénéh aya nu disebut leuweung Karamat. Sing saha waé nu asup
ka éta karamat, boh masyarakat Kuta boh tamu kudu muka sendal atawa sapatu jeung kudu
ngajaga kaomongan alias ULAH SOMPRAL. Urang salaku turunan urang sundaWAJIB pikeun
miropéa budaya warisan Karuhun Urang, salah sahijina nyaéta Kampung Adat Kuta.
Tradisi nu masih dipiara ku masarakat kampung kuta diantarana nyaéta….
A. Imahna gedong sigrong maké kenténg
B. Teu meunang maké kandaraan
C. Bentuk imahna panggung tina papan atawa bilik
D. Sok ngayakeun upacara sérén taun

32. Kecap miropéa dina sempalan carita di luhur ngandung harti….


A. Néangan
B. Miceun
C. Ngajauhan
D. Ngajaga

33. Nu ngabedakeun novel jeung carpon nyaéta….


A. Carpon mangrupa wangun lancaran anu ukuranna kawilang panjang, sedengkeun novel
mah wangun lancaran anu ukuranna pondok
B. Carpon mangrupa wangun lancaran anu ukuranna kawilang pondok, sedengkeun novel
mah wangun lancaran anu ukuranna panjang
C. Carpon mangrupakeun wangun karya sastra Fiksi, sedengkeun Novel mah wangun karya
sastra non fiksi
D. Carpon jeung novel mangrupakeun wangun karya sastra fiksi anu ukuranna pondok jeung
jumlah palakuna saeutik
34. Judul Novel “Baruang Kanu Ngarora”
Malem senén 14 bulan hapit 1291 dibumina haji Abdul Raup rame pisan, kulantaran anakna nyaéta
Nyi Rapiah rék di lamar ku Ujang Kusen. Teu lila nyi rapiah jeung Ujang Kusen téh kawin.
Kulantaran maranéhna rek mandiri jeung teu hayang nyusahkeun kolotna, maranéhna pindah ka
hiji lembur nu jauh ti kolotna. Akhirna Nyi Piah sareng Ujang Kusen nepi ka hiji lembur di
deukeut gunung nu jauh timana–mana. Nyi Piah cicing di éta lembur teu pibetaheun pisan,
kulantaran manéhna teu biasa cicing di tempat nu jauh timana–mana katambah diditu Nyi Piah
jauh tina kahirupan méwah nu biasana dilakukeun ku manéhna.
Dina hiji waktu Nyi Piah ngarasa teu bétah pisan cicing di imah éta, akhirna Nyi Piah kabur
jeung Abdullah rék ka imah kolotna. Singget carita Nyi Piah jeung Ujang Kusen téh papisah anu
akhirna nyi piah kawin ka aom usman lalaki nu dipicinta nyi piah,tapi teu lila nyi piah di candung
ku Aom Usman, Nyi Piah ceurik kulantaran ngarasa hanjakal ninggalkeun Ujang Kusen demi Aom
Usman. Tapi Nyi Piah teu bisa walakaya kulantaran geus jadi takdir manéhna di candung. Sarua
jeung Nyi Piah, Ujang Kusen ogé jadi jalma nu teu benersaenggeus papisah jeung Nyi Piah, sok
maén awéwé jeung ngadu, akhirna kulantaran sikapna kitu Ujang Kusen di bui.
Konflik nu kagambar dina carita novel di luhur nyaéta….
A. Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen kawin
B. Nyi Rapiah kabur jeung Abdullah rék ka imah kolotna
C. Nyi Rapiah Cicing di hiji lembur
D. Nyi Rapiah dilamar ku Ujang Kusen
35. Peristiwa penting nu kagambar dina paragrap ka hiji nyaéta….
A. Nyi Rapiah kabur jeung Abdullah rék ka imah kolotna
B. Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen papisah
C. Nyi Rapiah kawin jeung Aom Usman
D. Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen pindah ka hiji lembur
36. URANG KAMPUNG NGABRING KA MASJID REK TARAWEH. TAPI ARI PA TANI MAH
KALAH KEKETEYEPAN DI SAUNG KEBON NYUMPUT. KEUKEUH HAYANG NGINTIP
BANGSAT CAU TÉA
Pa Tani : (hudang deui amarahna) “Kurang ajar na saha mangkelukna gadag téh ngan pulang
paling mangkaning cau pang gedéna lebar temen. Awas siah mun kapanggih ku aing”
Ambu : (Norojol) “Kunaon bet ngecewis? cau aya nu maling? antep wé atuh pa,pilakadar
mung sakitu”
Pa Tani : (muncereng ka ambu) “Wah teu kudu pipilueun nyarita, nambahan ambek kami”
Téma nu kagambarkeun tina sempalan drama di luhur nyaéta….
A. Kahirupan sosial
B. Kaagamaan
C. Kaendahan alam
D. Hirup Sauyunan
37. Latar tempat nu kagambar dina sempalan drama di luhur nyaéta….
A. Di jero imah
B. Di buruan imah
C. Di saung kebon
D. Di saung sawah
38. Watek tokoh Pa Tani dina drama di luhur nyaéta….
A. Gedé ambek
B. Bageur jeung berehan
C. Gedé hampura
D. Tara ngambek ka batur
39. LILIS : “Gin, kunaon sih ti Kamari katingalina bété waé ? putus jeung kabogoh nya?”
GINA : ……………………………………………………………………..
LILIS : “Ah, sidik diperhatikeun téh nguyung waé geus sababaraha poé. Aya naon?”
Kalimah nu cocog pikeun ngalengkepan dialog di luhur nyaéta….
A. “Kade ulah dihina si Aduy mah Lis!”
B. “Henteu ih, biasa wé. Barina gé da teu boga kabogoh Gina mah.”
C. “Ah lain euweuh nu daékeun da, urangna wé nu embung.”
D.”Enya bener Gin, si Aduy mah némbakan waé awéwé”
40. Suasana nu kagambar dina sempalan drama di luhur nyaéta….
A. Gumbira
B. Sedih
C. Guligah
D. Ngambek

II. Eusian ku jawaban anu merenah luyu jeung pananya di handap ieu !
41. Jieun conto pupujian nu eusina pépéling !
42. Jelaskeun naon nu disebut biografi jeung otobiografi !
43. Mesat ngapung putra pringgandani
Jeung méga geus awor
Beuki lila beuki luhur baé
Larak lirik ningali ka bumi
Milari sang rayi
Pangéran bimanyu
Sebutkeun guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur !
44. Jieun conto bubuka biantara paturay tineung maké kalimah nu merenah !
45. Sebutkeun 5 kampung adat Sunda nu aya di Jawa Barat !

Anda mungkin juga menyukai