Anda di halaman 1dari 6

1.

Bapa-bapa, ibu-ibu miwah para sadérék, sim kuring seja ngahaturkeun séwu nuhun laksa keti
kabingahan ka panitia Biantara Basa Sunda OSIS SMA IT Islahum Ummah Tasikmalaya nu
parantos masihan kasempetan kanggo medar tarékah ngamumulé sareng mekarkeun basa
Sunda.
Éta sempalan biantara téh mangrupa bagian tina. .
A.Bubuka D. Eusi
B. Panutup E. Salam pamuka
C. Salam panutup

2. Langkung ti payun sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci
anu parantos maparin pirang-pirang ni’mat ka urang sadaya. Alhamdulillah ku rohmat manten-
Na, dina…..(1)ieu urang di…..(2)sèhat sareng kakiatan, dugi ka tiasa ruing mungpulung di ieu
patempatan, dina raraga nyaksèni acara….(3).sareng ngajurung laku ka siswa-siswi kelas
salapan anu parantos lulus.
Lengkepan sempalan bubuka acara di luhur, ku kecap-kecap anu merenah…
A. Waktu- bèrè - perpisahan
B. Waktu- bèrè – paturay tineung
C. Danget - dipaparin – paturay tineung
D. Danget – dibèrè – perpisahan
E. Waktu-pasihan-papisah

3. Ti sim kuring, rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Bobo
sapanon carang sapakan, luhur saur bahè carèk, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal
hidayah wassalamu’alaikum wr. wb
Sempalan acara di luhur k asup kana bagèan…. acara
A. Bubuka D. Panutup
B. Eusi E. Salam
C. Do’a

4. Cag urang teundeun di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siang, mangsa datang mugia
patepang deui. Bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, neda jembar
pangampura. Ieu paragraf biasa dipaké dina. . .
A. Bubuka biantara D. Panutup biantara
B. Bubuka surat E. Panutup surat
C. Eusi biantara

5. Karya sastra nu kauger ku patokan-patokan nu tangtu, mangrupa wangenan tina karya sastra …
A. Wangun ugeran D. Drama
B. Wangun Lancaran E. Prosa
C. Wangun pagelaran

Pék baca ieu ilustrasi salisilah!


Kang Undang nikah jeung Silmi, boga budak tilu, Sinli, Sarmi jeung Suhe. Uding
nikah jeung Umayati, boga budak Jana, jeung Jani. Jana nikah ka Sarmi, boga budak Serli,
Anta, jeung Munadi. Sedeng Jani nikah ka Sefti, boga budak Joni.

6. Hubungan Undang ka Umayati nya éta…


A. Budak D. Besan
B. Incu E. Pamajikan
C. Miantu

Soal UAS Basa Sunda Kelas X 2017/2018


7. Hubungan Jana ka silmi nya éta…
A. Pamajikan D. Incu
B. Mitoha E. Anak
C. Buyut

8. Nu nyicingan posisi “adi beuteung” nya éta…


A. Jana ka jani D. Suhe ka Jana
B. Jana ka Suhe E. Jani ka Sarmi
C. Munadi ka Sarmi

9. Bungan antara Jani ka Sarmi nya éta…


A. Suan D. minantu
B. Dahuan E. anak
C. adi beuteung

10. Ceu éméh mah keur mipit….


A. Cau D. pisitan
B. Sampeu E. suuk
C. buah

11. Kang lamun bisa mah ngala awi téh ….


A. Sabebek D. sapasi
B. Saranggeuy E. samanggar
C. saleunjeur

12. “Ih ningali nu geulis téh si éta mah sok mani….”


A. Ngembang kadu D. ngembang sapasi
B. Ngembang cengék E. ngembang malati
C. Ngembang waluh

13. Nu kaasup kana istilah husus tina ngumbah nya éta…


A. Sibanyo, siduru, silanglang D. nyeuseh, gegeroh, mipit
B. Sibanyo, sibengeut, sidakep E. sibeungeut, siduru, silanglang
C. Sibeungeut, sibanyo, nyeuseh

14. “ Jadi jalma mah kudu rajin…,sangkan dipikaresep batur”. Pikeun ngalengkepan éta kalimah,
kecap nu paling mernah nya éta…
A. Sibanyo D. sibeungeut
B. Mandi E. silanglang
C. Sare

15. Anu dimaksud pangalaman nya eta


A. Carita fiksi D. Carita nu teu nyata
B. Carita E. Carita rekaan
C. Carita nu kungsi kaalaman

16. Dina nulis carita pangalaman aya dua hal nu kudu diperhatikeun sangkan tulisanana endah nya
eta
A. Pangalaman jeung tujuanana D. Tema jeung judul
B. Palaku jeung amanat E. Cara nulis jeung cara makena

Soal UAS Basa Sunda Kelas X 2017/2018


C. Entep seureuh jeung undak-usuk basana
17. . . . pangurus OSIS, . . . ngahaturkeun séwu nuhun ka parapupuhu kelas anu parantos kersa
rurumpaheun sumping ngaluuhan ieu gempungan.
Kecap anu merenahya pikeun ngelengkepan paragraf bubuka biantara di luhur nya éta. . .
A. Atasnami – pribados D. Atasnami – simkuring
B. Kalayan asmana – pribados E. Kalayan asmana – sim kuring
C. Kalayan ngawakilan-kuring

18. Mung sakitu nu . . . mangga ka parasadérék anu bade mairan. . .


A. Kapicangcam – disanggeman D. Kapihatur – dihaturanan
B. Kapisanggem – disanggemkeun E. Kapisaur – disaurkeun
C. Kapihatur-ditaroskeun

19. Sawala téh diskusi pikeun ngabadamikeun hiji masalah anu geus ditangtukeun. Sangkan sawala
lumangsung tartib tur lancar kudu aya nu ngaturna, kudu aya nu manduna. Anu ngatur sawala
disebutna. . .
A. Panata acara D. Panata calagara
B. Panumbu catur E. Pamilon sawala
C. Panata pamilon

20. Aang : “Parasadérék, Alhamdulillah, urang geus bisa riung mungpulung pikeun nyawalakeun
tarékah ngungkulan kasakit demam berdarah anu sok pada nyebut DBD téa. Éta kasakit
kiwari keur jadi catur balaréa, nerekab dimana-mana, jadi sasalad nu padamikagimir.”
Dédén : “Ari ceuk kuring mah, boh DBD boh kasakit naon baé ogé teu kudu dipikagimir, teu
kudu dipikasieun…”
Hérlan : “Tapi kudu dikumaha atuh?”
Dédén : . . . .
Padil : “Ulah ka dukun nya, Dén?”
Dédén :“Enya, bisi dukun lintuh, panyakit matuh”
Dédi : “Jeung barabé deuih ka dukun mah, da éta sok loba saratna.”

Kalimah nu merenah dikedalkeun ku Dédén dina sawala di luhur nya éta. . .


A. “Kudu diungkulan. Sumber kasakitna kudu dimusnahkeun, nu geringna kudu buru-buru
diubaran ku ahlina.”
B. “Ari ceuk kuring mah, ulah waka ngabadamikeun tarékah pikeun ngungkulanana, lamun
ujrang can nyaho, naon nu ngalantarankeun éta kasakit.”
C. “Lain kudu pipilih, tapi balita mah, ari beurang téh kapan saréna sababaraha rintakan. . .”
D. “Kudu dipahing miceun atawa nambrukeun barang-barang urut ditangkarakkeun dina
tempat anu sakirana bakal kahujanan.”
E. “kudu di ubaran tantuna”

21. Ida : “Bapa, Ida badé nyuhunkeun widi, dinten énjing moal tiasa sakola.”
W.Kls :“Na kunaon, Da? Aya naon?”
Ida : “. . .parantos saminggu diopnameu di Jakarta. Pun biang sareng pun bapa ngajak
ngalayad.”
W. Kls : “oh kitu! Nya heug baé ari kitu mah. Didungakeun sing salamet, jeung Ninina sing
buru-buru séhat. Salam ti Bapa kituh, nya!”
Kalimah anu merenah dikedalkeun ku Ida nya éta. . .
A. Da éta Nini abdi bet teu damang
B. Numawi pun nini teu damang wales
C. Numawi nini abdi téh teu damang parna pisan
D. Kumargi nini abdi udur repot pisan

Soal UAS Basa Sunda Kelas X 2017/2018


E. Kumargi abi mah bingung

22. + Ulah nanyakeun ka kuring atuh, da kuring mah kakara. . .


- Abdi mah nembé . . . janten henteu terang kumaha kawitna
x Anu nembé . . . téh ramana Néng Mita.
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta. . .
A. Datang – sumping – dongkap D. Jol – sumping – dongkap
B. Datang – dongkap – sumping E. Rajol – dongkap – sumping
C. Datang-sumping-dongkap

23. 1. Ema : “Nya naon kitu make kudu latihan hahariringan?”


2. Ujang : “Kapan saur Ema, Uajng téh kudu singer. Matak Ujang téh latihan.”
3. Ema : “Na kunaon ari manéh diténjo-ténjo téh ngan ceuceuleuweungan tetembangan
baé?”
4. Ujang : “Enya pan ari singer téh tukang nyanyi ceuk Bu guru basa Inggris gé.”
5. Ema : “Dasar teu hiding silaing mah. Maksud Ema mah singer basa
Sunda nu hartina rapékan, rancagé, rajin. Lain singer basa Inggris.”
Kalimah di luhur bakal jadi paguneman nu
merenah upama susunanna. . .
A. 2 – 4 – 1 – 3 – 5 D. 2 – 1 – 5 – 4 – 3
B. 3 – 4 – 1 – 5 – 2 E. 3 – 2 – 1 – 4 – 5
C. 4 - 3 - 2 - 1 – 5

24. Nu gering téh . . . bangun taya tangan pangawasa


A. Nyanghunjar D. Nyangsaya
B. Nyanghulu E. Nyanghareup
C. Ngagoler

25. Anu dimaksud tatakrama dina nyarita nyaeta…


A. Nyarita ku basa nu merenah bari teu poho kana lentong atawa intonasina.
B. Nyarita basajan sangkan sangkan inti caritaan nepi ka nu dimaksud.
C. Ngomong sabulangbentor.
D. Nyarita sapopoe anu teu kudu make undak usuk basa.
E. Nyarita hog-hag dina unggal tepung lawung jeung batur.

Pikeun ngajawab patalékan no 19 nepi ka no 21, pék baca sempalan di handap.

NGARAN KURING DIPA


Ngaran kuring Dipa, sok di-Dip-Dip-Dip-Dip. Lahir di Garut, salawé taun ka tukang. Bapa
kuring ngaranna Akmal sedeng indung kuring ngaranna Atikah. Kuring bungsu ti genep sadulur.
Ti leuleutik ngaran Dipa téh. Béjana, hartina Dipa téh tai munding. Kungsi ku kuring
ditanyakeun ka Ema, basa anjeunna aya kénéh dikieuna, kieu waleranna téh: “Réa jalma anu
ngaranna alus, upamana: Haji Sobar, tapi manéhna barangasan; Haji Makmur tapi hirupna
kékéréhét; Raden Darmawan, tapi korét naudzubillah ka musafir ogé ngusir”.
Nya kitu deui aya anu nyieun perusahaan Rikrik-Gemi, tapi anu bogana nya awuntah nya rucah.
Aya anu nyieun ngaran gedong Répéh-Rapih tapi ripuh, da usaha teu kaur ku paséa. Tah, nu matak
kuring dingaranan téh Dipa. Enya Dipa téh tai munding, barang kotor luyu jeung asal manusa. Tapi
muga-muga ku maké ngaran kotor téh sabalikna kuring jadi jalma anu beresih haté.

Soal UAS Basa Sunda Kelas X 2017/2018


26. Wacana di luhur kaasup kana conto ...
A. Carita Pangalaman D. Biografi
B. Otobiografi E. Sasakala
C. Carpon

27. Ungkara tina sempalan wacana di luhur téh bener, iwal ...
A. Palaku utama dina éta wacana ngaranna Dipa anu akrab ku panggilan Dip-Dip-Dip-Dip
B. Dipa téh pituin urang Garut
C. Kahayang kolotna Dipa méré ngaran ka manéhna
D. Dulur Dipa kabéhanana aya genep
E. Dipa téh anak bungsu tina genep sadulur

28. Harti kecap “barangasan” jeung “kékéréhét” nya éta ...


A. Gedé ambek jeung masakat D. Gedé awak jeung miskin
B. Gampang ambek jeung sangsara E. Gampang ambek jeung malarat
C. Gedé ambek jeung beunghar

29. Upama urang ulin di puseur kota Bandung, urang téh bakal ….…jalan Oto Iskandar Dinata.
A. Papanggih D. kapanggih
B. Manggihan E. paamprok
C. Dipanggih

30. Oto Iskandar Dinata téh dilahirkeunna di Bojongsoang Dayeuhkolot, tanggal 31 Maret 1897.
Kecap dilahirkeun sarua hartina jeung kecap…
A. Maot D. Dibabarkeun
B. Dikantukeun E. Digubragkeun
C. Diantepkeun

31. Lamun beuheung larapan kecapna nyaéta “dicekék”, lamun baham jeung soca larapan kecapna
nyaéta …
A. Colok – toél   D. Toél – bekem
B. dibekem– dicolok     E. Pencét – colok
C. Bekem – colok

32. “Kuring mah teu hayang téh macul di sawah” nu kaasup kana kecap rundayan tina kalimah
diluhur nya éta …
A. kuring D. macul
B. mah E. sawah
C. hayang

33. Riwayat hirup hiji jalma nu ditulis ku batur nya eta….


A. Biografi D. Biograpi
B. Otobiografi E. Otobiograpi
C. Potografi

34. Dongéng nu eusina nyaritakeun kahirupan jalma biasa disebut…


A. Fabel D. Mitos
B. Parabel E. Sasakala
C. Pamuk

Soal UAS Basa Sunda Kelas X 2017/2018


35. Dongéng nu judulna “Si Kabayan Ngala Nangka”, mangrupa salah sahiji dongéng…
A. Fabel D. Pabel
B. Parabel E. Pamuk
C. Farabel

36. Aya sababaraha ciri dongéng nu bisa ngabédakeun jeung karya sastra nu liana. Nu teu kaasup
kana ciri songéng nya éta…
A. Umumna caritana pondok
B. Teu kapaluruh saha nu ngarangna
C. Sok aya carita nu teu kaharti ku akal
D. Kaasup kana karya sastra wangun ugeran
E. Dina caritana aya maksud atawa amanat nu rek ditepikeun

37. Dina carita wayang, aya buku nu jadi babon atawa sumber pikeun carita wayang. Buku babon
nu dimaksud nya éta…
A. Mahabarata D. Ramanaya
B. Mahabatara E. Baratayuda
C. Angling Darma

38. Pandawa lima mangrupakeun tokoh utama dina pawayangan. Salah sahiji nu kaasup kana
pandawa lima nya éta Nakula. Tina silsilahna, Nakula mangrupakeun katurunan ti…
A. Dewi Kunti D. Gandari
B. Dewi Ambalika E. Ambika
C. Dewi Madrim

39. Nu jadi tokoh lulugu atawa pamingpin Pandawa Lima nya éta…
A. Yudistira D. Nakula
B. Bima E. Sadewa
C. Arjuna

40. Dina carita Mahabarata, nu jadi bapa ti Pandawalima nya éta…


A. Kresna D. Barata
B. Destrarata E. Bisma
C. Pandudewanata

Soal UAS Basa Sunda Kelas X 2017/2018

Anda mungkin juga menyukai