Anda di halaman 1dari 6

PANITIA

PENILAIANAKHIR SEMESTER ( PAS )


MADRASAH ALIYAH AL-FADLLIYAH
TAHUN PELAJARAN 2019/2020

Mata pelajaran : Basa Sunda Diujikan pada Hari : Senin


Kelas : X (Sepuluh) Tanggal : 02 Desember 2019
Jam : 11.30-13.00
Waktu : 90 Menit

I. Pilih salahsahiji huru abjad A,B,C,D atawa E keur jawaban nu dianggap bener
1. Biantara nyaeta ................dihareupeun jalma rea pikeun nepi keun pamaksudan jeung sabangsana.
A.Nangtung. B.Nyanghareup. C.Nyarita D.Ngumpul. E.Bebeja.
Baca heula sempalan naskah biantara dihandap!.
Assalamua`laikum wr.wb.
Sampurasun!
Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci .Puja salawasna urang sanggakeun ka Alloh Nu Maha Kawasa.Solawat sareng salam
,mugi langgeng salawasna ngocor ngagolontor ka jungjunan alam ,Nabi anu anu mulia,Muhammad saw.
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun rewu nuhun ,reh tos dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara di payuneun Bapa miwah
Ibu ,oge saderek sadayana.Dupi anu bade didugikeun dina biantara sim kuring teh nyaeta perkara “Pamuda Hebat Anti Narkoba”
Hadirin hormateun sim kuring!
Nonoman ,atanapi pamuda teh sok disebat generasi emas.Naon pangna disebat kitu? Margi pamuda anu bakal nuluykeun kahirupan
kapayun,ngagentos generasi sepuh.Bayangkeun ,saupama para pamuda ruksak,bakal kumaha bangsa urang pikahareupeunana?
Namung hanjakalna ,kanyataanana seueur nonoman urang anu geus ruksak memeh anjeunna jadi dewasa.Lir kembang muguran samemeh
mekar.Di antara anu jadi sababna,aranjeunna kajiret kana narkoba!.................................
2. Naon kira-kira judul biantara diluhur?
A.Pamuda. B.Pamuda Hebat Anti Narkoba. C.Masa muda. D.Mangsa rumaja. E.Nu ngora
3. Ti mimiti aweh salam nepika tuntung alinea kadua di sebutna................
A. Biantara. B.Bubuka biantara. C.Sasanduk. D.Makalangan. E.Eusi biantara
4. Lamun ku bahasa Indonesia kecap”nonoman” sarua jeung..............
A.Penuh harapan. B.Harapan bangsa. C. Remaja. D.Anak-anak. E.Menjelang dewasa.
5. Kekecapan “hadirin hormateun sim kuring” eta kaasup kana .............................
A.Ngaleungitkeun kareuwas. B.Narik perhatian C.Pangreresep. D.Pamantes biantara
E.Panglengkep.
6. Geuning nonoman teh sok disebut generasi emas,cik naon pangna?.................
A .Alatan loba mibanda emas B.Sabab panerus pikahareupeun. C.Keur jagjag. D.Emas karesep pamuda.
E.Keur meujeuhna waringkas.
7. Kumaha kanyataan ana para nonoman dina herena ayeuna?.............
A. Loba nu masantren. B. Loba nu kajiret ku narkoba. C.Aralus kabehan. D.Teu narima
papagah . E.Mawa karep sorangan.
8. Baca heula ieu!
Hayu! Hayu! Hayu! Perangan narkoba!
Sakitu nu kapihatur ,hapunten bilih aya cariosa nupondok nyogok panjang nyugak,bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahe carek
,hapunten anu kasuhun ,jembar pangampura anu kateda.

Wassalamua`laikum wr.wb.
Ungkara diluhur eta bagean tina sawareh ..................
A. Dongeng. B. Carpon. C. Biantara. D. Carita wayang. E. Kawih
9. Ungkara diluhur kaasup kana………………………..biantara.
A. Eusi /galeuh. B. Kacindekkan. C. Panutup. D. Rarangken. E. Mapantes.
10. “Hayu! Hayu! Hayu! Perangan narkoba” eta mangrupa.....................
A.Eusi biantara. B.Panutup biantara. C.Kacindekkan biantara. D.Galeuh. E.Pngluyu.
11. “wassalamua`laikum wr.wb.” kaasup kana..........................biantara
A.Salam bubuka. B.Salam sono. C.Salam panutup. D.Salam-salaman. E.Salam ecag.
12. Nu di maksud ku “Podok nyogok panjang nyugak” dina ungkara diluhur nyaeta.............
A.Kecap nu pondok. B.Kecap nu ngareunah. C.Teu menderan. D.Teu dihaja. E.Ngahaja.
13. Dina lengkah-lengkah rek biantara teh ,eta kudu nulis rangkay,nyusun teks jeung aya nu kudu diperhatikeun deuih nyaeta tagog,nu
dimaksud ku tagog .............
A.Pepeta. B. loba gaya.. C.Loba humor. D.Nagog. E. Penampilan
14. Lengkah-lengkah anu poko dina rek biantara ieu kabeh dihandap,kajaba.......................
A. Nangtukeun jejer. B. Maluruh bahan. C. Nulis rangkay. D. Alus tagog
E. Nangtukeun upah.
15. Aspek kabasaan dina biantara nyaeta loba ngagunakeun keca-kecap................
A.Loba ngadalil. B.Loba heureuy. C.Loba ngarandeg. D.Babasan –paribasa. E.Loba nanya.
16. Aya babasan”ngabejaan bulu tuur”,hartina......................
A.Ngabejaan tuur batur. C.Ngabejakeun jalma ka batur. E.nyurongcod tuurna
B.Ngabejaan jalma nu geus nyaho D.Ngabejaan ngarah batur nyaho.
17. “Mamatahan ngojay ka meri” hartina.....................
A.Mamatahan ka diri sorangan D.Mapatahan kanu teu nyaho
B.Mapatahan ka jalma nu geus nyaho atawa ahlina E.Pipilueun kawas nu nyaho
C.Mapatahan ka batur tapi manehna papatahaneun
18. Ari pari basa anuhartina”kahirupan pribumi kaelehkeun ku semah/pendatang” nyaeta.............
A.Lauk buruk milu mijah C.Jati kasilih ku junti. E.Luhur kuta gede dunya.
B.Cul dogdog tingal igel D.Mamatahan ngojay ka meri.
19. Ari “adean ku kuda beureum” maksudna...........................
A.Ngarasa agul ku payung butut D. Ngarasa agul boga kuda beureum
B.Ngarasa agul tara unjam-injeum E. Ngarasa agul pedah boga milik.
C. Ngarasa agul ku barang beunang nginjeum.
Pek bacaheula ieu di handap!
Kang Dadan: Damang bi?
Bi Eti : Pangesto,Dan.Aya hibar .Samulihna,kumaha wartosna?
Kang Dadan :Alhamdu lillah abdi oge.Nuju naon Bi Eti di dieu?
Bi Eti :nu mawi nuju ngantosan pun anak.Nembe teh wawartosna mah moal lami,bade
milari saledri .Nanging dugi ka ayeunadiantos tacan jebul bae.Ari Dadan,nuju naon
bet los-los ka pasar?
Kang Dadan : Numawi ,sami abdi ge bade meser saledri.Itu pun biang badae ngadamel sayur sop
surna.
Bi Eti :Kutan ,Atuh sakantenan pangmilarikeun pun anak upami teu kaabotan mah.............
20. Nilik kana ungkara diluhur eta wangun teh kaasup kana teks.................
A.Dongeng. B.Paguneman. C.Wawancara. D.Carpon. E.Wawanohan.
21. Dina ungkara nu diluhur ngagunakeun cara nyaritana make ragambasa hormat nyaeta....................
A,Birama. B.Tatakrama. C.Macangkrama. D.Cohag. E.Basajan.
22. Kecap pangesto ,eta sasaruaan kecap.........................
A.Sae. B.Rada sehat. C.Nyahoan. D.Uninga. E.Keresaan.
23. Kecap pun anak sarua hartina jeung ................ nyaeta lemes keur sorangan.
A.Anak maneh. B.Anak anjeun. C.Putra abdi. D.Budak maneh. E.Pun putra.
24. Kecap nu di gurat handapna eta mibanda harti...................................
A.Balik. B.Datang. C.Nyasab. D.Manggihan. E.Cicing.
25. Gunem catur atawa paguneman eta ngabogaan harti sasaruaan dina bahasa Indonesia.............
A.Bertanya. B.Berbicara. C.Bercakap-cakap. D.Dialog. E.Berceritra.
26. Ieu dihandap kabeh kecap-kecap pananya,kajaba...................
A.Kamana. B.Dimana. C.Saha. D.Ulah. E.Sabaraha.
27. Kecap pananya nyaeta kecap anu merlukeun kana.................
A.Pangjelas. B.Pamikir. C.Pangjawab. D.Panyaram. E.Panitah.
28. Kecap paranti ngajawab kecap pananya saruana jeung kecap.............................
A.Kiasan. B.Wawaran. C.Panyeluk. D.Panyambung. E.Anteuran.
29. Anu disebut Biografi nyaeta.....................anu kaalaman ku hiji jalma.
A.riwayat hirup. B.Imah. C.Nabana. D.Daharna. E.Sarena.
30. Eusi nu dipedar dina biografi nyaeta ieu kabeh ,kajaba......................
A.Ngaran. B.Tempat. C.Tanggal lahir. D.Riwayat pendidikan. E.Imahna.
31. “Taun 1980 an Ngaran Doel Sumbang mimiti kakoncara dina widang seni. Ieu seniman nu di lahirkeun di Bandung teh kaasup jalma
nu gede panitenna kana basa Sunda.Buktina wae lagu-laguna lain wungkul dina basa Indonesia ,tapi oge dina basa Sunda.
Ieu seniman nu kungsi ngarang lagu Pop Sunda Pangandaran teh kungsi sakola di SMA BPI Bandung jeung SMA Maa`rif Bandung
.Hasil tina rekaman jweung minton di unggal daerah teh teu dikeukeuweuk ku sorangan,tapi sabagian dipake pikeun kapentingan
sosial.”
Sempalan diluhur upama ningali eusina mah kaasup kana teks.....................
A.Biogra. B.Otobiogra. C.Dongeng. D.Carpon. E.Sejarah.
32. Ieu dihandap anu teu kaasup kana ciri wacana biogra nyaeta....................
A.Nyaritakeun hiji tokoh C.Karya nu dihasilkeunana. E.Naon wae
B.Nyaritakeun kaunggulan hiji tokoh D.Lahirna tokoh.
33. Topik utama nu dicaritakeun dina sempalan wacana di luhur teh ngeunaan..........
A.Lalampahan Doel Sumbang. D.Pehatian Doel Sumbang kana basa Sunda.
B.Riwayat sakola Doel Sumbang.
C.Nyaritakeun Indung Bapa Doel Sumbang . E.Lagu-lagu Doel Sumbang.
34. Anu dicaritakeun dina paragraf kadua sempalan wacana diluhur eta ngeunaan ...................
A.Lagu Doel Sumbang C.Sakola Doel Sumbang. E.Karesep Doel Sumbang
B.Sikep Doel Sumbang. D.Perhatian Doel Sumbang.
35. Eusi nu aya dina paragraf kahiji wacana diluhur ngeunaan........................
A.Lhirna Doel Sumbang. B.Sakolana Doel Sumbang. C.Sohorna Doel Sumbang. D.Sikep Doel Sumbang.
E.Perhatian Doel Sumbang kana basa Sunda
36. Upama urang ulin ka puseur dayeuh Bandung,urang tangtu bakal.........jalan Oto Iskandar Dinata.
A.Papanggih. B.Manggihan. C.Kapanggih. D.Dipanggihan. E.Manggihkeun.
37. Jalan Oto Iskandar Dinata teh.................ti mimiti Gubernuran nepi ka beulah kalernepi ka hareupeun lapang Tegallega, beulah kidul.
A.Langsung. B.Lempeng. C.Rata . D.Manjang. E.Panjangna.
38. Sawatara masyarakat Sunda mimitina mahboga anggapan yen aksara sunda teh nyaeta...............
A.Cangkeman. B.Cocoretan. C.Cacarakan. D.Cacatetan. E.Cucutatan.
39. Tapi ka beh dieunakeun mah,sanggeus ditalungtik ku para ahli ,singhorengaksara Sunda teh sok dipakeku masyarakat Sunda baheula
,mimiti kapanggihna dina prasasti jeung..........
A.Naskah Sunda wiwitan. B.Sunda Kuno. C.Sunda asli D.Sunda pasundan.
E.Sunda modern.
40. Taun .........................aksara Sunda resmi nyumponan standar Unicode,nyaetawangun set karakter nu sipatna kabula-kabale(pleksible).
A. 2002. B.2004. C.2005. D.2008. E.2010
II. JAWAB PASUALAN DIHANDAP KALAWAN JELAS !
41. Jelaskeun tilu unsure poko dina biantara!
42. Naon bedana paguneman jeung wawancara?
43. Jieun wangun kalimah anu make kecap-kecap pananya ieu: naha,dimana,kumaha,iraha jeung saha!
44. Naon nu disebust biografi,jeung naon otobiografi?
45. Tulis ku aksara sunda ngalagena!
a. MADRASAH ALIYAH AL FADLLIYAH TUBAN
b. KANTOR DESA PURWARAHARJA
PANITIA
PENILAIANAKHIR SEMESTER ( PAS )
MADRASAH ALIYAH AL-FADLLIYAH
TAHUN PELAJARAN 2019/2020

Mata pelajaran : Basa Sunda Diujikan pada Hari : Senin


Kelas : XI (Sebelas) Tanggal : 02 Desember 2019
Jam : 11.30-13.00
Waktu : 90 Menit

I. Pilih salahsahiji abjad A,B,C,D atawa E keur jawaban nu dianggap bener!


1. Kawih nyaeta wangun basa anu dirakit(disusun atawa dikarang)ku pangarang ,seniman ,atawa sok disebut..............sarta miboga
wirahma anu ajeg atawa angger.
A.Makelar. B.Bujangga. C.Gamelan. D.Piridan. E.Wincikan.
2. Wirahma (bh.sansekerta)atawa birama nyaeta aturan nu aya dina lagu,kayaning wiletan (aturan sora tatabeuhan) jeung
.................atawa ketukan
A. Tempo. B.Nada. C.Tangga. D.Notasi. E.Variasi.
3. Pek baca heula ieu sempalan kawih!
Situ ciburuy laukna hese di pancing.
Nyeredet hate ningali ngenclong caina.
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing.
Nyeredet hate ningali sorot socana.
Judul kawih diluhur nyaeta:
A.Situ. B.Ciburuy. C.Situ Ciburuy. D.Mancing. E.Unggal enjing.
4. Naon nu caritakeun dina pada lisan kahiji jeung kadua dina rumpaka kawih di luhur?.............
A.Lauk cai. B.Cngkang. C.Dipancing. D.Nyeredet hate. E.Caina.
5. Ari anu dicaritakeun dina jajaran katilu jeung kaopat naon?..............
A.Nungalangkung. B.Saha. C.Eusi. D.Unggal enjing. E.Socana.
6. “Unggal bulan,unggal bulan abdi teang. Unggal poe,unggal poe oge hade.”
Cing saha nu hayang diteang unggal bulan teh?...............
A.Mojang ku jajaka. B.Jajaka ku mojang. C.Mitoha. D.Minantu. E.Saha bae.
7. “Ku teu sangka salira bet luas pisan. Teu hawatos ka nu sok ngantos-ngantos.
Teu terang mah anjeun bade di renengkeun. Moal lipur kusataun duh nambaanana.”
Dina kawih di luhur ngagambarkeun awewe nu.................
A.kasmaran. B.Raheut hate. C. Pundung. D.Nyaba jauh. E.Boga budak.
8. “Dimana-mana. Di kampung di kota. Tos ka koncara. Ku nikmat rasana.”
Judul kawih ieu teh nyaeta.........
A.Peuyeum. B.Peuyeum sampeu. C.Peuyeum Bandung. D.Sampeu. E.Bandung.
9. “Sampeu asalna. Teu di reka-reka. Naon namina. Duh matak kabita”
Teu direka-reka sarua hartina jeung.................
A.Asli. B.Robah. C.Palsu. D.Di ropea. E.jawaban A,B,C salah
10. “Peuyeum bandung ka mashur. Pangaosna teu luhur. Ku sadaya ka galeuh. Sepuh jeung murangkalih.”
Ka mashur hartina.....................
A.Kasohor. B.Katelah. C.Ka koncara. D.Terkenal. E. Jawaban A,B,C,D bener.
11. “Mangga cobian. Bilih panasaran. Peuyeum ti Bandung. Henteu sambarangan.”
Harti nu di gurat handapna sarua jeung.................
A.Teu gagabah. B.Teu saka. C.Teu ngahaja. D.Teu ngamaksud. E.Teu biasa.
12. Sajak kaasup kana salah sahiji karya sastra wangun.....................
A.Prasa. B.Puisi. C. Lancaran. D.Aheng. E.Basajan.
13. Biasana Sajak singget jeungpadet sarta sok ngandung harti injeuman(harti sejen)atawa ma`na..
A.Denotatif. B. Pasif. C.Positif. D. Konotatif. E.Aktif.
14. Bedana Sajak jeung wangun pupuh nyaeta,sajak mah............
A.Ditulisna bebas. B. aya guru lagu C.Kauger ku aturan. D. Puguh pada lisan.
E.Puguh jumlah engang.
15. Pek baca ieu sajak judulna “PRIANGAN” karangan Rahmat M. Sas Karana!
Mojang lenjang nu hideung santen.
Di aping ku sarangenge ti enjing dugi ka sonten.
Upami wengi dipepende ku bulan ngempur.
Jungjunan.
Upami dugi ka puput umur.
Kurebkeun kuring dina pangkonan.
Dina sajak Priangan di luhur nyaritakeun ngeunaan................
A.Mojang lenjang. B.Tanah sunda. C.Jawa Barat. D.Nu hideung santen. E.Jungjunan.
16. Maksud panyajak nuliskeun kecap mojang lenjang nyaeta.............
A.Kageulisan hiji wanoja. C.Ngaibaratkeun tanah sunda. E.Inget ka jungjunan.
B.Nu hideung santen. D.Ngagambarkeun pulo Jawa.
17. Sasaruaan kecap sarangenge dina eta sajak nya eta..................
A.Panon poe. B.Bulan. C.Samagaha. D.Mega. E.Halimun.
18. Dina eta sajak aya kecap hideung santen,biasana sok di papandekeun kana...........
A.Pangawakan. B.Pakulitan. C.Pasipatan. D.Papakean. E.Papasangan.
19. Bulan ngempur dina eta sajak ngagambarkeun................
A.Wanoja nu geulis. C.Caangna sorot bulan. E.Teu aya nu bener.
B.Endahna alam priangan. D.Kaayaan lamun peuting caan bulan.
20. Dina eta sajak aya kecap jungjunan ,panyajak ngamaksud ngeunakeun eta kecap pikeun...
A.Rasa kabungah cicing di tatar sunda. D.Rasa kasedih aya di tatar sunda.
B.Rasa kanyaah ka tatar sunda. E.Rasa kabetah hirup di tatar sunda.
C.Teu tugenah hate ditatar sunda.
21. Kecap kurebkeun dina eta sajak sarua hartina jeung………………
A.Tancebkeun. B.Asupkeun. C.Lelepkeun. D.Kuburkeun. E.Pelakkeun.
22. Kecap pangkonan lemesna tina kecap..............
A.Pangku. B.Pangkon . C.Lahun. D.Lahunan. E.Pangkuan.
23. Cara ngarucat engang dina kecap pangkonan nu bener nyaeta...........
A.pa-ng-kon-an. B.pangkon-an. C.pang-kon-an. D.pang-ko-nan. E.pa-ng-ko-nan.
24. Harti sejen kecap puput umur dina eta sajak nya eta............................
A.Puput puseur. B.Panjang umur. C.Pondok umur. D.Maot. E.Saumur-umur.
25. Upama sora engang panungtung /akhir pada lisan kayaning i-i-a,i-i-a,i-i-a,i-i-a,eta disebut...
A.Nyeri. B.Murwakanti. C.Pangluyu. D.Nyambung. E.Ngawirahma.
26. “jungjunan. Upami dugi ka puput umur. Kurebkeun kuring dina pangkonan” . Eta sempalan sajakdiluhur nu judulna “priangan” teh
ngagambarkeun rasa pangarang anu........
A.Nalangsa. B.Gumbira. C.Ambek. D.Asih. E.Hareupeun.
27. “seuneu nyebrot di dapur cikapundung. Geni sakti cahya ilahi. Hamo bisa dipareuman”. Eta sempalan sajak nu judulna” seuneu
bandung” teh ngagambarkeun rasa pangarang anu......
A.Sedih atawa nalangsa. C.Gumbira meunang kabungah. E.Kaasih anu ikhlas.
B.Teuneung ludeung gede kawani. D.Ambek teu bisa di bendung.
28. “gawe sabaraha poe. Tukeur beas jeung mole. Bro ka pamajikan. Nohonan kajujuran.” Eta sempalan sajak judulna “Di Panugaran
Batu Curug ” Ngagambarkeun lalakon tokoh nu............
A.Bengis. B.Wanian. C.Jujur. D.Sieunan. E.Tanggung jawab.
29. “tukeuran ieu sajak. Ku beas wuluh atawa heucak.heug sidkahkeun ka nu haropak. Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak.”
Sempalan sajak nu bieu judulna................
A.Lemah cai kuring. C.Seuneu Bandung. E.Priangan.
B.Cadas Pangeran. D.Tukeurkeun ieu sajak.
30. Ieu kabeh papasingan mantra ,kajaba........................
A.Jangjawokan. B.Asihan. C.Sasampayan. D.Jampe. E.Ajian
31. “sima aing sima maung. Sima kula sima jelema. Dungkuk aing sagede gunung. Awak aing madep ka langit. Saur aing madep ka
langit. Saur aing sabda gugur. Kereteg taya beunangna. Sora aing sabda gelap. Tur gumentur tar gumentar.Ieu mantra kaasup
kana.....................
A.Singlar. B.Jampe. C.Rajah. D.Asihan. E.Jangjawokan.
32. Dina mantra di luhur aya kecap kula ,sasaruaan eta kecap nyaeta.......................
A.Kuring. B.Maneh. C.Ente. D.Kawula. E.Sia.
33. “madep” eta lemesna tina kecap..................
A.Mungkur. B.Nonggong. C.Mayun. D.Datang. E.Ngarep.
34. Ieu kabeh sasaruaan kecap “gelap” ,kajaba..........................
A.Petir. B.Geledeg. C.Guruguy. D.Guludug. E.Gugur.
35. “Dampal suku ngabatu datar. Bitis ngabatu wilis . Nyurup ka badana . Nyurup ka sungsuamna. Getih sabadan . bedas ngala
ka aki.”. Mantra nu bieu teh eta asup kana....
A.Jampe. B.Jangjawokan. C.Ajian kabedasan. D.Panyinglar. E.Rajah pamunah.
36. Kecap bedas dina mantra diluhur ,mun dina basa Indonesia mah ,nyaeta.......................
A.Perkasa. B.Kuat. C.Biasa. D.Mampu. E.Binaraga.
37. Novel kaasup kanasalah sahiji carita rekaan,eusi,jeung jalan caritana tur loba bagian-bagianana di wangun ku................................
A.Basa lancaran. B.Basa basajan. C.Basa sapopoe. D.Basa nu mohal E.Basa sagala.
38. Eusi novel aya oge anu didadasaran ku.....................,tapi eta kajadian teh ku pangarangna sok direka-reka deui.
A.Nu pamohalan. C.Kajadian sabenerna. E.Asal aya.
B.Nu pikabitaeun. D.Teu tangtu.
39. Nilik ........................teu pati beda jeung karya sasatra sejenna.
A.Unsur-unsuna. B.Cara-carana. C.Jalmana. D.Tokohna. E.Resepna.
40. Ieu kabeh dihandap unsur novel ,nu ngawengku kabehanana kajaba.........................
A.Tema. B.Alur. C.Waragad. D.Latar. E.Amanat
II. JAWAB PASUALAN DI HANDAP KALAWAN JELAS !
41. Naon bedana kawih jeung pupuh?
42. Naon nu di sebut paribasa jeung babasan?
43. Sebutkeun papasingan/macamna mantra!
44. Jelaskeun /sebutan 5 unsu-unsur novel!
45. Naon nu disebut Resensi Novel?
PANITIA
PENILAIANAKHIR SEMESTER ( PAS )
MADRASAH ALIYAH AL-FADLLIYAH
TAHUN PELAJARAN 2019/2020

Mata pelajaran : Basa Sunda Diujikan pada Hari : Senin


Kelas : XII (Dua Belas) Tanggal : 02 Desember 2019
Jam : 11.30-13.00
Waktu : 90 Menit

I. Pilih salahsahiji abjad A,B,C,D atawa E keur jawaban nu dianggap bener!


1. Wawacan kaasup kana wangun carita anu lalakonna panjang sarta dianggit atawa anu di dangding make patokan...........................
A.Prasa dongeng. B.Puisi pupuh. C.Sisindiran. D.Papasingan. E.Lancaran.
2. Ari eusina teu beda ,nya etanyaritakeun ..................anu ngandung hiji tema,jalan caritana,palaku jeung kasang tukang(latar) tempat
jeung waktu.
A.Hiji lalakon. B.Hiji pasulan. C.Hiji masalah. D.Hiji pentas. E hiji pintonan.
3. Teks (wacana)wawacan teh umumna panjang. Unggal ganti episodeu biasana sok dibarengan ku ..
A.Gunta-ganti pasangan. C.Gunta-ganti pupuh. E.Gunta-ganti lagu
B.Gunta-ganti maca. D.Gunta-ganti seni.
4. Seni maca wawacan sok disebut oge beluk atawa.............
A.Lodrok. B.Ngabeluk. C.Rebab. D.Terebang. E.Nerebang.
5. Karya sastra wangun wawacan,ayana eta pangaruh tina........................
A.Sastra Jawa. B.Sastra Arab. C.Sastra Asing. D.Sastra Madura. E.Sastra Minang.
6. Asupna sastra wangun wawacan ka tatar Sunda nalika di rereh ku..................,kira-kira abad ka-19 M
A.Karajaan Sriwijaya. C.Karajaan Mataram. E.Karajaan Galuh Pakuan.
B.Karajaan Banjar. D.Karajaan Singasari.
7. Baca heula!
Panji Wulung
Sambatna nyi Tunjung Sari. Ku raja hanteu di manah. Enggeus di meureunkeun bae. Tangtu nampik kana dosa. Jeung lumbrah
manusa. Dimana nu maling ngaku. Enggeus kudu nampik dosa.
Nya kitu deui panolih. Sasambatna teu paedah. Caturkeun geus nepi bae. Ka pakuwon Kapatihan. Ki patih langkung susah. Tina
watirna kalangkung. Ka eta nyi Tunjung tea.
Ku ki patih geus ka judi. Yen di jerum ku maruna. Sanajan Ajar ge bohong. Ku Ki Patih geus ka tingal. Enggeus meunang
dongdonan. Nu matak Ajar sakitu. Diupah ku Prameswara.
Jumlah tokoh dina wawacan diluhur aya..............
A. saurang. B.Dua urang. C.Tilu urang. D.Opat urang. E.Lima urang.
8. Nilik kana loba guru lagu jeung guru wilangan saban pada lisan dina wawacan di luhur eta mangrupa wangun pupuh....................
A.Kinanti. B.Asmarandana. C.Wirangrong. D.Balakbak. E.Sinom.
9. Dina sempalan wawacan diluhur eta aya.................,anu masing-masing aya tujuh padalisan.
A.Sapada. B.Dua pada. C.Tilu pada. D.Opat pada. E.Lima pada.
10. Kecap“Kapatihan” eta tempat anu khusus pikeun.....................
A.Leumpang patih. B.Padumukan patih. C.Balikna patih. D.Istirahat patih E.Lumpat patih.
11. Pupuh dangdang gula watek na ngagambarkeun katenangan ,gumbira,kaagungan, anu guru lagu
wilanganana:......................................jumlah padalisan unggal pada:sapuluh padalisan.
A.8-i,8-a,8e/o,8-a,7-a,8-u,8-a. D.12-a,3-e,12-a,3-e,12-a,3-e.
B.10-i,10-a,9-e/o,7-u,9-i,7-a,6-u,8-a,12-i,7-a. E.8-u,8-i,8-a,8-i,8-a,8-i.
C.8-a,8-a,8-a,8-a,8-a,8-a,8-a,8-a.
12. Sedengkeun pupuh Durma eta watekna ngagambarkeun .................,guru lagu,guru wilanganana : 12-a,7-i,6-a.7-a,8-i,5-a,7-i,unggal
pada aya tujuh padalisan.
A.Guyon. B.Nu gogonjakan. C.Sedih. D.Nu ambek. E.Katenangan,gumbira.
13. Pupuh Lambang ngabogaan /ngagambarkeun nu...............................
A.Era. B.Gumbira. C.Kaget. D.Gogonjakan. E.Ngadago.
14. Ari pupuh wirangrong mah,watekna ngagambarkeun kaayaan anu era atawa kaisinan,guru lagu, guru wilanganana; 8-I,8-o,8-u,8-i,8-
a,8-a. Jumlah saban pada ;..................
A.3. B.5. C.6 D.10. E.12
15. Carita Pantun kaasup kana salahsahiji karya sastra Sunda.............anu sok dipagelarkeun dina acara husus.
A.Klasik. B.Modern C.Buhun. D.Rekaan. E.Rahayat
16. Magelarkeun pintonan pantun sok di pirig ku....................
A.Musik. B.Gamelan. C.Kacapi suling D.Nabuh gendang. E.Gitar.
17. Samemeh ngalalakonkeun eusi pantun biasana sok dimimitian jeung ditutup ku..................
A .Rajah. B.Jangjawokan. C.Jampe pamake. D. Sholawatan E.Pupujian.
18. Ieu sempalan carita pantun:
“kacaturkeun aya hiji nagara. Nagara pasir batang Anu Agung. Nagara mahmur kerta raharja. Gemah ripah lohjinawi. Rajana
Prabu Ageung Tapa. Prameswarina anu geulis Nitisuari. Geus lawas mangku prabon. Ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara. Kalawan
adil tur wijaksana.
Kangjeng raja kagungan putra tujuh. Putrana istri sadayana. Anu cikal jenenganana Purbararang. Anu kadua Purba Endah. Nu
katilu Purbadewata. Nu kaopat Purbakancana. Nu kalima Purbamanik. Nu pangais bungsu Purba leuwih. Ari bungsuna Purbasari
Ayu Wangi.”
Kecap anu nuduhkeun kana ngaran tempat dina sempalan carita pantun diluhur nya eta..........
A.Mangku prabon. B.Pasir Batang. C.Nagara mahmur. D.Purbaleuwih. E.Nitisuari.
19. Kecap anu nuduhkeun kana cukup sandang pangan dina sempalan carita pantun diluhur nyaeta..
A.Mahmur kerta raharja. C.Gemah ripah lohjinawi. E.Ngaheuyeuk dayeuh
20. Mangku prabon dina carita pantun diluhur nuduhkeun harti sejena nyaeta...............
A.Mingpin. B.Ngolah daerah. C.Ngurus kampong. D.Ngajajah. E.Ngebon.
21. Sedengkeun kalimah nu ngandung harti lila nyaeta............................
A.kacatur. B.Lawas. C.Lohjinawi. D.Mahmur. E.Gemah.
22. “Anu cikal ngaranna Purbararang” nu dimaksud ku kecap cikal nyaeta......................
A.Budak gede. B.Budak rada gede. C.Budak panggedena. D.Budak panengah. E. Nu leutik.
23. Memeh mantun kudu ngarajah,rajah teh eta mangrupa..............pantun,sabab carita pantun cirina ngabogaan rajah.
A.Syarat. B.Kakuduan. C.Indentitas. D.Kalakuan. E.Panglengkep.
24. Baca heula conto rajah dina carita pantun Lutung Kasarung ieu!
“bul kukus mendung ka mangung. Ka mangung neda papayung. Ka dewatan neda suka.ka pohaci neda suci.
Kuring rek diajar ngidung. Nya ngidung carita pantun.ngahudang carita wayang. Nyilokakeun nyukcruk laku. Nyukruk laku nu
bahayu.
Mapay lampah nu baheula. Lulurung tujuh ngabandung. Kadalapan keur disorang. Bisina terus narutus. Bisina narajang alas. Da
puguh galuring tutur.
Ngemat papatan carita. Ti mendi pipasinieun. Ti mana picaritaeun.teuteureuh ti kahiyangan. Ditandeancupu manik. Cupu manik
astagina.dituruban ku mandepun. Di teundeun di jalan gede. Ditunda dinu ngaliwat. Kunu weruh di semuna. Kunu terang bijaksana.
Kunu rancage di angen. Di buka patinghaleuang. Nu menta di lalakonkeun
Cag!
Teundeun di handeuleum sieum.tunda di hanjuang siang paranti nyokot ninggalkeun.”
Kecap dung,gung jeung yung dina sempalan rajah diluhur teh sora u akur di tungtung. Disebut...
A.Murwakanti. B.Meneran. C.Dihaja. D.Mantes. E.Pamantes.
25. Sempalan rajah diluhur diwangun ku.................alinea.
A.Dua. B.Tilu. C. Opat. D.Lima. E.Genep.
26. Kecap nu dina sempalan rajah diluhur aya nu di balikan deui mimitina sababaraha kali sok disebut ................atawa repetisi.
A.Purwakanti laras purwa. C.Purwakanti laras wekas. E.Purwakantilaras madya.
B.Purwakanti mindoan kawit. D.Purwakanti midoan wekas.
27. Sedengkeun kecap nu ngandung harti apal nyaeta..... jeung.....
A.Weruh-menta. B.Weruh –terang. C.Terang - sieum . D.Weruh – sieum. E.Menta-sieum.
28. Aya dei kecap anu ngandung harti terampil nyaeta........................
A.parigel B.kesel. C.lembek. D.tanghinas. E.caringcing.
29. Kecap ti mendi dina sempalan rajah diluhur ayanu sarua hartina ,masih dekeuteunana nyaeta....
A.Ti nu jauh. B.Timana. C.Tisoledat. D. Sanghiyang. E.Asal.
30. “cag! Teundeun dihandeuleum sieum, tunda di hanjuang siang ,paranti nyokot ninggalkeun.” Eta ungkara teh kaasup
kana................rajah.
Mimiti . B.munggaran. C.nengahan D.pamungkas. E.Ciri
31. Conto rajah diluhur teh lain kudu apal kana rajah dina carita pantun,tapi urang kudu maluruh kana unsur kasastraan nu aya dina rajah
nya eta......................
A.Ngalagukeun. B.Ajen estetikana. C.Harga dirina. D.Tulisanana. E.Ngarajahna.
32. Artikel nyaeta karya tulis anu eusina................pamanggih,ide,atawa gagasan hiji jalma kana hiji hal.
A.Ngebrehkeun. B.Macakeun. C.Nyicingkeun. D.Nunda. E.Nyimpen.
33. Anu di guarna rupa-rupa kayaning :basa,budaya ,.............. ,hukum,politik ,ekonomi, kasehatan ,kadaharan jeung sajabana.
A.Kolektif. B.Agama. C.Deungeun. D.Pribumi. E.Somah.
34. Media informasi pikeun nepikeun karya tulis mangrupa artikel bisa,koran,majalah,tabloid,atawa....
A.Internet. B.Buku tulis. C.Hand phone. D.Laptop. E.Computer.
35. “Geus kawentar nagara urang mah ti baheula ge kaasup daerah agraris. Pakasaban warga anu sapopoena ngandelkeun tina hasil
bumi,sabangsaning pare,palawija,sayur-sayuran,buah-buahan jeung sajabana ti eta.”
Pikiran utama paragraf diluhur nya eta...........................
A .Nagara urang kawentar daerah agraris. D.Pakasaban warga sapopoe.
B.Kadaharan sapopoe. E.Rupa-rupa hasil bumi.
C.Pare,palawija,sayur-sayuran.
36. Kecap” geus kawentar “dina paragraf di luhur eta sarua hartina jeung...................
A.Geus ka mashur. B.Teu apal batur. C.Geus jumhur. D.Geus mawur. E.Geus ku batur.
37. “Jawa Barat ge kaasup daerah nu wargana ngandelkeun hasil bumi . Baheula mah Karawang teh kaasup lumbung padi di Jawa
Barat. Beas hasil panendi Karawang bisa nyumponan pangabutuh daerah-daerah sejenna.” Ieu paragraf di wangun ku.........................
A.Tilu kalimah. B.Opat kalimah. C.Lima kalimah. D.Genep kalimah. E.Tujuh kalimah.
38. Nu dimaksud ku kecap hasil bumi dina paragraf di luhur teh nyaeta................
A .minyak bumi. B.Hasil tanen. C.Hasil tina jero bumi. D.Hasil usaha. E.Pakasaban.
39. “Beas keur nyumponan kaperluan sapopoe kudu ditambah ku cara ngimpor ti nagri deungeun ,kayaning Thailand jeung Muangtai.”
Hartina.....................
A.Nagara urang geus teu butuheun beas. D.Hasil tanen di nagara urang dipikaresep batur.
B.Nagara urang masih kakurangan beas. E.Beas teh kadaharan poko masarakat Indonesia.
C.Beas hasil tanen di nagara urang alus.
II. Jawab pasualan di handap kalawan jelas !
40. Wawacan mangrupa karangan atawa rekaan dina wangun puisi, cing jelaskeun !
41. Saha katelahna nu sok nepikeun carita pantun?
42. Tantu hidep geus apal pupuh kinanti. Cing jelaskeun aturan pupuh kasebut ! sapadana sabaraha padalisan? Kumaha guru wilangan
jeung gurulaguna?
43. Beri dua conto gaya basa rarahulan !
44. Sebutkeun unsur-unsur artikel! a).....b).......c).........d)..........e).......

Anda mungkin juga menyukai