Anda di halaman 1dari 4

YAYASAN TANTINA JATILUHUR PURWAKARTA

KEPUTUSAN MENTERI HUKUM DAN HAK ASASI MANUSIA


NOMOR AHU-0020716.AH.01.04.Tahun 2020
SD TANTINA
Jl. Salam Desa Jatimekar-Jatiluhur Purwakarta Jawa Barat
Kode Pos 41152 Telp. 0264-8222551

PENILAIAN TENGAH SEMESTER 1I


TAHUN PELAJARAN 2022/2023
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Nama : ……………………
Hari/Tanggal : ……………………………………….. Kelas : VI ( Enam )
Waktu : 90 menit

I. Cakra (x) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener!


1. Sasaruaan kécap capétang nya éta ………………………
A. Nomong nyoroscos C. Pintér pidato
B. Pintér nyarita D. Pintér némbang pupuh

2. Wawancara nyaeta ………………………..


A. Kagiatan ngawangkong jeung sésépuh
B. Kagitan gunem catur ka hiji narasumber nu tujuanna pikeun meunangkeun informasi
ngawangkong
C. Kagiatn gunem catur jeung babaturan di kelas
D. Kagiatan diskusi jeung sobat-sobat di aula

3. Ieu dihandap nya eta hal-hal nu biasa nalika wawancara nya eta ……………………..
A. Tangtukeun jejer/topic nu rek diwawancara
B. Tangtukeun narasumber nu rek diwawancara
C. Gunakeun basa nu sopan tur merenah
D. Nyieun sajumlah daptar patalekan ngeunaan topic nu rek diwawancara

4. Kecap dasar nu geus dirarangkenan atawa geus make rarangken disebut


kecap……………….
A. Rarangken C. Asal
B. Rundayan D. Imbuhan

5. Cik atuh ulah ulin wae ari geus kelas genep teh!
Kalimah diluhur kaasup kecap parentah nu hartina nuduhkeun……..
A. Panggeuri C. Panitah
B. Pangjurung D. Panyaram

6. Nu mangrupa conto kalimah parentah nu nuduhkeun pangjurung nya eta………


A. Pangyandakeun cai dina meja!
B. Teu kenging wengi-wengi nya uihna!
C. Saena mh geura kulem, margi enjing-enjing kedah tos angkat!
D. Sok geura diajar atuh!

7. Mudah-mudahan sing lulus sarta peunteunna gede!


Kalimah di luhur kaasup kana conto kalimah parentah nu eusina nuduhkeun ……
A. Pangajak C. Panghareupan
B. Panyaram D. Pangwawadi

8. Jalma nu diwawancara nu rek dipenta informasi disebut ………………………


A. Oratos C. Komposer
B. Narasumber D. Wartawan
9. “ Mugia abdi lulus, Gusti!” Ceuk Andri nu rek Ujian Sakola.
Kalimah di luhur kaasup kana conto kalimah parentah nu eusina nuduhkeun …………..
A. Panghareupan C. Pangajak
B. Pangwawadi D. Panyaram

10. Kalimah nu caritaanana kecap pagawean silih bales disebut kalimah …………………
A. Parentah C. Resiprokatif
B. Wawaran D. Reflektif

11. Nu kaasup kana conto kalimah resiprokatif nya eta …………………………..


A. Omat kudu piligenti jeung uing, nya?
B. Tong sare wae atuh!
C. Manehna keur nyikat huntu.
D. Andri keur dibaju.

12. Mung sakitu nu tiasa kapihatur. Hapunten bilih aya kalepatan. Hatur nuhun.
Apanan ceuk sisindiran oge jiga kieu,
Saninten buah saninten
Saninten di parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
Ungkara di luhur mangrupa conto struktur biantara …………………..
A. Bubuka C. Panutup
B. Eusi D. Sanduk-sanduk

13. Nu dimaksud biantara peresmian nya eta ……………………


A. Biantara anu dipigawe ku jelema anu berpengaruh pikeun ngaresmikeun hiji hal
B. Biantara anu eusina nyaeta ngalaporkeun hiji pancen atawa kagiatan
C. Biantara anu eusina hiji laporan pertanggingjawaban
D. Biantara anu ditepikeun dina hiji acara kagiatan atawa kajadian nu tangtu anu bisa
dipigawe ku sawatara urang jeung wayah anu kawates sacara gunta-ganti

14. Cirina kalimah parentah nya eta ditandaan ku tanda …………………………….


A. Kekenteng (“…..”) C. Panyeluk (!)
B. Tanya (?) D. Titik (.)

15. Cirina kalimah teu langsung nya eta diwuwuhan ku kecap …………………………..
A. Yen C. Ceunah
B. Hayu D. Kira-kira

16. Kalimah nu dikedalkeun langsung ku panyaturna disebut kalimah ……………….


A. Sampurna C. Teu langsung
B. Teu sampurna D. Langsung

17. Jalma nu jago atawa hade dina nepikeun biantara disebut ……………………..
A. Narrator C. Provokator
B. Orator D. Wartawan

18. Biantara nu biasa dilakukeun ku bapak Presiden nalika nepikeun biantara Kamerdekaan
Republik Indonesia nya eta ………………………
A. Impromptu C. Manuskrip
B. Ekstemporan D. Memoriter

19. Nu teu kaasup kana salam bubuka dina biantara nya eta ………………………….
A. Sampurasun C. Wilujeng wengi
B. Assalamu’alaikum D. Salam hangat
20. Nu mangrupa conto gaya basa kaleuleuwihi nya eta ………………………..
A. Zara nuju ngaleueut ABC.
B. “Duh hapunten, di ieu mah tuangna ge mung ukur sareng uyah!”
C. Lumpatna sagancang Ceetah.
D. “Mangga ka patandang kalmia, supados maju kapayun!”

Perhatikeun kalimah ieu di handap!

1) Alusna mah urang bisa kana computer, da pasti butuh engke mah!
2) Manehna mandi di walungan Cikapundung
3) “Mang, bubur 2 dibungkus!” ceuk Priasmara ka tukang bubur
4) Manehna nanya ka indungna yen poe isuk jadi ka Bandung
5) Ulahmaen game wae atuh, iraha diajarna!
21. Nu mangrupa conto kalimah teu langsung nya eta nomer ……………………….
A. 1) C. 3)
B. 2) D. 4)

22. Nu mangrupa conto kalimah langsung nya eta nomer ………………………………


A. 2) C. 4)
B. 3) D. 5)

23. Hayu atuh ah urang ulin!


Kalimah di luhur kaasup kana conto kalimah parentah nu eusina nuduhkeun ………….
A. Panyarek C. Panggeuri
B. Panitah D. Pangajak

24. Nu kaasup kana conto gaya basa kadalon nya eta …………………………
A. Kulitna salembut sutra
B. “Hey, ulah naek ka luhur, bisi labuh!”
C. Dara nuju ngaleueut Kapal Api
D. “Anjeunna the rada kirang dangu, kedah ngartos!”

25. ………………………..
Langkung ti payun, manga urang menekung ka Gusti nu Maha Agung, lantaran urang
tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, dina ieu kasempetan. Mudah-mudahan Alloh
SWT tetep ngocorkeun rahmatna ka urang sadayana. Amin. Sholawat kalih salam urang
lelerkeun ka Jungjunan alam Nabi Muhammad SAW. Mudah-mudahan sadaya ajaranana
sing natrat keur umatna di sakuliahing jagat. Amin ya rabbal ‘alamin…………….
Ungkara di luhur kaasup kana struktur biantara bagian …………………….
A. Salam C. Eusi
B. Bubuka D. Panutup

II. Eusian titik-titik di handap ieu ku jawaban nu merenah !

26. Kecap “tinulis” asal na tina kecap ……………………………………………………


27. Assalamu’alaikum, wr. Wb, sampurasun. Ungkara di luhur kaasup kana …………..
28. Ngajual dagangan henteu menang bati, disebutna …………………………………..
29. Si Ibro mah beurat birit, beurat birit hartina …………………………………………
30. Gaganti kolot urang di sakola teh ……………………………………………………
31. Nyarita di hareupeun balarea atawa umum, disebutna ………………………………
32. Jelema anu katerap ku panyakit sok disebut jelema …………………………………
33. Tanda baca penyeluk nyaeta …………………………………………………………
34. Lengkepan paribasa ieu, katempuhan buntut …………………………………………
35. “Pang meserkeun buku, jang!” kaasup kalimah ……………………………………..
III. Prak jawab luyu jeung perentahna!

36. Jentrekeun naon nu dimaksud wawancara !


37. Tulis conto-conto salam bubuka dina biantara !
38. Tulis 2 conto kalimah langsung !
39. Jentrekeun naon nu dimaksud kalimah parentah !
40. Naon hartina narasumber?

Anda mungkin juga menyukai