Anda di halaman 1dari 4

UAS BAHASA SUNDA KELAS X

2010/2011
I. Pilih salah sahiji jawaban anu dianggap pangbenerna!

1. Anu kaasup eusi biantara ieu di handap nya eta ....


a. Ngawanohkeun sareng ningkatkeun basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman
wungkul, tapi tos kedah diajarkeun ti kawit balita.Upami di Jawa Barat nya ku basa Sunda.
b. Assalamu’alaikum Wr.wb. Hadirin anu sami-sami linggih kersaning Gusti Nu Maha Suci,uranag
sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara.
c.Amit mungkur. Hapunten sakali deui bilih aya basa nu kirang merenah sumarambah kana manah
sareng matak nyelekit kana ati. mugi agung cukup lumur jembar sihaksamina.
d. Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman dag-dig-dug rasaning ati rumasa
simkuring maha taya kabisa sanggem paripaos mah etang-etang lauk buruk milu mijah.
e. Ngadegna simkuring dina danget ieu payuneun para sepuh miwah para tamu anu sami rawuh, taya
sanes seja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang.

2. Assalamu’alaikum Wr.Wb.. Hadirin nu sami-sami linggih kersaning Gusti Nu Maha Suci urang
sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara, Mugi ieu acara teh lungsur
langsar kahontal sagala nu dipimaksad. Ngadegna simkuring dina danget ieu payuneun para sepuh
miwah para tamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang,
Ungkara basa dina sempalan wacana di luhur kaasup kana kelompok....
a. Biantara d. Sawala
b. Paguneman e. Arti
c. Esey

3. Ungkara basa jabung tumalapung sabda kumapalang dina semapalan wacana di luhur kaasup kana
kelompok....
a. Pupuh d. Pantun
b. Paribasa e.Wawangsalan
c.Sisisndiran

4. Jabung tumalapung sabda kumapalang hartina....


a. Milu nyarita bari ngarumasakeun taya kabisa tapi alatan kapaksa
b. Mapatahan ka jalma anu ahlina
c. Pipilueun nayrita atawa ilubiung kana sarupa urusan
d. Kahirupan pribumi kaelehkeun ku semah
e. Milu nyarita alatan loba kanyaho

5. Pangapunten, simkuring teu aya maksad ......, ieu mah etang-etang dog-dog pangrewong bae.
a. Mapatahan ngojay ka meri d. Jati kasilih ku junti
b Lauk buruk milu mijah e. Cul dog-dog tinggal igel
c. Adean ku kuda beureum

6. Karangan nu eusina nyaritakeun pangalaman sorangan disebut...


a. Narasi d. Eksposisi
b. Argumentasi e. Persuasi
c. Deskripsi

7. Kahirupan sapopoe urang Dayeuhkolot teureuh menak ieu teh estuning basajan. Teu sombong, nyaah
kanu leutik hormat ka sasama, tuladaneun pikeun jalma-jalma sejenna, kiwari mah arang langka
manggihan jalma kawas anjeunna. Tapi lamun geus ngabela bebneran, merjuangkeun hak masarakat
umum, estu matak gimir nu ngayonan.
Jejer anu diocaritakeun di luhur teh di tataan di handap ieu, kajaba ....
a. Kiwari urang langka manggihan jelema kawas anjeuna
b. Urang Dayeukolot teureuh menak
c. Si jalak harupat
d. Oto Iskandar Dinata
e. Urang Dayeukolot hirup basajan
8. Karangan anu eusina nayritakeun riwayat hidup hiji jalma anu dicaritakeun ku batur, disebut....
a. Autobiografi d. Hipografi
b. Koreogarfi e. Otobiografi
c. Biografi

9. Teureh menak putra bangasawan ieu teh kasohor leber wawnena dina nyiughareupan rupa- rupa
perkara, pangpangna pikeun ngabela nasib rahayat. Sabalikna tina leber wawnena nya eta....
a . wanian d. teu gedag bulu salambar
b. sieunan e. Bedas
c. teuneung ludeung

10. Kiwari eta jujuluk dipake ngaran stadion mengbal nu ayana di Kabupaten Bandung. Sugan wae ku
dipakena eta ngaran, atlit urang anu tandang makalangan di eta stadion teh leber wawanenna
jeung gesit dina nyinghareupan lawan-lawanna, teu ngeplek jawer miyuni hayam kabiri, tapi jagjag
waringkas tur sportif.
Anu jadi pikiran utama dina paragraf di luhur teh nya eta ....
a. Oto Iskandar di Nata c. Si Jalak Harupat
b. Stadion mengbal nu aya di Kabupaten d. Atlit
Bandung e. Atlit nu jagjag waringkas

11. Oto Iskandar di Nata teh dilahirkeunana di Bojongsoang Dayeuhkolot, tanggal31 Maret 1897. Kecap
dilahirkeun sarua hartina jeung kecap-kecap ieu di handap, kajaba ....
a. lugay d. dibabarkeun
b. dijurukeun e, gujrag ka dunya
c. gumelarna

12. “Menegakkan salat mempunyai arti yang mendalam dibanding sekedar melaksanakan salat”.
Tarjamahan nu benerna ....
a. Diadegkeun solat ngandung harti nu leuwih jero ti batan ngalaksanakeun solat wungkul.
b. Adegkeun solat ngandung harti anu leuwih jero ti batan ngan ukur ngalaksanakeun solat wungkul.
c. Ngadegkeunana solat ngandung harti nu leuwih jero ti batan ngan ukur ngalaksanakeun solat wungkul.
d. Ngadegkeun solat ngandung harti anu leuwih jero ti batan ngan ukur ngalaksanakeun solat wungkul.
e. Ngadegkeun solat leuwih jero batan ngalaksanakeun solat.

13. “Kata adat berasal dari bahasa Arab, dalam bahasa Sunda: biasa, umum, lumrah”. Mana kalimah
nu bener tina eta tarjamahan ....
a. Caritaan adat asalna tina basa Arab,anu dina basa Sunda:biasa,umum,lumrah.
b. Omongan adt asalna tina basa Arab, anu dina basa Sunda:biasa,umum,lumrah
c. Kecap adat asalna tina basa Arab dina basa Sunda:biasa, umum, lumrah.
d. Adat teh asalna tina basa Arab anu dina basa Sunda:biasa,umum,lumrah.
e. Adat nyaeta tina basa Arab hartina biasa,umum,lumrah.

14. Sawala teh gede pisan mangpaatna pikeun kahirupan manusa. Di handap ieu ditataan mangpaat
sawala kajaba....
a. Numuwuhkeun sikep demokrasi b. Nguji sikep demokrasi
c. Mekarkeun kabebasan pribadi e. Ngaronjatkeun ajen diri
d. Media latihan mikir

15. Sawala anu diiluan ku sababaraha urang/kelompok anu beda pamadegan disebut...
a. Debat d. Panel
b. Forum e. Simposium
c. Seminar

16. Pancen pamilon dina sawala nya eta ....


a. Ngajentrekeun maksud jeung tujuan sawala
b. Ngatur lumangsungna sawala
c. Nyieun kacindekan tina sawala
d. Nembongkeun Solidaritas jeung partisipasi
e. Nyusun laporan lumangsungna sawala

17. Saderek sadayana, ayeuna kelompok 7 bade medar perkawis mangpaat tempe pikeun kasehatan.
Nanging sateuacan kelompok 7 ngadugikeun materina, simkuring bade ngawanohkeun saurang-
saurangna. Panyaji aya tiluan, nya eta 1)Saderek Dana,2)Saderek Dani,3)Saderek Dini. Anu
kabagean pancen janten notulen nya eta saderek Dina. Atuh simkuring Danu kapapancenan janten
moderator. Saderek sadayana supados teu nyangkolong kana waktos mangga ka Saderek Dana, Dani
sareng Dini kanggo ngadugikeun materina.
Ungkara nbasa di luhur teh, lamun dina sawala mah sok ditepikeun ku ....
a. Panumbu Catur d. Pamilon
b. Panyaji/panyatur e. Panata Calagara
c. Notulen

18. Ungkara basa di luhur (no, 19) kaasup kana bagian .... dina diskusi/sawala
a. Bubuka d. Lajuning laku
b. Eusi e. Kacindekan
c. Panutup

19. Sajak mah kagolong kana wangun...


a. Prosa d. Ugeran
b. Lancaran e. Guguritan
c. Bebas

20. Dina sajak mah soK loba ngagunakeun harti ....


a. Sajalantrahna d. Konotatif
b. Saujratna e. Langsung
c. Denotatif

21 “Kasarung di leuweung kabingung” Kasarung dina eta kalimah ngandung harti...


a. Kasedih d. Kasasab teu manggih jalan kaluar
b. Teu apal jalan ka temapt asal e. Linglung
c. Kabungah

22. “Nyangsaya na pepedut pangharepan” Pepedut dina eta kalimah nagndung hart .i..
a.Haseup d. Mega
b. Hahalang e. layung
c. Halimun
23. Sedih, gumbira, keuheul, ngewa jste. anu aya dina hiji sajak disebut...
a. Rasa d. Amanat
b. Nada e. Galur
c. Tema

24. Ideu atawa jiwa anu aya dina hiji sajak disebut.....
a. Judul d. Amanat
b. Purwakanti e.Karakter
c. Tema

25. Lain bangban lain pacing


Lain kananga kuduna
Lain babad lain tanding
Lain kadinya kuduna
Pasipatan sajak diluhur nya eta ....
a. Piwuruk d. Ambek
b. Sesebred e. Ngewa
c. Silih asih

II. Rengsekeun sakur pananya jeung parentah di handap ieu!

1. Kumaha sikep nu biantara, naha handap asor, sombong,pinter, sonagar atawa eraan? Perhatikeun
kalimahna ieu di handap!
“Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman , dag-dig-dug rasaning ati, rumasa sim
kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos tea mah etang-etang lauk buruk milu mijah. Boa catur ge
tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.”
2. Susun hiji karangan singget eusina nyaritakeun pangalaman hidep sorangan! (pangalaman naon, di
mana kaalamanana, naha kaalaman, jeung kumaha lumangsungna).
3. Susun hiji wacana (intisari eusi berita) ngeunaan budaya Sunda nu hidep apal?
4. Dangdanggula
Sok tumaros saban neuteup langit
Naha bentang nu ngampar baranang
Cicingna di dinya bae
Tara patukeur matuh
Sumawonna pahili calik
Narah pagirang-girang
Teu paluhur-luhur
Bet angin heman ngiberan
Maneuh soteh puguh bentang nuju wirid
Anteng nyambat Pangeran.
Caritakeun, ngebrehkeun naon kira-kirana dangding di luhur?
5. Robah cutatan di handap kana basa ragam hormat!
Pantes disebut Si Jalak Harupat, lantaran sakur caritaanana jadi bahan pikiraneun pamarentah Hindia
Walanda. Hiji waktu dina sidang Volksraad, Oto nyarita kalawan pertengtang, teuneung ludeung.
Taya kakeueung, taya karingrang. Nepi ka pingpinan sidang katut anggota wawakil bangsa Walanda
mangsa harita nakol-nakolkeun palu kana meja sidang sangkan Oto eureun nyaritana.

Anda mungkin juga menyukai