LAMPIRAN
1. LKPD
MIKAWANOH BABAD
Tujuan : Menyimak serta menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan teks babad/
sejarah Sunda.
Alat dan Bahan :
Alat : Alat tulis, Buku catetan, HP, laptop, Speaker
Bahan : Tokoh masarakat, google, kamus.
Pedoman pensekoran
No.
Soa Aspek yang dinilai Kriteria Skor
l
Tepat 2
1. Ketepatan menyebutkan jenis carita babad yang dibacanya
Kurang tepat 1
Tepat 4
2. Ketepatan menyebutkan jenis-jenis carita babad
Kurang tepat 1
Tepat 2
3. Ketepatan menyebutkan tema carita babad yang dibacanya
Kurang tepat 1
Tepat 4
4. Ketepatan menyebutkan tokoh carita babad yang dibacanya
Kurang tepat 1
Tepat 2
5. Ketepatan menyebutkan setting carita babad yang dibacanya
Kurang tepat 1
Tepat 2
6. Ketepatan menyebutkan alur carita babad yang dibacanya
Kurang tepat 1
Tepat 4
7. Ketepatan menyebutkan amanat carita babad yang dibacanya
Kurang tepat 1
Jumlah 7-20
N= Skor x 4
20
A. Pedaran Babad
Nurutkeun Danu Suprapta (1976), babad nyaeta salah sahiji jenis sastra sejarah
nu ngagunakeun basa Jawa anyar nu ngalaman sasaruaan dina hal nu rupa-rupa,
saperti ngaran diri, ngaran geografi, sasaruaan kajadian, jeung sajabana.
a. Nilik kana wangenan, babad mibanda sipat-sipat saperti nu ditataan
dihandap:
1. Sakral.
2. Religio.
3. Legendaris.
4. Mitologis.
5. Hagiografis.
6. Simbolis.
7. Sugestif.
8. Istana sentris.
9. Fragmentaris.
10. Raja.
11. Lokal.
12. Anonim.
b. Sasaruaan istilah carita babad :
1) Dongeng Sejarah.
2) Carita Sejarah.
c. Kagunaan ayana carita babad nyaeta :
1) Pikeun ngalegitimasi asal-usul kajadian.
2) Minangka panungtun pikeun para turunan.
3) Babad ngajarkeun kumaha campur gaul di masarakat waktu harita.
B. Mikawanoh Babad
Upama ditilik tin struktur caritana, boh anu ditulis dina wangun prosa boh
dina wangun puisi, carita babad ngabogaan pola struktur carita anu méh
sarua. Galur carita babad umumna ngagambarkeun:
1) Tokoh carita indit lalampahan (diusir, dibuang, néangan élmu,
néangan jodoh);
2) Tokoh carita babad meunang cocoba, halangan harungan (bégal, sato
galak, musibah);
3) Tokoh carita meunang pitulung;
4) Tokoh carita hasil ngahontal pamaksudan;
5) Tokoh carita mulang deui ka nagara, pinanggih jeung kabagjaan
C. Nganalisis Babad
Carita babd “CARIOSAN PRABU SILIWANGI” téh nyaritakeun jalma-jalma
anu jadi palaku atawa tokoh dina sajarah Sunda, nya éta:
1) Prabu Siliwangi raja Pajajaran anu kamashur;
2) Syéh Kuro jalma anu mimiti nyebarkeun agama islam di wewengkon
Karawang;
3) Nyi Putri Subang Larang, putrina Ki Gendéng Tapa raja singapura
(ayeuna Mertasinga) nu aya di wewengkon Cirebon.
Éta jalma-jalma tokoh téh lain tokoh rékaan, tapi aya dikieuna
sakumaha anu kaunggel dina sajarah. Sanajan anu dicaritakeunana
tokoh-tokoh sajarah, dina carita babad anu tadi urang manggihan aya
bagian bagian anu pamohalan atawa patukang tonggong jeung
katerangan sajarah. Upamana baé Prabu Siliwangi bisa hiber tepi ka
Mekah, Prabu Siliwangi asup Islam, atawa kongkorong béntang (tasbé)
anu ujug ujug murag ti langit. Tah, bagian anu pamohalan kitu anu kaasup
dongéngna téh. Jadi sakumaha ceuk katerangan tadi, babad téh carita
sajarah anu dihubungkeun ku dongéng.
Anu dimaksud struktur di dieu téh nyaéta unsur-unsur carita
ngawengku; palaku, latar, galur, téma, jeung amanat, sarta unsur-unsur
dongéng jeung sajarah.
1. Palaku : palaku utama dina CPS nyaéta Prabu Siliwangi, ari palaku
panambahan nyaéta: Patih Tambihrasa, Paman Léngsér, Syéh
Kuro, Nyi Subang Larang, jeung Waliyullah.
2. Latar: latar patempatan anu kasebut dina éta carita nyaéta
Karajaan Pajajaran jeung Nagri Mekah. Ari latar waktu, bisa
disebutkeun yén éta carita lumangsung dina jaman Karajaan
Pajajaran.
3. Galur: galur carita CPS ngaruntuy maju ti awal nepi ka ahir. Kieu
runtuyanana:
- Prabu Siliwangi meunang béja yén dikarawang aya Syéh
Kuro nu yebarkeun agama Islam. Éta Syéh téh bogaeun
anak awéwé ngaranna Nyi Subang Larang.
- Paman Léngsér dijurungan nepungan Syéh Kuro, sina
ngalamar Nyi Subang Larang.
- Nyi Subang Larang daék ditikah lamun dibéré maskawin
kongkorong béntang.
- Prabu Siliwangi nguyung, bingung liwat saking. Tapi tuluy
manggih ilapat kudu indit ka Nagri Mekah.
- Prabu Siliwangi miang ka Nagri Mekah, tepung jeung
Waliyullah, asup agama Islam sarta dibéré kongkorong
béntang mangrupa tasbé.
- Prabu Siliwangi mulang deui nepungan Syéh Kuro, sarta
ahirna bisa kawin jeung Nyi Subang Larang
4. Tema jeung amanat: CPS téh ngandung ka agamaan, nyebarna
agama Islam di Pulo Jawa hususna di Tatar Sunda. Ari amantna
nyaéta agama Islam téh leuwih luhung, leuwih mulya tibatan naon
waé
3. Instrumen Assesmen
Tema
jeung Palaku
Latar
Amanat
Galur
Jawaban
No Jawaban
2
3
5. Daftar pustaka
Répérénsi
Taufik Faturohman & Tamsyah, 2017 . Cahara Basa Sunda SMA kelas X. Bandung: CV GEGER
SUNTEN
https://www.youtube.com/watch?v=0uLnyG84LyY