Anda di halaman 1dari 6

MODUL AJAR

SUNDA

INFORMASI
UMUM
A. IDENTITAS
Satuan Pendidikan SMAN 1 Leuwisadeng
Guru Mata pelajaran Fitri Maulidiyani, S.Pd
Materi Babad
Kelas / Fase X (Fase E)
Alokasi Waktu 8 JP
B. KOMPETENSI AWAL

Peserta didik mampu menulis berbagai teks


(fiksi dan nonfiksi) berbahasa Sunda untuk
menyampaikan, mempresentasikan, dan
menanggapi informasi atau pesan (gagasan,
pikiran, dan kehendak).

C. Profil Pelajar Pancasila  Beriman, bertaqwa kepada Tuhan YME


 Berkebhinekaan global
 Mandiri
 Bernalar kritis
 Berpikir kreatif
D. Sarana dan Prasarana Video dari Youtube, Gadget, internet, buku paket
E. Target Peserta Didik Reguler
F. Model Pembelajaran Project based learning (dilaksanakan secara blended
learning)
II. KOMPONEN INTI
A. Tujuan Pembelajaran 5.      Setelah proses kegiatan belajar mengajar
carita babad, peserta didik mampu menganalisis
isi, struktur, unsur kebahasaan teks
babad/sajarah Sunda serta menyajikan isi teks
babad atau sejarah Sunda dengan
memperhatikan struktur dan unsur kebahasaan.
B. Pemahaman Bermakna Babad téh dongéng anu ngandung unsur-unsur
sajarah. Ari Iskandarwassid dina buku Kamus
Istilah Sastra (1996) nerangkeun kieu: carita
babad téh carita wanda heubeul anu medar
riwayat luluhur atawa kajadian-kajadian
penting jaman baheula di salah sahiji daérah,
biasana ti mimiti ngabedah (muka) éta
wewengkon.
C. Pertanyaan Pemantik  Apakah kamu tahu apa itu babad?
 Pernahkah kamu membaca babad sunda?
Kegiatan Pembelajaran
Pendahuluan  Peserta didik berdoa.
 Peserta didik diberi kesempatan melakukan refleksi
awal terkait pemahaman awal materi yang akan
dibahas, hal yang perlu dipersiapkan untuk belajar dan
hal yang harus dikembangkan.
 Guru menyediakan daftar istilah penting dan
pengertiannya pada bahan ajar untuk membantu siswa
yang belum memiliki pengetahuan cukup terkait materi
yang akan dibahas.
 Peserta didik membaca tujuan pembelajaran/
petunjuk hand out/ petunjuk kegiatan.
Kegiatan Inti  Mengamati:
Membaca dan mengamati contoh carita
babad.
Mengamati dan memahami ciri-ciri carita
babad.
 Mempertanyakan:
 Bertanya jawab isi dari contoh carita
babad.
 Mengeksplorasi:
Mencari referensi contoh carita babad dari
berbagai sumber.
Mencari kata-kata sulit dan menemukan
artinya dalam kamus.
 Mengasosiasikan:
Membandingkan carita babad dengan
jenis dongeng lainnya.
Mengevaluasi dan mendiskusikan kaidah
teks carita babad.
Penutup  Peserta didik dengan panduan guru
menyimpulkan pembahasan tentang ciri-
ciri carita babad dengan jenis dongeng
lainnya.
  Guru menanggapi kata-kata yang
dianggap sulit oleh peserta didik dari hasil
membaca carita babad.
   Guru menyampaikan informasi
pembelajaran yang akan datang.
 Pembelajaran diakhiri dengan do’a

      
D. Asesmen  Asesmen di awal pembelajaran non kognitif dan
kognitif sebelum pembelajaran
 Asesmen Formatif tidak tertulis berupa laporan
hasil kajian, observasi, jurnal anekdot serta
performa saat pembelajaran
 Asesmen sumatif tertulis pada akhir pembelajaran
berupa soal pilihan ganda
E. Pengayaan dan Remedial  bagi peserta didik yang belum paham/ belum
terampil akan dilakukan pendampingan oleh guru
 Bagi peserta didik yang sudah paham seutuhnya
diberikan pengayaan dan melanjutkan ke tujuan
pembelajaran berikutnya
F. Refleksi Peserta Didik dan Guru Bagi peserta didik:
Kendala apa yang dialami dalam proses pembelajaran?
Apa saja upaya yang kalian lakukan untuk mengatasi
kendala tersebut?
Bagi Guru:
Hal apa saja yang belum terlaksana dengan maksimal
dalam pembelajaran? faktor apakah yang
menyebabkannya?
Bagaimana upaya tindak lanjut untuk memaksimalkan
pelaksanaan pembelajaran tersebut?

Mengetahui, Bogor, Juli 2022


Kepala SMAN 1 Leuwisadeng Guru Mapel

Dwi Astuti Indriati, S.Pd., M.Pd. Fitri Maulidiyani, S.Pd


NIP:197103302006042002
1.    Fakta (sesuatu yang dapat diindera):
         Contoh teks carita babad.

Carita Babad

Babad Limbangan

Jaman baheula, kacaturkeun di Karajaan Pajajaran. Rajana Prabu Siliwangi. Ieu raja téh
kongas kagagahanana. Anjeunna boga pangiring nu kacida satiana, katelahna Aki Haruman.
Unggal poé, Aki Haruman ku Prabu Siliwangi sok diparéntah pikeun moro maké sumpit atawa
jamparing.
Hiji poé, Aki Haruman indit ka wétankeun pikeun moro. Tapi nepi ka panonpoé manceran
téh manéhna can beubeunangan baé, sanajann geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem,
teu kapanggih sahulu-hulu acan.
Jog Aki Haruman nepi ka puncak hiji gunung. Ti dinya katempo ku manéhna aya cahaya
nu moncorong ti sisi Walungan Cipancar. Puguh baé anjeunna hémengeun. Barang
disampeurkeun, singhoréng éta cahaya téh kaluar ti awak hiji putri nu keur mandi. Barang
ditanya, éta putri ngaku anakna Sunan Rumenggong, nu ngawasa wewengkon Limbangan.
Patepungna Aki Haruman jeung putri ti Limbangan téh ditepikeun ka Prabu Siliwangi.
Dumasar kana éta kajadian, gunung tempat Aki Haruman ningali aya putri nu moncorong
cahayaan téh dingaranan Gunung Haruman.
Barang ngadéngé dongéng Aki Haruman, dina haté Prabu Siliwangi bet jorojoy aya niat
pikeun mileuleuheungkeun éta putri keur pipamajikaneunana. Enya gé teu kungsi tepung, tapi
Sang Prabu geus bisa nyipta-nyipta kumaha kageulisan éta putri.
Keur ngalaksanakeun niatna, Prabu Siliwangi ngutus Gajah Manggala jeung Arya Gajah,
duanana gé pangagung ti Pajajaran, pikeun ngalamar putri ti Limbangan téa. Inditna dibarengan
ku Aki Haruman jeung para pangiring anu samagréng ku pakarang. Prabu Siliwangi ngawawadian
yén éta utusan téh teu meunang balik saméméh hasil ngalamar Nyi Putri.
Teu kacatur di jalanna. Sanepina ka hareupeun Sunan Rumenggong Gajah Manggala
nepikeun maksudna, yén manéhna diutus ku Prabu Siliwangi pikeun ngalamar putri Limbangan.
Ku Sunan Rumenggong éta kahayang Prabu Siliwangi téh ditepikeun deui ka Nyi Putri.
Barang nguping pamaksudan utusan Prabu Siliwangi,  Nyi Putri téh katingal henteu bérag.
Pokna, “Ama, hapunten anu kasuhun, abdi teu tiasa nampi panglamar ti Prabu Siliwangi.”
Sunan Rumenggong teu kurang-kurang kagétna. Pokna, “Naha?”
“Ama nyalira uninga, apan Sang Prabu téh tos kagungan istri langkung ti 100 jalmi...”
Sanajan dipapaksa ku ramana, carékna embung dikawin téh keukeuh embung. Ari utusan
tetep pageuh nyekel timbalan Prabu Siliwangi yén maranéhna kudu hasil ngalamar Nyi Putri.
Tungtungna, ku habén dipapaksa, Nyi Putri téh ngaleungit, ilang tanpa karana. Bur-ber
ditétéangan ogé weléh teu kapanggih, ngan seungitna baé nu kaangseu ngahiliwir. Tempat Nyi
Putri kaangseu seungitna téh katelah lembur Buniwangi.
Sunan Rumenggong henteu cicing, bur-ber néangan putrina anu ngaleungit téa. Ber ka
hilir ber ka girang, ngalér ngidul ngétan ngulon. Lantaran nempo kolotna sakitu susahna, Nyi
Putri ahirna némbongan deui di hiji imah anu nyempil. Manéhna teu tégaeun ningali kolot
dirungrum ku kabingung jeung kanalangsa anu pohara. Lembur tempat Nyi Putri némbongan di
imah anu nyempil téh dingaranan Kampung Sempil.
Ku Sunan Rumenggong Nyi Putri dipapatahan sangkan daék dikawin ku Prabu Siliwangi,
sabab lamun henteu tanwandé bakal terus dipapaksa. Bari ngagelendut putrana, Sunan
Rumenggong ogé nepikeun naséhat, “Aya lima jalma nu ku urang wajib dihormat jeung
dijungjung, nyaéta guru, raja, kolot, mitoha, jeung lanceuk nu cikal.” Lian ti éta, Sunan
Rumenggong ogé nepikeun harepanana, sugan baé jaga anak-anak Nyi Putri téh jadi turunan raja.
Ahirna, Nyi Putri daék dikawin ku Prabu Siliwangi.
Sapuluh taun ti harita, Nyi Putri dipaparinan dua putra pameget, nyaéta Basudéwa jeung
Liman Sanjaya. Éta dua putrana ti Prabu Siliwangi téh dibawa ka Limbangan ku Sunan
Rumenggong sarta tuluy dijenengkeun prabu di dua tempat anu béda, luyu jeung amanat Prabu
Siliwangi. Prabu Basudéwa ngawasa wewengkon Limbangan, sarta Prabu Liman Sanjaya
ngawasa wewengkon Dayeuh Luhur di kiduleunana.

(Diraéh tina buku “Naskah Sunda Lama Kelompok Babad”, Pusat Pembinaan dan Pengembangan
Bahasa, Depdikbud, 1985)

2. Konsep

Carita Babad
a.      Wangenan:
Dina kamus kaluaran LBSS (1979) ditétélakeun yén nu disebut babad téh dongéng anu
ngandung unsur-unsur sajarah. Ari Iskandarwassid dina buku Kamus Istilah Sastra (1996)
nerangkeun kieu: carita babad téh carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa
kajadian-kajadian penting jaman baheula di salah sahiji daérah, biasana ti mimiti ngabedah
(muka) éta wewengkon.
Masih dina éta kamus ditétélakeun ogé yén karep nu nyusun babad téh bangun rék nulis
sajarah. Malah sawaréh mah judulna ogé aya nu tandes maké kecap “sajarah”. Tapi carita babad
téh tacan diaku jadi sajarah lantaran di jerona kaselapkeun hal-hal anu pamohalan atawa rékaan.
Lian ti éta teu bisa dianggap sajarah lantaran tacan katarima ku panguji disiplin (élmu) sajarah.

Sajarah Carita Babad


Tradisi nyusun babad téh geus aya ti baheula. Malah tina nu geus kapaluruh ku para ahli,
carita babad geus kapanggih ti jaman tradisi nulis naskah kénéh. Éta tradisi manjang nepi ka abad
ka-20. Ditulisna aya nu dina wangun prosa aya ogé nu ditulis dina wangun puisi. Utamana mah
dina wangun wawacan. Conto carita babad téh di antarana Babad Bogor, Babad Cikundul, Babad
Galuh, Babad Panjalu, Babad Sumedang, Babad Limbangan, Sajarah Lampah Para Wali Kabéh,
jeung sajabana.

3. Prinsip (generalisasi antar konsep-konsep yang berkaitan):


a. Ciri-ciri carita babad
1. Ngadung unsur pamohalan
2. Eusina nyaritakeun asal-usul hiji tempat
3. Pangarangna teu kapaluhur
4. Sumebarna tatalépa

4. Prosedur (langkah-langkah sistematis menerapkan konsep):


1. Maham eusi carita babad
2. Nyaritakeun deui eusi carita babad
Latihan
            Sangkan leuwih paham kana carita babad, pék hidep ngawangun kelompok keur
ngaanalisis hiji carita babad. Pigawé léngkah-léngkah ieu di handap!
1.      Wangun jadi opat kelompok!
2.      Kelompok néangan hiji carita babad, anu sumberna bisa tina buku atawa tina internét, sarta
jieun ringkesanana. Carita nu dianalisis ku hiji kelompok diusahakeun ulah sarua jeung kelompok
séjénna.
3.      Analisis ku kelompok, éta carita babad téh patali jeung sajarah naon? Naha sajarah tempat,
sajarah luluhur (karuhun) hiji masarakat, atawa sajarah séjénna?
4.      Naha dina éta carita téh aya unsur-unsur pamohalanana? Mun aya tuduhkeun sarta tuliskeun!
5.      Catetkeun ngaran tokoh-tokohna, sarta kumaha peran éta tokoh dina carita!
6.      Téangan sarta tuliskeun kecap-kecap anu teu dipikaharti sarta paluhur dina kamus!
7.      Présentasikeun hasil analisis kelompok hidep di hareupeun babaturan, sacara bagilir!
a.      Penilaian Tugas
Aspek Penilaian Carita Babad
Nama Kelompok Diksi Ketepatan Bisa membedakan Ketepatan Keotentikan Skor Nilai
Isi jenis-jenis Tulisan rata-rata
babad
1.  3 4 4 3 3 3,33 83
2. 
3.  .
4.
5.
6.
7.
………

b.      Penilaian Keterampilan Biantara


Aspek Yang Dinilai
Nama Siswa Tata Lentong/ Sikep/ Pidangan Skor Nilai
Basa Wirahma Pesemon rata-rata
1.   3 4 4 3 3, 33 81
2.  
3.  
4.
5.
……..

Anda mungkin juga menyukai