Anda di halaman 1dari 7

LEMBAR KERJA PESERTA DIDIK (LKPD)

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas : XI (Sebelas)
Materi Pelajaran : Sisindiran

Nama :
Kelas :
Kelas :

KOMPETENSI INTI
1. Memiliki sikap jujur, disiplin, kerjasama, responsif, dan proaktif dalam mencari solusi
permasalahan, sehingga dapat menyadari dirinya sebagai mahluk ciptaan yang Maha Kuasa
serta menjalankan kewajibannya sesuai dengan agama yang dianutnya.
2. Memahami, menerapkan, menganalisis dan mengevaluasi pengetahuan faktual, konseptual,
prosedural, dan metakognitif pada tingkat teknis, spesifik, detil, dan kompleks berdasarkan
rasa ingin tahunya tentang (a) ilmu pengetahuan, (b) teknologi, (c) seni, (d) budaya, dan (e)
humaniora dengan wawasan kemanusiaan, kebangsaan, kenegaraan, dan peradaban terkait
penyebab fenomena dan kejadian, serta menerapkan pengetahuan pada bidang kajian yang
spesifik sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah.
3. Menunjukkan keterampilan menalar, mengolah, dan menyaji secara (a) efektif, (b) kreatif, (c)
produktif, (d) kritis, (e) mandiri, (f) kolaboratif, (g) komunikatif, dan (h) solutif, dalam
ranah konkret dan abstrak terkait dengan pengembangan dari yang dipelajarinya di sekolah,
serta mampu menggunakan metode sesuai dengan kaidah keilmuan.

KOMPETENSI DASAR
3.2 Menganalis isi , struktur, dan aspek kebahasaan sisindiran
4.2 Menyusun dan menampilkan sisindiran secara lisan/tulisan sesuai dengan konteks dan fungsi
sosialnya.

TEMA
Memahami dan menganalisis sisindiran
TUJUAN PEMBELAJARAN
Melalui pembelajaran dengan model Discovery Learning dipadukan dengan metode Mind
Mapping dengan pendekatan saintifik, yang menuntun peserta didik untuk mengamati
(membaca) permasalahan, menuliskan penyelesaian masalah, peserta didik dapat menganalisis
isi, struktur dan aspek kebahasaan sisindiran sesuai dengan kaidah-kaidahnya serta
menyusun dan menampilkan sisindiran secara lisan/tulisan sesuai dengan konteks dan fungsi
sosialnya, tanggungjawab, displin selama proses pembelajaran, bersikap jujur, percayadiri, serta
memiliki sikap responsif (berpikir kritis) dan proaktif (kreatif), serta mampu berkomukasi dan
bekerjasama dengan baik.
LANGKAH-LANGKAH PEMBELAJARAN
Membuat 4 kelompok untuk membuat sebuah mind mapping sisindiran
MATERI PEMBELAJARAN
Bab II
Sisindiran
A. Pedaran
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu
dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nya éta karya
sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu
dikedalkeun téh digantaran ku cangkangna. Sisindiran biasana teu ukur dikedalkeun, tapi sok
dikawihkeun deuih. Ku karancagéan nu ngarangna sisindiran ogé bisa dipintonkeun jadi pagelaran. Ari
wangunna, bisa tempas sindir, bisa ogé sandiwara atawa longsér. Pikeun kapentingan pintonan, biasana
sok disusun heula naskahna anu diwuwuhan ku paguneman (dialog). Kitu deui para palakuna,
ditangtukeun sakumaha biasana naskah sandiwara. Tengetan geura contona di handap, sempalan tina
naskah longsér sisindiran.

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran téh bisa kabagi jadi tilu
golongan, nyaéta : a) rarakitan; b) paparikan; c) wawangsalan.

1. Rarakitan

Rarakitan nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada
papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta
murwakanti engang panungtungna, dina unggal padalisan (laras wekas). Tapi laras wekas anu aya dina
sisindiran mah nyaéta laras wekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal
padalisan aya 8 (delapan) engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan lengkep;
satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu popular téh rarakitan anu sapadana
diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua deui eusina.

Perhatikeun conto rarakitan di handap !

Mun teu tulus ka paseukna,

ka pancirna ogé hadé.

Mun teu tulus ka lanceukna,

ka adina ogé hadé.

Rarakitan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua deui eusi. Padalisan
kahiji dina cangkang, dimimitian ku kecap mun, sarua jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua
dina cangkang dimimitian ku kecap ka, sarua jeung padalisan kadua dina eusi. Hartina, cangkang jeung
eusi téh padapapak puhuna saperti rakit, nu matak disebut rarakitan. Bisa ogé disebutkeun, cangkang
jeung eusi téh mangrupa purwakanti mindoan kawit. Ayeuna tengetan engang panungtungna. Engang
panungtung padalisan kahiji dina cangkang nyaéta na murwakanti jeung engang panungtung padalisan
kahiji dina eusi. Engang panungtung padalisan kadua dina cangkang nyaéta dé, murwakanti jeung
engang panungtung padalisan kadua dina eusi.

Jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Geura urang rucat hiji-hiji: Mun-teu-tu-lus-
ka-pa-seuk-na (8 engang).

ka-pan-cir-na-o-gé-ha-dé (8 engang).

Mun-teu-tu-lus-ka-lan-ceuk-na (8 engang).

ka-a-di-na-o-gé-ha-dé (8 engang).

Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan nyaéta rarakitan silih asih,
piwuruk, jeung sésébréd. (a) Rarakitan silih asih, Rarakitan silihasih, nyaéta rarakitan anu eusina silih
asih, cinta, atawa birahi. Contona:

Daék sotéh ka Cikonéng,

ka Cisitu mah teu purun.

Daék sotéh ka Nyi Onéng,

ka nu itu mah teu purun.

Mihapé sisir jeung minyak,

kadé kaancloman leungeun.

Mihapé pikir jeung niat,

kadé kaangsonan deungeun.

(b) Rarakitan piwuruk Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat.
Contona:

Lamun urang ka Cikolé,

moal hésé tumpak kahar.

Lamun urang boga gawé,

moal hésé barang dahar.

Sing getol nginum jajamu,

nu guna nguatkeun urat.

2. Paparikan

Kecap paparikan asalna tina kécap parék nu hartina deukeut. Nilik kana wangunna paparikan téh
méh sarimbag jeung rarakitan. Bédana, paparikan mah henteu kudu papak di puhuna (mindoan kawit).
Tapi ukur deukeut sorana, sarta murwakantina dina unggal padalisan (purwakanti lara swekas). Lebah
jumlah padalisan dina sapadana jeung jumlah engang dina unggal padalisanana, henteu béda jeung
rarakitan. Tengétan geura conto di handap!
Boboko ragrag di imah,

ninggang kana pileuiteun.

Mun bogoh montong ka sémah,

ari anggang sok leungiteun.

Paparikan di luhur di wangun ku opat padalisan: dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina
cangkang, padeukeut sorana jeung padalisan kahiji dina eusi. Kitu deui padalisan kadua dina cangkang,
padeukeut sorana jeung padalisan kadua dina eusi. Sora tungtung padalisan kahiji dina cangkang,
murwakanti jeung sora tungtung padalisan kahiji dina eusi.

3. Wawangsalan

Wawangsalan téh nyaéta karangan anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui
ku cangkang jeung wangsal. Umumna eusi wawangsalan téh mangrupa siliasih, cinta, atawa birahi. Anu
dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun. Kudu ditéangan heula tina bagian eusi. Wangsal téh sok
murwakanti jeung salasahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Tengétan geura conto wawangsalan di
handap!

Teu beunang di situ lembur,

teu beunang diulah-ulah. (kulah)

Dina wawangsalan anu disebut cangkang téh padalisan kahiji, ari eusina padalisan kadua. Dina
conto di luhur, aya kecap situ lembur dina cangkangna. Naon ari situ lembur téh? Jawabanana kudu
ditéangan dina eusina. Dina eusi aya kecap diulah-ulah. Téangan kecap anu deukeut jeung diulah-ulah
nu mangrupa jawaban kana situ lembur. Tangtu baé lain balong jeung émpang, sabab duanana ogé
henteu murwakanti jeung kecap diulahulah. Anu murwakanti mah nyaéta kulah. Jadi eusina
wawangsalan di luhur nyaéta kulah. Conto séjénna : Inggis kapalupuh nangtung, sok sieun teu kapimilik
Palupuh téh awi sagolodong dibobokan nepi ka remek terus dibeulah nepi ka jadi démprak kawas
papan. Palupuh nangtung téh nyaéta bilik, lantaran dina eusina aya kecap kapimilik anu sorana deukeut
jeung bilik. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir
sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta 8 (dalapan) engang.

B. Aspék Kabasaan

Pék tengetan ieu kalimah!


Ku Arman ditengetan pisan sagala rupa polah jeung cara cara dununganana dina ngajalankeun
usaha penerbitan téh, nepi ka manéhna bisa mandiri.
Kecap ditengetan hartina diapalkeun ngarah teu kaliru. Tenget tangtu aya bédana jeung inget.
Tenget mah enya-enya disidikkeun atawa neleknelek hiji hal kalayan gemet, ari inget mah henteu poho

MATERI PENGAYAAN
1. Rarakitan
Rarakitan nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada
papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta
murwakanti engang panungtungna, dina unggal padalisan (laras wekas). Tapi laras wekas anu aya dina
sisindiran mah nyaéta laras wekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal
padalisan aya 8 (delapan) engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan lengkep;
satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu popular téh rarakitan anu sapadana
diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua deui eusina.

2. Paparikan
Kecap paparikan asalna tina kécap parék nu hartina deukeut. Nilik kana wangunna paparikan téh méh
sarimbag jeung rarakitan. Bédana, paparikan mah henteu kudu papak di puhuna (mindoan kawit). Tapi
ukur deukeut sorana, sarta murwakantina dina unggal padalisan (purwakanti lara swekas). Lebah jumlah
padalisan dina sapadana jeung jumlah engang dina unggal padalisanana, henteu béda jeung rarakitan.

3. Wawangsalan
Wawangsalan téh nyaéta karangan anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku
cangkang jeung wangsal. Umumna eusi wawangsalan téh mangrupa siliasih, cinta, atawa birahi. Anu
dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun. Kudu ditéangan heula tina bagian eusi. Wangsal téh sok
murwakanti jeung salasahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa.

Aspék Kabasaan
Pék tengetan ieu kalimah!
Ku Arman ditengetan pisan sagala rupa polah jeung cara cara dununganana dina ngajalankeun usaha
penerbitan téh, nepi ka manéhna bisa mandiri.

Kecap ditengetan hartina diapalkeun ngarah teu kaliru. Tenget tangtu aya bédana jeung inget. Tenget
mah enya-enya disidikkeun atawa neleknelek hiji hal kalayan gemet, ari inget mah henteu poho.
1. Setelah guru memberikan intruksi membuat kelompok, selanjutnya guru memberikan kertas hvs
yang sudah disediakan!
2. Setiap kelompok membuat mind mapping dan menguasai materinya untuk ditampilkan
presentasi.
3. Setiap kelompok menilai presentasi dari perwakil yang mempresentasikan hasil karyanya.

Nama Kelompok
Materi
Informasi yang didapat

Nama Kelompok
Materi
Informasi yang didapat

Nama Kelompok
Materi
Informasi yang didapat
4. Setiap peserta didik mengajukan pertanyaan kepada guru terkait materi tentang syaja’ah yang
belum difahami.
5. Refleksi dan simpulan
Dari konsep dan kegiatan di atas,
a. Hal-hal apa saja yang belum dipahami?
b. Cara menganalisis dan mengidentifikasi dari sisindiran.
6. Evaluasi.

Anda mungkin juga menyukai