Anda di halaman 1dari 8

PAGUNEMAN (PERCAKAPAN)

 Paguneman : Obrolan antara dua jelema atawa


leuwih/cara manusa komunikasi jeung nu lian bisa
nembrakeun pikiran,rasa,kahayang.
Paguneman lain bae kapanggih dina bahasa
lisan tapi kapanggih oge dina bahasa tulisan
 Gunem Catur (Ngobrol)
Suasana Paguneman
Paguneman téh aya nu resmi jeung teu resmi. Éta téh
gumantung kana suasana atawa kaayaanana.

Paguneman Resmi/Formal
Paguneman/obrolan resmi kauger ku aturan-aturan, henteu
sagawayah. Upamana kawatesanan ku waktu, kadang-
kadang nu nyararitana ogé henteu salawasna
silihpikawanoh, atawa kauger ku jejer obrolan.
Conto na : Diskusi/sawala

Paguneman teu resmi


Paguneman/obrolan teu resmi bisa ngalér ngidul, bisa
sakarepna, tur teu kawatesanan ku aturan-aturan anu
tangtu. Upamana teu diwatesanan ku waktu, ku jejer
obrolan, atawa ku tempat di mana paguneman lumangsung.
Conto na : Ngobrol jeung babaturan
Kecap gaganti jalma dina situasi anu
teu resmi jeung resmi
 
Situasi Gaganti jalma kahiji Gaganti jalma kadua
   
    Sadérék,pangersa,
Resmi sim kuring
hadirin,para
bapa/ibu
 
  abdi Salira
 
 
  kuring anjeun
 
Teu resmi déwék silaing
urang manéh
ana anta/énté
didieu didinya
nyebut ngaran nyebut ngaran
Undak-usuk/tatakrama Basa dina Paguneman
Lantaran situasi nu paguneman kudu bisa milih-milih ragam basa
anu digunakeun. Aya ragam basa basa hormat atawa lemes,basa
loma,jeung basa cohag atawa kasar.

Basa hormat/basa lemes


Dipakéna keur saluhureun (boh umurna, boh pangkat atawa
martabatna) dina suasana resmi.
Conto kalimat : Geura angkat atuh, bisi kasiangan

Basa Loma
Dipakéna keur batur sorangan, sasama, atawa nu sahandapeun
(boh umurna, boh pangkat atawa martabatna) dina suasana teu
resmi.
Conto kalimat : Geura indit kadituh, bisi kabeurangan

Basa cohag :Basa Cohag (kasar pisan) saluhureun basa


loma,biasana dipaké keur sato.
Conto kalimat : Geura mantog kadituh, bisi kabeurangan
Conto kecap dina undak-usuk basa Sunda nu sok dipaké dina paguneman sapopoé

 
Loma Lemes keur sorangan Lemes keur ka batur

dahar neda tuang


datang dongkap sumping
balik wangsul mulih
indit mios angkat
ceuk sanggem saur
imah rorompok bumi
bawa bantun candak
saré mondok kulem
ngaran wasta/nami jenengan
Kekecapan undak-usuk basa nu patali jeung pancakaki (Silsilah kulawarga)

Loma Lemes   Loma Lemes

anak kuring pun anak anak anjeun tuang putra

indung kuring pun biang indung anjeun tuang ibu

bapa kuring pun bapa bapa anjeun tuang rama

lanceuk kuring pun lanceuk lanceuk anjeun tuang raka

adi kuring pun adi adi anjeun tuang rai

emang kuring pun paman emang anjeun tuang paman


bibi kuring pun bibi   bibi anjeun tuang ibi

alo Kuring pun alo alo anjeun Tuang alo

nini kuring pun nini nini anjeun tuang nini

aki kuring pun aki aki anjeun tuang aki

incu kuring pun incu incu anjeun tuang putu


Paguneman dina Karya Sastra
Paguneman dina karya sastra.Aya dina prosa, puisi, geus jeung dina drama. Drama
diwangun ku dialog-dialog (paguneman)

Anda mungkin juga menyukai