Anda di halaman 1dari 3

SOAL PENILAIAN TENGAH SEMESTER GANJIL

BAHASA SUNDA
KELAS 8
TAHUN PELAJARAN 2022/2023
I. PILIHAN GANDA
1.
Bagean rumpaka (lirik) tina kawih anu judulna Mojang Priangan nyaeta ….
KUNCI : B
A. Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung pertentang taya bandinganana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna
B. Diraksukan kabaya
nambihan cahayana
dangdosan sederhana
Mojang Priangan
C. Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang
panon poe, panon poe disasate
unggal bulan, unggal bulan abdi teang
unggal poe, unggal poe oge hade
D. Getih suci nyiram bumi
tulang setra mulang lemah
babakti sungkem pertiwi
cikal bugang putra bangsa
2.
Kecap lenjang dina basa Indonesia hartina …
KUNCI : C
A. anggun
B. berlenggang
C. centil
D. semampai
3.
Kawih Mojang Priangan nyaritakeun ngeunaan …
KUNCI : A
A. mojang Priangan anu geulis jeung sae atikan
B. mojang Priangan anu mulang ti medan perang
C. mojang Priangan anu karesepna jalan-jalan
D. mojang Priangan anu gede ambek
4.
Purwakanti dina unggal padalisan (baris) tina sempalan (penggalan) kawih Mojang Priangan:
Angkat ngagandeuang
bangun taya kariungrang
nganggo sinjang dilamban
Mojang Priangan
nyaeta…
KUNCI : C
A. o – u – a – a
B. u – i – a – a
C. a – a – a – a
D. o – o – o – o
5.
Kawih, kakawihan, jeung tembang teh umumna ditulis dina wangun sastra ...
KUNCI : D
A. drama
B. prosa
C. prosa liris
D. puisi
6.
Gagasan poko anu rek ditepikeun ku nu ngarang rumpaka kawih ka nu maca nyaeta …
KUNCI : B
A. purwakanti
B. tema
C. nada
D. amanat
7.
Padeukeutna sora-sora dina unggal padalisan rumpaka kawih nyaeta ...
KUNCI : A
A. purwakanti
B. purwadaksi
C. suasana
D. nada
8.
Kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa kawih barudak, lantaran.…
KUNCI : C
A. dikawihkeun ku barudak sakola
B. eusi rumpaka kawihna ngeunaan barudak
C. dikawihkeunana dina kaulinan barudak
D. wajib dihaleuangkeun ku barudak sakola
9.
Wacana
Niagara di Bekasi

Bekasi, Tribunnews.com (8/8/2015)


Sawatara waktu ka tukang, Kota Bekasi kungsi rame dina medsos alatan kaayaanana anu teu weleh macet,
hawana panas, katambah deuih mahabu ku polusi. Tapi ke heula, teu sagemblengna bener eta pamanggih teh.
Lantaran di Kota Bekasi oge singhoreng aya peperenian alam anu endah. Ngaranna Curug Parigi. Perenahna teu
pati jauh ti tenpat pamiceunan runtah di Bantargebang.
Unggal minggu ge teu weleh pada ngadeugdeug. Ku nu sok arulin ka dinya mah ditelahna Curug Niagara.
Dumeh wangunna rada ngaharib-harib Curug Niagara di Amerika Serikat. Ngan pedah ieu mah leutik camperenik.
Atuh jangkungna curug oge henteu leuwih ti lima meter.
Saenyana Curug Parigi teh geus popular ti taun 2000-an keneh. Sahenteuna pikeun anu maratuh di
sabudeureun Bekasi. Ngan ku lanataran perenahna rada nyumput, antukna rea anu teu apal lamun di dinya teh aya
curug anu bisa dipake tempat ulin. Mana komo akses jalan ka dinya teh walurat keneh. Supama urang haying ulin
ka Curug Parigi kudu mapay-mapay heula Jalan Raya Narogong. Ti dinya tuluy asup ka Gang jalan Pangkalan 5.
Bras wae ka jalan anu geus dicor, kurang leuwih 2 kilometer.
…………………………………………………………………………………….
Dicutat tur diropea deui tina situs Tribunews.com
Curug Parigi anu aya di bekasi ditelahna Curug Niagara ku sabab ...
KUNCI : D
A. Curugna leutik camperenik
B. Jangkungna curug teu leuwih ti lima meter
C. Perenahna teu pati jauh jeung tempat pamiceunan runtah Bantargebang
D. Wangunna rada ngaharib-harib Curug Niagara di Amerika Serikat
10.

Wacana
Niagara di Bekasi

Bekasi, Tribunnews.com (8/8/2015)


Sawatara waktu ka tukang, Kota Bekasi kungsi rame dina medsos alatan kaayaanana anu teu weleh macet,
hawana panas, katambah deuih mahabu ku polusi. Tapi ke heula, teu sagemblengna bener eta pamanggih teh.
Lantaran di Kota Bekasi oge singhoreng aya peperenian alam anu endah. Ngaranna Curug Parigi. Perenahna teu
pati jauh ti tenpat pamiceunan runtah di Bantargebang.
Unggal minggu ge teu weleh pada ngadeugdeug. Ku nu sok arulin ka dinya mah ditelahna Curug Niagara.
Dumeh wangunna rada ngaharib-harib Curug Niagara di Amerika Serikat. Ngan pedah ieu mah leutik camperenik.
Atuh jangkungna curug oge henteu leuwih ti lima meter.
Saenyana Curug Parigi teh geus popular ti taun 2000-an keneh. Sahenteuna pikeun anu maratuh di
sabudeureun Bekasi. Ngan ku lanataran perenahna rada nyumput, antukna rea anu teu apal lamun di dinya teh aya
curug anu bisa dipake tempat ulin. Mana komo akses jalan ka dinya teh walurat keneh. Supama urang haying ulin
ka Curug Parigi kudu mapay-mapay heula Jalan Raya Narogong. Ti dinya tuluy asup ka Gang jalan Pangkalan 5.
Bras wae ka jalan anu geus dicor, kurang leuwih 2 kilometer.
…………………………………………………………………………………….
Dicutat tur diropea deui tina situs Tribunews.com

Wacana di luhur kaasup kana …


KUNCI : B
A. warta
B. wawaran
C. iklan
D. informasi
11.
Nu dimaksud kalimah wawaran nyaeta ...
KUNCI : A
A. informasi nu mikabutuh respon
B. kalimah anu eusina mere nyaho atawa bere beja
C. kalimah anu merlukeun jawaban
D. warta anu dibewarakeun ku wartawan
12.
Nepikeun informasi sacara teu langsung bisa ngaliwatan media elektronik, iwal .....
KUNCI : D
A. TV
B. radio
C. internet
D. hotspot
13.
Dina tradisi urang Sunda, nepikeun informasi teh sok disebut oge ...
KUNCI : C
A. ngagalantangkeun
B. monolog
C. ngabejaan
D. ngaragakeun
14.
Nepikeun informasi hadena mah kudu, iwal ...
KUNCI : D
A. make basa Sunda anu merenah tur sopan
B. sikep anu hade
C. sorana ngoncrang tur eces
D. make pakean weuteuh
15.
Ieu di handap media citak basa Sunda nu sok ngamuat informasi penting, iwal...
KUNCI : D
A. Mangle
B. Cupumanik
C. Galura
D. Galamedia

II. URAIAN
16.
Nepikeun informasi ka batur teh gede pisan mangpaatna, lamun ...

17.
Dina warta aya unsur – unsur anu disebut ...
18.
Eusi warta teh kudu netral,maksudna ....
19.
Ari anu disebut kecap rajekan trilingga nya eta….. contona…

20.
Umat – imut lucu
Sura – seri nyari
Larak – lirik narik
Eta ungkara teh disebut kecap rajekan ...
III. ESSAY
21.
Terangkeun nu dimaksud kecap rajekan! Bere contona!
22.
Terangkeun nu dimaksud kalimah barang! Bere 2 contona!
23.
Terangkeun nu dimaksud kalimah barang! Bere 2 contona!
24.
Naon nu dimaksud rumpaka kawih?
25.
Terangkeun bedana kawih jeung kakawihan!

Anda mungkin juga menyukai