GUGURITAN
Jawab ieu soal di handap!
1. Guguritan teh nyaeta ....
A. karangan anu eusina ngabahas hiji perkara nepi ka bubuk keutikna
B. beja ngeunaan hiji kajadian anu ditepikeun ngaliwatan media massa, boh media
cetak atawa media elektronik
C. karangan anu ditulis dina wangun pupuh
D. puisi anu sok dilagukeun
2. Pupuh teh jumlahna aya ....
A. 17
B. 18
C. 19
D. 20
3. Pupuh Sinom kaasup pupuh ....
A. Sekar ageung
B. Sekar alit
C. Sekar pupuh
D. Sekar lagu
4. Pupuh magatru kaasup pupuh ....
A. Sekar ageung
B. Sekar alit
C. Sekar pupuh
D. Sekar lagu
5. Aya monyet tingguntayang dina tangkal
Nerekel
Jalu bikang jeung anakna sukan-sukan
Rarecet
Tingcalekroh-tingcalekroh ngakanan manggu nu asak
Teu repeh
Eta pupuh di luhur teh disebut ....
A. balakbak
B. magatru
C. kinanti
D. asmarandana
6. Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Ngalayang kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bubuahan
Naon bae nu kapanggih
Eta pupuh di luhur teh disebut ....
A. Balakbak
B. Magatru
C. Kinanti
D. asmarandana
7. Harti denotatif nyaeta ....
A. Harti saenyana
B. Harti teu saenyana
C. Kalimat saenyana
D. Kalimat teu saenyana
8. Harti konotatif nyaeta ....
A. Harti saenyana
B. Harti teu saenyana
C. Kalimat saenyana
D. Kalimat teu saenyana
9. Conto harti denotatif aya dina kalimah ....
A. Ieu cau teh hejo keneh
B. Ningali duit mah panonna mani hejo
C. Bapana bageur
D. Imahna aya dua
10. Conto harti konotatif aya dina kalimah ....
A. Ieu cau teh hejo keneh
B. Ningali duit mah panonna mani hejo
C. Bapana bageur
D. Imahna aya dua