Anda di halaman 1dari 3

Pupuh 

Kinanti
 
Pakarangan liuh linduk    
héjo resik sarta asri
genah betah nu nyicingan
tiis tingtrim kana pikir
hawa seger matak séhat 
tur bersih tina kasakit
 
 
Ulah mumul ulah kedul,
melak tangkal masing rajin,
petétan getén diriksa,
kana binih masing asih,
mun turundul nya céboran,
ngarah tuluy héjo deui

Kudu nyaah kana sirung,
Pek pelakkeun sina jadi
Jadi tangkal nu ngiuhan,
Jadi tempat nyimpen cai,
Lamun tangkal dituaran,
Tangtu urang bakal rugi.
 
 
Lamun tatangkalan tumpur,
Taya nyimpenan cai,
Anu susah balarea,
Anak incu bakal nagih,
Matak yu urang pelakan,
Sangkan alam subur pasti.

1. Jumlah pada (bait) nurutkeun pupuh di luhur aya…


a. 1
b. 2
c. 3
d. 4

2. Guru lagu jeung guru wilangan nurutkeun pupuh diluhur nyaeta…


a. 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i
b. 8i, 8a, 8i, 8a, 8a, 8u
c. 8u, 8u, 8i, 8i, 8u, 8a
d. 8u, 8i, 8i, 8a, 8i, 8a

3. Guru lagu nyaeta…


a. jajaran dina unggal pada
b. karakter pupuh
c. sora tungtung unggal padalisan (a,I,u,e,eu,o)
d. jumlah engang (suku kata) dina unggal padalisan

4. Guru wilangan nyaeta…


a. jajaran dina unggal pada
b. karakter pupuh
c. sora tungtung unggal padalisan (a,I,u,e,eu,o)
d. jumlah engang (suku kata) dina unggal padalisan

5. Pupuh diluhur nyaeta pupuh…


a. kinanti
b. balakbak
c. maskumambang
d. pungkur

6. Lamun loba tatangkalan, hawa di sabundereun urang bakal karasa…


a. seger jeung asri
b. panas
c. teu asri
d. teu resik
7. Ku lantaran tara di cebor, tangkal kembang teh mani…
a. asri
b. resik
c. turundul
d. subur

8. Jang Ardi melakkeun…… tangkal rambutan di kebon.


a. liuh
b. linduk
c. asri
d. petetan

9. Pakarangan bumi Pa Guru mah mani…. iuh bari teu barala ku runtah.
a. resik
b. liuh
c. linduk
d. subur

10. Conto sasatoan anu diarah endogna nyaeta…


11. Conto sasatoan anu aya dina cai nyaeta…
12. Conto sasatoan anu galede nyaeta…
13. Conto sasatoan anu aya di leuweung nyaeta…
14. Ngalarapkeun kecap pangantet
a. bawa + di =
b. ajar + di =
c. di + imah =
d. di + ditu =
e. bungkus + di =
f. di + lapang =

Anda mungkin juga menyukai