Anda di halaman 1dari 2

SOAL UTS KELAS XI BAHASA SUNDA

Jawab pertanyaan PG dibawah ini menggunakan tanda (X)

Wacana Kawih
Rampak Gawé
Hayu urang pada karumpul, batur
Beberesih sakola urang
Digawé rampak babarengan, dulur
Tempat urang beresih tur séhat
Digawé ulah rék talangké, batur
Anggur digawé sing rancagé
Gotong royong tur sauyunan, dulur
Rampak gawé, hasilna mucekil
Reff : Sakola jadi beresih
Diajar matak betah
Sakola resik tur asri
Diajar héy tur tumaninah

1. Sabaraha pada kawih di luhur?


a. 5 pada b. 4 pada c. 3 pada d. 2 pada

2. Saha nu kudu miara kabersihan di sakola téh?


a. guru-guru c. sakabéh warga sakola
b. penjaga sakola d. Masyarakat

3. lalaguan sunda anu diiringi kualat musik tradisional atanapi modern di sebut ..
a. Kawih b. Puisi c. Sajak d. Dongeng

4. Kudu kumaha sangkan dina miara sakola teu karasa beurat?


a. Masing-masing kudu beberesih
b. Saréréa kudu daék nitah beberesih
c. Guru kudu sering nitah beberesih ka siswa
d. Sakabéh warga sakola kudu rancagé tur gotong royong beberesih

5. Lamun urang daék beberesih tangtu lingkungan sakola urang bakal saperti di handap,
iwal...
a. Lingkungan bakal resik d. lingkungan sakola kotor tur
b. Sakola bakal pikabetaheun pikarujiteun
c. Lingkungan sakola jadi séhat
6. Maksud tina pada kadua dina kawih di luhur nyaéta....
a. Kudu daék beberesih d. pagawéan mucekil kucara
gotong royong
b. Mun hayang maju kudu digawé
c. Sakola bakal resik mun siswana beberesih
7. Ieu dihandap kawih anu sok dihariringkeun ku barudak bari arulin, nyaéta....
a. kalangkang d. ayang-ayang gung
b. éslilin
c. colénak
8. Harti husus tina ngala kembang nyaeta....
a. ngundeur c. mupu e. gacong
b. mipit d. metik
9. Kecap “paranje” hartina....
a. kandang munding c. kandang kayam
b. kandang kuda d. kandang manuk
10. Kandang japati sok disebut....
a. paranje c. karapyak
b. gedogan d. pagupon
11. Pupujian sok disebut oge.........
a. Sajak b. Pupuh c. Dongeng d. Nadom

12. Carita rakyat sok disebut oge........


a. Sajak b. Folkore c. Folkwaye d. Fantasi

13. Suasana teh mangrupa.......


a. Pangalaman b. Kaayaan atawa situasi c. Cara maca d. Sora-sora nu sarua

14. Sajak " Aki jeung Balon " teh karya ...........
a. Ami Raksanagara b. Ajip Rosidi c. Gadi Suwarna d. Toni Lesmana

15. Timana asalna dongeng " Nyi Rambut Asih " teh..........
a. Majalengka b. Garut c. Depok d. Tasikmalaya

16. Naon wae kecap pananya dina basa sunda teh..................


a. Naon, saha, mana b. Iraha, kunaon, naha c. Kumaha, sabaraha d. Kabehanana bener

17. Naon ari hartina pupujian teh.......


a. Pupujian anu dilagukeun b. Puisi buhun nu eusina nyaoko kana ajaran agama islam
c. Puisi basa sunda d. Carita basa sunda

18. Dongeng teh carita rekaan (fiksi) anu ngandung hal-hal.........


a. Kabeneran b. Kagorengan c. Pamohalan d. Alus

19. Sangkan ngalancarkeun dina nuliskeunana, alusna mah nyieun heula.......


a. Rangkay karanganana b. Pamaenna c. Jejerna d. Watekna

20. Ari dina jenisna (genrena) mah, sajak sarua jeung naon......
a. Pupuh, pupujian, dongeng b. Pupujian, dongeng, mantra
c. Pupuh, mantra d. Pupuh, pupujian, mantra

Soal Essai
1. Naon hartina kawih ..?
2. Jieun contoh kawih nu hidep apal..
3. Naon hartina Sajak?
4. Jjieun contoh sajak nu ngandung harti mijalma/personafikasi..!
5. Aya sabaraha Ajen Estetika dina sajak?, Sebutkeun!...

Anda mungkin juga menyukai