Anda di halaman 1dari 7

LATIHAN SOAL SUNDA KELAS XI MIPA/IPS

1. Kagiatan nyarita di hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi
anu sipatna monologis penting disebut…..
a. Ceramah d. Kampanye
b. Khutbah e. Sawala
c. Biantara
2. Sistematika panulisan teks biantara nyaeta….
a. Bubuka, salam, eusi, panutup d. Bubuka, eusi, panutup
b. Salam, nganuhunkeun, do’a e. Eusi, panutup, do’a
c. Salam, panutup
Puji miwah syukur sumangga urang sanggakeun ka Gusti Alloh anu parantos
ngalimpahkeun nikmatna ka urang sadaya.
3. Ungkara kalimah diluhur kaasup kana bagean Biantara nyaeta…
a. Salam bubuka d. Salam panutup
b. Bubuka biantara e. Eusi Biantara
c. Panutup

4. “Rupina sakitu wae anu tiasa ka sanggakeun. Hapunteun (mohon maaf) boh bilih
mah seueur kekecapan anu teu merenah,eta mah sadayana tina kakaliruan sareng
kabodoan simkuring”.

Ungkara kalimah diluhur kaasup kana bagean Biantara nyaeta…


a.Salam bubuka d. Salam panutup
b. Bubuka biantara e. Eusi Biantara
c. Panutup

5. Nu disebut biantara Impromptu nyaeta..


a. Biantara ngadadak
b. Biantara kucara maca naskah
c. Biantara kucara ditalar
d. Biantara diapalkeun
e. Biantara kucara nyiapkeun catetan penting

6. Metode biantara ku cara nyieun catetan ringkes hal anu pentingna wungkul, disebut..
a. Memoriter d. Impromptu
b. Manuskrip e. Temporatif
c. Ektemporant

7. 1. Ngucapkeun salam
2. Nepikeun kacindekan jeung panutup
3. Mukaddimah
4. Medar eusi biantara
5. Ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping
Anu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta….
a. 1-2-3 d. 3-4-5
b. 1-3-5 e. 1-4-5
c. 2-3-4

8. Gaya / Lagam biantara saperti gambar diluhur nu eusina nepikeun visi misi dina
kampanye OSIS disebut ….
a. Lagam Didaktik d. Lagam Agiator
b. Lagam Sentimentil e. Lagam Konversi
c. Lagam Religius

9. Gambar diluhur nyaeta conto lagam biantara anu sering digunakeun dina pertemuan-
pertemuan atawa rapat-rapat anu sipatna terbatas. Lagam ieu sarua / sama jeung
jalma anu keur nyarita / berbicara biasa jeung sering pisan dilakukeun dina
pertemuan-pertemuan anu serius, nyaeta ……
a.Lagam Didaktik d. Lagam Agiator
b.Lagam Sentimentil e. Lagam Konversi
c.Lagam Religius
10.
Lagam biantara diluhur kaasup kana lagam…
a.Lagam Didaktik d. Lagam Agiator
b.Lagam Sentimentil e. Lagam Konversi
c.Lagam Religius

11. Saha tokoh Orator Indonesia dina gambar diluhur?


a.Ir.Soekarno d. Bung Tomo
b. Mohamad Toha e. Otto Iskandardinata
c. Buya Hamka
12. Kembang culan kembang tanjung
Kembang saga jeung domdoman
Lamunu rang hayang nanjung
Ulah sagala bosenan
Karya sastra diluhur anu lobana opat padalisan (baris), diwangun ku cangkang jeung
eusi disebut…..
a. Rarakitan d. Wawangsalan
b. Sisindiran e. Tatarucingan
c. Paparikan
Ka toko rek meuli kaset
Hanjakal meunang piriwit
Ka toko jeung nu kasep
Hanjakal teu boga duit
13.Sisindiran di luhur mangrupakeun conto sisindiran…
a. Rarakitan d. Wawangsalan
b. Sisindiran e. Tatarucingan
c. Paparikan

Tibatan mamawa pedang


Mendingge mawa ragaji
Tibatan ulin begadang
Meni ka diajar ngaji

14. Sisindiran di luhur kaasup sisindiran……


a. Rarakitan d. Guguritan
b. Paparikan e. Ugeran
c. Wawangsalan

15. Ditilik tina eusina, wangun sisindiran diluhur ( soal no 13 ) miboga sipat…
a. Silih asih d. Jenaka
b. Sesebred/ guyon e. Tatarucingan
c. Papatah/ nasehat

Beusi bodas cingcin perak


Cumah bae dipicinta. (……….)
16. Wangsal nu merenah tina wawangsalan di luhur, nyaeta…
a. Tambaga d. Perak
b. Kuningan e. Emas
c. Timah

17. Monyét hideung sisi leuweung.


Susah nu taya tungtungna.( ……..)
Wangsal nu merenah tina wawangsalan di luhur, nyaeta…
a. Tutung d. Monyet
b. Lutung e. Maung
c. Ucing
Alun-alun paleuweungan.
gagal temen mun teu jadi. ...

18. Wangsal nu merenah tina wawangsalan di luhur, nyaeta…


a. Tegal
b. Gagal
c. Alun-alun
d. Ginjal
e. Gala
19. Abdi mah caruluk Arab.
Henteu tarima téh teuing
20. Wangsal nu merenah tina wawangsalan di luhur, nyaeta…
a. Kurma
b. Rema
c. Anggur
d. Huma
e. unta

21. Samemeh ngalaksanakeun tugas jadi panumbu catur, aya sawatara hal anu perlu
dilakonan diantarana nyaeta, iwal...
a. Nyiapkeun papakean anu kaleuleuwihi sangkan katempo "wah" ku pamilon
b. Mikanyaho riwayat hirup jeung kalungguhan/pagawean narasumber
c. Ngawasa masalah anu luyu jeung tema kagiatan (maca makalah narasumber)
d. Mikanyaho runtuyan acara, lilana waktu anu disadiakeun pikeun narasumber, tanya-
jawab, istirahat, jeung bisa ngatur suasana diskusi
e. Bisa jadi panengah lamun terjadi konflik

22. Anu kudu dilakonan ku panumbu catur dina lumangsungna kagiatan diskusi, nyaeta,
iwal.....
a. Datang leuwih tiheula tibatan pamilon
b. Nyindekeun hasil diskusi
c. Mariksa sagala rupa hal anu ngadukung lumangsungna diskusi
d. Maca novel heula sangkan teu gugup
e. Jadi panengah nalika konflik
23. "kumaha saderek panaros. Eta waleran / jawaban anu dipimaksad ku saderek teh cekap
teu acan? Saupami masih keneh panasaran.... Mangga ka pamilon sanesna bilih aya anu
bade mairan atanapi nambihan, dihaturanan? " eta teh mangrupa sturktur panumbu catur
bagean naon?
a. Negeskeun deui anu ditanyakeun ka pangjejer
b. Negaskeun jeung ngomentaran eusi sawala
c. Konfirmasi ka pananya
d. Ngawilujengkeun ka pangjejer
e. Bubuka

24. Panumbu catur dina debat teh jalama anu boga wewenang pikeun…
a. Mihak ka salahsahiji kelompok peserta debat
b. Milih alus henteuna kelompok nu debat
c. Meunteun (menilai) kelompok anu alus dina debat
d. Ngatur lumangsungna debat ti mimiti teupika rengse
e. Nulis kacindekan tina debat
25.“Sakitu panginten sawala anu parantos kapihatur. Haturnuhun ka kersana Bapa H. Usep
Romli anu parantos kersa janten pangjejer dina ieu sawala,nyakitu deui simkuring
ngahaturkeun nuhun kasadaya pihak anu tos ngadukung kana acara sawala ieu”.
Ungkara diluhur diteupikeun ku panumbu catur dina nalika…
a. Ngawanohkeun MC D. Narik kacindeukan sawala
b. Ngahaturkeun pangjejer medar materi e. Nutup sawala
c. Ngawanohkeun pangjejer
26.Nu teu kaasup struktur teks panumbu catur nyaeta…
a. Ngabahas atawa nepikeun materi d. Mere kacindekan hasil sawala
b. Muka sawala e. Nutup sawala
c. Ngawanohkeun pangjejer

27. Karya sastra fiksi/ rekaan anu dihasilkeun tina hayalan pangarang anu saperti bener
enya kajadian tur caritana pondok disebut…
a. Dongeng d. Sasakala
b. Carpon e. Mitos
c. Babad
28. 1..sifat caritana naratif jeung fiktif 5. Sumebar ku lisan
2. biasana nyaritakeun kajadian kompléks 6. Anonim
3. Palakuna rea/ loba 7. Ukurana 4 nepi 5 kaca
4. wangun karangan pondok 8. Gaya basa

Di luhur nu lain ciri-ciri carpon ditunjukeun ku nomer….


a. 3-4-5-7 d. 1-3-4-6
b. 1-2-3-4 e. 2-5-7-8
c. 2-3-5-6
29 .Baca sempalan carita pondok dihandap ieu!
Ti barang kuring di hirupkeun dina rahim indung, ti harita saenyana kuring
sawadina jadi mahlukNa anu kudu sukur ni’mat. Kuring yakin rajaning yakin,
indung kacida bagjana nalika kuring aya dina rahimna. Komo sanggeus kuring gelar
ka dunya. Tangtu kuring dirawu, dipangku, dinangna-néngné.
Kiwari ( saat ini ) mangsa kuring geus sawawa ( berhasil )… geus bisa hirup jeung
néangan hurip sorangan, kuring yakin, kabagjaan indung pari purna ku éta hal. Najan
teu di tembrakkeun ka kuring, ka jalma-jalma… Kuring yakin, indung teu weléh agul-
agulan ka dirina: “Anaking kiwari geus jadi “jalma”… !!”.

Kecap”Kuring” dina sempalan carita pondok diluhur nunjukeun puseur sawangan/


sudut pandang jalma ka…
a. Hiji d. Watek
b. Dua e. Tilu
c. Opat
30. Dumasar eusi carita pondok diluhur, saha nu dicaritakeun ku pangarang teh….
a. Jasa Indung
b. Mangsa dina rahim
c. Kuring
d. Indung
e. Jalma
31. Kira-kira amanat naon nu rek ditepikeun ku pangarang tina carita pondok diluhur?
a. Mangsa urang dihirupkeun dina rahim
b. Kanyaah indung
c. Kanyaah jeung kabagjaan indung lantaran anakna geus jadi “jalma”
d. Anak kudu bisa mulang tarima ka indung
e. Anakna geus jadi jalma
32. Galur atawa jalan carita dina carita pondok diluhur nyaeta….
a. Mundur d. Tema
b. Bobok tengah/ campuran e. Maju
c. Manggalasastra
33. Sanajan carpon teh carita hayalan tapi ditiap caritana pangarang hayang ngabagi nilai
positipna pikeun anu maca.
Ungkara di luhur mangrupakeun unsur carpon…
a.Amanat d. Tema
b.Galur e. Latar
c. Puseur sawangan
34.. Léngkah anu teu kudu dilakukeun dina ngarang carpon, nyaéta…
a. Nangtukeun téma kudu pikaresepeun nu maca, masalah anu sok kapanggih dina
kahirupan sapopoé, aktual témana.
b. Nangtukeun palaku katut karakterna/pasipatanana , nangtukeun latar atawa sétting (di
mana jeung iraha)
c. nangtukeun wirahma jeung nada
d. Nangtukeun tujuan, masalah naon nu hayang ditepikeun
e. Nangtukeun galur/plot, nangtukeun puseur implengan/sawangan, jeung gajudulan
carpon
35.

Anda mungkin juga menyukai