Anda di halaman 1dari 3

NASKAH SOAL PTS TAHUN PELAJARAN 2019-2020

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas / Semester : XII / I

A. Pilihlah jawaban yang dianggap paling tepat !


1. Tita :” Dungakeun nya , pageto Tita deuk milu audisi KDI tea”
Struktur kalimah diluhur kaasup kana ...
a. Kalimah langsung d. Kalimah intransitif
b. Kalimah teu langsung e. Kalimah majemuk
c. Kalimah transitif
2. Kecap pageto hartina ....
a. Dua poe kaliwat d. Dua poe saenggeus isuk
b. Minggu kamari e. Sapoe nu kaliwat
c. Sapoe saenggeus isuk
3. Istilah audisi hartina ....
a. Perlombaan
b. Seleksi ku cara ngadengekeun (sorana,ucapan)
c. Pertandingan olahraga
d. Seleksi ku cara ngadukeun kakuatan badan
e. Seleksi ku cara paheula-heula atawa balap dina hiji perlombaan
4. Kalimah dina no 1 di luhur,lamun dirobah jadi kalimah teu langsung nyaeta ....
a. Tita menta didungakeun rek nyaba ka Bandung
b. Tita menta dibekelan duit ka babaturanana pedah rek miluan audisi KDI
c. Tita nyarita, yen manehna menta di dungakeun rek miluan audisi KDI
d. KDI menta didungakeun ka Tita rek miluan audisi di Jakarta
e. Tita menta ka KDI supaya manehna didungakeun meunang dina audisi.
5. Dipintonkeun dina televisi atawa di regepkeun dina radio, disebut ....
a. Disiaran b. Silihsiaran . Disiarkeun d. Disair e. Dipangnyiarankeun
6. Obrolan dua jalma atawa leuwih disebutna paguneman atawa ....
a. wangkongan b. Diskusi c. Seminar d. Lokakarya e. Rapat
7. Hal-hal anu biasa dina wangkongan/paguneman nyaeta ditataan dihandap ieu, iwal ....
a. Ngobrol bebas d. Teu puguh jejer,sagala dicaritakeun
b. Biasana tara direncanakeun e. Dihijikeun kana hiji pasualan
c. Umumna jeung jalma nu dipikawanoh
8. Dihandap ieu paguneman resmi anu nyoko kana hiji masalah atawa pasualan,iwal ....
a. Diskusi b. Seminar c. Ngajar d. gunemcatur e. Lokakarya
9. Informasi ngeunaan sabudeureun dunya hiburan disebut ....
a. Infotainment b. Warta c. Beja d. Amanat e. Bewara
10. Presenter nyaeta ....
a. Panata acara dina rapat d. Panata acara dina salasahiji acara televisi
b. Panata acara dina hajatan e. Panata acara dina pasanggiri
c. Panata acara dina sawala
11. Lomba paalus-alus atawa pabisa-dina hiji kagiatan kasenian/olah raga, bisa disebut ...
a. Audisi b. Pasanggiri c. Pertandingan d. Perlombaan e. Seminat
12. Kalimah anu diucapkeun ku jalma kkahiji/ anu nyaritaka jalma kadua/ nu diajal nyarita disebut ....
a. Kalimah langsung d. Kalimah intransitif
b. Kalimah teu langsung e. Kalimah berita
c. Kalimah transitif
13. Ciri-ciri kalimah langsung ditataan di handap ieu, iwal ....
a. Aya diantara dua kekenteng ( “ ...........” )
b. Antara katerangan nu ngedalkeun jeung kalimah langsung dipisahkeun ku koma ( , )
c. Sanggeus kekenteng (tanda kutip) anu hareup, dina kalimah langsung dimimitian ku aksara gede
d. Kalimah langsung dipungkas ku tanda baca ( titik, koma, tanda tanya, panyeluk )
e. Dina kalimah teu make kekenteng/ tanda kutip
14. Cara nulis kalimah langsung anu bener tur merenah, nyaeta ....
a. Ceuk Tuti ka Wiwin , “ Win, iraha rek ka Bandung teh ? “
b. Ceuk Tuti, “ win, iraha Rek ka barandung teh ? “
c. Ceuk Tuti, “ win iraha rek ka bandung Teh ? “
d. Ceuk Tuti, “ bandung .iraha rek ka wiwin teh ? “
e. Tuti : “ win,iraha Rek Ka Bandung Teh ? “
15. Ragam basa anu dipake lamun urang ngawangkong jeung jalma saluhureun nyaeta ....
a. Basa sedeng b. Basa loma c. Basa kasar d. Basa lemes e. Basa budak
16. Kalimah anu kecap pagaweanana teu mibutuh objek lamun dilarapkeun dina kalimah disebut ....
a. Kalimah transitif d. Kalimah teu langsung
b. Kalimah intransitif e. Kalimah wawaran
c. Kalimah langsung
17. Nu teu kaasup kana kalimah intransitif,nyaeta ....
a. Kuring keur nulis d. Dilan keur ngadaharan seblak di dapur
b. Kang Mamat lumpat e. Ronaldo keur sare
c. Milea keur ngapalkeun
18. Kalimah transitif nyaeta kalimah anu kecap pagaweanana mikabutuh ........... upama dilarapkeun kana kalimah
a. Subjek / jejer b. Katerangan c. Caritaan d. Pangrandap/objek e. Maksud
19. Ngarobah kecap pagawean intransitif kana kecap pagawean transitif nyaeta ku cara ....
a. Make rarangken tukang -an, -keun + kecap pagawean + rarangken hareup -di, ka-
b. Rarangken hareup di-, pa, -ka, +kecap sipat + rarangken tukang – man/ -wan
c. Rarangken hareup sa- + kecap sipat
d. Rarangken hareup N-(nasal) + rarangken tukang –an atawa –keun
e. Rarangken tengah – ar/-al/-um/-in ditambah kecap pagawean
20. Anu salah dina ngarobah kecap pagawean kana kecap pagawean transitif, nyaeta ....
a. Tulis  nuliskeun d. Seuri  nyeungseurikeun
b. Lumpat  ngalumpatkeun e. Dahar  kadaharan
c. Diuk  ngadiukan
21. Ngaran situ di daerah Panjalu anu dipercaya yen caina asalna tina cai zamzam teh, nya eta ....
a. Situ Cangkuang c. Situ Sipatahunan
b. Situ Cileunca d. Situ Panjalu
c. Situ Bagendit
22. Kapercayaan di luhur teh asalna cenah yen baheula aya raja Panjalu nu kungsi nyaba ka Mekah papanggih jeung Bagenda Ali ,
jenengan eta raja teh nyaeta ....
a. Prabu Siliwangi d. Prabu Borosngora
b. Prabu Wastukancana e. Prabu Geusan Ulun
c. Prabu Kean Santang
23. Dongeng Situ Panjalu kaasup kana warna dongeng ....
a. Sage d. Sasakala
b. Parabel e. Fabel
c. Mite
24. Salian ti dongeng Situ Panjalu , aya sasakala sejen yen urang Panjalu teh katurunan sapasang maung lodaya, ngaranna ...
a. Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana
b. Siluman Lodaya Bodas
c. Rangga Malela
d. Prabu Siliwangi
e. Prabu Kean Santang
25. Hal – hal anu teu meunang dilanggar (pantrangan) pikeun urang Panjalu ditatan di handap ieu, iwal ...
a. Teu meunang ngadahar liwet ditodong tina kastrolna
b. Teu meunang nginum cai ditotor
c. Teu meunang ngadahar lauk tina bubu
d. Teu meunang ngadahar oyong
e. Teu meunang ngadahar fried chicken
26. Karangan panjang anu dianggit/dikarang make patokan pupuh sarta biasana dibukukeun, nyaeta ...
a. Dongeng d. Guguritan
b. Pupujian e. Wawacan
c. Novel
27. Dina kasusastraan Sunda, jumlah pupuh tea reana aya ....
a. 16 b. 17 c. 18 d. 19 e. 20
28. Anu henteu kaasup kana pupuh Sekar Ageung, nya eta ....
a. Kinanti d. Asmarandana
b. Maskumambang e. Dangdanggula
c. Sinom
29. Di handap judul – judul wawacan karangan para bujangga Sunda, iwal ...
a. Wawacan Purnama Alam d. Wawacan Nyi Roro Kidul
b. Wawacan Kean Santang e. Wawacan Rengganis
c. Wawacan Situ Panjalu
30. Istilah MC biasana dipake pikeun ....
a. Panata acara d. Panata calagara
b. Anu mingpin diskusi e. Anu mere ceramah dina pangajian
c. Anu mingpin barisan upacara
31. Istilah MC dina mingpin acara teh singgetan tina ....
a. Manager Ceremonial d. Master of Ceremony
b. Master of Communication e. Manager Communication
c. Manejmen Curhat
32. Kalimah anu salah anu mindeng diucapkeun ku MC nyaeta ...
a. Ka pupuhu panata calagara mangga dihaturanan ka payun.
b. Ka pangersa Bapa Kapala Sakola dihaturanan kanggo ngadugikeun amanatna.
c. Waktos sareng tempat dipersilahkeun..
d. Sumangga ieu acara urang kawitan ku ngaos Basmalah
e. Sadaya acara parantos rengse, urang pungkas bae ku ngaos hamdallah, alhamdulillahirobbil’alamin.
33. Anu teu kaasup kana unsur-unsur anu kudu dipalire lamun urang jadi panata acara/MC, nyaeta ....
a. Pinter ngareka basa d. Sorana teugeug jeung datar
b. Pangaweruh anun jembar e. Mibanda rasa humor
c. Sikep jeung tingkahlaku anu hade
34. Hasil kreatifitas akal, pikiran jeung elmu pangaweruh manusaanu dipake dina kahirupan sapopoe, disebut ....
a. Kasenian d. Kabudayaan
b. Kaparigelan e. Kasusastraan
c. Karma
35. Anu henteu kaasup kana kabudayaan, nyaeta ...
a. Bahasa jeung sastra d. Elmu pangaweruh
b. Tatakrama e. Agama jeung kapercayaan
c. Biantara/pidato

ESSAY
Jawab sing jelas !
1. Naon ari paguneman teh ?
2. Naon tujuannana pangna Tita make rek miluan audisi KDI teh ?
3. Naon hartina kecap audisi, pasanggiri, presenter, kontes jeung artis ?
4. Ari dongeng sasakala teh naon ?
5. Tuliskeun hal-hal anu pamohalan atawa mustahil kajadian dina dongeng sasakala Situ Panjalu jeung sasakala Maung Panjalu !

Cag , prak pigawe masing daria !

Anda mungkin juga menyukai