Anda di halaman 1dari 2

UJIAN TENGAH SEMESTER GENAP

TAHUN PELAJARAN 2018-2019


KURIKULUM KTSP 2006

Nama : ................................................. Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas : VII Hari/Tanggal : … Maret 2019

I. Pilih jawaban anu pang benerna kucara nyakra a, b, c atawa d dina lembar jawaban!
Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun solat
1. Tina sapada eta rumpaka pupujian diwangun ku....
a. Opat padalisan c. Dua padalisan
b. Tilu padalisan d. Sapadalisan
2. Eusi pupujian diluhur nerangkeun ngenaan.....
a. Jalma nu keur sakarat c. Jalma nu tara solat karasana keur sakarat
b. Jalma nu keur nandangan kanyeri d. Jalma nu nandangan siksa
3. Naon nu bakal kaalaman lamun urang tara ngalakukeun ibadah, tara solat?
a. Hirupna bakal senang c. Ngarasa senang waktu sakarat
b. Moal aya nu maturan d. Ngarasa nyeri pisan waktu sakarat
4. Hirup jeung sumebarna pupujian teh di....
a. Sakola umum c. Madrasah
b. Lingkungan pasantren d. Kantor-kantor
5. Pupujian nu kaasup sholawat eusina netelakeun ngenaan ....
a. Kaagungan Alloh c. Riwayat nabi Muhammad
b. Sejarah para Nabi d. Sejarah sahabat
6. Dumasar kana asal kecapna, nu disebut pupujian nyaeta....
a. Puji b. Pujian c. Pupujian d. Pupujieun
7. Barudak keur newak kukupu nu eunteup dina kekembangan. Mana nu kaasup kecap rajekan?
a. Barudak b. Kukupu c. Ngala d. Kekembangan
8. Tina kecap-kecap ieu di handap, mana nu kaasup kana kecap rajekan dwipurwa?
a. Cucunguk b. Boboko c. Dudupak d. Papatong
9. Pilih mana nu kaasup kecap rajekan dwimurni?
a. Tunggal-teunggeul c. Jujungkelan
b. Buku-buku d. Bubuahan
10. Nu teu kaasup kecap rajekan dwireka di handap, nyaeta....
a. Kuda-kuda b. Rurat-reret c. Untar-anter d. Tulas-tulis
11. Kecap beubeutian kaasup kecap rajekan.....
a. Dwipurwa b. Dwimadya c. Dwireka d. Dwimurni
12. Tangtukeun nu teu kaasup kana kecap rajekan trilingga!
a. Pak-pik-pek b. Clak-clik-cluk c. Cakah-cikih d. Dar-der-dor
Beja ti Papandayan I
Kuring talatah ka angin garing
Sugan tembus ka nu sidendang na korsi gading
Lamun ayeuna kuring rungsing
Ku sabab awak diranjah teuing
Kuring talatah ka walungan lahar
Susuganan numuwuhkeun rasa sadar
Mun cai geus nembongkeun rasa pengar
Eta hartina awak kuring teuing ku angar
Kuring talatah ka hujan lebu
Sugan ngalelemu nu luhung panemu
Sabab weteng kuring nu pinuh ku batu
Tong nepi ka ngabalukarkeun rewuan tatu
13. Saha nu dimaksud ku kecap kuring dina eta sajak?
a. Walungan b. Gunung c. Pejabat d. Elmuwan
14. Saha nu dimaksud nu sidendang na korsi gading teh?
a. Elmuwan b. Pejabat c. Gunung d. Walungan
15. Saha nu dimaksud nu luhung panemu?
a. Gunung b. Walungan c. Elmuwan d. Pejabat
16. Naon nu jadi sabab pangna pangarang nulis eta sajak?
a. Karunya ka walungan anu caina kotor
b. Karunya ka batu nu aya di jero gunung
c. Hayang nyaritakeun kaayaan alam nu endah
d. Gunung garundul lantaran kaina pada nuar
17. Gunung naon nu dimaksud ku pangarang eta sajak?
a. Tangkuban Parahu b. Papandayan c. Burangrang d. Ciremay

18. Di wewengkon mana ayana eta gunung teh?


a. Bandung b. Garut c. Sumedang d. Majalengka
19. Mana kalimah bilangan di handap ieu nu nuduhkeun jumlah?
a. Murid kelas tujuh kabehna tilu puluh tujuh urang
b. Dian budak kalima
c. Neng Tian rengking kahiji di kelasna
d. Ervan juara kahiji tina pasanggiri sajak tingkat kabupaten
20. Murid kelas tujuh salawasna sumanget. Kalimah di luhur kaasup kalimah....
a. Kalimah bilangan c. Kalimah transitif
b. Kalimah sifat d. Kalimah intransitif
21. Kamari Bapa Polisi newak jalma nu panjang leungeun. Kecap panjang leungeun dina kalimah diluhur
maksudna....
a. Sok cukat-cokot barang batur c. Budak anu tara daek dititah
b. Jalma babari ceurik d. Anu sok resep pundah-pindah
22. Piwuruk guru teh bakal nyaangan rasa. Kalimah di luhur ngandung harti....
a. Denotatif b. Konotatif c. Rekreatif d. Aktif
23. Kecap sugih hartina.....
a. Beunghar b. Malarat c. Usum hujan d. Usum halodo
24. Mana nu kaasup kana kalimah nu ngandung harti konotatif?
a. Cahaya bulan purnama nyaangan saalam dunya.
b. Kacamata pun Bapa ragrag ka handapeun meja.
c. Tong amis teuing atuh kopi teh
d. Mang Dudi kamari dijagragkeun ka meja hejo.
25. Dina elmu bahasa kecap/kalimah nu miboga harti sabenerna disebut harti....
a. Konotatif b. Denotatif c. Rekreatif d. Aktif

II. Essay

1. Tuliskeun kecap-kecap nu murwakanti atawa ngawirahma dina pada ka hiji dina sajak “Beja ti Papandayan I” di
luhur!
2. Jieun 1 conto kalimah bilangan!
3. Tulis kalimah konotatif jeung denotatif tina kecap “meja hejo”!
4. Robah kecap-kecap ieu dihandap jadi kecap rajekan :
a. Dwipurwa : - Tunjuk robah jadi : ..........................
b. Dwireka : - Cokot robah jadi : ..........................
c. Dwimurni : - Guru robah jadi : ..........................
d. Dwimadya : - Sapoe robah jadi : ..........................
e. Trilingga : - Dor robah jadi : ..........................
5. Jieun kalimah tina kecap dag dig dug!

Konci Jawaban Essay


1. Garing, gading, rungsing jeung teuing
2. Gumantung siswa
3. Gumantung siswa
4. a. Tutunjuk
b. Cukat-cokot
c. Guru-guru
d. Sapopoe
e. Dar-der-dor
5. Gumantung siswa

Anda mungkin juga menyukai