Anda di halaman 1dari 5

SOAL PREDIKSI

UJIAN SEKOLAH BERSTANDAR NASIONAL


TAHUN PELAJARAN 2017/2018
LEMBAR SOAL

Mata Ujian : Bahasa Sunda


Kode Soal : K-06 / P-1
Satuan Pendidikan : SMP/MTs
Hari/Tanggal : Selasa, 27 Maret 2018
Waktu : 07.30 – 09.30 (120 menit)

PETUNJUK UMUM

1. Mulailah dengan membaca bacaan basmalah.


2. Isikan identitas Anda pada Lembar Jawaban Ujian Sekolah Berstandar Nasional (LJUSBN) Bahasa
Dan Sastra Sunda yang tersedia dengan menggunakan pensil 2B.
3. Hitamkan bulatan di depan nama mata ujian pada LJUSBN.
4. Jagalah LJUSBN agar tidak rusak, sobek ataupun terlipat.
5. Jumlah soal sebanyak 40 butir pilihan ganda dengan 4 (empat) pilihan jawaban dan 5 butir
soal uraian.
6. Periksa dan bacalah setiap butir soal sebelum Anda menjawabnya.
7. Laporkan kepada pengawas ujian apabila terdapat lembar soal yang kurang jelas, rusak atau
tidak lengkap.
8. Periksa kembali pekerjaan Anda sebelum diserahkan kepada pengawas ujian.
9. Lembar soal tidak boleh dicoret-coret.
10. Apabila ada jawaban yang dianggap salah maka hapuslah jawaban yang salah tersebut
sampai bersih, kemudian hitamkanlah kotak pada huruf jawaban lain yang Anda anggap
benar.
Contoh : A B C D E

a. sebelum menjawab

b. sesudah menjawab

c. sesudah diperbaiki

11. Untuk soal uraian, tulislah jawaban pada lembar yang tersedia.
12. Setiap bentuk kecurangan adalah pelanggaran dan dicatat sebagai dosa yang akan dibawa sampai
akhirat.

Hak cipta https://www.carasunda.com/


Soal Prediksi USBN Bahasa Sunda SMP
SOAL PILIHAN JAMAK

Karasana keur sakarat


Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun solat

1. Tina sapada eta rumpaka pupujian diwangun ku....


a. Opat padalisan c. Dua padalisan
b. Tilu padalisan d. Sapadalisan
2. Eusi pupujian diluhur nerangkeun ngenaan.....
a. Jalma nu keur sakarat c. Jalma nu tara solat karasana keur sakarat
b. Jalma nu keur nandangan kanyeri d. Jalma nu nandangan siksa
3. Naon nu bakal kaalaman lamun urang tara ngalakukeun ibadah, tara solat?
a. Hirupna bakal senang c. Ngarasa senang waktu sakarat
b. Moal aya nu maturan d. Ngarasa nyeri pisan waktu sakarat
4. Hirup jeung sumebarna pupujian teh di....
a. Sakola umum c. Madrasah
b. Lingkungan pasantren d. Kantor-kantor
5. Pupujian nu kaasup sholawat eusina netelakeun ngenaan ....
a. Kaagungan Alloh c. Riwayat Nabi Muhammad
b. Sejarah para Nabi d. Sejarah sahabat
6. Dumasar kana asal kecapna, nu disebut pupujian nyaeta....
a. Puji b. Pujian c. Pupujian d. Pupujieun
7. Barudak keur newak kukupu nu eunteup dina kekembangan. Mana nu kaasup kecap rajekan?
a. Barudak b. Kukupu c. Ngala d. Kekembangan
8. Tina kecap-kecap ieu di handap, mana nu kaasup kana kecap rajekan dwipurwa?
a. Cucunguk b. Boboko c. Dudupak d. Papatong
9. Pilih mana nu kaasup kecap rajekan dwimurni?
a. Tunggal-teunggeul c. Jujungkelan
b. Buku-buku d. Bubuahan
10. Nu teu kaasup kecap rajekan dwireka di handap, nyaeta....
a. Kuda-kuda b. Rurat-reret c. Untar-anter d. Tulas-tulis
11. Kecap beubeutian kaasup kecap rajekan.....
a. Dwipurwa b. Dwimadya c. Dwireka d. Dwimurni
12. Tangtukeun nu teu kaasup kana kecap rajekan trilingga!
a. Pak-pik-pek b. Clak-clik-cluk c. Cakah-cikih d. Dar-der-dor

Beja ti Papandayan

Kuring talatah ka angin garing


Sugan tembus ka nu sidendang na korsi gading
Lamun ayeuna kuring rungsing
Ku sabab awak diranjah teuing
Kuring talatah ka walungan lahar
Susuganan numuwuhkeun rasa sadar
Mun cai geus nembongkeun rasa pengar
Eta hartina awak kuring teuing ku angar
Kuring talatah ka hujan lebu
Sugan ngalelemu nu luhung panemu
Sabab weteng kuring nu pinuh ku batu
Tong nepi ka ngabalukarkeun rewuan tatu
13. Saha nu dimaksud ku kecap kuring dina eta sajak?
a. Walungan b. Gunung c. Pejabat d. Elmuwan
14. Saha nu dimaksud nu sidendang na korsi gading teh?
a. Elmuwan b. Pejabat c. Gunung d. Walungan
15. Saha nu dimaksud nu luhung panemu?
a. Gunung b. Walungan c. Elmuwan d. Pejabat
16. Naon nu jadi sabab pangna pangarang nulis eta sajak?
Hak cipta https://www.carasunda.com/
Soal Prediksi USBN Bahasa Sunda SMP
a. Karunya ka walungan anu caina kotor
b. Karunya ka batu nu aya di jero gunung
c. Hayang nyaritakeun kaayaan alam nu endah
d. Gunung garundul lantaran kaina pada nuar
17. Gunung naon nu dimaksud ku pangarang eta sajak?
a. Tangkuban Parahu b. Papandayan c. Burangrang d. Ciremay
18. Di wewengkon mana ayana eta gunung teh?
a. Bandung b. Garut c. Sumedang d. Majalengka
19. Mana kalimah bilangan di handap ieu nu nuduhkeun jumlah?
a. Murid kelas tujuh kabehna tilu puluh tujuh urang
b. Dian budak kalima
c. Neng Tian rengking kahiji di kelasna
d. Ervan juara kahiji tina pasanggiri sajak tingkat kabupaten
20. Murid kelas tujuh salawasna sumanget. Kalimah di luhur kaasup kalimah....
a. Kalimah bilangan c. Kalimah transitif
b. Kalimah sifat d. Kalimah intransitif
21. Kamari Bapa Polisi newak jalma nu panjang leungeun. Kecap panjang leungeun dina kalimah
diluhur maksudna....
a. Sok cukat-cokot barang batur c. Budak anu tara daek dititah
b. Jalma babari ceurik d. Anu sok resep pundah-pindah
22. Piwuruk guru teh bakal nyaangan rasa. Kalimah di luhur ngandung harti....
a. Denotatif b. Konotatif c. Rekreatif d. Aktif
23. Kecap sugih hartina.....
a. Beunghar b. Malarat c. Usum hujan d. Usum halodo
24. Mana nu kaasup kana kalimah nu ngandung harti konotatif?
a. Cahaya bulan purnama nyaangan saalam dunya.
b. Kacamata pun Bapa ragrag ka handapeun meja.
c. Tonudg amis teuing atuh kopi teh
d. Mang Dudi kamari dijagragkeun ka meja hejo.
25. Dina elmu bahasa kecap/kalimah nu miboga harti sabenerna disebut harti....
a. Konotatif b. Denotatif c. Rekreatif d. Aktif

BABAD MAJALENGKA
Taun 2008 téh umur kota Majalengka nincak ka 528. Ditilik tina umurna bisa dicindekkeun yén
Majalengka téh lahir taun 1490 Maséhi.
Katangtuan milangkala Majalengka téh dumasar kana Perda No. 05/OP.013.1/PD/1982 tanggal 9
Juni 2005, pasal 1 ayat 1 anu unina : ”Hari jadi Majalengka jatuh pada tanggal 7 Juni 1490 Masehi
bertepatan dengan tanggal 10 Muharam”.
Tatapakan ditetepkeunana éta perda nyaéta dumasar kana babad ayana Karajaan Sindangkasih anu
diratuan ku Ratu Rambut Kasih.
Kecap Majalengka téh asalna tina dua kecap nyaéta maja jeung langka. Eta kecap asalna tina basa
Cirebon, maja, ngaran sarupaning buah nu bisa dipaké pikeun ngubaran kasakit muriang (malaria),
sedengkeun langka hartina euweuh. Lengkepna Babad Majalengka téh saperti pedaran ieu di handap.
Mangsa harita di wewengkon Majalengka ayeuna ngadeg tilu karajaan Hindu. Cakraningrat
ngaheuyeuk Karajaan Rajagaluh, Pucuk Umun di Talaga, jeung Nyi Rambut Kasih ratu di Sindangkasih.
Nyi Rambut Kasih kawentar ratu nu geulis kawanti-wanti, sakti, gedé wibawa jeung gedé komara,
sarta jadi panutan rahayatna.
Sabagian tina wewengkon Sindangkasih masih mangrupa leuweung geledegan. Di antara
tutuwuhanana aya nu disebut tangkal maja, anu hasiatna pikeun nyageurkeun kasakit malaria atawa
muriang.
Teu jauh ti Sindangkasih, di Cirebon aya pamaréntahan anu dipingpin ku ulama kamashur, Syéh
Sarif Hidayatulloh. Jaman harita, di Cirebon sumebar kasakit muriang. Loba pisan anu kaserang, malah
anu tepi ka hanteuna ogé réa deuih.
Hak cipta https://www.carasunda.com/
Soal Prediksi USBN Bahasa Sunda SMP
Syéh Sarif Hidayatulloh ngutus Pangéran Muhamad jeung Siti Armilah pikeun neangan buah maja.
Nya terus éta dua utusan téh arindit. Ngan baé lian ti rék néangan buah maja téh, Pangéran Muhamad
jeung Siti Armilah boga tujuan séjén, nyaéta rék nyebarkeun agama Islam.
Lantaran utusan ti Cirebon datangna ka Sindangkasih henteu permisi heula, Nyi Rambut Kasih
henteu sukaeun wewengkonna ditincak ku jalma lian. Nyi Rambut Kasih ngawatek kasakténna.
Leuweung nu asalna rembet ku tangkal maja dadaksakala leungit ilang tanpa karana. Atuh dua utusan
téh teu manggihan buah anu keur ditéanganana.
“Majané langka, majané langka!” ceuk eta utusan dina basa Cirebon, anu maksudna tangkal maja
téh euweuh. Nya nelah baé jadi “majalengka”.
Sanajan anu ditéanganana teu kapanggih, Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah henteu terus
mulang ka Cirebon. Ceuk angkeuhanana, sugan baé dina hiji waktu mah bakal manggihan tangkal maja.
Jadi dua utusan téh terus néangan, bari sakalian nyebarkeun agama Islam ka masarakat.
Sabada ngawurukkeun bagbagan agama Islam, Pangéran Muhamad terus matuh di Gunung
Margatapa. Ari Siti Armilah ihtiar pikeun ngislamkeun Nyi Rambut Kasih. Ngan Nyi Rambut Kasih
tetep tagen kana agemanana, tepi ka ahirna mah ngahiyang.
Sabada ditinggalkeun ku ratuna, Karajaan Sindangkasih aya dina kakawasaan Cirebon, sarta
saterusna mah dingaranan Majalengka.
26. Dumasar kana perda, ayeuna milangkala Majalengka teh nincak taun kasabaraha?
a. 526 b. 527 c. 528 d. 529
27. Wewengkon karajaan mana anu kaserang ku kasakit muriang/malaria?
a. Sindangkasih b. Talaga Manggung c. Cirebon d. Galuh
28. Saha ngaran ratu Sindangkasih teh?
a. Pangeran Muhamad c. Nyi Rambut Kasih
b. Siti Armilah d. Nyai Mas Cincin
29. Saha nu diutus ka Karajaan Sindangkasih ku Syeh ti Cirebon?
a. Siti Armilah jeung Siti Jenar c. Siti Armilah jeung Nyi rambut Kasih
b. Siti Armilah jeung Pangeran Muhamad d. Siti Armilah jeung Nyai Mas Cincin
30. Naon nu kaalaman ku dua utusan ti Cirebon nu dibalukarkeun ku tindakan Ratu Sindangkasih?
a. Teu bisa manggihan buah naga c. bisa manggihan buah naga
b. Teu bisa manggihan buah maja d. bisa manggihan buah maja
31. Kumaha sikep Ratu Sindangkasih basa diajak ku Siti Armilah sangkan ngagem agama Islam?
a. Narima b. Nolak c. Teu nolak d. Teu
nampik
32. Ari…..teh kudu ditawar heula, ngarah teu kamahalan!
a. Barangbeuli b. barangcokot c. barangbawa d. barangtanya
33. Piraku balik ka lembur teu….nanaon pisan!
a. Barangbeuli b. barangbere c. barangbawa d. barangpake
34. Babaturan kuring padangala jambu nu aya di buruan imah.
Kecap padangala dina eta kalimah ngandung harti….
a. Loba nu ngalana c. kabehanana ngala
b. Jarang nu ngalana d. saeutik nu ngalana
35. Mun panggih jeung babaturan di jalan the heg ……atuh ulah caricing wae!
a. Silihudag b. silihtanya c. silihanteur d. silihciwit

I. Essay

1. Tuliskeun eusi pada ka hiji sajak “Beja ti Papandayan” di luhur!


2. Jieun 1 conto kalimah bilangan jeung kalimah sipat!
3. Tulis kalimah konotatif jeung denotatif tina kecap “meja hejo”!
4. Robah kecap-kecap ieu dihandap jadi kecap rajekan :
a. Dwipurwa : - Tunjuk robah jadi : ..........................
b. Dwireka : - Cokot robah jadi : ..........................
Hak cipta https://www.carasunda.com/
Soal Prediksi USBN Bahasa Sunda SMP
c. Dwimurni : - Guru robah jadi : ..........................
d. Dwimadya : - Sapoe robah jadi : ..........................
e. Trilingga : - Dor robah jadi : ..........................
5. Jieun kalimah tina kecap baranginjeum, padanewak, jeung silihtoel!

Hak cipta https://www.carasunda.com/


Soal Prediksi USBN Bahasa Sunda SMP

Anda mungkin juga menyukai