Anda di halaman 1dari 8

1

MUSYAWARAH GURU MATA PELAJARAN BAHASA SUNDA SMP


GUGUS 02 KABUPATEN BANDUNG

PENILAIAN AKHIR SEMESTER GANJIL


TAHUN PELAJARAN 2019-2020
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas : IX
Hari/Tanggal :
Waktu : 90 Menit
_____________________________________________________________________________________________

PETUNJUK UMUM :
1. Disediakan Lembar Jawaban Komputer (LJK) untuk jawaban pilihan ganda
2. a. LJK dikerjakan dengan pensil hitam yang lunak 2B
b. Tulislah dengan jelas : Nama, Nomor Peserta, Sekolah Asal, Tanggal Ujian, Mata Pelajaran, Jam
ke, tanda tangan dan menghitamkan bulatan kecil pada LJK sesuai dengan petunjuk.
c. Jawaban dikerjakan dengan cara menghitamkan bulatan kecil pada LJK sesuai dengan jawaban
yang Anda anggap benar.
d. Apabila ada jawaban yang keliru dan anda ingin memperbaikinya, hapuslah jawaban yang keliru
itu dengan menggunakan karet penghapus pensil kemudian hitamkan bulatan kecil sesuai dengan
jawaban yang Anda anggap benar.
3. Periksa dan bacalah soal dengan cermat sebelum Anda menjawab.
4. Dahulukan menjawab soal-soal yang dianggap mudah
5. Laporkan kepada Pengawas Ujian jika terdapat tulisan yang kurang jelas, rusak atau jumlah soal
kurang.
6. Periksa pekerjaan Anda sebelum diserahkan kepada Pengawas Ujian

….
Bapa miwah Ibu anu ku sim kuring dipihormat,
Dina ieu kasempatan, sim kuring ngawakilan réréncangan sadaya kelas salapan. Seja
ngahaturkeun réwu nuhun kana sagala rupi kasaéan manah Bapa sareng Ibu guru salami tilu taun
ngasuh sim kuring sadaya. Bapa sareng Ibu Guru teu weléh sabar ngawurukan sim kuring sadaya
sangkan janten jalma anu pinter, anu bageur, anu jujur, anu disiplin taat kana aturan, anu terang kana
tatakrama sopan santun, anu iman sareng takwa ka Gusti Nu maha Suci, kango pibekeleun hirup sim
kuring sadaya ka payunna.

1. Nilik kana babagianana, biantara (pidato) di luhur mangrupa ….


a. Bubuka biantara c. Panutup biantara
b. Eusi biantara d. Panambah biantara
2. Biantara di luhur luyu ditepikeun dina raraga ….
a. Upacara bendéra c. Kagiatan MOPD/ MOS
b. Kagiatan Mauludan d. Acara Paturay Tineung
3. Anu nepikeun biantara di luhur nya éta ….
a. Bapa Kepala Sekolah c. Bapa/ Ibu wali kelas

2
2

b. Siswa Kelas IX d. Siswa nu tos kaluar

Assalamu’alaikum wr. Wb.,


Bapa miwah ibu anu ku sim kuring dipihormat.
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Alloh SWT, anu parantos maparin kaséhatan sareng kakiatan
ka urang sadaya. Ku ni’mat ti Mantenna pisan, dina danget ieu urang tiasa patepung lawung
paamprok jonghok di ieu tempat.
Teu hilap solawat miwah salam mugi salamina ngocor ka Jungjunan urang sadaya, Nabi
Muhammad SAW. ka kulawargina, parasahabatna kalih jalmi-jalmi soléh sapandeurieunana.
….

4. Hal poko atawa topik nu ditepikeun dina biantara di luhur ngeunaan ....
a. Medar eusi hutbah/ biantara dumasar jejer c. Muji sukur ka Alloh jeung solawat ka nabi
b. Mungkas hutbah/ biantara ku do’a d. kacindekan hutbah/ biantara

….
Rupina sakitu anu kapihatur. Hapunten bilih aya basa sareng tatakrama anu kirang merenah.
Bobo sapanon carang sapakan langkung saur bahé carék hapunten anu kasuhun.
…..

5. Basa anu digunakeun dina hutbah/ biantara sok direumbeuy ku babasan atawa paribasa, maksudna
minangka mamanis basa. Dina sempalan di luhur anu mangrupa mamanis basa téh nya éta ....
a. Rupina sakitu anu kapihatur
b. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah
c. Hapunten bilih aya tatakrama anu kirang merenah
d. Bobo sapanon carang sapakan
6. Padika atawa cara-cara anu kudu diperhatikeun dina biantara nya éta ….
a. Sora, nada, irama, rasa, karsa, cipta, jeung ékprési
b. Nada, irama, suasana, rasa, nada, jeung éksprési
c. Sora, nada, irama, rasa, éksprési, jeung pasangpeta
d. Nada, sora, basa, nada, suasana, jeung pasang peta
7. Padika atawa cara biantara anu patali (nyambung) jeung eusi bagian biantara, upama sedih tangtu
dikedalkeun dibarengan rasa sedih, lebah bungah kudu dikedalkeun bari gumbira, nya éta…,
a. Rasa b. Nada c. irama d. paroman
8. Istilah anu patali jeung anca gancangna sarta tarik halonna sora nalika nyarita dina biantara nya
éta ....
a. Sora b. lentong c. Wirahma d. nada

9. Téhnik ... mangrupa téhnik biantara anu teu ngagunakeun téks (naskah).
Istilah anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ....
a. nalar b. maca d. nulis d. nyatet

“Sakieu biantara ti simkuring. Hapunten bilih aya cariosan anu pondok nyogok panjang nyugak,
malum sanés ahlina.”

2
3

10. Mamanis basa anu digunakeun dina biantara di luhur, nya éta ….
a. Purwakanti b. Paparikan c. Paribasa d. wawangsalan

Pamungkas, moal seueur nu kapicatur, saninten buah saninten, dibantun ka parapatan, hapunten abdi
hapunten, bilih aya kalepatan.

11. Mamanis basa anu digunakeun nya éta ….


a. Paribasa b. Paparikan c. Purwakanti d. Babasan

Hapunten sim kuring seja ngiring jabung tumalapung dina ieu maslis.

12. Kecap nu dicondongkeun dina kalimah di luhur ngabogaan harti ....


a. Milu indit b. Milu jurit c. Milu aktif d. Milu berjuang
13. ”Hapunten, sim kuring téh sanés badé mapatahan ngojay ka meri”.
Harti paribasa mapatahan ngojay ka meri nya éta....
a. Méré pangajaran ka nu leuwih luhur élmuna atawa pangabisana
b. Bisa asup ka rupa-rupa kalangan atawa bisa digawé kasar jeung digawé lemes deuih.
c. Ngaleupaskeun pagawéan anu geus aya lantaran hayang meunang anu leuwih bari can karuhan.
d. Dihareupeun siga nu hormat,tapi di tukangeun mah ngagogoréng.

14. Dina biantara gerak awak teu perlu kaleuleuwihi, cukup saperluna. Biasana ngan gerak leungeun
nuturkeun wirahma jeung nada nu dikedalkeun. Hal éta disebut ….
a. Wirahma b. Pasang peta c. Nada d. paroman
15. Pikeun nyangking jeung maham kana eusi biantara, urang kudu … dina ngaregepkeunana.
a. Salsé b. rusuh c. daria (serius) d. gancang
16. Hal anu teu pati diperhatikeun upama urang biantara, nya éta ….
a. Nada b. sora c. paroman d. pakéan
17. Ieu di handap hal-hal anu kudu diperhatikeun ku urang dina waktu biantara….
a. Teu kudu ngawasa bahan biantara nu ditepikeun
b. Pasang peta, pasemon, jeung lentong nu sawajarna
c. Materi biantara kudu loba pikaseurieun nu lalajo
d. Dina nyarita biasakeun sora urang kudu tarik pisan.
18. Dina nulis naskah biantara, aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun, nya éta ….
a. Dina acara naon, naon témana, saha nu ngahadiran, jeung salaku naon urang biantara
b. Naon témana, saha nu hadirna, saha nu méré sambutan, jeung naon acarana
c. Saha nu ngahadiran, sabaraha urang, naon témana, jeung naon acarana
d. Salaku naon biantarana, dimana tempatna, saha nu hadirna, jeung iraha waktuna.
19. Bagian biantara anu nepikeun kalimah harepan, sanduk-sanduk, doa jeung salam, nya éta ….
a. Bubuka b. Eusi c. Panutup d. Panambah
20. Anu teu kaasup mamanis basa anu sok digunakeun dina biantara nyaeta ….
a. Babasan b. Purwakanti c. Paparikan d. Sajak

2
4

KAMPUNG NAGA

Kampung Naga téh mangrupa salasahiji kampung adat di Tatar Sunda. Perenahna di Désa
Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya. Béda jeung umumna kampung adat,
Kampung Naga mah kawilang gampang didongkangna, lantaran tempatna henteu jauh ti jalan
gedé antara Garut jeung Tasikmalaya.

Disebut kampung adat lantaran kabiasaan pendudukna anu masih kénéh pageuh nyekel
adat kabiasaan karuhunna. Maranéhna pantrang ngarémpak adat kabiasaan anu geus diguratkeun
ku karuhunna. Nurutkeun kapercayaanana, ngarémpak adat téh sarua hartina jeung henteu
ngahargaan ka karuhun.

Wewengkon Kampung Naga legana lima héktar. Ari anu dijadikeun pakampungan aya 1,5
héktar ngawengku paimahan, pakarangan, balong, jeung pasawahan penduduk. Sésana
mangrupa leuweung, anu disebut leuweung karamat, lantaran di éta leuweung téh aya makam
karuhun masarakat Kampung Naga. Pakampunganana aya dina lengkob anu kawilang subur.
Beulah kulon diwatesan ku leuweung karamat. Beulah kaler jeung wetan diwatesanan ku
Walungan Ciwulan. Beulah kidul mangrupa lawang asup ka lingkungan pakampungan.

…..

21. Téma (jejer) karangan di luhur nya éta ….


a. Kampung Naga c. Kampung Néglasari
b. Kampung adat d. Kampung Di Tatar Sunda
22. Nurutkeun jenisna karangan di luhur kagolong kana karangan ….
a. Narasi b. éksposisi c. déskripsi d. Arguméntasi
23. Poko kalimah dina paragrap kahiji wacana di luhur nya éta ….
a. Kampung Naga téh mangrupa salasahiji kampung adat di Tatar Sunda.
b. Kampung Naga mah kawilang gampang didongkangna.
c. Tempatna henteu jauh ti jalan gedé antara Garut jeung Tasikmalaya.
d. Kampung Naga Perenahna di Désa Neglasari, Salawu, Tasikmalaya.

24. Kampung Naga kaasup kana daérah kampung adat kusabab ….


a. Kabiasaan pendudukna anu pageuh nyekel adat kabiasaan karuhunna
b. Kabiasaan pendudukna anu masih kabaheulaan.
c. Kabiasaan penduduk anu teu narima pangaruh luar.
d. Ayana di daérah anu jolok (terpencil).
25. Katerangan-katerangan anu teu luyu jeung paragrap katilu wacana di luhur nya éta ….
a. Sésana mangrupa leuweung anu disebut leuweung karamat.
b. Beulah kulon diwatesanan ku Walungan Ciwulan.
c. Pakampunganana aya dina daérah lengkob anu subur.
d. Wewengkon Kampung Naga legana aya kana lima héktar.

2
5

….

Kampung adat téh nya éta kampung anu masih kénéh pengkuh nyekel adat cahara karuhunna.
Bisa katémbong tina adeganana, kahirupan sapopoé masarakatna, jeung sawatara upacara adat anu
maneuh dilaksanakeunana.

Di Jawa Barat mah henteu loba kampung adat téh. Anu kakoncara teh nyaeta Kampung Naga di
Kabupaten Tasikmalaya, Kampung Pulo jeung Kampung Dukuh di Kabupaten Garut, Kampung
Kuta di Kabupaten Ciamis, Kampung Cirendeu di Kota Cimahi, Kampung Kasepuhan Ciptagelar di
Kabupatén Sukabumi, Kampung Mahmud, Cikondang, jeung Kampung Arjasari di Kabupatén
Bandung.

….

26. Anu lain mangrupa ciri tina daérah kampung adat nurutkeun wacana di luhur nya éta ….
a. Di tengah lembur aya leuweung karamat.
b. Adegan wangunana masih tradisional
c. Tatacara kahirupan sapopoé masarakatna.
d. Upacara Adat anu masih keneh dilaksanakeunana.
27. Nurutkeun wacana di luhur, jumlah kampung adat nu aya di Jawa Barat kabéhna aya ….
a. 8 kampung b. 9 kampung c. 10 kampung d. 11 kampung
28. Kabupatén atawa kota di Jawa barat anu aya daérah kampung adat kabéhna aya ....
a. 4 Kabupatén b. 5 Kabupatén c. 6 Kabupatén d. 7 Kabupatén
29. Kampung adat nu aya di kabupaten Ciamis nya éta....
a. Kampung Naga b. Kampung Pulo c. Kampung Kuta d. Cireundeu
30. Kampung adat anu aya di luar Kabupatén Bandung Nya éta ....
a. Arjasari b. Mahmud c. Cikondang d. Cireundeu
31. Umumna kampung adat di Kabupatén Bandung raket patalina jeung ….
a. tatanén b. Agama Islam c. kasenian d. wangunan

Wangun imah di Kampung Naga mah kudu imah panggung, anu dijieunna tina kai jeung awi.
Hateupna wangun julang ngapak kudu tina injuk, eurih, atawa kiray. Teu meunang aya nu maké
kenténg. Teu meunang ditémbok deuih, sanajan mampuh ogé nyieun imah témbok atawa
gedong. Sakabéh imah kudu nyanghareup ka kidul atawa kalér. Teu meunang dicét, iwal dikapur
atawa diméni.

32. Hateup imah di Kampung Naga teu meunang maké kenténg, tapi kudu maké ….
a. Kai jeung awi c. injuk, eurih, atawa kiray
b. Dikapur jeung dimeni d. témbok atawa gedong

Di Bumi Adat mah masih kénéh dikeukeuhan kabiasaan karuhun téh. Di dinya mah teu meunang
aya paparabotan éléktronik saperti radio jeung televisi. Malah lampu gé teu meunang. Pikeun
nyaangan imahna, nya maké cempor jeung lentéra. Masakna masih dina hawu. Atuh paparabotan
sapopoéna taya anu bahanna tina beling atawa poslén. Nu aya téh piring séng atawa gagarabah

2
6

sarta gelasna tina batok anu disebut entik.

33. Cutatan di luhur mangrupa gambaran ciri has kampung adat nu aya di ….
a. Kampung Naga c. Kampung Arjasari
b. Kampung Mahmud d. Kampung Cikondang
34. “Nu aya téh piring séng atawa gagarabah sarta gelasna tina batok nu disebut entik.”
Anu disebut gagarabah teh nyaeta barang-barang anu dijieun tina ….
a. Palastik b. awi c. taneuh d. beling
35. Jejer (téma) tina paragrap di luhur nya éta ….
a. Paparabotan sapopoé di kampung adat. c. Rupa-rupa parabot di kampung adat.
b. Paparabotan anu dipake dina upacara adat. d. Paparabotan nu dijual di kampung adat.

1) Dina leresan ieu, simkuring sadaya éstu beurat nyuhun beurat nanggung, beurat
narimakeunana
2) Kahiji, unjuk hatur nuhun wiréh sim kuring sadaya kebek ku karumaosan.
3) Ti kawit boloho taya kanyaho, ayeuna parantos teu bodo balilu teuing .
4) Ieu téh teu aya sanes, anging ku panungtun sareng pangatik Pangersa Ibu miwah Bapa.

36. Runtuyan kalimah anu merenah sangkan jadi paragrap anu bener nyaeta ….
a. 1, 2, 3, 4 b. 2,1, 3, 4 c. 2, 3, 4, 1 d. 2, 4, 3, 1

Eson asup ka enggonna. Manéhna nangkarak bari neuteup lalangit. Di luar kadéngé sora jangkrik
mani ngikrik. Teu daékeun reup saré sakitu geus dipeureum-peureumkeun ogé. Caritaan bapana
masih kénéh jadi pikiran manéhna. Eson ngarasa beurat lamun tepi ka papisah jeung Si Paser téh.

37. Latar suasana anu kagambar tina sempalan carita novél di luhur nya éta ….
a. Sedih b. guligah c. nalangsa d. ambeuk
38. Latar tempat jeung waktuna nya éta ….
a. Imah dina waktu beurang c. Enggon dina waktu beurang
b. Imah dina waktu peuting d. Enggon dina waktu peuting
39. Nu jadi palaku utamana nya éta ….
a. Eson b. manehna c. bapana d. jangkrik

Kira-kira tabuh lima, kuring geus anjeucleu dina mobil. Kabagéan diuk téh di tukang, dina
tumpukan karung béas. Mang Mahmud diukna di hareup, ngaréndéng jeung Kang Kosasih katilu
supir.

“Tah silaing aya batur ngobrol ayeuna mah, Jana,” Ceuk supir ka kenékna. Apal kuring ogé ka
Si Jana téh, budak ti Guranténg, ngan pedah wawuhna ukur saliwat.

“Kadé silaing diukna sing ati-ati, Kondi, bisi rag-rag!” ceuk Mang Mahmud.

“Moal, Mang,” cekéng téh.”

40. Tokoh anu ngabasakeun kuring dina sempalan carita di luhur nya éta ,,,,
a. Si Jana c. Kang Kosasih

2
7

b. Mang Mahmud d. Kondi


41. Palaku anu aya dina carita di luhur, kabéhna aya….
a. 4 urang b. 5 urang c. 6 urang d. 7 urang
42. Tokoh anu pagawéanana jadi kenék nya éta ….
a. Jana b. Kondi c. Kang Kosasih d. Mang Mahmud
43. Latar anu kagambar dina sempalan carita di luhur nya éta….
a. Dina mobil waktu soré c. di pasar waktu soré
b. Di Pasar waktu peuting d. di mobil waktu peuting

1) Karangan anu ditulis dina basa ;lancaran.


2) Eusi sareng jalan caritana panjang
3) Basa anu digunakeunana henteu basajan.
4) Kaasup kana carita rekaan (fiksi)

44. Anu teu kaasup kana ciri karya sastra Novel, nya éta ….
a. Nomer 1 b. nomer 2 c. nomer 3 d nomer 4
45. Nilik kana caritana, novél téh méh sarua jeung karangan….
a. Dongéng b. carita rayat c. Carita Pantun d. Carita pondok
46. Novel anu munggaran medal dina sastra Sunda nya éta novel anu judulna….
a. Gogoda Ka Nu Ngarora c. Baruang Ka Nu Ngarora
b. Cilaka Ka Nu Ngarora d. Papatah Ka Nu Ngarora
47. Karya sastra carita novel dina basa Sunda mimita aya dina taun….
a. 1920 b. 1924 c. 1930 d. 1945
48. Anu lain mangrupa unsur tina karangan carita novel nya éta ….
a. Judul b. Jejer c. Palaku d. Alur
49. Dina istilah arsitéktur sunda aya nu disebut ngaran pakandangan, sesebutan husus pikeun tempat
ngarerebna sasatoan, diantarana kandang Japati disebutna....
a. Istal b. Paranje c. Karapyak d. Pagupon
50. Baheula mah di gigireun imah urang Sunda sok aya …, nya eta tempat neundeun paré.
a. Leuit b. Lio c. Saung d. Garduh

2
8

Anda mungkin juga menyukai