Anda di halaman 1dari 8

YAYASAN NURUSSYAHID KERTAJATI MAJALENGKA

MADRASAH ALIYAH
NURUSSYAHID (MA.NUSA)
Surat Rekomendasi Izin Pendirian Madrasah No: Kd.10.10/2/PP.00.4/3.656/2014
Nomor Statistik Madrasah : 131232100024 & NPSN : 20282528
DESA BANTARJATI KEC. KERTAJATI KAB.
MAJALENGKA
Email: ma.nusa_kertajati@yahoo.com http://nurussyahid.blogspot.com

Alamat : Jalan Tengah Desa Bantarjati Kec. Kertajati – Majalengka 085224380901

PENILAIAN AKHIR TAHUN


TAHUN PELAJARAN 2019/ 2020
Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA
Kelas/Semester : X / Genap
Hari/ Tanggal : ………. / … Juni 2020
Waktu : …… – …….Wib

A. Pilihan Ganda
Pilih jawaban anu pangbenerna!

1. Suaranya yang merdu dan gayanya yang khas dalam melantunkan lagu-lagu sunda, mampu
mengangkat pamor seni sunda, khususnya kliningan, dipentas nasional bahkan internasional.

Ungkara di luhur lamun ditarjamahkeun kana basa sunda nu merenah nyaeta…


a. Sorana mani merdu jeung gayana mani has dina ngalagukeun lalaguan sunda, anu mampuh ngangkat pamor
seni Sunda, hususnya kliningan, di pentas nasional samalah internasional.
b. Sorana jeung gayana mani merdu pisan dina ngalagukeun lalaguan Sunda, anu mampuh kaangkat pamor seni
sunda, hususna kliningan dina pagelaran nasional samalah internasional.
c. Sorana nu halimpu tur gahar kalawan gayana nu mandiri dina ngahaleuangkeun lagu-lagu Sunda harita the
sasatna geus ngajaulkeun pamor seni sunda, pangpangna kliningan, boh di pentas nasional boh internasional.
d. Sorana jeung gayana mani ngeunaheun pisan dina ngahaleuangkeun lalaguan Sunda, anu mampuh ngangkat
pamor seni Sunda, hususna kliningan dina pagelaran nasional samalah internasional.
e. Sorana jeung gayana mani enakeun pisan dina ngalagukeun lalaguan Sunda, anu ngajadikeun pamor seni
Sunda, hususna kliningan dina pagelaran nasional samalah internasional.

2. Tarjamahan teh nyaeta karya hasil narjamahkeun tina basa sejen, ilaharna disebut…
a. alih bahasa d. alih carita
b. alih kecap é. alih paragraf
c. alih kalimah

3. Harti tina paribasa “agul ku payung butut” saupama ditarjamahkeun kana basa Indonésia, nyaeta...
a. Sombong dengan silsilah keluarga sendiri d. Sombong dengan kekayaan warisan
b. Sombong oleh payung butut é. Warisan yang disombongkan
c. Punya payung butut

4. Anu ngabédakeun dongéng jeung carpon nya éta dina dongéng mah ngandung...
a. kanyataan d. lalakon
b. kajadian é. humor/ bodor
c. pamohalan

5. Gagak –gagak réang bari rék ngarempug si Candrika. Nenjo galagat kitu Suri Candrika buru-buru hiber. Tuluy hiber
teu eureun-eureun. Wanci sareupna nepi ka sisi lembur. Clé wae didinya.
Sémpalan dongeng di luhur kaasup kana dongeng…
a. sasakala d. mite
b. fabél é. pamuk
c. parabél

6. Dongeng the kaasup karya balaréa lantaran…


a. Kanyahoan anu ngarangna d. sumebarna sacara tinulis
b. Teu kanyahoan anu ngarangna é. Bahasana anu teu basajan
c. Sumebar sacara lisan

7. Fonem konsonan dina aksara sunda disebut…


a. aksara ngalagena
b. aksara swara
c. aksara vokal
d. aksara khusus
e. rarangken

8. (1) pamilon (5) tujuan


(2) kasangtukang (6) panutup
(3) waktujeungtempat
(4) waragad

Sistematika nyieun laporana nu bener nyaeta…


a. 1-2-3-4-5-6-7 d. 2-5-3-1-4-6-7
b. 2-5-3-1-4-7-6 é. 4-5-6-1-2-3-7
c. 5-4-2-3-1-6-7

9. Kacindekannana, Upacara Sérén Taun téh éstu dianti-anti ku sakumna masarakat di Kuningan. Éta acara jadi
bahan aprésiasi masarakat kana budayana. Masarakat nu lalajo acara séren taun rata-rata pada resep
ngabandungan rupa-rupa kasenian, pangpangna pisan mah ngabandungan pormasi barisan nu marawa hasil
panén, nu ditata tur dihias kalawan apik ku rupa-rupa hiasan tradisional.
Karangan laporan diluhur kaasup kana bagéan ....
a. bubuka d. panutup
b. eusi é. kasangtukang
c. tujuan

10. A :Dupi ibu linggih…?


B : Di Situraja
Kecap anu paling merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta…
a. iraha d. kumaha
b. dimana é. naon
c. saha

11. Putri : “Naon anu disebut bénjang teh, Pa?”


Pa Zaénal : “Bénjang téh salasahiji kasenian di Ujung berung kota Bandung, jeung sabudeureunana.”
Naon eusi teks wawancara di luhur…
a. Kasenian benjang mangrupa kasenian nu kumplit
b. Kasenian benjang ayana di wewengkon Ujung berung kota Bandunng
c. Kasenian benjang tos dipikawanda titaun 1820-an
d. Teu aya aturan husus dina kasenian benjang
e. Dina pintonan benjang aya ibingan anu mirip sareng gerakan pencak silat

12. A : Dupi ibu linggih…?


B : Di Situraja
C : Palih manaeun alun-alun ……. téh bu?
Ragam kecap anu paling merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta…
a. bumi d. imah
b. rorompok é. pamiangan
c. saung

13. Natrat carita dijunggiringkeun dina cadas


Di dieu aya satria tandang
Di dieu aya lalanang
Papay raratan carita anu dicaritakeun deui
Carita seungit seumatkeuneun dina dada lalaki
Sasaruaan harti tina kecap anu digarisan di luhur nyaeta..
a. tétéla, bujang d. merenah, bujang
b. jelas, lalaki é. jelas, bujang
c. tétéla, lalaki
14. Masing di mana kuring nangtung
Masing ka mana kuring leumpang
Tanah lémbok matak betah
Angin nyéot nyiuman tarang
...
(dicutat tina Tanah Sunda, Ajip Rosidi)

Dina sempalan sajak di luhur, ungkara “angin nyéot nyiuman tarang” ngagunakeun gaya basa...
a. rarahulan c. ngasor e. kadalon
b. mijalma d. silib
15. Eusi sajak dina no. 14, nyaeta…
a. Nyaritakeun kaendahan alam d. nyaritakeun kanyeri hate ka lemah cai
b. Nyaritakeun kanyaah kalemah cai é. Nyaritakeun kasono ka lemah cai
c. Nyaritakeun kanyaah kajungjunan hate

16. “Ngawanohkeun tur ngabiasakeun make basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi
tos kedah diajarkeun ti leuleutik. Margi hiji basa bakal lancer dipakéna dina kahirupan sapopoé saupama biasa
dianggo. Hal ieu luyu jeung hasil panalungtikan ahli basa ti Swedia”.
Eusi ungkara di luhur, nya éta….
a. Cara make na basa Sunda nu bener tur merenah
b. Basa Sunda kudu diwanohkeun jeung dibiasakeun ti bubudak
c. Ahli basa Sunda nu kawentar urang Swedia
d. Basa Sunda kudu salawasna ditalungtik
e. Nonoman Sunda kudu jadi ahli basa Sunda

17. Bagéan biantara anu eusina sanduk-sanduk ménta dihampura bisi salila cacarita aya kekecapan nu salah atawa nu
teu merenah nyaéta…
a. bubuka d. panutup
b. Salam bubuka é. Salam panutup
c. Eusi

18. Metode biantara anu dilakukeun ku cara ngadadak kalayan teu make téks atawa naskah disebut…
a. Impromtu d. ékstemporan
b. memoriter é. intémporan
c. manuscrift

19. Sakitu anu kapihatur, tutus langkung kepang halang, bobor sapanaon carang sapakan, hapunten anu
kasuhun. Mugia sanaos mung alakadarna, aya mangfaatna kanggo urang sadayana.
Paribasa“tutus langkung kepang halang” hartina, nya éta ….
a. teu puguh undak usukna
b. omongan/caritaan anu teu mernah
c. teu bisa ngenahkeun haté batur ku omongan
d. ngomongna teu ditutup-tutupkeun/satarabasna
e. kirang langkung anu kapihatur

20. (1) Boga sikap anu tegas, maksudna pengkuh dina nyekel aturan,
(2) Ngatur acara katut jdwalna,
(3) Apal saha-sahana anu bakal cumarita dina hiji acara,
(4)Maksakeun kahayang bari teu ngadenge pamanggih batur,
(5)Netral, teu mihak salahsahiji,
(6) Teu kudu tumut kana aturan,

Tugas panumbu catur (moderator) teh kacida pentingna, kukituna, aya sawatara pasaratan anukudu dipiboga ku
moderatordumasar kana poin di luhur, diantarana . . .
a. 1, 3, 4, 5 d. 1, 2, 3, 4
b. 2, 3, 4, 5 é. 1, 2, 4, 5
c. 1, 2, 3, 5

Baca téks ieu di handap pikeun ngajawab soal nomer 21 jeung 22!

“Sadérék sadayana, ayeuna kelompok 7 badé medar perkawis mangpaat témpé pikeun kaséhatan. Nanging
sateuacan kelompok 7 ngadugikeun matérina, simkuring badé ngawanohkeun saurang-saurangna. Panyaji aya
tiluan, nya éta 1) Sadérék Dana,2) Sadérék Dani,3) Sadérék Dini. Anu kabagéan pancén janten notulén nya éta
saderek Dina. Atuh simkuring Danu, kapapancénan janten moderator. Sadérék sadayana supados teu nyangkolong
kana waktos mangga ka Sadérék Dana, Dani sareng Dini kanggo ngadugikeun matérina.”

21. Ungkara basa di luhur kaasup kana bagéan .... dina diskusi/sawala.
a. bubuka d. lajuning laku
b. eusi é. kacindekan
c. panutup
22. Ungkara basa di luhur téh dina sawala mah sok ditepikeun ku ...
a. panumbu catur d. pamilon
b. panyatur é. panata calagara
c. notulen
23. Panutup catur, bobo sapanon carang sapakan, tawakup anu kasuhun, sareng mugi-mugi aya mangpaatna. Amin!
Kecap tawakup dina kalimah di luhur saharti jeung....
a. menta dihampura d. nyindekeun
b. ngahaturkeun nuhun é. ngajelaskeun
c. ngawilujengkeun

Tengetan sempalan carpon ieu dihandap!


.........
“Bapa manéh teu ninggalian nanaon ka urang. Wayahna manéh kudu daék kentél peujit,” ceuk indungna bari
ngaput baju seragam sakola nu si Narsim, nu geus saroéh.
“Kentél peujit teh kumaha, Ma?”
“Enya, kudu daék prihatin, mun hayang kénéh neruskeun sakola. Da urang mah darma sakieu kaayaanana.”
.........

24. Carpon diluhur ngandung ajén moral...


a. jujur d. teu sabaran
b. sabar é. goréng adat
c. pinter

Tengetan sempalan carpon ieu dihandap!


.............
Kajurung ku tos tilu dinten teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Dén Haji Darmawan, teu tebih ti
bumina. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi, ngabaheuhay mayunan méja alit.

25. Sempalan carpon diluhur ngagambarkeun tokoh Aki Uki anu.....


a. sagala loba c. béréhan é. sangsara
b. beunghar d. teu akur jeung batur

26. Ieu di handap mangrupa ciri-ciri carpon, iwal ...


a. caritana mangrupa karangan fiksi d. palaku nu ngalalakona loba
b. eusi caritana umumna realistis é. wangun pisikna pondok
c. sifat caritana naratif

27. Ieu dihandap hal-hal anu ilaharna teu kaasup kana eusi biografi, nya éta.....
a. ngaran, tempat, titimangsa lahir, jeung kulawarga
b. cita-cita jeung pangalaman atikan
c. kakayaan jeung harta banda nu dipiboga
d. pangalaman gawe jeung organisasi
e. prestasi nu kungsi kacangking

28. Radén Déwi Sartika. Nelahna Ibu Déwi. Gedé pisan jasana enggoning ngaronjatkeun darajat kaom wanoja,
pangpangna wanoja Sunda. Tarékahna ngadegkeun sakola istri, jadi pamiangan pikeun ngawangun wanoja nu
wedal tur pinter.

Téks diluhur nandeskeun yén anjeuna pahlawan dina widang ...


a. industri d. politik
b. teknologi é. budaya
c. atikan NABEUH ANGKLUNG DI SAUNG MANG UDJO
(1) Rék nyobaan nabeuh angkung?
Baca
(2) téks ieu di handap!
Bari dituyun ku para seniman di dinya, harita kénéh bisa ngamaénkeun lagu “Bubuy Bulan” nepi ka lagu “I
Have a Dream” dina hiji konser.
(3) Datang baé ka Saung Angklung Mang Udjo.
(4) Teu kudu mangmang teu kudu salempang, sanajan saméméh can mikawanoh kana angklung ogé.
29. Runtuyan anu bener dina téks bahasan di luhur nya éta…
a. 1-2-3-4 d. 3-2-4-1
b. 1-4-3-2 é. 3-1-2-4
c. 1-3-2-4

Baca téks ieu di handap!

(1) Tah éta salasahiji daya tarik Saung Angklung Mang Udjo téh.
(2) Dituyun ku MC jeung seniman-seniman nu umurna antara 4-16 taun, suasana téh jadi hégar.
(3) Nu daratang ka dinya, heunteu ngan saukur lalajo pintonan, tapi ogé dilibetkeun langsung dina pagelaran.
(4) Ratusan jelema anu daratang harita, ti mimiti budak SD nepi ka wisatawan bulé, babaregan nabeuh
angklung.
(5) Babarengan nabeuh angklung.
30. Runtuyan nu bener dina téks bahasan di luhur nya éta…
a. 4-2-3-5-1 d. 1-5-3-4-2
b. 2-3-4-5-1 é. 1-3-5-4-2
c. 1-3-5-2-4

31. Panulisan kalimah anu bener nya éta…


a. Gedong Sate téh salasahiji wangunan kuno titinggal jaman colonial walanda di kota Bandung.
b. Gedong Saté téh sala sahiji wangunan kuno titinggal jaman kolonial Walanda di Kota Bandung.
c. Gédong Saté téh salasahiji wangunan kuno titinggal jaman Kolonial Walanda di Kota Bandung.
d. Gedong Saté téh salasahiji wangunan kuno titinggal jaman kolonial Walanda di Kota Bandung.
e. Gedong saté téh salasahiji Wangunan Kuno titinggal jaman kolonial Walanda di Kota Bandung.

32. Upama ditilik tina strukturna, tulisan résénsi téh ilaharna ngawengku tilu pasualan, nya éta….
a. pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang
b. tingkesan atawa gurat badag carita
c. anallisis karya
d. jawaban a, b, jeung c bener
e. jawaban a, b, jeung c salah

33. Drama anu dialogna ditepikeun ku cara dihaleuangkeun nya éta....


a. Longsér d. Banjét
b. Purna drama é. Sandiwara
c. Gending Karesmén

34. Dalem Boncél (DB) :”Rumasa karék karasa, aing doraka ti kolot. Moal nyai, akang moal nitahan
batur. Anteur ku nyai, akang rék indit nepungan Ema jeung Bapa. Akang rék
ménta dihampura. Akang rék tobat!”
Pamajikan DB :”(imut) hayu, akang ku abdi dianteur (nuyun salaki nu tetep teu eureun-eureun
gégétrét)”.
Amanat anu nyampak dina sempalan téks drama di luhur nya éta….
a. papatah ti indung bapa d. nyaah ka indung bapa
b. ménta hampura ka indung bapa é. ulah doraka kakolot
c. ngalawan ka indung bapa

35. Pangawal :”Séwu bebendu laksa duduka. Aya nini-nini sareng aki-aki ti kampung,
ngangkenna sepuh Kanjeng Dalem, saurna hoyong nepangan”.
Dalem Boncél :”Aki-aki jeung nini-nini ti kampung ngaku-ngaku kolot aing, sarta hayang
papanggih?”
Pangawal :”Teu pindo damell. Leres`”
Dalem Boncél :”Usir!”

Dina sempalan téks drama di luhur, kagambarkeun Dalem Boncél téh jalmana….
a. Binangkit d. soméah
b. handap asor é. wani
c. adigung

36. Baca sempalan téks drama di handap ieu!


Ahmad :”Buru! Lalaunan-lalaunan!”
Ujang :”Buru bantuan! Lain lalaunan-lalaunan!”
Ahmad :”Sip atuh, urang gancangan asupkeun kana karungna!`”
Ujang :”Bawa tuh katél jeung sosodok!”

Sempalan naskah drama di luhur kaasup kana bagian….


a. babak d. épilog
b. adegan é. dialog
c. prolog
37. Tengetan bagan ieu di handap!

KUNTI PANDU MADRIM

YUDISTIRA BIMA ARJUNA NAKULA SADEWA


DRUPADI

Dumasar kana bagan di luhur, Pandu téh nya éta ........ Drupadi.
a. anak teges d. pamajikan
b. minantu é. salaki
c. mitoha

38. Ieu di handap mangrupa tahapan nulis artikel :


(1) milih judul
(2) nyusun alinéa awal
(3) milih téma
(4) nyusun alinéa panandes
(5) ngolah gaya nulis

Runtuyan nulis artikel anu bener, nya éta...


a. 1, 2, 3, 4, 5 d. 2, 4, 1, 3, 5
b. 1, 3, 4, 2, 5 é. 5, 4, 3, 2, 1
c. 3, 1, 2, 4, 5

Baca téks ieu di handap!


(1) Tapi teu kungsi lila, basisir nu tadina nngoléktrak téh ngadak-ngadak pasang.
(2) Waktu gunung Krakatau bitu, cenah laut téh kawas nu kaserot.
(3) Jalma pahibut nyarokot lauk nepi ka rada tengah.
(4) Loba lauk tinggolépak kasaatan.
(5) Basisirna ogé nepi ka saat ngoléktrak.

39. Runtuyan nu bener dina bagian-bagian téks artikel di luhur nya éta….
a. 1, 2, 3, 4, 5 d. 4, 2, 5, 1, 3
b. 3, 4, 5, 1, 2 é. 1, 3, 5, 2, 4
c. 2, 5, 4, 3, 1

Tengetan ieu téks carita pantun di handap!


..........
Pun sapun hyang Prabu Wastu
Panganmpura anu diseja
Boh bisi langkung nya saur
Boh bisi bahé nya carék
Kami ngan darma mitutur
Lalakon dilalakonkeun
............

40. Sempalan téks di luhur dina carita pantun anu disebut….


a. dialog d. rajah pamuka
b. narasi é. rajah panutup
c. monolog

B. Essay
Jawab soal-soal ieu di handap kalayan jéntré!
41. Tarjamahkeun ungkara ieu dihandap kana basa Sunda anu merenah!

Bahwa sesungguhnya Kemerdekaan itu ialah hak segala bangsa dan oleh sebab itu, maka penjajahan di atas dunia
harus dihapuskan, karena tidaksesuai dengan perikemanusiaan dan perikeadilan.

42. Biantara téh umumna mah diomongkeun (dilisankeun). Tapi aya ogé anu ditulis tuluy dibacakeun. Boh anu ditulis
boh anu dilisankeun, runtuyan babagianana mah sarua baé, tangtukeun babagian struktur biantara dihandap ieu!

Kalimah Struktur Biantara

Assalamu’alaikum wr. wb., a. ........................

Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. b. ..........................


Solawat sinareng salam mugi dilimpahkeun ka
jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw.

Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring c. ...........................


sadaya. Ogé janten dinten anu kalintang
pikasediheunana. Bagja wiréh sim kuring sadaya
tiasa lulus, sedih da apan sim kuring sadaya kedah
ngarantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu
sareng Bapa Guru...... jst.

Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa.... d. ...........................


mung du’a anu ku sim kuring diteda sareng
sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan.

Wassalamu’alaikum wr. wb., e. ...........................

43. Dina jaman kiwari, nyarita urang Sunda téh resep togmol. Béda jeung baheula. Urang Sunda boga kabiasaan-
kabiasaan séjén nu patali jeung seni nyarita atawa seni komunikasi. Di antarana baé seni nyarita téh diébréhkeun
dina sisindiran. Ngan baé, sisindiran urang Sunda baheula mah lain sisindiran siga jaman ayeuna nu sakapeung
ngahaja dijieun keur kaperluan pagelaran. Sisindiran jaman baheula éstuning dalit jeung kahirupan sapopoé, biasa
digunakeun dina komunikasi sapopoé.Eusi jeung wangun sisindiran téh béda-béda. Pek ku hidep analisis
papasingan sisindiran ieu di handap dumasar kana wangun jeung eusina!

No Sisindiran Wangunna Eusina


1 Samangka melak di tonggoh, ..................... ........................
melak pala di nu bala.
Tong waka boga kabogoh,
sakola tamatkeun heula.
2. Satungtung ka ciwaruga, ................... ..........................
tangtu loba tatangkalan.
Satungtung can kapiboga,
tangtu bakal diakalan

No Sisindiran Wangunna Wangsalna


3. Alat ngitung dipencetan ................... ...................
Rupa kasep tapi kotor

4. Neangan elmu dipencetan ................... ...................


Enak dahar make kornet 

5. Belut sisit saba darat, ................... ...................


Kapiraray siang wengi.

44. Dina carita Mahabarata nu jadi lalakonna nya éta Pandawa. Pandawa téh lima sadulur anu kacida kuatna tur
nyekel kaadilan. Sedengkeun anu murka nya éta Kurawa. Pandawa anak ti Raja Pandu anu miboga dua garwa nya
éta Dewi Kunti sareng Dewi Madrim. Kunti Maparin tilu putra nya éta Yudistira, Bima, sareng Arjuna. Sedengkeun ti
Dewi Madrim maparin dua putra nya éta Nakula sareng Sadéwa. Pandawa téh miboga hiji garwa anu sarua nya éta
Drupadi.
Dumasar katerangan diluhur, pék jieun silsilah Kulawarga Pandawa!
45. Urang Sunda Miboga tradisi anu kacida beungharna. Salasahijina nalika hajat ngawinkeun, réa pisan léngkah anu
kudu dilakonan. Dimimitian ku nanyaan calon pangantén, nyalusur (nangtukeun tanggal ijab qobul), ngeuyeuk
seureuh, ijab qobul, sungkeman, nyawér, nincak endog, meuleum harupat, meupeuskeun kendi, huap lingkung nu
ditutup ku munjungan dina poé isukna. Cing pék jéntrékeun salasahiji tina runtuyan tradisi Sunda di luhur anu
dipikawanoh ku hidep!

***wilujeng ngadamelan***

Anda mungkin juga menyukai