Anda di halaman 1dari 11

SOAL PEMANTAPAN BAHASA SUNDA

SMA BINA BANGSA SEJAHTERA


Kelas 12

1. Balita, juga batita (bawah tiga tahun) sebaiknya jangan dimanjakan dengan tontonan
televisi. Riset terbaru membuktikan, bocah yang rajin menonton televisi cenderung
mengalami gangguan daya ingat.

Kecap terbaru dina kalimah diluhur mun ditarjamahkeun kana basa Sunda nyaeta ..........
A. Pangheubeulna
B. Panganyarna
C. Panglilana
D. Panghadena
E. Panghesena

2. Hari Minggu ditunggu kedatangannya di rumah saya..

Kalimah diluhur lamun di tarjamahkeun kana basa Sunda anu mernah nyaeta.....
A. Dinten Minggu diantos kasumpinganna di rorompok
B. Dinten Minggu tong hilap kasumpinganna di rorompok
C. Dinten Minggu diantos datang ka rorompok
D. Dinten Minggu diantos kasumpingana di bumi
E. Dinten Minggu diantos kadongkapanana di bumi

3. Dongeng sumebar sacara tatalepa ti hiji jalma ka jalma sejen

Kalimah diluhur teh mangrupakeun salah sahiji ciri dongeng anu sumebar sacara ......
A. Anonim
B. Lisan
C. Pamohalan
D. Fiksi
E. Pesen moral

Dongeng
Gagak Hayang Jadi Merak

Hiji poe si Candrika manuk gagak jalu, hiber neangan kahakanan, bari angger
mikiran kahayangna, hayang jadi merak. Barang ngaliwat dihiji walungan manehna nenjo
baju merak nambru disisi walungan. Kumanehna didekeutan. "Kamana anu boga na?" Si
candrika ngomong sorangan. Luak- lieuk euweuh sasaha. Buru-buru bae baju merak
disamber, dibawa hiber kanu jauh tidinya. Cle dina tangkal nu suni. Rap baju merak teh
dipake. Logor teuing, waktu dicobaan dipake hiber teh kokoplokan. "Kawasna mah kudu
dirapet!"
Henteu tatalangke, manehna ngala leugeut teureup. Tulus diulas-oles kana awakna
jeung kana baju merak tea. Rap baju merak dipake deui. Pel bae napel rapet pisan. Dicobaan
dipake hiber, najan karasana beurat, tapi leuwih ngenaheun tibatan tadi.
.........................................................................................................................................

1 dari 11
4. Sempalan Dongeng diluhur kaasup kana jenis dongeng .....
A. Sasakala
B. Fabel
C. Parabel
D. Mite
E. Sage

5. Tina sempalan dongeng diluhur, bagian dongeng anu kaasup unsur pamohalan nyaeta.......
A. Gagak ngapung neangan kahakanan
B. Luak lieuk manuk gagak euweuh sasaha
C. Merak teh buluna endah pisan
D. Baju merak dilaan ku merak, nambru di sisi walungan, tuluy dipake ku Si Candrika
manuk gagak jalu.
E. Manuk gagak cle dina dahan tangkal kiara

6. Laporan kegiatan
- Waktu jeung tempat tujuan kagiatan
- Kasang tukang
- Tujuan
- Pamilon
- Kagiatan
- Panutup
Dina bagian-bagian laporan kegiatan diluhur numutkeun sistematikana nulis laporan
kagiatan, nu ditulis pangheulana nyaeta ......
A. Waktu jeung tempat tujuan kagiatan
B. Kasang tukang
C. Tujuan
D. Kagiatan
E. Pamilon

7. Dina Amparan Sajadah


Cipt: Doel Sumbang

Dina amparan Sajadah


Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya

Dina amparan sajadah


Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Ya Allah Robbul Izzati
...............................

Harti kecap lamokot dina rumpaka kawih diluhur nyaeta ....


A. Loba ibadah ka Gusti Allah
B. Tara ibadah ka Gusti Allah
C. Teu boga dosa ka Gusti Allah
D. Pasrah dina ibadah ka Allah
E. Diri nu pinuh loba dosa ka Gusti Allah
2 dari 11
8. Kawih
Manuk Dadali
Mesat ngapung luhur
Jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna
Bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas
Reujeung pamatukna ngeluk
........................................

Rumpaka nu mernah pikeun ngalengkepan kawih diluhur nyaeta .....


A. Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
B. Meberkeun buntutna bangun taya karingrang
C. Saha anu bisa nyusul kana tandangna
D. Gandang jeung pertentang taya bandingannana
E. Perlambang sakti Indonesia Jaya

9. Astri : “……………………………?”
Ramlan : “Hé hé, dipapaksa kawas budak TK baé. Henteu atuh As, sok maksakeun nyalira
baé. Rumaos abdi téh bodo, jadi kudu getol ngapalkeun. Mamah sareng Bapa
mah ukur masihan sumanget.”

Patalékan/pertanyaan anu luyu pikeun ngeusi wawancara di luhur nyaéta?


A. Ramlan upami diajar sok ngaraos kapaksa tara?
B. Upami diajar sok tabuh sabaraha?
C. Mamah sareng bapa Ramlan osok masihan sumanget?
D. Kumaha carana sangkan getol ngapalkeun?
E. Ramlan getol diajar?

10. A : “Pa, punten abdi badé nyuhunkeun katerangan, kinten-kinten naon baé masalah anu
dipayunan ku pamaréntah akibat tina narkoba téh?”
B : “Kiwari narkoba mémang jadi masalah, lain baé keur pamaréntah, tapi keur sakumna
masarakat, ogé lain ukur di Indonesia, tapi di unggal nagara di sakuliah dunya. Ari nu
jadi sababna narkoba téh bisa ngaruksak mental bangsa, utamana barudak ngora.”

Naon anu jadi jejer dina wawancara di luhur?


A. Ngeunaan pamaréntahan
B. Akibat narkoba
C. Masalah pamaréntah
D. Rusak mental
E. Budak ngora

3 dari 11
11. Carita Babad
“Prabu Siliwangi”

Sanggeeus karajaan Pajajaran diserbu ku para prajurit ti Banten, Prabu Siliwangi


saputra garwa katut abdi-abdina nu satia, kaluar di luareun karaton terus diserbu ku pasukan
musuh. Atuh dayeuh Pajajaran beuki sepi sabab rahayatna loba anu marubus ka leuweung.

Latar tempat tina sempalan carita babad diluhur, nyaéta…


A. Aula jeung pasar
B. Karaton jeung leuweung
C. Dayeuh
D. Banten
E. Lembur

12.

13.

14. Cadas Pangeran


Karya: Yus Rusyana
Ginggeng Nusa Jawa ku gidirna Mas Galak
Curukna ngagurat ti Anyer ka Banyuwangi
Saciduh kudu metu ngembat jalan kebat
Ngagurat warna getih ti Anyer ka Banyuwangi

Rasa nu nyangkaruk dina sajak di luhur nyaéta....


A. Bungah
B. Bagja
C. kaleungitan
D. Sono
E. Ketir

4 dari 11
15. Bras sumping kadieu cunduk dina waktu nu mustari
Urang teh kedah paanggang wanci kieu
Wanci haneut moyan, lir haneutna amparan haté
Urang sungsung ku pangwilujeng urang papag ku pangbagéa
Sanaos urang teh tangtos patebih

Sajak di luhur nyaritakeun kaayaan .....


A. Paturay tineung
B. Ngawaro tatamu
C. Pangbagéa
D. Ngajajapkeun
E. Mapag pangantén

16. ..................................................................................................................................................
Bapa miwah ibu anu dipihormat, Dina raraga mieling Hari Ibu anu pancegna kaping 22
Desember, Sim kuring seja medar sajarah singet Raden Dewi Sartika.
Anjeunna teh dibabarkeun di Bandung . Anjeunna bajoang ngaronjatkeun harkat jeung
martabat kaom istri khususna di Jawa Barat umumna di Indonesia
....................................................................................................................................................
Penggelan naskah biantara diluhur kaasup kana bagean.......biantara
A. Bubuka
B. Eusi
C. Panutup
D. Salam bubuka
E. Salam Panutup

17. Dina acara paturay tineung kelas XII SMA BBS, Ratih salaku ketua OSIS dipaparin waktos
kanggo ngadugikeun pamapagna. Kukituna ratih nyiapkeun nyusun naskah biantarana,
supaya dina prakna, geus bener-bener siap, sanajan tinggal maca kana naskah nu geus
dijieun.

Tina gambaran ilustrasi di luhur Ratih ngagunakeun metode/tehnik biantara ......


A. Langsung
B. Ngapalkeun
C. Nalar
D. Maca
E. Nyatetkeun inti

18. Kajen hinis lain awi


Da puguh cangkang campedak
...............................................
Da puguh kandel diwedak

Kalimah nu mernah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nyaeta


A. Kajeun geulis lain asli
B. Kajeun geulis pasti asli
C. Kajeun hinis tapi awi
D. Da puguh make campedak
E. Da puguh Kandel diwedak
5 dari 11
19. Boboko eusina gelas
Piring pisin reujeng sendok
Bogoh kabatur sakelas
Matak isin lamun amprok
Sisindiran diluhur kaasup kana jenis (wangun) ......
A. Rarakitan
B. Paparikan
C. Silih asih
D. Wawangsalan
E. Piwuruk

20. Dina Acara ngaresmikeun gedong perpustakaan anyar, diluuhan ku kepala sakola , kepala
Dinas Pendidikan, para dewan guru, Ketua Osis jeung para wali murid . numutkeun
ilaharna dina susunan acara nu pangheulana dipaparin ngadugikeun pamapag nyaeta..
A. Kepala Sakola
B. Kepala Dinas Pendidikan
C. Dewan Guru
D. Wali Murid
E. Ketua Osis

21. Assalamualaikum wr wb
Langkung tipayun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka panata calagara, anu maparin
kapercantenan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur, di sarengan ku girang serat
Saderek Putri Endah, salajengna mangga ieu forum urang buka ku aosan basmalah.
Bubuka diluhur biasana sok digunakeun panumbu catur dina acara
A. Biantara
B. Paturay Tineug
C. Khutbah
D. Sawala
E. Syukuran

22. Mulang Ka Lembur


...................................................................................................................................................
Sakitu geus dibaju manglapis-lapis , tulang teh asa dicocogan jarum es, nginum cai
haneut keur ngahaneutkeun beuteung, hawa ti tutugan gunung kacida tirisna, panon poe nu
mimiti meletek can ngarasa ngahaneutan awak...
Tina sempalan carpon di luhur latar tempat nu kagambar nyaeta
A. Di lembur
B. Di tutugan gunung
C. Di leweung
D. Di dayeuh
E. Di pasawahan

6 dari 11
23. Warga Kahibur Kembang Api
BANDUNG – Pesta kembang api milu ngareah-reah milangkala ka 204 Kota Bandung, tadi
peuting (27-9-2014). Ratusan kembang api ditembakeun ti monumen perjuangan, pating
barasat jeung pating burisat ngawarnaan langit lenglang Kota Bandung.
Walikota Bandung, Ridwan Kamil, babarengan jeung warga ngitung mundur ti detik 30
nepi ka hiji. rengse ngitung, kembang api ngabelesat mapaes mongklengna peuting. Sora
kembang api tuluy tumuluy kurang leuwih sapuluh menit. Warga Bandung tamplok
dilapang Gasibu, marengan mancawura warna warni cahaya endah kembang api.
Eusi warta diluhur nyaeta ....
A. Kembang api di monumen perjuangan
B. Langit lenglang Kota Kembang
C. Ridwan Kamil ngitung mundur detik taun baru
D. Kembang api tuluy tumuluy pating burisat sapuluh menit
E. Warga Kota Bandung ngareah-reah milangkala Kota Bandung ku kembang api

24. Warga Kahibur Kembang Api


...................................................................................................................................................
Walikota Bandung Ridwan Kamil babarengan jeung warga ngitung mundur ti detik 30 nepi
kahiji. Rengse ngitung, kembang api nu balesat mapaes mongklengna peuting.

Kecap mongklengna sarua hartina jeung.....


A. Caangna
B. Endahna
C. Poekna
D. Tirisna
E. Panasna

25. Wacana sempalan novel


Baruang Ka Nu Ngarora
Sabot keur kitu jebul Nyi Haji Abdul Rauf, nyampeurkeun ka pangkeng. Nyi Dampi
pahibut nyumputkeun potret.
“Naon nu rek dibeli teh, Nyai?” ceuk Nyi Haji, Omong Nyi Dampi, “Ieu putra teh palay
sinjang, pangaosna 20 rebu.”
“Pek bae dibeuli”
Samping dicokot ku Nyi Rapiah, tuluy dibayar ku Nyi Haji, indungna Nyi Rapiah.
Nyi Dampi amit gura giru, atoh nampa ladang samping batina gede.

Tina sempalan novel diluhur galur nu kapanggih nyaeta ...


A. Maju
B. Mundur
C. Bobok tengah
D. Panderi ti heula
E. Campuran

7 dari 11
26. 1. Tempat jeung tanggal lahir
2. Silsilah kulawarga
3. Riwayat pendidikan
4. Prestasi anu kacangking dina widangna
5. Hal-hal pamohalan teu asup akal diluar nalar

Unsur-unsur anu teu ditulis dina biografi nyaeta ....


A. 1
B. 2
C. 3
D. 4
E. 5

27. Febri Haryadi


Febri Haryadi ngaran lengkepna. Nenehna Febri. Lahir di Bandung tanggal 19
Februari 1986. Ngaranna mimiti dipikiwanoh sabot maen di Persib Bandung dina piala
Jenderal Sudirman 2015.
Kamampu impresifna mimiti katempo basa ngabela Persib di ajeng Piala Bayangkara
2016 jeung Piala Presiden 2017. Anjeuna jadi pamain unggulan Persib. Tampil luar biasa
jeung Persib, pelatih timnas Indonesia U-22 Luis Milla ngasupkeun Febri jadi timnas sarta
diajak maen di Sea Games Malaysia 2017.

Eusi paragraf ka hiji dina sempalan Biografi diluhur nyaeta .....


A. Febri pamaen Persib Bandung
B. Piala Jenderal Sudirman
C. Tampil luar biasa
D. Tempat jeung tanggal lahir Febri
E. Prestasi Febri salaku pemain Persib

28. Saung Angklung Mang Udjo


Saung angklung Mang Udjo teh samodel imah atawa padepokan seni, anu pernahna di Jalan
Padasuka Bandung. Sanajan aya disisi jalan padepokan anu lega nya kurang leuwih 2 hektar
teh, aya ditengah pilemburan anu gegek. Bedana jeung imah sejen teh, diwowongkon
padepokan mah loba rukun awi, tangkal kalapa jeung tatangkalan lianna. Hawana jadi
karasa leuwih seger.

Karangan diluhur kaasup kana jenis karangan...


A. Eksposisi
B. Narasi
C. Argumentasi
D. Persuasi
E. Fiksi

8 dari 11
29. A. Salah sahiji udagannana nyaeta ngamumule jeung ngamekarkeun waditra tina awi
B. Saung angklung mang Udjo diadegkeun tahun 1967
C. Ku alpukahna seniman angklung Udjo ngalagena suwargi

Susunan kalimah nu mernah nyaeta ...


A. B-A-C
B. C-A-B
C. A-B-C
D. A-C-B
E. B-C-A

30. Saung Angklung Mang Udjo


Saung angklung Mang Udjo teh samodel imah atawa padepokan seni, anu pernahna di Jalan
Padasuka Bandung. Sanajan aya disisi jalan padepokan anu lega nya kurang leuwih 2 hektar
teh, aya ditengah pilemburan anu gegek. Beda na jeung imah sejen teh, diwowongkon
padepokan mah loba rukun awi, tangkal kalapa jeung tatangkalan liana. Hawana jadi karasa
leuwih seger.

Kacindekan tina wacana diluhur nyaeta ...


A. Saung angklung Mang Udjo mangrupa padepokan nu aya ditengah pilemburan
B. Disaung Udjo loba rungkun awi
C. Saung Udjo ayana disisi jalan
D. Saung Udjo hawana karasa seger
E. Angklung Mang Udjo legana hektaran

31. Carita wayang nu asalna ti indonesia nyaeta


A. Mahabarata
B. Ramayana
C. Pandawa Lima
D. Rama jeung Sinta
E. Si Cepot ngalalana

32. Carita Wayang


Gatotkaca Perlaya
Dipati Karna, Raja Awangga. Kasaktianna henteu eleh ku Arjuna. Lian ti ahli
mentang jamparing, pinter maen gada jeung tumbak . Anjeunna putra Batara Surya . Ibuna
Dewi Kunti, sami sareng Yudistira, Bima katut Arjuna, namung iwal Surya, Kunti , sareng
Kresna, teu aya nu terang saleresna eta satria nu opat teh dulur saindung. Ari Yudistira,
Bima jeung Arjuna, bapana Pandu Dewanata.

Numutkeun sempalan carita wayang diluhur sacara silsilah kulawarga bapana Dipati Karna
nyaeta?
A. Yudistira
B. Pandu
C. Batara Surya
D. Krisna
E. Bima

9 dari 11
33. Aan Merdeka Permana kalebet salasahiji pangarang nu produktif. Buku-buku nu kantos
diterbitkeun hasil karya anjeunna diantarana : Sasakala Situ Patengan, Paul di Pananjung
jeung jeung rea-rea deui. Dina danget ayeuna Aan merdeka medalkeun deui buku anu
judulna Sasakala Rawa Onom anu eusina nyaritakeun hal ihwal Rawa Onom di Purwahaja-
Ciamis.

Pedaran di luhur mangrupa....resensi


A. Bubuka
B. Eusi
C. Kacindekan
D. Identitas
E. Panutup

34. Kecap medalkeun dina sempalan resensi diluhur ngabogaan harti nu sarua jeung...
A. Nyetakan
B. Ngaluarkeun
C. Macakeun
D. Leber
E. Nyatetkeun

Lalaki Begang di topi Lamak


Latar panggung ngagambarkeun panto pager imah gede jeung alum cat na warna emas. Hiji
lalaki ngora, awakna begang, di topi lamak nuruban bagean luhur beungeutna, nangtung luaren
panto pager. Sakapeung ngajangkung-jangkungkeun awaknya, melong ka lebah imah. Teu
kungsi lila jol aya awewe rada umuran, nilik dangdanannana sigana babu.
Babu : (ti jeroeun pager) “Saha sebenerna Emang....Akang.... eu.. Ujang teh?
Urang mana jeung rek ka saha ? geus sabaraha poe cicing di hareupeun imah batur.
Dunungan kuring asa kaganggu. Tukang baramaen da lain sigana, sabab teu
kadenge hayang diberean.
Si Lalaki : “Ieu teh bumina bapak Ganjar Kartawinata, SH.?”
Babu : “Bapak Ganjar Kartawinata, SH., M.Si., LLM
Si Lalaki : “Pangsiunan hakim nya?
Babu : “Hakim Agung manten”
Si Lalaki : “Jadi enya, ieu teh bumina Bapak Haji Ganjar Kartawinata, SH.
.................................................................................................................................

35. Kalimah nu digurat handap dina sempalan teks drama diluhur kaasup .......
A. Monolog
B. Cacandraan
C. Adegan
D. Epilog
E. Dialog

10 dari 11
36. Latar suasana nu kapanggih dina sempalan naskah drama soal no 35 nyaeta ...
A. Sedih
B. Gumbira
C. Panasaran
D. Pasrah sumerah
E. Ambek

37. Sakapeung ngajangkung-jangkungkeun awakna, melong ka lebah imah. Teu kungsi lila jol
aya awewe rada umuran, nilik dangdanannana sigana babu.

Kecap babu dina kalimah di luhur hartina nya nyaeta .......


A. Jalma purah babantu migawe pagawean imah
B. Nu boga imah
C. Anak nu boga imah
D. Nu sok ngomean imah
E. Dulur nu boga imah

Hasil Tani Kudu Ngaronjat

Prak-prakan nyawah ngabogaan tahapan-tahapan. Kahiji nyieun pabinihan, nyaeta binih


anu rek dipelak biasana ditebarkeun heula dina pabinihan. Samemehna pare pabinihan teh
diirik terus ditapi heula sarta diberesihan. Sanggeus beresih tuluy dikeueum salila sapeuting.
Sanggeus dikeueum terus diwadahan karna boboko sarta ditutup ku daun nepi ka bumi.
Meunang sabaraha poe, serah pabinihan anu geus kalaluar akarna tuluy ditebarkeun ditempat
pabinihan nu geus disiapkeun.
Sapoe samemeh binih pare dicabut, sawah nu rek ditanduran teh kudu geus meunang
nyaplak nema kana kagiatan tandur, nyaeta ngamimitian melakkeun pare di kotakkan nu
meunang nyaplak tea............

38. Pokok pikiran utama paragraf kahiji dina wacana sempalan artikel diluhur nyaeta :
A. Tahap-tahap nyieun pabinihan
B. Binih ditebar heula
C. Pare pabinihan teh irik
D. Pare dikeueum sapoe sapeuting
E. Sawah nu ditanduran kudu meunang nyaplak

39. Kecap pabinihan dina wacana nomor 38 kaasup kana istilah ....
A. Industri
B. Jual Beuli
C. Kaulinan
D. Sastra
E. Tatanen

40. Prak-prakan nyawah ngabogaan tahap-tahapan, kahiji nyieun pabinihan ......


Sasaruan kecap ngabogaan nyaeta...
A. Mibanda
B. Biasana
C. Ilaharna
D. Lianna
E. Umumna
11 dari 11

Anda mungkin juga menyukai