Anda di halaman 1dari 18

DOKUMEN

NEGARA
SANGAT RAHASIA

PENDIDIKAN
UJIAN SEKOLAH
TAHUN PELAJARAN 2021/2022
PANCASILA DAN
KEWARGANEGARAAN

B. SUNDA
SMP Kurikulum
UTAMA
2013

DINAS PENDIDIKAN KOTA BEKASI


SMP KOTA BEKASI
MATA PELAJARAN

Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA

Jenjang : SMP

WAKTU PELAKSANAAN

Hari/Tanggal : Kamis, 14 April 2022

Waktu : 10.00 – 11.30 (90 Menit)

PETUNJUK UMUM

1. Isikan identitas Anda ke dalam Lembar Jawaban Komputer (LJK) yang tersedia dengan
menggunakan pensil 2B sesuai dengan petunjuk di LJK.
2. Hitamkan bulatan sesuai dengan kolom isian pada LJK.
3. Tersedia waktu 90 menit untuk mengerjakan paket tes tersebut.
4. Jumlah soal sebanyak 40 butir pilihan ganda, pada setiap butir pilihan ganda terdapat 4
(empat) pilihan jawaban dan 5 butir soal uraian.
5. Periksa dan bacalah soal-soal sebelum Anda menjawabnya.
6. Laporkan kepada pengawas ujian apabila terdapat lembar soal yang kurang jelas, rusak,
atau tidak lengkap.
7. Tidak diizinkan menggunakan Buku, catatan, HP atau alat bantu hitung lainnya.
8. Periksalah pekerjaan Anda sebelum diserahkan kepada pengawas ujian.
9. Lembar soal tidak boleh di coret-coret.

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda


A. Pilihlah salah satu jawaban yang benar dari pertanyaan dibawah ini dengan
menghitamkan salah satu option yang ada.

1. Baca sempalan teks biantara (pidato) ieu di handap ieu!


“Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat
kanggo urang sadayana. Urang wajib ngajaga lingkungan sareng awak
sorangan sangkan jauh tina sagala panyakit. Kumargi kitu, urang kedah
ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat…”
Jejer pidato di luhur nyaeta....
A. Kabersihan awak jeung lingkungan
B. Ngajauhan panyakit
C. Lingkungan sosial
D. Lingkungan sabudeureun

2. Baca teks biantara (pidato) di handap ieu!


“Puji sukur urang sanggakeun ka Allah SWT, margi ku barokah sareng
karunia Anjeunna, uarng sadayana tiasa sasarengan kempel di ieu tempat,
mugia ieu kagiatan kenging ridho ti Alloh nu Maha Kawasa. Aaamiiin.”
Sempalan conto biantara di luhur bagean tina....
A. Salam bubuka
B. Eusi bubuka
C. Eusi inti
D. Eusi panutup

3. Titenan sempalan artikel ieu di handap!


“Saenggeus opat taun ngagabung jeung pabrik tekstil Toyoda, divisi pabrik
mobilna diresmikeun ngadeg sorangan dina taun 1937 tur ganti ngaran jadi
Toyota. Jadi, pabrik tekstil mah ngaranna teh Toyoda, ari pabrik mobilna mah
ngaranna the Toyota.”

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda


Tina sempalan conto artikel di luhur, nu boga pabrik Toyota jeung pabrik Toyoda teh...
A. Toyota pabrik tekstil
B. Toyoda pabrik mobil
C. Pabrik Toyoda jeung pabrik Toyota nu bogana sarua
D. Pabrik Toyota jeung Pabrik Toyoda nu bogana beda

4. Titenan sempalan artikel ieu di handap !


“Di daerah Subang lamun aya hajatan sunatanan atawa nikahan sok kaya
nu nangap sisingaan. Sisingaan sok sanajan asalna ti daerah Subang tapi geus
sumebar ka sakabeh wilayah Jawa Barat. Panganten atawa budak sunat sok
diarak ditumpakeun dina boneka singa badag nu dibawa ku jelema, jadi siga
singa nu keur leumpang jeung luak leok, dipirig ku alat music tradisional,
salahsahijina kendang. Ampir sarua jeung kabiasaan kariaan urang Cina nya
eta barongsay.”
Sempalan artikel di luhur temana nya eta …
A. Sosial
B. Kaulinan
C. Kasenian
D. Pendidikan

5. Artikel nyaeta ....


A. Tulisan atawa karangan imajinasi
B. Tulisan nu dilengkepan ku gambar gambar
C. Tulisan atawa karangan dumasar fakta jeung data
D. Tulisan atawa karangan dumasar pikiran jeung elmuna sorangan

6. Kalimah di handap ieu nu mangrupa judul tina karangan eksposisi, nyaeta ….


A. Hayu urang hirup sehat
B. Potensi Budaya Kota Bekasi
C. Lengkah-lengkah Ngaktipkeun Akun twiter
D. Pentingna Imunisasi Diptheri pikeun Barudak Sakola

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda


7. Kalimah di handap ieu nu mangrupa pengertian tina karangan eksposisi, nyaeta ….
A. Karangan nu medarkeun hiji pasualan, atawa kaayaan.
B. Karangan nu nerangkeun tata cara nyieun hiji produk.
C. Karangan nu ngandung ajakan pikeun ka nu maca karangan.
D. Karangan anu medarkeun hiji pasualan dumasar kana pamanggih si panulisna.

8. Lengkepan patelakan warta ieu dihandap make jawaban nu merenah!


a : Iraha kajadianna?
b : ….
Mun patelakana a, jawaban nu merenah keur b, nyaeta ….
A. Tata Tertib Sakola
B. Minggu kamari
C. Aturan no. 22 tahun 2015
D. Wakasek bidang kesiswaan

9. Titenan unsur-unsur ieu di handap!


a. Nada d. jejer
b. dialog e. watek
c. Wirahma f. imaji
Tina katerangan di luhur nu kaasup unsur drama nya eta…
A. b, d, e
B. a, b, c
C. b, c, d
D. d, e, f
.
10. Sempalan Drama
Geber-Geber Hihid Aing
(Hiji poe aya budak pahatu keur leumpang asruk-asrukan di leuweung)
Budak Awewe : ” Rek kamana urang teh, kang?
Budak Lalaki : ” Neangan jalan, Nyai, urang teh kasarung.”
Budak Awewe : ” Tapi kuring mah geus cape, titadi asruk-asrukan wae.”
Budak Lalaki :” Sabar we, nyai.”

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda


Budak Awewe : ” Lapar deuih, beuteung geus kukurubukan.”
Budak Lalaki : ” Enya, ke sugan manggih bungbuahan.”
Budak Awewe : ” Tuh, Kang, itu buah naon meni meuhpeuy kitu?”
Amanat nu bisa dicokot tina teks drama di luhur nyaeta …
A. Ulah asruk-asrukan di leuweung.
B. Kudu akur jeung nyaah ka dulur.
C. Ulah nyaah ka dulur.
D. Kudu alus sangka.

11. Paguneman téh asalna tina kecap gunem, nu hartina ....


A. nyarita kasar
B. nyarita lemes
C. nyarita sorangan
D. nyarita silihtémpas

12. Titenan sempalan paguneman ieu di handap!


Bu Nani: “Kunaon kamari teu sakola?”
Ridwan: “Abdi udur bu, saur dokter, kedah cek darah, margi bilih keuna DBD.
Bu Nani: “Kumaha hasilna?”
Ridwan: “Negatip bu, mung gejala tipes.”
Bu Nani: “Oh kitu? Nya sok atuh geura diuk deui, urang mimiti diajar.... siapkeun
bukuna.”
Latar tempat eta paguneman di ….
A. Jalan
B. Kelas
C. Imah
D. Rumah sakit

13. Titenan sempalan paguneman ieu di handap!


Panji : “Aeh, naon PR basa Sunda teh?”
Dika : “Kudu ngarang sajak. Temana bebas.Minggu hareup dikumpulkeun.
Cenah ceuk Bu Lilis, mun sajakna alus rek dikirimkeun ka majalah
Sunda.”
Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda
Panji : “Atuh mun kitu mah urang rek meuli heula majalahna, ah!”
Dika : “Urang ge arek. Sugan we sajak urang bisa dimuat.”
Jejer dina paguneman di luhur nya éta.…
A. Majalah Sunda
B. Ngarang sajak
C. Sajakna alus
D. PR basa Sunda

14. Dumasar Eusina, “Gunung Tangkuban Parahu” kaasupna kana wanda dongéng ....
A. Sage
B. Mite
C. Parabél
D. Legénda

15. Titenan sempalan dongeng ieu di handap !


“Ku lantaran ambeuk jeung apal yén Dayang Sumbi geus ngagagalkeun
rencanana, teu antaparah deui parahu anu geus méh réngsé téh ditajong ku
Sangkuriang nep ka nangkubna. Ėta parahu anu ditajong ku Sangkuriang nepi
ka nangkub téh ayeuna katelah Gunung Tangkuban Parahu. Ari tunggul-
tunggul kai anu dituaran ku Sangkuriang keur bahan nyieun parahu téa,
ayeuna katelah Bukit Tunggul.“
Jejer/tema dongéng diluhur nyaritakeun ngeunaan....
A. Dayang Sumbi
B. Sangkuriang
C. Parahu nangkub
D. Gunung Tangkuban Perahu

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda


16. Titenan sempalan dongeng ieu di handap!
“Pasosore Sangkuriang geus balik deui ti leuweung bari mawa ati mencek pesenan
indungna (Dayang Sumbi), padahal nu dibawa teh lain ati mencek tapi ati Si Tumang,
sato kukutan indungna…”
Lamun ditilik, sempalan dongeng dongeng di luhur nuduhkeun watekna tokoh
Sangkuriang....
A. Bageur
B. Ngabohong
C. pinter
D. Gede hulu

17. Titenan Sempalan dongeng pikeun ieu di handap!


“Dina waktu ngan sapeuting Sangkuriang bisa nyanggupan pamenta Dayang Sumbi,
nya eta nyieun parahu …sok sanajan Sangkuriang teh menta bantuan jin supaya tereh
anggeus…”
Dumasar sempalan dongeng di luhur, Sangkuriang bisa nyeiun parahu dina waktu ngan
sapoe. nuduhkeun yen dongeng miboga unsur ....
A. Waktu
B. Kasaktian
C. Kasombongan
D. Pamohalan (Teu asup akal)

18. Titenan conto pupuh ieu di handap !


GAMBUH
Tuh itu beurit lintuh
Mani rendey anakna sapuluh
Arilikan gambarna masing taliti
Anakna kabéh ngariung
Saregep hormat ka kolot

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda


Wacana di luhur kagolongkeun kana ....
A. Kawih
B. Pupuh
C. Sajak
D. Sisindiran

19. Titenan conto pupuh ieu di handap !


PUCUNG
Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora
Bisi engke henteu lulus
Batur seuri urang sumegruk nalangsa
Guru Wilangan jeung Guru Lagu pupuh di luhur nyaeta ....
A. 6-u, 2-a, 4-u, 5-a
B. 11-u, 6-a, 8-u, 12-a
C. 12-u , 6-a, 8-u, 12-a
D. 12-u, 6-a, 9-u, 13-a

20. Titenan conto pupuh ieu di handap !


WIRANGRONG
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nuntut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara
Watek atawa sipatna nyaeta ....
A. Sedih
B. Gumbira
C. Nasehat
D. Silih asih

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda


21. Titenan conto sempalan sajak ieu di handap!
Leumpang Peuting
Dua budak adi lanceuk
Dakina karandel bajuna saroe`k
Teu nyahoeun hartina waktu
Bulan gempur di langit biru
(kuring ngaraketkeun beuheung baju)
Dina sempalan sajak di luhur nu nuduhkeun kalimah nu ngandung makna konotasi teh,
aya dina kalimah ....
A. Dua budak adi lanceuk
B. Teu nyahoeun hartina waktu
C. Bulan gempur di langit biru
D. kuring ngaraketkeun beuheung baju

22. Titenan conto sempalan sajak ieu di handap


Bandung
Hayang kuring nanya heula
Samemeh pamit rek paanggang
Ieu bandung nu heurin ku tangtu
Itu lembang kota herang jeung bentang
Mindeng mere ilham kana kalam
Nu jadi tema dina sajak di luhur teh, nyaeta ...
A. Pamit
B. Mere ilham
C. Kaendahan alam
D. Bandung kota parahiyangan

23. Titenan sempalan sajak ieu di handap!


Tanah Sunda
Hejo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagunungan paul lautan

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda


Taya katengtreman ngan ancaman
Dumasar sempalan sajak di luhur, katangen sikep panyajak teh hayang ngabejaan ka
nu maca ngeunaan ....
A. Kaayaan pagunungan anu hejo lembok
B. Kaayaan alam Sunda anu geus ruksak ku polusi
C. Kaayaan tanah Sunda nu endah tur tengtrem pikabetaheun
D. Kaayaan tanah Sunda nu endah, tapi henteu tengtrem tur loba ancaman

24. Titenan conto sisindiran ieu di handap!


PAPARIKAN RARAKITAN
Ngawuluku ngawalajar Sing getol nginum jajamu
Kudu dibaladah heula Nu guna nguatkeun awak
Dina waktu rek diajar Sing getol neangan elmu
Hayu ngadaroa heula Nu guna dunya aherat
Nu ngabedakeun paparikan jeung rarakitan, nyaeta....
A. Jumlah pada
B. Jumlah engang
C. Jumlah padalisan
D. Purwakanti dihareup jeung tungtung padalisan

25. Lengkapan conto sisindiran di handap ieu!


Paparikan Rarakitan
Samping hideung dina bilik Sapanjang jalan soreang
Kumaha nuhurkeunana .....................................
Abdi nineung ka nu balik Sapanjang tacan kasorang
...................................... Moal weleh diakalan

A. Kumaha nuturkeunana, moal weleh diaspalan


B. Kumaha nuhurkeunana, moal weleh disusukan
C. Mun rek milu geuwat dandan, sok hayang nanya nu pundung
D. Leumpangna eundeuk-eundeukan, kade kaancloman leungeun

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda


26. Titenan lirik tembang di handap ieu!
Teu honcewang, sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur, pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai


Lali rari tur tega pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka
Tema tembang diluhur nyaeta....
A. Kaendahan lemah cai
B. Sumangat Pahlawan
C. Perjuang kamerdekaan
D. Pahlawan kemerdekaan

27. Perhatikeun cupilkan syair lagu berikut!


Es Lilin Bubuy Bulan Mojang Priangan Karatagan Pahlawan

Es lilin mah ceuceu Bubuy bulan Angkatna Teu honcewang


kalapa muda Bubuy bulan sangray ngagandeuang sumoreang
dibantun mah dibantun bentang Bangun taya Tekadna pahlawan
ka Sukajadi Panon poe karingrang bangsa
abdi isin dunungan Panon poe disasate Nganggo sinjang Cadu mundur pantrang
samar kaduga dilamban mulang
sok sieun mah aduuh Mojang Priyangan Mun maksud tacan
henteu ngajadi laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa menta
pamulang tarima
Iklas rido keur korban
merdeka

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda


Tembang nu aya hubungan jeung perjuangan di Jawa Barat, nyaeta....
A. Es Lilin
B. Bubuy Bulan
C. Mojang Priangan
D. Karatagan Pahlawan

28. Titenan sempalan carpon ieu di handap !


“Teu karasa, Atin migawé di sakola ieu téh geus meunang tilu bulan. Jadi
tukang beberesih jeung purah muka panto gerbang saban isuk jeung
ngoncikeunana deui saban soré. Sapopoé, haté mah teu wéléh dirobéda ku
kahayang nuluykeun sakola. Tapi dalah dikumaha, da beubeunangan digawé
ogé kapan sok tuluy dikirimkeun ka Ema di lembur. Boro-boro keur béaya
nuluykeun sakola.”
Saha tokoh utama nu labuh pangtukangna dina pudunan téh ...
A. Atin
B. Ema
C. Kuring
D. Diding

29. Titenan sempalan carpon ieu di handap!


“Jalan nu disorang, kaayaanana asa teu jauh beda jeung baheula. Pangpangna
nya mun keur usum ngijih éta. Keur usum ngijih mah mindeng atuh kuring
atawa babaturan teu tulus indit ka sakola alatan labuh lebah ieu tanjakan. Hiji
mangsa mah nepi ka aya sapuluh urangna anu teu tulus indit ka sakola.
Alatanana, nya labuh tea. Labuh babarengan. Enya, apan ari leumpang téh na
pudunan mah sok nguntuy. Kebenaran harita anu labuh téh anu leumpang
pangtukangna. Si Diding mun teu salah mah. Ari labuhna tisorodot ka hareup.
Sedeng dihareup batur keur nguntuy, geus pasti atuh batur téh kasurungkeun.
Mangkaning jalan keur leueur lain lalaworakeun. Blag-blig-blug wé atuh
lalabuh.”
Jejer/tema carpon diluhur nyaritakeun ngeunaan ....

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda


A. Labuh babarengan
B. Jalan nu disorang
C. Teu tulus indit ka sakola
D. Si Diding labuhna tisorodot ka hareup

30. Titenan sempalan carpon ieu di handap !


“Barang jrut turun tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan
sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna
patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang patingjalugrug. Geus
puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui na wangunan
sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak
pantar kuring, bangun anu palinter.”

Dumasar Eusina, latar dina carpon diluhur aya di....


A. Jala
B. Imah
C. Sakola
D. Rumah Sakit

Conto surat pikeun soal no. 31, 32, 33


ORGANISASI INTRA SEKOLAH (OSIS )
SMP NEGERI 50 BEKASI
Sekertariat : Jl. An-Nahl Pondokgede Tlp.021 8470941 ------- 1
______________________________________________________________________
Nomer : 01/OSIS-Bek/IV/2018 --- 3 Bekasi, 17 April 2018 ----- 2
Perkawis : Uleman
Lampiran : -
Kahatur Sdrk : Azzahra ------ 4
Di Tempat
Assalamu’alaikum ------- 5
Hatur uninga, wireh OSIS SMP N.50 Bekasi dina raraga mieling Hari Pendidikan Nasional,
2 Mei 2018

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda


bade ngayakeun kagiatan “ Pasanggiri Biantara Basa Sunda. “ Kukituna simkuring seja
ngahaturanan
Saderek kanggo sumping dina acara Rapat Panitia, kumargi seueur hal nu peryogi
dibadantenkeun. Eta gempungan teh In Syaa Allah bade dilaksanakeun,
----- 6 Dinten/Kaping : Jumaah / 20 April 2018
Waktos : Tabuh 14.00 WIB d.k. Rengse
Tempat : Sekretariat OSIS SMP N.50 Bekasi
Kalintang bingahna, upami Saderek tiasa rurumpaheun sumping dina waktosna. Langkung ti
payun
ngahaturkeun sewu nuhun kana perhatosannana.
Wassalam ------------- 7
Pupuhu Girang Serat ---- 8

Faishal Ihsan Fatimah

31. Bagian tina kop surat, titimangsa jeung panutup surat ditunjukkeun sacara runtut ku
angka ….
A. 1,2, 5
B. 1, 2,7
C. 1,2, 8
D. 1, 3,7

32. Surat di luhur ditujukeun ka ....


A. OSIS
B. Fatimah
C. Azzahra
D. Faishal Ihsan

33. Eusi suratna nyaeta ngeunaan ondangan pikeun acara ....


A. 2 Mei 2018
B. Rapat Panitia Mieling Hardiknas
C. Mieling poe Pendidikan nasional
D. Pasanggiri biantara bahasa Sunda
Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda
34. Ieu di handap nu kaasup katerangan wawancara nu hade nya eta…
A. Hasil wawancara teu kudu direkap
B. Alat wawancara kudu mahal teu kudu merhatikeun basana
C. Basa nu digunakeun bebas teu kudu sopan jeung pakean kudu alus jeung mahal
D. Basa nu digunakeun kudu sopan jeung baku, hasil wawancara disusun rekapanna

35. Sempalan Wawancara


Rina : “Assalamualaikum bu guru…”
Bu guru : “Walaikumsalam Rina, aya naon peryogi naon Rina sareng Deden teh?”
Deden : “Punten ibu bade aya nu ditaroskeun.”
Bu guru : “Mangga atuh perkawis naon?”
Rina : “Perkawis angklung, eta teh nama alat musik tina naon bu didamelna?”
Bu guru : “Eta name alat musik tradisional nu didamelna tina awi.”
Deden : “Ti daerah maba bu kawitna angklung?”
Jejer eta wawancara bu guru sareng Rina, Deden nya eta…
A. Sosial
B. Kasenian
C. Tehnologi
D. Katerampilan

36. Hal-hal nu kudu diperhatikeun nalika wawancara nyaeta ....


A. Hasil wawancara teu kudu direkap
B. Basa nu digunakeun kudu sopan jeung baku
C. Alat wawancara kudu mahal teu kudu merhatikeun basana
D. Basa nu digunakeun bebas teu kudu sopan jeung pakean kudu alus jeung mahal

37. Titenan Ungkara ieu di handap !


a. Perkara atawa tema nu rek ditanyakeun ka narasunber
b. Nu wawancara kudu loba
c. Nyiapkeun pertanyaan nu rek ditepikeun ka narasumber
d. Mawa kadaharan nu loba pikeun narasumber

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda


Tina katerangan di luhur nu kaasup tahapan persiapan wawancara nya eta…
A. A jeung C
B. A jeung B
C. D jeung C
D. C jeung D

38. Titenan gambar alat musik di handap ieu! alat musik nu mangrupa alat musik khas ti
Jawa Barat, nyaeta ….

A.

B.

C.

D.

39. Tari Jaipongan mangrupa gabungan seni….


A. Seni musik jeung seni gerak
B. Seni gerak jeung seni teater
C. Seni sora jeung seni gerak
D. Seni musik jeung seni teater

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda


40. Ieu rupa-rupa kasenian, diantarana:
1. Tari Topeng
2. Tari Cokek
3. Tari Merak
4. Tari Serimpi
5. Tari Jaipongan
Nu kaasup kana kasenian has ti Bekasi teh, aya dina nomer ....
A. 1, 2, 5
B. 1, 2, 3
C. 2, 4, 5
D. 3, 4, 5

Essay
1. Seratkeun kumaha cara midangkeun inuman “Bajigur.”
2. Seratkeun saparagrap warta nu tema na Kajadian Alam (aya 2 unsur what jeung where).
3. Seratkeun ku hidep (tuliskan) pada kahiji tembang Manuk Dadali!
4. Seratkeun unsur-unsur intrinsik carpon!
5. Susun bagean-bagean Surat ieu di handap jadi Strutur Surat Pribadi anu merenah!
1). Eusi 6). Panutup surat
2). Salam Pamuka 7). Ngaran anu ngirim surat
3). Titimangsa 8). Tanda Tangan
4). Pamuka Surat 9). Salam panutup
5). Tujuan Surat

Naskah Soal US Bahasa dan Sastra Sunda

Anda mungkin juga menyukai