Anda di halaman 1dari 4

PEMERINTAH KABUPATEN SUMEDANG

DINAS PENDIDIKAN
SEKOLAH DASAR NEGERI HEGARMANAH I
Dusun Mekarasih Desa Hegarmanah Kecamatan Jatinangor Kabupaten Sumedang

PENILAIAN TENGAH SEMESTER


SEMESTER GENAP TAHUN PELAJARAN 2022/2023

Nama : ………………………………… Bidang Studi : B. Sunda


Kelas : V (Lima) Tanggal : …………………………………
A. Pilihan Ganda
Tengetan Kawih di handap ieu!
Karatagan Pamuda Indonesia
Karya Mang Koko

Rempug jukung pamuda Indonesia


Tekadna waspada ariatna
Raksa Jaring raga sukma
Kukuh pengkuh kuat nahan cocoba
Pasti urang pada kagiliran
Urang kabeh pada kagiliran
Teguh nempuh perjuangan rakyat Indonesia
Ngajungjung darajat bangsa

1. Jejer kawih “Karatagan Pamuda Indonesia” nyaeta ….


a. Tekad para pamuda tina perang
b. Kaum muda mudi nu ngajak rakyat sejen bajoang
c. Kaum muda mudi nu keur meumeujeuhna
d. Tekad para pamuda dina ngajungjung nagara
2. Naon nu kudu dipilampah ku urang salaku pamuda Indonesiapikeun nagara urang
….Iwal.
a. Kudu ngajungjung darajat bangsa
b. Kudu boga tekad waspada kana situasi
c. Kudu babarengan ngabela nagara
d. Kudu ngaronjatkeun kabutuhan hirup
3. Amanat tina kawih “Karatagan Pamuda Indonesia” di luhur nyaeta ….
a. Kudu aktif dina sagala kagiatan kanagaraan
b. Kudu bajoang pikeun kamerdekaan
c. Kudu ngiluan perang
d. Kudu ngajungjung darajat bangsa
4. Maksudna “kukuh pengkuh kuat nahan cocoba” nyaeta ….
a. Kuat nahan kahayang pribadi
b. Cobaan mah tsngtu sys wae
c. Kuat nyanghareupan sagala cobaan
d. Kuat mecahkeun masalah
5. Unggara “Urang kabeh pada kagiliran” ngandung maksud ….
a. Kagiliran kudu merjuangkeun hak kaum pemuda
b. Kagiliran kudu jadi pamuda tangguh
c. Kagiliran jadi pamuda
d. Kagiliran kudu ngajungjung bangsa jeung nagara
6. Kawih asal tina basa Kawi nyaeta kavy nu hartina ….
a. Sair c. dongeng
b. Sisindiran d. pantun
7. Nu teu kaasup kana patokan pupuh nyaeta ….
a. Padalisan unggal guru wilangan c. Guru wilangan unggal padalisan
b. Guru lagu unggal padalisan d. jumlah padalisan unggal padana
8. Nu teu kaasup kana conto kawih mang Koko nyaeta ….
a. Mawar Bodas c. Bandung Lembang
b. Sabilulungan d. Karatagan Pahlawan
9. Di Pakampungan etamah geus rada pinuh ku penduduk.
Rarangken pa-an dina kecap pakampungan ngandung harti ….
a. Gundukan … c. kaayaan …
b. Tempat … d. tukang …
10. Sacara umum pungsi rarangken barung pang-eun pikeun ngawangun kecap ….
a. Sipat c. barang
b. Bilangan d. pagawean
11. Mana kecap nu make rarangken barung sa-eun …. Iwal ?
a. Saluhureun c. sakalieun
b. Saimaheun d. sampayeun
12. Dasar budak pamabokan hese pisan diajak benerna.
Rarangken barung pa – an dina kecap pamabokan ngandung harti ….
a. Hal anupatali jeung …. c. hal anu jadi ….
b. Gundukan …. d. tukang ….
Tengetan sajak dihandap ieu!

EMA, APA
Karya : Moch. Gara

Ka saha kudu nyebut Ema?


Ka saha kudu nyebut Apa?
Estuning hese jeung sieun
Ti leuleutik, kuring can pernah
Diparende ku Ema
Di akod ku Apa
Estuning Teteh jeung Aa
Nu unggal poe dicalukan
Naha kuring teu sarua jeung batur
Hayang jajan menta ka Ema
Hayang cocooan lumpat ka Apa
Naha ka mana jeung di mana
Ari Ema jeung Apa
Ngadenge beja Ema jeung Apa teh
Geus tilar dunya.
13. Jejer sajak di luhur nyaeta ….
a. Inget ka adina nu geus tilar
b. Inget ka indung bapana nu geus tilar
c. Inget ka aki jeung ninina nu geus tilar
d. Inget ka uwa na nu geus tilar

14. Dina sajak di luhur aya kecap tilar dunya nu hartina sarua jeung….
a. Dikeukeupan c. dipikanyaah
b. Maot d. digagandong
15. Antologi atawa buku kumpulan sajak nu munggaran dikarang ku….
a. Godi Suwarna c. Denis Erla
b. Kis W. S. d. Nano S.
16. Ungkara basa dina wangun kalimah nu ngandung harti siloka disebut….
a. Babasan c. Sajak
b. Paribasa d. carpon
17. Paribasa nu kaasup kana jenis paribasa wawaran luang nyaeta … iwal.
a. Kokoro manggih Mulud, puasa manggih lebaran
b. Iwak nangtang sujen
c. Hulu gundul dihihidan
d. Pupulur memeh mantun
18. Dasar budak teh bujur aseupan pisan, cicing atuh tong cilingcingcat wae!
Frasa bujur aseupan hartina nyaeta….
a. Ngomong wae
b. Teu daek cicing
c. Resep nguping
d. Gampang tunggal-teunggeul
19. Nu mangrupa conto gaya basa lalandian nu eusina ocon nyaeta….
a. Isal dilandi si Oray Welang
b. Zira katelah si Uncal, lantaran manehna mah lincah
c. Mang Maman nuju ngaleueut Kapal Api
d. Lantaran lumpatna gancang, Tera katelah si motor
20. Nu mangrupa conto gaya basa lalandian nu eusina pideudeuh nyaeta….
a. Mang Kiming nuju meser ABC
b. Pa Koway sok ngagaleuh Nutrisari
c. Karesep pun biang mah nuang La Fonte
d. Manehna kasohor si Gegep, lantaran gawangna tara kaasupan

B. Essay
1. Naon nu dimaksud kawih? Tulis contona tilu judul kawih!
2. Tuliskeun masing masing contoh babasan jeung paribasa! Jentrekeun hartina!
3. Tuliskeun ku hidep conto rarangken barung sarta terus jieun kalimahna!
a. Rarangkeun pa – an = ….
Kalimahna ….
b. Rarangken pang – keun = ….
Kalimahna ….
c. Rarangken pika – eun = ….
Kalimahna ….
d. Rarangken sa – eun = ….
Kalimahna ….
4. Jieun kalimah tina kecap :
a. Di akod
b. Piwuruk
c. Sasakala
d. Sumoreang
e. ngahuleng

Anda mungkin juga menyukai