Anda di halaman 1dari 5

YAYASAN AT-TAQWA RAJAWALI BANDUNG

SMA RAJAWALI BANDUNG


Jl. Andir Swadaya No 117A/78 Bandung Rt 009/010. Kel Ciroyom. Kec Andir Kota Bandung
No Telp./Fax 022-2056-1017 Email : attaqwarajawali@gmail.com, website: rajawalibandung.sch.id

MATA PELAJARAN : Bahasa Sunda HARI/TANGGAL :


KELAS : X (SEPULUH) PUKUL :
PEMINATAN : WAKTU :
PERHATIAN : 1. Semua Jawaban dikerjakan pada lembar Jawaban yang disediakan.
2. Gunakan waktu yang disediakan dengan sebaik-baiknya.

I. Hitamkan satu alternatif Jawaban yang paling tepat... A, B, C, D, atau E pada lembar Jawaban yang disediakan !

1. Tanya jawab langsung pikeun ngajaring informasi ti narasumber disebutna….


A. Paguneman D. Sawala
B. Wawancara E. Seminar
C. Konferensi

2. Kalimah pananya dina wawancara bisa ngagunakeun kecap pananya 5W+1H, anu ditarjamahkeun kana basa
Sunda jadi kecap-kecap….
A. Mana, dimana, kamana, iraha, kunaon, kumaha
B. Saha, naon, iraha, dimana, naha, kumaha
C. Naon, saha, mana, iraha, naon sababna, kumaha
D. Saha, kusaha, tisaha, disaha, kasaha, keur saha
E. Naon, dimana, iraha, kunaon, saha, kumaha

3. Kagiatan wawancara anu pananyana kudu bisa nyekel kana rusiah rupaning informasi tina hasil wawancara
disebutna wawancara….
A. Madya-bebas D. Kauger
B. Madya-kauger E. Bebas-kauger
C. Bebas

4. Ieu di handap henteu kaasup nu sok ngayakeun wawancara nyaeta….


A. Panalungtik D. Pedagang
B. Pulisi E. Wartawan
C. Nu ngetes calon pagawe

5. Ieu di handap anu henteu kaasup kana cara wawancara nyaeta….


A. Mandiri D. Kelompok
B. Resmi E. Konferensi
C. Teu resmi

6. Carita atawa dongeng anu ngandung unsur sajarah lokal disebutna….


A. Babad D. Sage
B. Parabel E. Legenda
C. Mitos

7. Anakna lanceuk urang disebutna....


A. Adi D. Toa
B. Lanceuk E. Kapilanceuk
C. Alo
8. Istilah pancakaki anu disebut janggawareng teh hartina....
A. Bapana indung/bapa D. Indung/bapana bao
B. Indungna indung/bapa E. Indung/bapana buyut
C. Indung/bapana aki/nini

9. Minangka wangun carita, dina babad teh bakal kapanggih ayana galur carita. Iwu di handap anu henteu
kaasup kana wanda galur carita nyaeta....
A. Galur maju, galur ngacak, galur pandeuri
B. Galur marele, galur ngacak, galur mundur
C. Galur marele, galur maju, galur pandeuri
D. Galur bobok tengah, galur ngacak, galur mundur
E. Galur marele, galur bobok tengah, galur mundur

10. Nyoko kana tempat jeung lumangsungna carita disebut....


A. Tema D. Palaku
B. Amanat E. Latar
C. Galur

11. Salasahiji karya sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi) tapi teu pati kauger ku patokan-
patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada disebutna....
A. Sisindiran D. Guguritaan
B. Sajak E. Wawang salan
C. Pupuh

12. Padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah disebutna....
A. Sense D. Tone
B. Feeling E. Imaji
C. Purwakanti

13. Ieu di handap anu teu kaasup kana adegan lahir sajak nyaeta....
A. Tema D. Gaya basa
B. Wangun sajak E. Purwakanti
C. Pilihan kecap

14. Ieu di handap anu teu kaasup kana adegan batin sajak nyaeta....
A. Wirahma D. Jejer
B. Citraan E. Amanat
C. Rasa

15. Wanda sajak anu sifatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun disebutna sajak....
A. Lirik D. Birama
B. Irama E. Epik
C. Notasi

16. Kecap pananya sabaraha, sakumaha, sanaon fungsina pikeun….


A. Nanyakeun jumlah atawa bilangan
B. Nanyakeun cara atawa kaayaan
C. Nanyakeun sabab atawa kalakuan
D. Nanyakeun barang, tutuwuhan, sasatoan
E. Nanyakeun jalma, Pangeran, Malaikat
17. Bagian struktur wawancara anu mangrupakeun tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara
nyaeta bagian….
A. Bubuka wawancara D. Eusi wawancara
B. Pamungkas wawancara E. Pembuka wawancara
C. Panutup wawancara

18. Carita babad ditulisna aya dina wangun wawacan, aya oge anu dina wangun prosa. Ieu di handap anu teu
kaasup kana aksara carita babad nyaeta….
A. Sunda kuno D. Arab
B. Sunda Jawa E. Cacarakan
C. Pakistan

19. Ngarobah wangun karangan atawa nyaritakeun deui eusi karangan kana wangun sejen disebutna….
A. Parafrase sajak D. Nulis sajak
B. Antologi sajak E. Ngalarapkeun sajak
C. Ngarang sajak

20. Nada atawa sora anu disusun kalawan ngentep seureuh nepi ka ngandung wirahma, lagu jeung kaharmonisan,
pangpangna nu make alat-alat nu bisa ngahasilkeun eta sora disebutna….
A. Dramatisasi sajak D. Deklamasi sajak
B. Musikalisasi sajak E. Maca sajak
C. Parafrase sajak

21. Sakabeh jelema oge moal aya nu bisa hirup sosoranganan, geus jadi sunatullah yen manusa teh makhluk….
A. Sosial D. Homogen
B. Normal E. Homosapien
C. Penomenal

22. Ucap, volume sora, jeung lentong nalika guneman kudu….


A. Tarik D. Sopan
B. Merenah E. Gancang
C. Leuleuy

23. Nanya nembal atawa ngajawab dina guneman kudu make kalimah nu jentre jeung sopan sangkan … tur hade
katarimana ku jalma nu di ajak nyarita.
A. Kapake D. Kataji
B. Kapuji E. Kaharti
C. Kadenge

24. Hubungan timbal balik antara dua jalma atawa leuwih disebut….
A. Birokrasi D. Transportasi
B. Asimilasi E. Inpormasi
C. Komunikasi

25. Kekayaan budaya daerah merupakan kekayaan bangsa.


Kecap “kekayaan” ditarjamahkeun kana basa Sunda nyaeta….
A. Bogaanna D. Kabeungharan
B. Harta E. Kakayaan
C. Kabogaan
26. Unsur-unsur anu kudu aya dina laporan kagiatan the nyaeta 5W+1H.
“How” dina basa Sunda hartina….
A. Naon D. Naha
B. Saha E. Kumaha
C. Iraha

27. Laporan kagiatan anu ditulisna make struktur anu kaku, biasana aya dina….
A. Makalah D. Siaran radio
B. Koran E. Youtube
C. Berita TV

28. Lamun teu dipake, lampu kudu….


A. Dihurungkeun D. Ditingalikeun
B. Diantepkeun E. Dilencangkeun
C. Dipareuman

29. … teh sumber energi panas.


A. Bulan D. Panonpoe
B. Bintang E. Langit
C. Bumi

30. Sangkan cai angger mayeng urang kudu miara….


A. Sasatoan D. Kabersihan
B. Tatangkalan E. Katertiban
C. Kaendahan

A. ESEY
Jawab kalayan singget tur bener!
31. Jelaskeun naon nu dimaksud bubuka dina wawancara!
32. Jelaskeun naon sababna babad diasupkeun kana dongeng!
33. Naon bedana sajak epik jeung sajak lirik?
34. Sebutkeun naon wae nu kaasup adegan lahir!
35. Sebutkeun naon wae nu kaasup adegan batin!

Anda mungkin juga menyukai