Anda di halaman 1dari 8

KEMENTERIAN AGAMA REPUBLIK INDONESIA

KELOMPOK KERJA MADRASAH ALIYAH (KKMA)


MADRASAH ALIYAH NEGERI 5 GARUT

PENILAIAN AKHIR SEMESTER


TAHUN PELAJARAN 2021/2022

LEMBAR SOAL
Dujikan pada :
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Hari :
Kelas : XII (Dua belas) Tanggal :
Peminatan : MIPA dan IPS Waktu :
PETUNJUK UMUM :
1. Awali pekerjaan anda dengan bacaan basmalah dan akhiri dengan hamdalah
2. Nasakah soal ini sebanyak 35 butir berbentuk Pilihan Ganda dan 5 butir berbentuk Uraian,
semuanya harus dijawab.
3. Sebelum mengerjakan soal, periksalah seluruh nomor dan halaman soal, jika ada yang kurang
atau rusak laporkan kepada pengawas ruangan utuk diganti.
4. Jawaban dikerjakan dalam Lembar Jawaban yang tersedia.
5. Tulislah nama, nomor peserta, kelas dan peminatan dalam lembar jawaban pada kolom yang
tersedia!
6. Cara menjawab perhatikan petunjuk pada Lembar Jawaban.
7. Selamat bekerja semoga sukses!

I. Pilih salah sahiji jawaban anu ku hidep dianggap pangbenerna, ku cara ngahideungkeun
buleudan dina huruf a, b, c, atawa d dina lembar jawaban anu geus disadiakeun!

1. Kahirupan masarakat Indonesia, babakuna urang Sunda, teu bisa jauh tina budaya awi, ti
mimiti kaperluan keur bahan piimaheun nepi ka kadaharan. Aya 105 spesies endemic asli awi
nu kapanggih di Indonesia, 95 di antarana aya di Jawa Barat. Ngan hanjakal, can rea
masarakat nu bener – bener sadar kana kapentingan awi, buktina meh 1.000 hektar tangkal
awi di Bogor dituar dina dangka lima taun katompernakeun.
Informasi ti Jatnika Nanggamiharja nu dicutat tina majalah Cupumanik edisi April 2011 di
luhur mertelakeun ngeunaan…
A. Piimaheun tina awi D. Spesies
awi
B. Kadaharan tina awi E. Endemik
C. Pentingna awi awi
2. Tema nu ditepikeun dina informasi nyeta …
A. Kapahlawanan D. Budaya
B. Agama E. Kaséhatan
C. Lingkungan
3. (1) Aya 41 model nu geus dimekarkeunana (2) Kabehanana nyokot kana ciri wangunan
tradisional Jawa Barat. (3) Ti taun 1985 nepi ka ayeuna Jatnika geus ngawangun 3.000 leuwih
imah awi. (4) Jatnika teh kawentar minangka ahlina dina nyieun imah awi mah. Urutan nu
merenah ngarah jadi paragraph nu bener nyaeta …
A. 1-2-3-4 D. 1-2-4-3
B. 4-3-1-2 E. 3-2-1-4
C. 4-3-2-1
4. Kacindekan nu bisa dicokot tina sumber informasi di luhur nya eta urang Sunda teu bisa leupas
tina budaya…
A. Kai D. Jati
B. Awi E. Kadaharan
C. Cai
Perayaan Idul Fitri ogé dilaksanakeun di Trafalgar Square. Perenahna éta tempat téh di
alun-alun, jajantung kota London. Muslim Council of Britain kalayan dirojong ku Mayor of
London, Ken Livingstone, ngayakeun perayaan Idul Fitri. Ken Livingstone-Mayor of London-
nyaritakeun cenah Idul Fitri téh poé dina kalénder muslim nu dianti-anti ku umat Islam.
Masarakat muslim di Inggris ti rupa-rupa bangsa, ti isuk-isuk kénéh geus ngaleut ka
Trafalgar Square nu perenahna teu jauh ti Istana Buckingham, panglinggihan resmi Ratu
Inggris Elizabeth.
Idul fitri di Trafalgar Square téh lain nu pamungkas, komo mun nengetan réa nu datang
mah. Trafalgar Square, lian ti sohor jadi objek wisata pikeun turis-turis mancanagara, ogé jadi
pusat kagiatan demokrasi nasional deuih.
Cupumanik, No. 41/taun IV/Des/2006

5. Upama dicindekeun (kesimpulan), pibasaeun anu merenah tina tilu paragrap di luhur téh nya
éta…
A. Muslim Council of Britain ngayakeun perayaan Iddul Fitri;
B. Masarakat muslim di Inggristi rupa-rupa bangsa ngarayakeun Iddul Fitri;
C. Masarakat muslim di Inggris ngalaksanakeun perayaan Iddul Fitri di Trafalgar Square;
D. Trafalgar Square kasohor jadi objék wisata pikeun turis-turis mancanagara
E. Trafalgar Square nu perenahna teu jauh ti Istana Buckhingham

Tengetan bacaan di handap ieu pikeun ngajawab soal nomer 6, 7, jeung 8!

1) Sanggeus solat Idul Fitri di KBRI, beurangna diteraskeun ku Halal Bihalal di Wisma
Nusantara, padumukan resmi dubes RI, nepi ka burit.
2) Dina panto ka rohangan utama, Dubes Natalegawa, istri katut kadua putrana, ngabagéakeun
nu sarumping. Kalayan daréhdéh anjeunna ngasongkeun panangan sasalaman bari
ngawilujengkeun boboran siam ka masarakat Indonesia sareng urang Inggris nu kaleresan
garwa atanapi carogena urang Indonesia.
3) Gedung Wisma Nusantara, ka tukangna disambung ku 2 tenda gedé, dina palataran nu lega.
Di jerona ngajajar méja pinuh ku masakan Indonesia jeung katuangan séjénna. Rohangan-
rohangan dihias ku runtuyan kembang, janur, jsté.
6. Eta nu tilu paragrap diluhur teh diwangun ku sababaraha kalimah?
A. Tilu kalimah D. Genep kalimah
B. Opat kalimah E. Tujuh kalimah
C. Lima kalimah
7. Baca deui sing imeut tilu paragrap di luhur, sarta pilih mana nu bener!
A. Paragraf kadua jeung kahiji ngajelaskeun paragraf katilu
B. Paragraf kahiji jeung katilu ngajelaskeun paragraf kadua
C. Paragraf katilu jeung kadua ngajelaskeun paragraf kahiji
D. Paragraf kadua ngajelaskeun paragraf kahiji jeung katilu
E. Sakabeh paragraf teu aya hubungan
8. Anu jadi paragrap utama dina tilu paragrap di luhur nyaéta …
A. Paragraf kahiji D. Paragraf kahiji jeung kadua
B. Paragraf kadua E. Paragraf kahiji jeung katilu
C. Paragraf katilu
9. Di handap ieu aya sababaraha bagian anu ngawengku bagian bubuka, kajaba …
A. Watesan jejer pedaran D. gunana objek
B. Legana pedaran E. Alesan milih jejer (topik)
pedaran
C. Tujuan jeung gunana pedaran
10. Hiji dalang kudu ngawasa loba widang seni saperti sastra, drama, tari, karawitan, atawa kawih.
Dina ngadalang éta sakabéh widang seni téh bisa dipaké. Salah sahijina dalang kudu mampuh
ngarobah-robah sora atawa disebut ogé ku istilah …
A. Amardibasa D. Amardawalagu
B. Awicarita E. Antawacana
C. Paramasastra
11. Dina pagelaran wayang aya sawatara istilah, di antarana …
A. Murwa, Nyandra, Kakawén, jeung Antawacana
B. Murwa, paramasastra, amardibasa, jeung awicarita
C. Murwa, Antawacana, Nyandra, jeung amardawalagu
D. Antawacana, Nyandra, kawiradya jeung tutug
E. Murwa, Nyandra, Kakawén, renggep, jeung sabet
12. Siloka bubuka pagelaran anu dikawihkeun ku dalang dina wiwitan caritana disebutna …
A. Murwa D. Janturan
B. Nyandra E. Kakawén
C. Antawacana
13. Ieu di handap kalimah anu teu ngandung kecap dirarangkénan hareup N-, nyaéta …
A. Manéhna meuli buku ti Palasari.
B. Leungeunna numpang dina beuteung-burayutna.
C. Ngan ka ema nu tara ngantep téh.
D. Sigana mobil beus téh geus tepi ka nu dituju.
E. Semar neundeun deui duit emas.
14. Rarangkén hareup N- anu robah jadi nge- aya dina kecap ieu di handap, iwal ti …
A. Ngemil D. Ngelas
B. Ngecor E. Ngecét
C. Ngebom
15. Nepikeun kritik téh bisa sacara lisan bisa tinulis. Lamun nepikeun kritik téh sacara lisan, aya
sawatara padika anu kudu diéstokeun di antarana nu aya di handap ieu, kajaba …
A. Gunakeun basa Sunda anu bener tur merenah.
B. Kudu make papakéan anu sopan tur beresih
C. Kudu sopan dina ngedalkeun kateupanuju atawa kateusugema.
D. Témbongkeun rasa resep atawa teu resep sawajarna
E. Singkahan jejer (pasualan) anu sipatna pribadi atawa ulah ngeritik kana pasualan pribadi
16. Ngajén atawa meunteun kana hiji karya saperti buku, Film, atawa pintonan drama jeung music
(konsér) disebutna …
A. Apresiasi D. Essey
B. Ekspresi E. Kritik
C. Résénsi
17. Bagéan tina ulikan sastra anu nyaritakeun kalawan langsung karya sastra saperti nganalisis,
napsirkeun, jeung ngajén karya sastra, disebutna …
A. Apresiasi sastra D. Essey sastra
B. Ekspresi sastra E. Artikel sastra
C. Kritik sastra
18. Ieu di handap hal-hal nu teu kaasup kana unsur-unsur résénsi, nyaéta …
A. Nuliskeun identitas buku
B. Medar ngeunaan eusi buku
C. Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahéngkéran eusi buku
D. Nepikeun kaayaan pribadi nu ngarang buku
E. Medar ngeunaan manpaat buku keur bacaeun balaréa
19. Persib geus jadi ikon Jawa Barat, kitu di antarana nu kaunggel dina bab “Pesona Maung
Bandung” téh. Iklim méngbalna alus. Maénna hadé. Kitu deui fanatismeu bobotohna luar
biasa. Ėta pisan nu jadi garansi pikeun norobos ka hambalan nasional. Keur para pamaén,
asup ka Persib téh kasempetan gedé pikeun ngamekarkeun karir di dunya méngbal.
Disawang tina segi kritik, cutatan alinéa di luhur némbongkeun ngeunaan …
A. Cara ngeritik nu alus
B. Cara ngeritik nu goréng
C. Némbongkeun kaunggulan nu dikritik
D. Némbongkeun kahéngkéran nu dikritik
E. Némbongkeun daya pikat Persib
20. “Ditilik tina segi tehnis aya kakurangan deuih. Upama dina kolofon euweuh katerangan
ngeunaan
sabaraha kandelna ieu buku. Jadi wéh, rada hésé kudu nangtukeun kandelna. Komo mun nepi
lebah
:”Parade foto” mah, kapan susah nangtukeun kacana da teu
dinomeran.” Alinéa di luhur ngagambarkeun yén nu ngeritik buku
nepikeun ngeunaan …
A. Kaunggulan buku D. Katerangan buku
B. Kakurangan buku E. Paradé foto dina buku
C. Kolofon buku
21. Karya sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku
katerangankaterangan séjénna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran) disebutna

A. Téater D. Sinétron
B. Film E. Gending karésmén
C. Drama
22. Ku lantaran ngébréhkeun paripolah palaku, nyaéta palaku téh sina langsung meta, boh lahirna
boh batinna, drama téh sok disebut sastra …
A. Lakon D. Carita
B. Hirup E. Pintonan
C. Paéh
23. Ieu di handap nu teu kaasup kana unsur-unsur naskah drama, nyaéta …
A. Pertélaan palaku D. Wirahma
B. Candraan E. Babak jeung adegan
C. Prolog jeung epilog
24. Di Désa Bojong ribut yén aya garong nu sok ngararad sakur nu aya di hareupeunana. Hansip
beak carita miskin pangakalan sangkan bisa néwak éta garong. Cutatan di luhur dina naskah
drama kaasup kana bagéan …
A. Pértélaan palaku D. Babak
B. Prolog E. Adegan
C. Ėpilog
25. Sanip : Buru lalaunan-lalaunan!!!
Ajén : Buru bantuan! Lain lalaunan-lalaunan!
Sanip: Sip atuhh, urang gancangan asupkeun kana
karungna! Ajén: Bawa atuh katél jeung sosodok!
Cutatan di luhur dina naskah drama kaasup kana bagéan …
A. Babak D. Epilog
B. Adegan E. Dialog
C. Prolog
26. Drama anu dialog-dialogna ditepikeun ku cara dihaleuangkeun disebutna …
A. Longsér D. Banjet
B. Purnadrama E. Sandiwara
C. Gending karésmén
27. Pintonan téater anu paguneman atawa mintonkeunana ku sorangan (saurang palaku) disebutna

A. Dialog D. Ėpilog
B. Monolog E. Sosiolog
C. Prolog
28. Pintonan drama anu pintonana ngandelkeun gerak, ibing, lagu, musik, jst. Disebutna teater …
A. Lakon D. Non-verbal
B. Vérbal E. Balaréa
C. Tradisional
29. Ieu di handap drama anu caritana henteu dumasar kana carita nu geus nyampak, nyaéta …
A. “Lutung Kasarung “karya R.T.A. Sunarya
B. “Mundinglaya Di Kusumah” karya M.A. Salmun
C. “Dipati Ukur” karya R. Hidayat Suryalaga
D. “Kanyaah Indung” karya Min Resmana
E. “Nini Antéh” karya Wahyu Wibisana
30. Karangan résénsi mibanda adegan atawa sistimatika nu tangtu, di antarana
A. Judul résénsi, idéntitas buku atawa pilem, ringkesan eusi buku atawa carita pilem,
kapangarangan atawa kaaktoran, kaunggulan jeung kahéngkéran.
B. Judul résénsi, idéntitas buku atawa pilem, ringkesan eusi buku atawa carita pilem,
kapangarangan atawa kaaktoran, pangbagéa ti masarakat.
C. Judul résénsi, idéntitas nu ngarésénsina, ringkesan eusi buku atawa carita pilem,
kapangarangan atawa kaaktoran, kaunggulan jeung kahéngkéran.
D. Judul résénsi, idéntitas buku atawa pilem, rincian para tokohna, kapangarangan atawa
kaaktoran, kaunggulan jeung kahéngkéran.
E. Judul résénsi, idéntitas buku atawa pilem, ringkesan eusi buku atawa carita pilem,
pangaruh ti nu macana, kaunggulan jeung kahéngkéran.
31. Kalimah mana nu nuduhkeun kalimah langsung di handap ieu !
A. Maya nyarita isuk rek indit ka Bandung D. “Toni, jalan teh meni taringgul kieu.”
B. Joni nanya ka Puji ngeunaan jadwal mingguan E. Bapa jeung Ema nyarita yen Samsu rek
nyunatan
C. Manéhna indit teu bebeja heula ka kolotna.
32. Mana nu nuduhkeun kalimah teu langsung ?
A. Ceuk Ibu, “eta mah nu Ibu atuh, Din !”
B. Entat ngomong ka Yayah, yén isukan jadwal latihan drama Sunda téa.
C. Mina ngarasa hanjelu, “Emh, mun Kamari kuring milu mah latihan longsér mah moal kieu
meureun.”
D. “Kadé, kostum keur tari teu kabawa!” ceuk Tita ka Nuning.
E. Jang Ahmad ngaheruk tungkul, teu lila pok ngomong bangun dareuda, “Duh, rumaos abdi nu
lepat.”
Kampung Kuta
Pantrang Nanggap Wayang
Kampung Kuta sacara administrative kaasup ka Désa Pasir Angin, Kacamatan Tambaksari,
Kabupatén Ciamis. Lemburna teu pati lega, kitu deui jumlah pendudukna. Kahirupan wargana
tina tatanén jeung nyadap kawung. Nu ngatur kahirupan warga, keur kapentingan
pamaréntahan diatur ku RT, RW jeung Kapala Dusun, sedengkeun urusan adat dipupuhuan ku
kuncén jeung Kepala Adat.
Sanajan Kampung Kuta teu pati anggang jeung lembur séjénna nu aya di wewengkon Désa
Pasir Angin, tapi boh wangunan imah atawa tradisi kahirupan masarakatna nenggang ti nu
lian. Nurutkeun pupuhu adat Kampung Kuta, unggal léngkah urang Kuta kudu anut kana tatali
karuhun, saperti ngadegkeun imah, tatanggapan, asup ka leuweung tutupan, jeung ngurebkeun
mayit.
33. Informasi ti Nana Munajat nu dicutat tina http://sundanet.com/article/content/265 tanggal 18 Mei 2017
di luhur mertelakeun ngeunaan…
A. Kampung Kuta sacara administratif kaasup Desa Pasir Angin
B. Tradisi masyarakat Kampung Kuta
C. Unggal léngkah urang Kampung Kuta kudu anut kana tatali karuhun.
D. Wangun imah di Kanpung Kuta kudu basajan
E. Di Kampung Kuta urusan adat dipupuhuan ku Kuncén jeung Kapala Adat
34. Di masarakat Sunda réa kénéh adat kabiasaan sejénna anu husus, di antarana nu aya di handap ieu,
iwal…
A. Nyangku di Panjalu D. Suroan di Cirebon
B. Ruat bumi di Banjarsari E. Sérén taun di Ciamis
C. Rebo wekasan di Bogor
35. Tema nu ditepikeun dina informasi di luhur, nyaéta ngeunaan…
A. Kaséhatan D. Agama
B. Budaya E. Lingkungan
C. Sosial
II Jawab pananya di handap ieu kalawan écés jeung jentré!

Antara Asih jeung Adil


Hiji mangsa sabada ngudag-ngudag uncal di leuweung, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa,
bawaning ku halabhab, ngarinum di situ. Geus ngarinum patinggolépak maraot. Singhoréng cai
talaga téh ngandung racun. Yudistira pohara susaheunana. Manéhna tuluy sasambat ka déwa,
hayang maot babarengan. Ceuk déwa, lamun bisa ngajawab tilu pertanyaan, Yudistira baris
kaidinan ménta dihirupkeun deui salah sahiji ti antara tilu urang dulurna nu tiluan. Pertanyaan
téa, tiluanana gé kajawab ku Yudistira. Manéhna kaiidinan ménta dihirupkeun deui saurang ti
antara tilu dulurna nu maraot.Yudistira pohara bingungeunana. Lila manéhna nimbang-
nimbang, saha kira-kirana di antara tilu dulurna nu maraot nu kudu dihirupkeun deui. Da puguh
kabéhanana ogé adi-adina anu dipikaasih. Kahayang mah kabéh dihirupkeun. Tapi Dewa ngan
méré kasempetan hiji baé ti antara Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa.
Sanggeus lila nimbang-nimbang, Yudistira ahirna ménta Nakula nu dihirupkeun deui téh. Déwa
pohara héraneunana. Naha bet henteu Arjuna anu ku Yudistira pangdipikaasihna jeung anu
disiapkeun pikeun neruskeun kaprabon. Arjuna téh apan pangéran dipati.Walon Yudistira,
“Lamun Arjuna anu hirup deui, atuh para putra Ibu Kunti harirup kabéh. Ari putra Ibu Madrim
paraéh kabéh. Éta henteu adil. Lamun Ibu Madri terangeun kana éta kateuadilan tada teuing
kanyenyerianana. Tapi lamun Nakula anu hirup deui, jadi Ibu Kunti jeung Ibu Madri pada
kapapaténan ku anakna hiji séwang. Éta adil. Ka Arjuna lain henteu nyaah, tapi kanyaah téh
henteu kaci ngalindih kaadilan.”Déwa pohara panujueunana kana timbangan Yudistira
anu sakitu adilna. Pikeun ganjaranana, dulurna anu tiluan dihirupkeun deui.
(Dicutat tina buku Kandaga Buku Bacaan jilid IV, susunan M.A. Salmoen, Ganaco NV, 1957
kaca 101) Analisis ku hidep carita wayang di luhur!
41. Sempalan tina épik naon carita wayang di luhur téh?
42. Dina éta carita disebut-sebut aya déwa. Pangaruh tina ajaran naon éta téh?
43. Piwuruk naon anu bisa kapetik ku urang tina éta carita?
44. Naon sasaruaan jeung bedana antara résénsi jeung kritik?
45. Mun hidep rék ngagarap pintonan téater di sakola, naon waé nu kudu disiapkeun?
KUNCI JAWABAN
Mata Pelajaran : Bhs. Sunda
Kelas : XII
Tanggal/Hari :
I. PILIHAN GANDA
No No. No No
. . .
1. E 11. A 21. C 31. D
2. C 12. A 22. E 32. B
3. E 13. D 23. D 33. A
4. B 14. A 24. B 34. E
5. C 15. B 25. E 35. B
6. D 16. C 26. C 36.
7. C 17. A 27. B 37.
8. A 18. D 28. D 38.
9. D 19. E 29. B 39.
10. E 20. B 30. A 40.
Skor PG: 1.7 X 35 = 60

II. ESSAY
No Kunci Jawaban Skor
.
1. Epik Mahabarata
2

2. Hindu 2
3. Gumantung jawaban siswa 6
4. Resensi nyaeta tulisan anu eusina ngenaan penilaian kana hiji karya, saperti karya anu 20
mangrupa buku, carpon, novel, drama, jst.
Kritik sastra nyaeta karangan wangun prosa anu eusina medar atawa ngaguar masalah sastra,
pangarang, atawa bagbagan teori sastra.
5. Sutradara, dekorasi panggung, nentukeun kostum, jst.
10

JUMLAH 40

Anda mungkin juga menyukai