Anda di halaman 1dari 13

USBN PAKET 1

KURIKULUM 2013

BAHASA DAN SASTRA


SUNDA

SMP/MTs

UTAMA

Tahun 2018/2019

USBN-BS SUNDA-KUR 2013-UTAMA


PEMERINTAH KABUPATEN CIAMIS
DINAS PENDIDIKAN
UJIAN SEKOLAH BERSTANDAR NASIONAL (USBN)
SMP/MTS NEGERI/SWASTA
TAHUN PELAJARAN 2018/2019

LEMBAR SOAL

Mata Pelajaran : Bahasa dan Sastra Sunda


Satuan Pendidikan : SMP/MTs
Hari, Tanggal :
Alokasi Waktu : 90 Menit
Dimulai Pukul : 07.30 WIB
Diakhiri Pukul : 09.00 WIB

Petunjuk Umum
1. Gunakan pensil 2B untuk menghitamkanbulatan pada Lembar Jawaban Komputer untuk soal no
1 s.d 45.
Contoh cara menghitamkan
A B C D Benar A B C D Salah
A B C D Salah A B C D Salah
A B C D Salah A B C D Salah
2. Tulislah nama peserta, nomor peserta, tanggal lahir, namamataujian, nama sekolah, tanggal
ujian, bubuhkan tanda tangan dan paket soal pada kolom yang disediakan, kemudian hitamkan
bulatan di bawahnya yang sesuai.
3. Periksa dan bacalah soal-soal sebelum anda menjawabnya.
4. Laporkan kepada pengawas ujian, jika terdapat tulisan yang kurang jelas, rusak atau jumlah soal
kurang.
5. Jumlah soal sebanyak 45 butir pilihan ganda dan 5 uraian.
6. Dahulukan mengerjakan soal yang anda anggap mudah.
7. Periksalah pekerjaan anda sebelum diserahkan kepada pengawas ujian.

USBN-BS SUNDA-KUR 2013-UTAMA


I. PILIHAN GANDA
Pilihlah jawaban a, b, c atau d yang paling benar!

Baca paguneman ieu di handap masing gemet!

Suhendra : Pa, upami daérah anu ka Sumedang, anu sisieunana aya gawir panjang téh naon namina,
nya? Geuning anu aya patung jalmi kabaheulaan.
Pa Yusuf : Cadas Pangéran éta téh. Apan patung anu dipasang di dinya téh patung Pangéran Kornél,
waktos nuju papayun-payun sareng Daenles alias Mas Galak.
Sukraeni : Naha éta jalan téh didamelna ku Pangeran Kornél kitu, Pa?
Pa Yusuf : Nya ku Pangéran Kornél. Anjeunna téh Bupati Sumedang dina awal abad ka-19, anu
mingpin rahayat ngadamel éta jalan.
Sukraeni : Naha bupati téh namina meni anéh, Kornél.
Pa Yusuf : Ari kornél mah pangkat. Mun jaman ayeuna mah kolonél, ngan ku létah urang Sunda
baheula dilisankeunana kornél. Ari jenenganana mah Pangéran Kusumah Dinata.

1. Carita ngeunaan naon paguneman di luhur téh?


a. Daenles
b. Pangéran Kornél
c. Cadas Pangéran
d. Kota Sumedang

2. (1) Adang panggih jeung babaturan sakelasna.


(2)Yati nanya ka Bapana.
(3)Nani keur ngobrol jeung adina.
(4)Pa guru Ahyat nuju ngawangkong sareng Bapa Kepala Sakola.

Ilaharna paguneman anu ngagunakeun basa lemes/hormat nya éta pikeun ....
a. nomer 1) jeung 2)
b. nomer 3) jeung 4)
c. nomer 1) jeung 3)
d. nomer 2) jeung 4)

3. Pék baca ieu pupujian!


Gusti urang saréréa,
Kanjeng nabi anu mulya,
Muhammad jenenganana,
Arab Qurés nya bangsana.

Eusi pada pupujian di luhur nyaritakeun…


a. asal-usul Nabi Muhammad
b. nyaritakeun Gusti Alloh
c. urang Arab
d. masarakat Arab

4. Pék baca sempalan dongéng ieu!



Sangkuriang ngagebeg barang nénjo di wétan geus bijil balébat téh, tandana geus
beurang.Hartina manéhna moal tulus papanganténan jeung Dayang Sumbi.

USBN-BS SUNDA-KUR 2013-UTAMA


Bakating kuhandeueul kabina-bina, ngan jedak baé parahuna ditajong sataker
tanaga.Gubrag parahu téh nangkub, jleg salin rupa jadi gunung.

Watek Sangkuriang anu kagambar dina sempalan dongéng di luhur nya éta …
a. sabar, narima kana kaayaan
b. meupeus keuyang, gedé ambek
c. leutik haté, henteu optimis
d. asak jeujeuhan, teu gampang ambek

TANAH SUNDA
Karya Ajip Rosidi

Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langitna hate kuring

Masing di mana kuring nangtung


Masing kamana kuring leumpang
Tanah lémbok matak betah
Angina nyéot nyiuman tarang

Masing di mana anjeun nunjuk


Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring momungpang kuring rék datang
Neueulkeun tarang neueulkeun jantung
Kuring tungtung teuteupan

Kuring tungtung
Teuteupan
Tungtung bedil
Ngincer dada

Kuring geus nyaksian getih ngabayabah


Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Maranéhna nu mikacinta lemahcai
Ngalungsar teu walakaya

Kuring geus nyaksian rajapati teu pilihwanci


Kuring geus nyaksian nu ngareunah beuki ngeunah
Maranéhna nu ngabéla tanahkaruhun
Diparaksa kudu aringkah

Langit hibar lembur musnah


Walungan banjir getih
Sawah ruhay huma burahay
Angina ngahiuk peurah pitnah

USBN-BS SUNDA-KUR 2013-UTAMA


Héjo pagunungan paul lautan
Tayakamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman

Kembang beureum buah biru


Kembang wéra kembang jayanti
Tanah tempat kuring sideku
Ngurung mun kuring tepi kapati

Jatiwangi, 1956

5. Jejer sajak Tanah Sunda di luhur téh yaritakeun …..


a. Kaayaan gunung di tanah Sunda.
b. Nu miceun getih di walungan.
c. Numaot dikuburkeun di tanah Sunda.
d. Kaayaan tanah Sunda anu keur harénghéng.

6. Amanat anu hayang ditepikeun ku pangarang dina sajak Tanah Sunda nya éta …
a. Ulah ngaruksak gunung jeung laut.
b. Urang kudu micinta ka lemah cai (lembur sorangan).
c. Ulah miceun limbah kawalungan.
d. Upama ngumbara urang kudu mulang kalembur.

7. Ngararangkénan aksara Sunda anu ditulis luhureun kecap nya éta ....
a. panghulu
b. pamepet
c. panyuku
d. panglayar

8. Salah sahiji ungkara di handap kaasup conto iklan layanan masarakat, nya éta…
a. TEU KENGGING MICEUN RUNTAH DI MANA WAE!
b. PAREUMAN LAMPU LAMUN TEU PERLU!
c. HAYU URANG NGARIKSA SUSUKAN, WALUNGAN JEUNG TATANGKALAN!
d. ETANG HEULA ARTOSNA SATEUACAN NGANTUNKEUN KASIR!

Prangpring
Prangpring prangpring
Salumprang salumpring
sabulu-bulu gading
Si Gading ka Sunda perang
Purkuntul éngkang-éngkang
Munding ngabongkar kandang
Salewek sadugel céndol

9. Kakawihan di luhur dikawihkeun ku barudak bari …..


a. eundeuk-eundeukkan dina dahan anu menod
b. nepakan tuur budak anu disanghunjarkeun
c. ngantay, leungeun muntang kana taktak
d. paciwit-ciwit leungeun

USBN-BS SUNDA-KUR 2013-UTAMA


10. Baca teks ieu di handap!

Sabilulungan
Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan dasar silih rojong
Sabilulungan genténg ulah potong
Sabilulungan persatuan témbong
Tohaga, rohaka
Teguh tanggoh perbawa sabilulungan
Sadia, sajiwa
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan

Wacana di luhur kaasup kana rumpaka...


a. kawih
b. sisindiran
c. pupujian
d. guguritan

11. Eusi tina rumpaka di luhur nya éta ...


a. pentingna hirup sabilulungan.
b. Sabilulungan téh dasarna gotong royong.
c. kudasar sabilulungan jadi tohaga.
d. kudu segut dina gabasmi kajahatan.

12. Ngawuluku ngawalajar (1)


Kudu dibabadan heula (2)
Dina waktu rék diajar (3)
Hayu ngadaroa heula (4)

Wangun sisindiran di luhur kaasup kana...


a. rarakitan
b. wawangsalan
c. paparikan
d. guguritan

13. Cau naon cau naon


cau kulutuk di juru
bau naon bau naon
............................

Kalimah anu merenah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nya éta...


a. bau cau nu di jero
b. bau tutut nu di jero
c. bau kentut nu di juru
d. bau hitut nu di juru

Mijil
Mesat ngapung putra Sang Arimbi,
jeung méga geus awor,
beuki lila beuki luhur baé,

USBN-BS SUNDA-KUR 2013-UTAMA


larak lirik ningali ka bumi,
milari kang rayi,
Pangéran Bimanyu,

14. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh di luhur nya éta...
a. 10 i, 8 o, 10 é, 10 é, 6 i, 6 u
b. 10 i, 6 o, 10 é, 8 i, 6 i, 6 é
c. 10 a, 6 o, 12 é, 10 i, 6 i, 6 u
d. 10 i, 6 o, 10 é, 10 i, 6 i, 6 u

15. Watek pupuh mijil di luhur ngagambarkeun kaayaan...


a. sedih
b. bungah
c. banyol
d. perang

16. Pancén panata acara nya éta...


a. mukaa cara dina hiji kagiatan
b. nutup acara dina hiji kagiatan
c. ngatur acara dina hiji kagiatan
d. sakabeh jawaban bener

17. 1) Bubuka
2) Laporan pupuhu panata calagara
3) Maoskeun ayat-ayat suci Al Qur’an
4) Pintonan kasenian
5) Biantara ti pupuhu sakola
6) Du’a
Susunan acara anu bener tur merenah dina Acara Paturay Tineung nya éta…..
a. (1), (2), (3), (4), (5), (6)
b. (1), (3), (2), (5), (4), (6)
c. (2), (3), (1), (4), (5) ,(6)
d. (2), (4), (1), (3), (5), (6)

18. Anu mangrupa ciri carita pondok nya éta...


a. Ngandung unsur pamohalan
b. Palakuna leuwih ti lima
c. Panjangna ukur 5.000 – 10.000 kecap
d. Alur caritana anggang

19. Pék tengetan karangan di handap !


Ciri-ciri peuyeum ketan nu geus jadi nyaéta rasana amis kareueut, ngan ambeuna sok
rada segak, sabab ngandung alkohol. Komo lamun umurna geus leuwih ti saminggu mah.Mun
diantep beuki lila, caina beuki ngalobaan, pangpangna lamun ditundana dina kéler. Mun rasana
geus segak, saenyana babari dipaéhna mah, nya éta ku cara digodog.
Ungkara dina paragraf di luhur téh mangrupa bagian tina …. karangan Prosa Eksposisi.
a. Bubuka
b. Panutup
c. Eusi
d. Panganteur

USBN-BS SUNDA-KUR 2013-UTAMA


20. Warta téh katerangan atawa béja anu ditepikeun kabalaréa, sarta kakara disebut warta upama …..
a. ditulis ku wartawan
b. dimuat di média masa
c. dikirim ku média masa
d. dibaca ku balaréa

21. Kebun Raya Kuningan téh pernahna di Desa Padabeunghar, Kacamatan Pasawahan, Kabupatén
Kuningan, ngurung aréa anu legana 154 héktar di tutugan jeung lamping kulon Gunung
Ciremay. Dijerona aya leuwih ti 23 rébu jenis tutuwuhan.Dilengkepan kupasilitas sejéna saperti
situ, jalan, tempat reureuh, tempat pintonan, tempat pabinihan jeung kantor.
Kalimah pananya anu merenah pikeun jawaban paragraf di luhur nya éta....
a. Di mana pernahna Kebon Raya Kuningan téh?
b. Kumaha kaayaan Kebon Raya Kuningan téh?
c. Saha nu nyieun Kebon Raya Bogor téh?
d. Iraha diresmikeunana Kebon Raya Bogor téh?

22. (1) waktu kajadian


(2) tempat
(3) runtuyan kajadian
(4) tema kajaadian

Léngkah mimiti anu kudu dilakukeun dina nyusun karangan laporan kajadian aya di luhur, nya éta.....
a. (1)
b. (2)
c. (3)
d. (4)

23. Di Guha Pawon, salian ti ningalian kaéndahan alam téh, abdi ogé kénging pangaweruh
perkawis jaman purba.
Wangsulna nyimpang heula ka warung caket musium, ngagaleuh oléh-oléh kanggo Kang
Adi, nya éta dodol jambu batu beureum.
Paragraf di luhur, kaasup kana bagian......dina laporan kajadian
a. Bubuka
b. Eusi
c. Panutup
d. Pedaran eusi

24. Bubuka biantara anu henteu merenah nya éta …


a. Langkung ti payun mangga urang haturkeun puji sinareng sukur ka Alloh SWT anu parantos
maparin mangpirang-pirang kanimatan dugi ka urang sadaya tiasa kempel, riung mungpulung
dina ieu kasempetan, solawat miwah salam …
b. Pertami-tami hayu urang panjatkeun puji sukur ka Alloh SWT anu tos maparin kaséhatan
dugi ka urang tiasa ngahadiraan ieu acara, solawat miwah salam …
c. Sugrining puji kagungan Gusti nu Maha Suci, ku widi Mantenna urang tiasa hadir dina ieu
acara kalawan séhat walafiat, solawat miwah salam …
d. Puji sinareng sukur hayu urang sanggakeun ka Gusti Anu Maha Suci, réhna dina dinten ieu
urang tiasa riung mungpulung dina kaayaan séhat walafiat, solawat miwah salam …

USBN-BS SUNDA-KUR 2013-UTAMA


25. Anu kudu disingkahan upama urang biantara nya éta….
a. Waktu biantara kudu pepeta jeung sagala hal dicaritakeun.
b. Eusi biantara kudu luyu jeung matéri acara.
c. Kudu merhatikeun waktu anu disadiakeun ku panata acara.
d. Sikep kudu tenang jeung wajar ulah dijieun-jieun.

26. Biantara biasana ngabogaan tilu unsur poko, nya éta …


a. bubuka, panutup, kacindekan
b. bubuka, eusi, panutup
c. eusi, panutup, kacindekan
d. pedaran, kacindekan, panutup

27. 1) salam bubuka


2) salam panutup
3) pedaran téma
4) nganuhunkeun ka nu méré kasempetan pikeun nyarita
5) solawat + salam ka Nabi Muhammad SAW
6) sanduk-sanduk ménta hampura
7) puji sukur ka Alloh SWT.
8) nataan anu hadir (anu pantes dihormat)
Susunan anu merenah pikeun biantara nyaéta …
a. 1-2-3-4-5-6-7-8
b. 1-7-5-4-8-3-6-2
c. 1-7-4-8-5-3-6-2
d. 1-5-7-4-8-3-6-2

28.”Sim kuring nangtung didieu, ampun paralun sanés badé culangung.Sanés badé mapatahan
ngojay ka meri. Nanging hoyong ngadugikeun hiji perkawis anu tiasa janten henteu sabaraha,
nanging kalintang pentingna. Nya éta ngawangun nagri raharja.”
Kalimah mana anu kaasup mamanis basa….
a.ampun paralun sanés bade culangung
b.sanés badé mapatahan ngojay ka meri
c.ngawangun nagri raharja
d.kabéh jawaban bener

29. Anu henteu kaasup kana ciri kampung adat nya éta ...
a. kampung anu masih kénéh pengkuh nyekel adat jeung kabiasaan karuhunna.
b. maranéhna pantrang ngarempak adat kabiasaan anu geus diguratkeun ku karuhunna.
c. Upama ngarempak adat sarua hartina jeung henteu ngahargaan karuhun
d. bisa katémbong tina adegan kahirupan sapopoé masarakatna anu ngindung ka waktu ngabapa
ka jaman

30.Gambar imah di handap disebutna suhunan …..

USBN-BS SUNDA-KUR 2013-UTAMA


a. julang ngapak
b. tagog anjing
c. parahu kumereb
d. badak heuay

31. Kampung adat anu aya di Provinsi Jawa Barat nya éta …
a. Kampung Mahmud, Kampung Kasepuhan Ciptagelar jeung Kampung Baduy
b. Kampung Kuta, Kampung Baduy, jeung Kampung Mahmud
c. Kampung Naga, Kampung Cikondang jeung Kampung Arjasari
d. Kampung BaduyLuar, Kampung Dukuh,jeung Kampung Arjasari

32. Bagian imah anu pangluhurna, ngujur manjang nurutkeun wanguna imah, disebut ....
a. golodog
b. hateup
c. kolong
d. suhunan

33. Dani rék miara japati, anu matak ayeuna manéhna rék nyieun heula…keur kandangna
Kandang Japati disebut…..
a. gedogan
b. Karamba
c. Paranjé
d. Pagupon

RINGKESAN NOVEL SI PASER


karangan Tatang Sumarsono
Éson téh anak patani anu ngebon di suku gunung Manglayang. Hiji mangsa aya anak
mencek asup ka kebonna, lantaran dibeberik ti leuweung ku anjing pamoroan. Éta anak mencek
téh tigebrus kana lombang, atuh ku Éson jeung bapana bisa ditéwak.
Éta anak mencek téh tuluy diingu ku Éson. Dingaranan Si Paser, lantaran luncatna tarik
pisan, diibaratkeun kana paser anu ngabelesat tina sumpit. Éson tulatén pisan ngurusna téh.
Beuki lila Si Paser beuki gedé, luncatna ogé beuki luhur. Malah hiji waktu mah Si Paser bisaeun
kabur, sanggeus ngaluncatan buruan. Untungna bisa ditéwak deui ku Éson, bubuhan geus
lindeuk. Ngarah teu kabur deui, pager buruan téh ku Éson dijangkungan.
Hiji waktu Pa Yéyé, bapana Éson kadatangan jurutulis désa. Maksudna rek ngolongan
sangkan Éson ngaleupaskeun deui mencek inguanana ka leuweung, sabab éta sato kaasup anu
ditangtayungan ku pamarétah. Puguh baé Éson teu panujuaeun da geus nyaaheun pisan ka Si
Paser téh. Ngan lantaran hantem diolo ku bapana, ahirna Éson daékeun ngaleupaskeun deui Si

USBN-BS SUNDA-KUR 2013-UTAMA


Paser. Éta mencek téh dibawa ka leuweung, dileupaskeun. Éson kagegeringan. Tilu poé ti harita
Si Paser téh balik deui.
Ahirna éta mencek téh dipasrahkeun, minangka hadiah, ka kebon binatang. Éson henteu
ngarasa kaleungitan teuing, da unggal waktu manéhna bisa ngalongokan sato kameumeutna.

34. Watek Éson anu kapanggih tina ringkesan novel Si Paser nya éta …
a. welas asih
b. bedegong
c. geringan
d. wanian

35. Anu nyababkeun Éson kagegeringan, nya éta …


a. Éson kadatangan jurutulis désa, sangkan Éson ngaleupaskeun deui Si Paser.
b. Si Paser téh teu balik balik deui.
c. Éson masrahkeun Si Paser ka kebon binatang minangka hadiah.
d. Éson ngaleupaskeun Si Paser ka leuweung.

36. Si Paser mencek inguan Éson kudu dileupaskeun deui ka leuweung, sabab …
a. Si Paser bisaeun kabur ngaluncatan buruan.
b. Si Paser kaasup sato anu ditangtayungan ku pamarétah.
c. kadatangan jurutulis désa anu nitah sangkan Éson ngaleupaskeun deui mencek inguanana.
d. hantem diolo ku bapana, sangkan Éson daékeun ngaleupaskeun deui Si Paser.

37. Novel munggaran aya dina basa Sunda nya éta …


a. Carita Nyi Halimah (Samsudi)
b. Budak Teuneung (Samsudi)
c. Baruang ka nu Ngarora (DK Ardiwinata)
d. Payung Butut (Ahmad Bakri)

38. Ka budak nu ..… moal loba nu nyaah, da lamun dititah téh sok kalékéd hésé indit.
Babasan nu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur, nyaéta ….
a. Beurat birit
b. Kandel kulit beungeut
c. Hampang leungeun
d. Gedé hulu

39. Urang Sunda gé ayeuna mah …., teu idek-liher di lembur baé, tapi laliar ka manca nagara.
a. panjang léngkah
b. pindah pileumpangan
c. kurung batok
d. murag bulu bitis

40. “Ari ka dulur téh kudu nyaah, najan sakumaha sangsarana ogé ari keur meunang kasusah mah
kudu dibélaan, kapan ceuk kolot ogé …”
Paribasa nu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur, nya éta …
a. ngajul bulan ku asiwung mésék kalapa ku jara
b. tikukur macokan gunung jogjog neureuy buah loa
c. buruk-buruk papan jati
d. kokoro nyoso malarat rosa

USBN-BS SUNDA-KUR 2013-UTAMA


41. Ulah luhur teuing boga kahayang téh, urang kudu…, nyaluyukeun jeung kamampuh sorangan
a. mipit kudu amit ngala kudu ménta
b. ngukur ka kujur nimbang ka badan
c. nété tarajé nincak hambalan
d. ngindung ka waktu ngabapa ka jaman

42. Kekecapan anu ayana di awal naskah drama sarta mangrupa panganteur kana carita anu baris
dipidangkeun disebut …
a. monolog
b. épilog
c. dialog
d. prolog

Baca tur tengetan wacana ieu di handap!


(Si Kabayan sare kénéh ngaguher di kamarna. Kérékna tarik mani nyegrék. Saking
ku tarikna, hayam nu dikurungan dina carangka tepi ka disa-rada rareuwaseun. Tuluyna
patémbalan kérék Si Kabayan téh jeung sora hayam. Torojol mitoha Si Kabayan,
ngahudangkeun) (1)
Mitohana : Kabayan! Hudang atuh, geus beurang!
Kabayan : (3)(Ngulisik) Eeeeh!
Mitohana : Hayu urang ka huma, bantuan Abah ngala roay!
Kabayan : (3)(Hudang, kukuliatan, ngomong semu medenghel) Keur ngeunah-ngeunahsaré
(2)
aya nu ngagugubrag.
……………………………………………………
Kabayan : (Kukulutus ngomong sorangan). Atah adolmitoha téh. Kami keur ngueunah
saré maké dihudangkeun. Pira ogé ngala roay, maké kudu dibantuan sagala.
Keun siah …(4)

43. Candraan nya éta nomer ...


a. (1)
b. (2)
c. (3)
d. (4)

44. Dialog tina nomor 42 di luhur nya éta nomer ...


a. (1)
b. (2)
c. (3)
d. (4)

45. Katerangan adegan tina nomor 42 di luhur nya éta nomer …


a. (1)
b. (2)
c. (3)
d. (4)

USBN-BS SUNDA-KUR 2013-UTAMA


II. URAIAN
Jawab patalékan ieu di handap kalawan bener tur jéntré!

46. Salin kana aksara sunda kalimah ieu di handap!


Soni ngajak ka Situ Gede

47. Lengkepan sisindiran ieu di handap kalawan bener!

a. Hayam jago eukeur béla,


dipeuncitna ku kisantri.
………………………..
………………………..

b. Singgetol nginum jajamu.


………………………….
Sing getol neangan elmu
…………………………

48. Jieun panutup biantara dina acara paturay tineung!

49. Jieun kalimah anu ngagunakeun babasan ieu di handap:


a. Ipis biwir
b. bodo aléwoh

50. Jieun paguneman anu eusina nyaritakeun rarancang neruskeun sakola sabada tamat ti SMP,
minimal 10 kalimah!

USBN-BS SUNDA-KUR 2013-UTAMA

Anda mungkin juga menyukai