Anda di halaman 1dari 4

1.

LEMBAR INFORMASI (Information Sheet)

SMK Bina Putera Nusantara 3.8 Menganalisis isi, struktur, Informasion Sheet No. 8
dan aspek kebahasaan sajak Mata Pelajaran : B Sunda
Program : Kesehatan
4.8 Menampilkan sajak dengan Kelas/Semester : X / II
cara membaca, mendeklamasikan,
Paket Keahlian: Farmasi musikalisasi atau dramatisasi
Industri Nama/Tanggal : ................

Telekomunikasi
A. Tujuan
1. Siswa bisa maca jeung ngaidentifikasi wangun teks sajak
2. Siswa bisa ngaregepkeun jeung mintonkeun salahsahiji sajak
3. Siswa bisa nyieun hiji sajak anu basajan
4. Siswa bisa mintonkeun salahsahiji sajak ku cara maca, deklamasi, musikalisasi, atawa dramatisasi

B. Indikator
3.8.1 Peserta didik membaca materi tentang wangun teks sajak
3.8.2 Peserta didik menelaah materi tentang wangun teks sajak
3.8.3 Peserta didik membuat salahsatu sajak yang sederhana
3.8.4 Peserta didik mampu memperagakan salahsatu sajak dengan cara membaca,
mendeklamasikan, musikalisasi atau dramatisasi

C. Materi
.
Nagalantangkeun Sajak
Basa keur di kelas x atawa di SMP hidep kungsi diajar ngeunaan sajak, ari sajak teh salah sahiji hasil
karya sastra wangun puisi. Sakumaha wangun karya sastra sejena, sajak oge kaasup wangun sastra
anu
imajinatif. Basa nu dipake dina sajak umumna padet jeung singget tur sifatna konotati, sabab
ngandung
harti injeuman (makna kiasan). Eusi sajak ngagambarkeun ebrehan (ekspresi) tina rupa-rupa
kajadian
anu kaalaman,karasa, katempo, atawa kabandungan ku Sajak nu di tulis ku saurang pangarang bisa
jadi
eusina ngagambarkeun pangalaman nu sarua jeung urang. Kusabab kitu, upama urang loba maca
atawa
neuleuman eusi sajak tangtu bakal leuwih loba pangalaman jeung pangaweruh, kayaning
kabeungharan kecap jeung rupa- rupa informasi nu ditulis atawa diekspresikeun ku panyajak

A. Maca Sajak

Sajak 1

Pamanggih
( Ayat rohaedi )

Salapan bulan ngakandung

Moal aya hiji jalma


Leuwih ti indung micinta
Indung gudang hampura.

Salapan bulan dikandung

Moal aya hiji jalma


Leuwih ti anak nu rumasa
Anak gudang dosa.

Salapan bulan ngkandung


Pinuh rasa jeung rumasa.

Salapan bulan dikandungh


Pinuh dosa jeung rumasa.

1956
( Dicutat tina kumpulan sajak Di kebon Binatang, 1990,k.8 )

Ayeuna urang pedar eusi eta sajak.


1. Eusi eta sajak nyaritakeun indung anu geus sabar ngakandung anakna salila salapan bulan.
2. Indung teh kacida micinta anakna, sanajan anakna milampah salah, indung bakal nghanpura.
3. Bedana antara indung jeung anak, nu jadi indung nalika keur ngakandung dibarengan ku kanyaah
jeung kadeudeuh ka anakna. Tapi ari anak sanggeus gubrag ka alam dunya mah sanajan manehna
ge nyaho yen kungsi dikandung ku indung salila salapan bulan, lolobana nyieun dosa boh nu dihaja
boh nu teu dihaja ka indung teh.

Sajak 2

Meri
( Apip Mustopa )

Di alam dunya
Asana moal aya
Nu bisa hirup sauyunan
Cara meri saabrullan

Mun nungangon nitah ka katuhu


Bring ngatuhu
Mun nu ngangon nitah ka kenca
Bring ka kenca
Bari disarada
Wek wek wek

Di alam du nya
Asa moal aya
Nu bisa hirup basajan
Cara meri saabrulan

Dahar cukup saaya-aya


Kumaha nu rek maraban
Mun keur di abur
Lolodok di sawah batur
Bari disarada
Wek wek wek

Oktober 1979

( dicutat tina kumpulan sajakSarangenge jakarta, 1999 )

D. Latihan dan tugas


1. Saparantos hidep maca materi wangun sajak,
Naon anu disebut sajak ?
Jeung kumaha jeroan nana sajak jelaskeun ?
2. Kumaha wangun sajak ka 1 anu judulna “Pamanggih” ?
3. Diwangun ku sabara pada eta sajak anu judulna “Pamanggih”
4. Nyaritakeun naon eta eusi sajak anu judulna “ Pamanggih”
5. Naon anu dibeberkeun ( dijelaskeun ) ku panyajak dina pada ka hiji, kadua, katilu jeung
pada kaopat ?

Guru Mata Pelajaran


TTD

Edi Solehudin SHI, MPd

Anda mungkin juga menyukai