Anda di halaman 1dari 16

PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS)

YAYASAN BINA INSAN MANDIRI KARANGMEKAR


SMA ISLAM BINA INSAN MANDIRI
Alamat : Jl. Raya Pamijahan – Cijeruk Hegarwangi Bantarkalong 46187
Tlp ; (0265) 7580843, Email : SMA.I.Binainsanmandiri14@gmail.com

PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS) GANJIL


TAHUN PELAJARAN 2019/2020

LEMBAR SOAL
Mata Pelajaran : Basa Sunda
Satuan : Sekolah Menengah Atas (SMA)
Kelas/Program : XII IPA/IPS
Hari/Tanggal : Sabtu, 07 Desember 2019
Waktu : 90 Menit

Petunjuk Umum
1. Gunakan pensil 2B Untuk Mengisi Lembar Jawaban
2. Tuliskan Terlebih Dahulu Nama dan Kode Peserta anda pada lembar jawaban
3. Periksa dan bacalah soal –soal sebelum anda menjawabnya
4. Soal terdiri dari soal PG dan Essai Atau PG Saja
5. Kerjakan soal – Soal yang anda anggap mudah dari satu jawaban
6. Tidak dibenarkan mengisi jawaban lebih dari satu jawaban
7. Jawaban dikerjakan di lembar jawaban dengan cara memberikan tanda silang (X) pada
salah satu jawaban sesuai dengan huruf yang anda anggap benar dengan mengunakan
pensil
8. Apabila ada jawaban yang anda anggap keliru dan anda memperbaikinya, hapuslah
jawaban yang salah itu dengan menggunakan karet penghapus pensil sampai bersih,
kemudian berikan tanda silang (X) terhadap pilihan yang anda anggap benar
9. Mintalah keretas buram kepada pengawas, apabila di perlukan
10. Tidak di ijinkan bekerjasama dengan peserta lain
11. Periksalah kembali pekerjaan anda sebelum diserahkan kepada pengawas
I. PILIHAN GANDA
1. Baca ieu sempalan dongéng di handap!

Sanggeus éta keris dicekel ku salakina, nyi putri lumpat sataker kebek. Ku salakina diudag
nepi ka basisir laut kidul. Tapi teu benang sabab nyi putri kaburu ngejebur ka laut. Sanajan
nyi putri geus éléh tapi teu narima éléh kalah kabur ka tengah laut tur miboga niat hayang
naklukkeun sarta ngawasa alam dunya. Sabab tilem ka jero laut nyi putri katelahna nyi roro
kidul.

Carita saperti kitu téh kaasup kana dongéng….

a. Parabél
b. Légénda
c. Sage
d. Mite
e. Babad
2. Ieu di handap anu teu kaasup kana ciri-ciri dongéng, nyaéta….
a. Sakabéh eusi caritana bohong
b. Teu jelas nu ngarangna (anonim)
c. Sumberna tatalepa sacara lisan
d. Ngandung unsur-unsur pamohalan
e. Awalna kagolong kana sastra lisan
3. Baca ieu sempalan kawih di handap!
És lilin mah, aduh, kalapa muda,
Dibantun mah geuning ka Sukajadi,
Abdi isin geuning samar kaduga,
Sok sieun mah aduh henteu ngajadi,
Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur nyaéta….
a. É-d-a-s
b. Da-di-ga-di
c. Muda-sukajadi-kaduga-ngajadi
d. A-i-a-i
e. M-s-k-ng
4. Lamun ditingali tina jumlah jajaran jeung purwakantina, lagu “és lilin” téh disusun dina
wangun….
a. Paparikan
b. Rarakitan
c. Wawangsalan
d. Papantunan
e. Tatarucingan
5. Ieu di handap anu lain tujuan (udagan) wawancara nyaéta ….
a. Mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut ogé aktualitas fakta
b. Nyangking pamadegan resmi ti narasumber
c. Konfirmasi keur babandingan data
d. Ngéra-ngéra jalma nu diwawancara
e. Ngajaring informasi ti narasumber
6. Kalimah pananya dina wawancara bisa ngagunakeun kecap pananya 5W+1H anu
ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap ….
a. Naon, mana, saha, kusaha, naon sababna, kumaha
b. Mana, dimana, kamana, iraha, kunaon kumaha
c. Saha, naon, iraha, dimana, naha, kumaha
d. Saha, naon, mana, iraha, naon sababna, kumaha
e. Saha, kusaha, ti saha, di saha, ka saha, keur saha
7. Baca ieu sempalan sajak di handap!
Kuring tungtung teuteupan
Kuring tungtung
Teuteupan
Tungtung bedil
Ngincer dada
Kuring geus nyaksian getih ngabayabah
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Maranéhna nu mikacinta lemah cai
Ngalungsar teu walakaya
Kumaha suasana sajak “Tanah Sunda” di luhur téh ….
a. Hariwang
b. Keueung
c. Harénghéng
d. Reueus
e. Gumbira
8. Baca sempalan ieu sajak!
Mérah putih nu kiwari mumbul
Dirangkul ku langit paul
Baheula kungsi ngélébét
Dina tungtung bayonet
Katut peujit murilit
Dina sempalan sajak di luhur, kecap anu ngandung harti konotatif nyaéta ….
a. Mumbul
b. Ngélébét
c. Dirangkul
d. Murilit
e. Kiwari
9. Rarangkén anu gunana pikeun ngarobah sora /a/ dina aksara ngalagena jadi /i/ nyaéta....
a. Panglayar
b. Panghulu
c. Pamepet
d. Panyuku
e. panyiku
10. Dina aksara Sunda, hurup wa méh sarua bentukna jeung angka ...
a. 1
b. 2
c. 3
d. 4
e. 5
11. Kagiatan nyarita diharepeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu
penting, disebutna…
a. Ceramah
b. kampanye
c. Hutbah
d. sawala
e. biantara
12. Baca ieu teks biantara di handap!

Cai dina Angen-angen Urang Sunda


a)          Assalamu’alaikum
b)        Sadaya puji kagungan Alloh Nu Murbéng  Alam. Solawat sinareng salam mugi
dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
c)          Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun rewu nuhun, réhna simkuring
dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara perkara “Cai dina Angen-angen
urang Sunda”
d)         Cai téh dianggap kabutuhan anu utama. Ku pentingna cai,nepi ka dina
kahirupan urang Sunda teu weléh dipatalikeun jeung alam pangpangna jeung cai,
katitén tina ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka,
Cicaheum, Cimahi, tiluanana gé dimimitian ku kecap ci. Lain waé tempat, ku penting-
pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi ngatur cai keur tatanén atawa
ngebon. Di pilemburan jalma nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.
e)          Hadirin anu sami rawuh,
    Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé
tina paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”.
f)           Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu
karéka. Hatur nuhun.
g)         Wassalamu’alaikum.

Nu kaasup bagian bubuka dina biantara “Cai dina Angen-angen Urang Sunda”, aya dina
bagian...
a. (a)
b. (b)
c. (c)
d. (d)
e. (e)
13. Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun lamun urang biantara, nya éta iwal ...
a. Nyaritana teu meunang gancang teuing
b. Biantarana kudu pondok
c. Artikulasi kudu jelas
d. Eusina kudu munel
e. Maké basa Sunda anu bener tur merenah
14. Sesebutan pikeun Jalma anu ahli dina biantara, nyaéta ….
a. kurator
b. koruptor
c. moderator
d. orator
e. kolektor
15. Sisindiran nyaéta karya sastra sunda dina wangun….
a. Lancaran
b. Bebas
c. Prosa
d. fiksi
e. Ugeran atawa puisi
16. Sisindiran nyaeta omongan anu di balibirkeun, naon harti di balibirkeun….
a. Dihartikeun
b. Langsung
c. Togmol
d. Di caritakeun
e. Teu langsung
17. Hiji karya sastra anu kauger ogé miboga eusi anu kudu ditebak nyaeta….
a. Rarakitan
b. Pantun
c. Paparikan
d. Guguritan
e. Wawangsalan
18. Kecap rajekan sabagéan anu diwangun ku cara nyebut dua kali engang mimiti wangun
dasarna, nyaeta wangenan tina….
a. Dwimurni
b. Trilingga
c. Dwireka
d. Dwipurwa
e. Dwimadya
19. Anu teu kaasup bedana novel jeung carpon nyaéta….
a. Novel leuwih panjang caritana tibatan carpon
b. Novel leuwih tiheula medal tibatan carpon
c. Maca carpon leuwih tereh tibatan maca novel
d. Lobana kekecapan dina novel leuwih loba tibatan dina carpon
e. Novel mah caritana ngarancabang sedengkeung carpon mah caritana ngan hiji
20. Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel, nyaéta….
a. Karangan nonfiksi
b. Tokohna loba
c. Alurna panjang
d. Latarna laluasa
e. Eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé
21. Baca teks biografi di handap!
Biografi Ridwan Kamil

Mochamad Ridwan Kamil, S.T, M.U.D leuwih dipikawanoh ku


jujuluk Kang Emil; gumelar di Bandung, Jawa Barat, 4 Oktober
1971, Anjeuna putra kadua ti lima sadudulur ti pasangan Bapa
Atje Misbach Muhjiddin sareng Ibu Tjutju Sukaesih. Emil atawa
Ridwan Kamil sabenerna resep pisan nyawang ti leuleutik.
Anjeuna resep maca komik jeung ningalian foto-foto kota ti
mancanagara. Kanggo riwayat atikana Ridwan Kamil sakola di SDN Banjarsari III, SMPN
2 Bandung, tur SMAN 3 Bandung. Sabada SMA Ridwan Kamil ngalajengkeun Kuliah di ITB
jurusan Teknik Arsitektur,Emil salila kuliah kawilang aktif dina organisasi-organisasi nu
aya di kampusna. Emill gé sumanget pisan dina widang kawirausahaan pikeun néangan
dana tambahan keur kuliah, manéhna nyieun ilustrasi ogé makét pikeun dosén. Sabada
lulus Emil damel di Amerika Serikat, ngan sabada aya krisis monéter di Indonesia nu
ngabalukarkeun kliena teu mayar hasil gawéna. Tapi sabada kajadian éta Emil teu
langsung wangsul ka Indonesia, anjeuna milih netep di Amerika dugi ka ngalaman kasusah
ngan tiasa tuang sakali dina sadinten. Anjeuna kenging beasiswa di University of
California, Berkeley.Salami nyandak kuliah S2 Emil damel di Departemen Perencanaan
Kota Berkeley. Pikeun biaya hirupna, ujianna teu ngan saukur éta, nalika Emil kudu
nyanghareupan Atalia Praratya (Istrina) badé ngababarkeun putra kahijina anjeuna
bingung sabab teu kagungan waragad kanggo proses babaranna, anjeuna dugi ka ngaku
miskin ka pamaréntah satempat pikeun kénging pengobatan gratis. Pangalaman éta janten
ajén-ajén pribadi nu ngajadikeun Emil kuat dina mayunan kahirupan.
Sabada ngaréngsékeun kuliah Emil mulang deui ka tanah air Indonésia tur ngadegkeun
Urbane hiji firma nu gerak dina widang jasa konsultan jeung perencanaan, arsitektur ogé
desain. Tidinya karir Emil teras majeng, salian janten prinsipal PT. Urbane Indonesia
anjeuna ogé janten dosén teu netep di Jurusan Arsitektur ITB. Salian dina widang éta
ayeuna Emil ngawitan ngalalanyah kana widang politik, ti ngawitan janten Wali Kota
Bandung dugi ka ayeuna janten Gubernur Jawa Barat.
Sumber : hasil narjamahkeun ogé ngutip tina biografi Ridwan Kamil
nu aya diwww.biografiku.com

Dumasar sempalan téks biografi di luhur, Tarékah naon nu ku Kang Emil dilakonan nalika
kuliah sangkan bisa nambahan biaya pikeun kuliahna di Indonesia....
a. gerak dina widang usaha desain
b. gawé di departemen perencanaan
c. nyieun ilustrasi ogé makét pikeun dosén
d. nyieun gambar-gambar ilustrasi panorama
e. muka usaha dina widang arsitektur ogé desain
22. Biografi anu di tulis ku batur tur aya widi/idin ti tokoh anu di tulis biografina mangrupa
wangenan tina….
a. Ausort Biography
b. Authoried Biography
c. Auto Biography
d. Aunto Biography
e. Unauthoried Biography
23. Carita panjang anu didangdingkeun tur digelarkeun dina puisi pupuh disebut….
a. Beluk
b. Wawacan
c. Guguritan
d. Carita pantun
e. Hikayat
24. Nyieun wawacan téh kauger ku sababaraha aturan, salasahijina nyaéta…
a. Kudu aya paribasa atawa babasan
b. Kudu aya unsur intrinsik
c. Kudu aya guru lagu jeung guru wilangan
d. Kudu aya gaya basa nu dipaké
e. Kudu aya unsur ekstrinsik
25. Guligah keur nunggu-nunggu
Keur nunggu kakasih ati
Nu lawas teu cacarita
Naha manehna can nepi
Waktu karasana lila
Nunggu anu acan nepi
Guru lagu jeung guru wilangan tina pupuh di luhur nyaéta…
a. 6a-7u-7i-7a-7i-7a
b. 8u-8a-8i-8a-8i-8u
c. 8u-7i-8a-8i-8a-8i
d. 8u-8i-8a-8i-8a-8i
e. 8a-8i-8u-8a-8i-8a
26. Démonstran

(Buruan Kantor Kacamatan. Jempling. Teu sawatara ti harita ujug-ujug aya nu


tingkulunu, urang lembur, bari tingkecewis. Papakéanana teu maratut (sangeunahna).
Aya nu ukur maké kaos oblong, pakéan ka sawah, aya ogé nu ngan dicalana sontog bari
nyorendang sarung. Kawas nu teu kaburu disaralin heula.)
(Diraéh deui tina Carpon “Ada Main”, karangan Darpan Ariawinangun, nu dimuat dina
buku Nu Harayang Dihargaan, penerbit Rahmat Cijulang Bandung, 1999)
Sempalan di luhur kaasup kana bagian ... dina drama.
a. Epilog
b. Prolog
c. Candraan
d. Monolog
e. Adegan
27. ISAH    : (semu nyungkun) Ari Ujang ti mana baé atuh, wayah kieu nembé mulih. pan
biasa ogé, bubar sakola mah jam hiji, lin?
IPIN    : (ngajawabna henteu saregep) Biasa, Ma. Diskusi kelompok!
ISAH    : Moal enya diskusi mani saban poé. Ulah sok ngabohong ka indung mah, bisi
doraka!
IPIN    : Kajeun ari teu percaya mah.
ISAH    : Tuh, da mawa karep sorangan baé manéh mah.
IPIN    : Isukan Ipin butuh duit, Ma!
ISAH    : Nya, kana duit deui lumpatna téh. Meunggeus ah, bosen ngadéngéna ogé,
saban usik menta duit. Ilikan atuh kaayaan kolot, sakieu teu bisa usaha teh.
Bapa manéh apan kalah ka beuki maceuh, ayeuna ogé teuing ka mana.
IPIN    : Kudu aya isuk, Ma. Keur mayar buku. Mun henteu mawa, Ipin bakal dicarékan
ku guru!
ISAH    : Keun baé dicarekan ogé. Ari euweuh, nya kudu kumaha deui. Guru ogé
ngamalum meureun. Atuda bongan sorangan, boga duit téh sok dihambur-
hambur. Anggur ditabungkeun, ngarah aya sampeur-sampeureun upama pareng
euweuh.

Watek Ipin dina sempalan drama di luhur nya eta ...


a. loba ngabohong
b. loba kahayang
c. pinter tapi judes
d. babari ngambek
e. getol diajar
28. Drama Mungdinglaya Dikusumah mangrupa drama anu cara nepikeunana di
haleuangkeun. Ieu drama kaasup kana wanda drama ...
a. gending karesmen
b. drama moderen
c. sandiwara
d. longser
e. monolog
29. Upama ditilik tina strukturna tulisan résénsi téh ilaharna ngawengku....
a. pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita,
jeung analisis karya
b. pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita,
jeung kritik karya
c. pedaran ngeunaan riwayat  penerbit buku, tingkesan atawa gurat badag carita jeung
analisis karya.
d. pedaran ngeunaan kaunggulan, kahéngkéran, tingkesan atawa gurat badag karya,
jeung publikasi karya tur mikawanoh kasangtukang digelarkeuna karya
e. pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita,
jeung publikasi karya
30. Pék Baca Carita Wayang di handap ieu !
...
“Turun siah ! Lamun teu turun, tangkal kalapana ku aing dibekok!” Semar ngati-ngati.
“Heug uing turun. Tapi kawinkeun ka Déwi Laélasari!” témbal si Cépot
“Turun!”
“Moal!’
“Turun!”
Kitu jeung kitu baé, taya nu daék ngéléhan. Tungtungna tangkal kalapa dibekok ku
Semar. Brutt....tarik pisan. Saking ku tarikna si Cépot kabur kabawa ku angin.

Jejer nu luyu pikeun carita di luhur nya éta ....


a. Cépot jeung Semar
b. Si Cépot Naék Tangkal Kalapa
c. Bekok Semar
d. Si Cépot Hayang Kawin
e. Si Cépot Kabur
31. Titenan gambar  silsilah kulawarga ieu di handap!

Dumasar  gambar di luhur Abiyasa ka Sunanda perenahna …


a. nini
b. aki
c. incu
d. bapa
e. uyut
32. Anu ngabedakeun pedaran jeung artikél téh, dintarana wae nyaéta...
a. Panjang pondokna karangan
b. Alus gorengna basa nu digunakeun
c. Eusi jeung dimuat acanna dina koran/majalah
d. Aya henteuna daptar rujukan
e. Wangun huruf atawa font nu digunakeun

33. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikél, nyaéta...
a. Judul
b. Alinéa bubuka
c. Alinéa panandes
d. Alinéa Pamungkas
e. Alinéa panambah
34. Alinéa anu eusina ngebrehkeun lumangsungna peristiwa atawa kajadian, boh nu sipatna
nyata atawa rekaan, disebutna alinéa...
a. Argumentasi
b. Deskripsi
c. Narasi
d. Eksposisi
e. Persuasi
35. Baca teks di handap!
Saban taun masarakat Jawa Barat butuh daging sapi nu kawilang ti tilu rebu sapi
peunciteun (sapi potong). Kapaksa pikeun nyumponan kakuranganana nyiar ti daerah
sejen, di antarana Nusa Tenggara Barat. Pikeun nungkulan kabutuh, dicoba ku cara
ngagenjot daerah pakidulan Jawa Barat, jeung metakeun upaya ngalintuh-lintuhkeun
sapi nu baregang. Sajaba ti kitu kawin suntik digedekeun.

Nilik kana cicingna gagasan utama, Alinéa di luhur kaasup kana alinéa...
a. Induktif
b. Deduktif
c. Persuasif
d. Eksplanatif
e. Campuran
36. Mantra anu dipapatkeun saméméh ngalakonkeun carita pantun ku juru pantun disebutna...
a. Jampé
b. Ajian
c. Jangjawokan
d. Rajah
e. Singlar
37. Tokoh-tokoh nu dilakonkeun dina carita pantun téh umumna, nyaéta...
a. Satria atawa putri Karajaan Galuh jeung Pajajaran
b. Rayat biasa ti Tatar Sunda
c. Raja-raja ti Tatar Sunda
d. Raja-raja ti luar Tatar Sunda
e. Sing saha wae nu aya hubunganana jeung Tatar Sunda
38. Ieu di handap nu teu kaasup kana unsur-unsur naskah drama, nyaéta...
a. Pertelaan palaku
b. Candraan
c. Prolog jeung epilog
d. Wirahma
e. Babak jeung adegan
39. Ngajén atawa menteun kana hiji karya, saperti buku, film, atawa pintonan drama jeung
music (konser), disebutna…
a. Aprésiasi
b. Éséy
c. Éksprési
d. Kritik
e. Résénsi

40. Ieu di handap hal-hal anu teu kaasup kana unsur-unsur résénsi, nyaéta…
a. Nuliskeun identitas buku
b. Medar ngeunaan eusi buku
c. Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahengkeran eusi buku
d. Nepikeun kaayaan pribadi nu ngarang buku
e. Medar ngeunaan mangpaat buku keur bacaeun balaréa.
41. Drama anu dialog-dialogna ditepikeun ku cara dihaleuangkeun disebutna…
a. Longsér
b. Banjet
c. Purnadrama
d. Sandiwara
e. Gending karesmén
42. Di handap ieu sempalan anu mangrupa bagéan Rajah Pamuka tina Carita Pantun, nye
éta…
a. Puun Sapuuuun Hyang Prabu Wastu
Pangampura anu diseja
Boh bisi langkung nya saur
Boh bisi bahé nya carék
Kami ngan darma mitutur
b. Lalakon dilalakonkeun Baginda tuluy ngayakeun pésta, miharep aya nu datang tuluy
bisa mantuan Baginda pikeun meunangkeun Nyi Sumur Bandung. Baginda nitah
léngsér sangkan méré nyaho rahayat pikeun ngayakeun éta pésta, tuluy léngsér
ngaduruk menyan tujuh rancah.
c. “Aéh Mama Léngsér, bagéa teuing, iraha dongkap?”
Témbalna Mama Léngsér “Jagong carang, Ratu Emas!”
“Jadi Mama Léngsér téh kakara hol? Atuh sukur, Mama Léngsér boa tos noong
heula?”
d. Ludak-ledok diboréhanlain teu wuni boboréh, dipulasan kéler nahun nu geulis
ngadadak goréng hideung batan wadah teuleum, bangbang awak batan gagak, ngan
sorotna henteu leungit, sasemu kénéh jeung Sunan Ambu
e. “Karunya teuing Aki Panyumpit, gila ku ruksak, dedeuleu pakuwon, jeg lain enggon
jalma. Rék neneda ka Sunan Ambu, ka Ambu neda pituduh, ka Rama neda papatah,
muga tulus nya pangjurung, muga laksana pangjiad; rék misalin Aki Panyumpit,
peuting ieu.”
43. Pék ilo sempalan dialog di handap!
Watek Pa RT dumasar kana dialog di luhur nyaéta…
a. Wijaksana
b. Gampang dibobodo
c. adil
d. Barangasan
e. karunyaan
44. Ieu di handap anu mangrupa bédana antara wanda résénsi informatif jeung déskriptif, nya
éta…
a. Résénsi informatif mangrupa résénsi anu ngulas wincikan buku kalawan
ngagunakeun métodologi élmu kaweruh nu tangtu, sedeng résénsi déskriptif
mangrupa résénsi anu medar tiap bab atawa eusi buku kalawan wincik
b. Résénsi informatif mangrupa résénsi anu medar tiap bab atawa eusi buku kalawan
wincik, sedeng résénsi déskriptif mangrupa résénsi anu ngulas wincikan buku
kalawan ngagunakeun métodologi élmu kaweruh nu tangtu.
c. Résénsi informatif mangrupa résénsi anu ngulas wincikan buku kalawan
ngagunakeun métodologi élmu kaweruh nu tangtu, sedeng résénsi déskriptif
mangrupa résénsi anu ditepikeun kalawan umum tur singget tina sagemblengna
buku.
d. Résénsi informatif mangrupa résénsi anu medar tiap bab atawa eusi buku kalawan
wincik, sedeng résénsi déskriptif mangrupa résénsi résénsi anu ditepikeun kalawan
umum tur singget tina sagemblengna buku.
e. Résénsi informatif mangrupa résénsi anu ditepikeun kalawan umum tur singget tina
sagemblengna buku sedengkeun résénsi déskriptif mangrupa résénsi anu medar tiap
bab atawa eusi buku kalawan wincik.
45. Pék ilo pedaran di handap!
Ngurebkeun Mayit
Mun urang laha-loho ka kampung kuta moal manggihan astana atawa kuburan,
ti baheula mula, urang Kuta tara pirajeuneun ngurebkeun mayit di lemburna. Mun aya
kapapaténan katémbong kacida riweuhna, sabab kudu ngurebkeun layon ka tempat nu
rada jauh, nya éta tonggoheun lembur, aya mereun tilu kilo mah. Malah aya nu
dikurebkeun peuntaseun cigalontang. Atuh waktu ngagotong pasaran téh kudu ngaraas
walungan heula.
Ceuk Karman, lemburna ngan keur jalma hirup, ulah lembur bugang naon baé,
kaasup mayit, cenah sangkan éta lembur beresih, anggang tina panyakit, pangpangna
aya amanat ti Karuhun anu ngaharamkeun aya astana di lemburna. Mun dirémpak,
cenah mah sapangeusi kampung bakal katarajang panyakit anu hésé piubareunana.
Di Kampung Kuta mah ngurebkeun mayit téh kudu rada jauh ti pakampungan, jarakna ti
lembur ka astana nyaeta .... Km.
a. 1.5 km
b. 2 km
c. 3 km
d. 4.5 km
e. 5 km
46. Alesan urang kampung kuta teu meunang ngubur bugang naon waé, kaasup mayit di
pilemburan, nyaeta….
a. Sangkan lembur eta teh beresih.
b. Aya amanat ti karuhunna.
c. Diharamkeun aya astana di lembur.
d. Sangkan eta lembur beresih, anggang tina panyakit jeung aya amanat ti karuhun anu
ngaharamkeun ayana astana.
e. Pantangan keur manyarakat lembur pikeun ngubur mayit.
47. Bagian tina ulikan sastra anu nyaritakeun kalawan langsung karya sastra saperti
nganalisis, napsirkeun, jeung ngajén karya sastra disebutna....
a. Aprésiasi sastra
b. Ekspresi sastra
c. Kritik sastra
d. Esey sastra
e. Artikel sastra
48. Harita mah Persib sok bangénan waé. Éta téh salila ilubiung dina kompetisi
Perserikatan, Persib kungsi nyandang juara 4 kali taun 1961, 1986, 1990, jeung 1995.
Kungsi 5 kali Runner-Up taun 1950, 1959, 1966, 1983, jeung 1985.
Kecap bangenan dina eta kalimah ngandung harti...
a. Eléhan tur épés méér
b. Sakapeung meunang sakapeung eleh
c. Pikasiueneun
d. Pikaresepeun
e. Meunangan
49. “Tukang Asahan” ngasongkeun pasualan hirup nu kudu disurahan. Minangka hiji
pintonan ieu drama ngajak seuri (tur dina enas-enasna mah ngajak nyeungseurikeun
sorangan), jeung ngajak mikir deuih. Dina ieu drama, unggal jalma najan hirup dina
jaman nu beda, saestuna boga pasualan anu sarua. Batu asahan ukur dipake simbol
keur nyungsi masalah nu saéstuna, nyaéta kumaha urang bisa maké pikiran jeung
kamampuh keur nyanghareupan kahirupan.
Ceuk tulisan résénsi, téma dina drama “tukang asahan” nyaéta ngeunaan....
a. Tukang dagang asahan nu kekeleyengan kaditu-kadieu.
b. Ngasongkeun pasualan hirup nu kudu disurahan.
c. Dagangan batu asahan anu teu laku-laku.
d. Palasipah batu asahan keur kahirupan.
e. Ari hirup kudu kawas tukang asahan.
50. Ieu di handap anu teu kaasup kana kalimah langsung, nyaéta....
a. Bu Guru sasauran, “baca ku hidep naskah drama téh!”
b. “Iraha aya pagelaran sunda téh?” dada nanya.
c. Ceuk Wendi, “Kumaha jadi latihan drama téh?”
d. Dedi ngajak Tuti rék ulin kacianjur.
e. “Iraha rék milu ulin ka Cianjur téh?” ceuk Dedi ka Tuti.

Anda mungkin juga menyukai