PETUNJUK UMUM
I. PILIHAN GANDA
Pilihlah satu jawaban yang benar pada soal – soal berikut ini!
1. Siswa : Nurutkeun bapa tarékah naon kinten-kintenna sangkan rumaja teu
kalibet kana narkoba?
Narasumber : Barudak salaku generasi ngora kudu di didik ku ajaran agama, sangkan
kandel kaimanan-nana. Barudak kudu apal yén narkoba téh barang haram
anu dilarang ku agama jeung ku pamaréntah, sabab bisa ngaruksak
méntal jeung runtuhna nagara.
4. Sakur anu kalakonan, karandapan, jeung kasaksian dina kahirupan sapopoé disebut ….
A. Amal ibadah
B. Kebiasaan
C. Pangalaman
D. Pangaweruh
E.
5. Carita dongéng anu nyaritakeun sajarah model baheula disebut ….
A. Babad
B. Fabel
C. Mitos
D. Parabel
6.
Tema iklan layanan masyarakat di handap ngeunaan…
A. Kaagamaan
B. Kabudayaan
C. Kasehatan
D. Kesenian
Beja ti Papandayan I
11. Tuh itu saha anu ngalangkung unggal enjing. Naon hartina kecap anu digarisan di luhur?
A. Melihat
B. Berlari
C. Mengobrol
D. Lewat
19. Mana anu kaasup kana kalimah pangbagea dina teks biantara …
A. Bapa, ibu guru anu ku simkuring dipikahormat. Rerencangan sadayana anu ku simkuring
dipikacinta
B. Mung sakitu ti sim abdi, hatur nuhun.
C. Puji syukur ka Gusti nu Maha Suci, nu maparin urang nikmat sehat.
D. Sholawat miwah salam ka junjungan urang sadayana, Kangjeng Nabi Muhammad Saw
21. Rupina cekap sakitu cariosan ti simkuring, nyuhunkeun dihapunten bilih aya cariosan anu
kirang merenah. Hatur nuhun. Eta kekecapan teh mangrupa.....tina biantara
A. Bubuka
B. Eusi
C. Kacindekan
D. Panutup
22. Di handap ieu nyaeta anu kudu dilakukeun dina nepikeun biantara …
A. Tatag dina nyaritana
B. Loba seuri waktu nyarita
C. Roman anu baeud
D. Bubuka mah teu pati perlu
23. Di handap ieu lain mangrupa ciri-ciri anu aya dina biantara resmi …
A. Biantara direspon ku unggeuk
B. Biantara direspon ku ngajukeun pananya
C. Biantara direspon ku ngagodeg
D. Biantara direspon ku keprok
24. Dina biantara perlu dilarapkan Tatakrama Basa Sunda. Umpama nyarita di hareupeun anu
saluhureun saperti dihreupeun Ibu / Bapa Guru perlu ngagunakeun
A. Ragam Basa Loma
B. Ragam Basa Hormat / Lemes
C. Basa anu kasar
D. Basa anu bebas, boh kasar boh lemes
A. Julang Ngapak
B. Parahu Kumureb
C. Badak heuay
D. Jolopong
26. Ciri kampong adat sunda, iwal …
A. Kampung adat masih kuat nyekel hiji adat kabiasaan karuhun satempat, nyaeta adat Sunda
B. Kampung adat bisa diasupan atawa dicicingan ku jalma luar
C. Agama atawa kapercayaan anu dianut di kampung adat biasana seragam atawa sarua
D. Di kampung adat biasana aya nu disebut ketua adat
29. Lia teh murid alihan ti Subang. Dinten senen Lia ngawitan lebet ka SMP Sukamulya.
Keleresan Vira teh tatangga Lia. Barang lebet ka kelas kasampak di kelas tos aya Anisa
sareng Cika.
Eusi wacana di luhur ngeunaan …
A. Murid anyar
B. Babaturan
C. Mikacinta ka babaturan
D. Mikawanoh jeung babaturan
32. Boga duit sautak saeutik teh tabungkeun, sing bisa…..atuh ulah jajan bae.
A. Cikaracak ninggang batu
B. Mipit kudu amit ngala kudu menta
C. Ngeuret neundeun
D. Jati kasilih ku junta
33. Jang soleh mah …… teu kaop ka keureut sok jadi borok.
A. Amis daging
B. amis budi
C. Hejo tihang
D. pait daging
34. Ih, kumaha ieu teh bet……, can gawe tapi geus menta buruh.
A. Nete taraje nincak hambalan
B. Pacikrak ngalawan merak
C. Pupulur memeh mantun
D. bonteng ngalawan kadu
35. Anu kaasup kana paribasa pangjurung laku hadé nya éta…
A. bisa ka bala bisa ka bale
B. nyeungeut damar di suhunan
C. ngaliatkeun taleus ateul
D. lauk buruk milu mijah
36.
B. URAIIAN!!!
Monyét Jeung Kuya Balap Melak Cau
Hiji Poé, Sakadang Kuya keur moyan di sisi wahangan. Sabot kitu, torojol sobatna,
Sakadang Monyét nyampeurkeun bari ngomong.“Éh, Sakadang Kuya, urang balap melak cau
yu!, urang bareng melak binihna, nu pangheulana buahan éta nu meunang.” Sakadang Kuya
ngawalon, “Naaya kitu binihna?” “Aya, nu kuringmah binihna gé jantung cau, ngarah babari
jadi buahna.” Ceuk Sakadang Monyét. Ngadéngé Sakadang Monyét nyarita kitu, Sakadang
Kuya mikir, tapi teu loba nyarita. Sanggeus asak badami, bral duanana muru ka kebon.
Sakadang Monyét tuluy melakkeun jantung cau. Ari anu dipelak ku sakadang kuya mah
tangkal cau anakna. Sanggeus sababaraha waktu lilana, Sakadang Kuya jeung Sakadang
Monyét arindit ka kebon rék néang pepelakanana. Kasampak tangkal cau anu dipelak ku
Sakadang Kuya geus gedé, malah geus aya jantungna, tangtu sakeudeung deui bisa kaala
buahna. Ari jantung cau nu dipelak kuSakadang Monyét mah boro-boro jadi tangkal. Waktu
Sakadang Monyét ngoréhan taneuh lebah pepelakan manéhna, kasampak jantung cau téh geus
buruk.
41. Saha wae tokoh nu aya dina dongeng diluhur tuluy sebutkeun jeung watekna!
42. Naon wae unsur inrinsik anu aya dina kawih?
43. Kaunikan wae anu aya di kampong naga pek ku hidep jelaskeun!
44. Jentrekeun metode naon bae anu digunakeun dina biantara?
45. Naon wae anu jadi pangrojong dina kaberhasilana pertunjukan drama basa sunda? Jentrekeun!