Anda di halaman 1dari 7

PEMERINTAH KABUPATEN BANDUNG

DINAS PENDIDIKAN
SMP NEGERI 1 CILEUNYI
Jl. Raya Cinunuk Cileunyi Telp. (022) 7802764 Kabupaten Bandung 40623
Web Site : http://www.SMPN1-Cileunyi.sch.id/Cileunyi
E-learning : http://www.SMPN1-Cileunyi.sch.id/learning

PENILAIAN TENGAH SEMESTER


TAHUN PELAJARAN 2023/ 2024

Mata Pelajaran : Bahasa dan Sastra Sunda


Kelas / Semester : VIII (Delapan) / Ganjil
Hari / Tanggal :
Alokasi Waktu : 90 Menit

I. Pilihan Ganda
Pék pilih ku cara di cakra (X) a, b, c, atawa d anu dianggap jawaban pangbenerna!

Titenan kawih di handap ieu!


TANAH SUNDA
Sanggian : Koko Koswara
.
Tanah Sunda (wibawa) gemah ripah (tur endah)
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda (sawawa) sing toweksa (perceka)
Nyangga darma anu nyata
.
Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya memang sawajibna
Geten titen rumawat Tanah Pusaka
.
1. Kecap perceka dina kawih diluhur hartina nyaeta ....
A. Ngedul
B. Nyanyahoanan
C. Pinter ngatur
D. Belet/bodo

2. Rumpaka kawih "Tanah Sunda" teh eusina mangrupa ebrehan rasa cinta ka .....
A. lemah cai
B. kabogoh
C. indung bapa
D. kaendahan alam

Titenan kawih di handap ieu!


MOJANG PRIANGAN
Sanggian : Iyar Wiyarsih
.
Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priangan
.
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan
.
Mun di erok denok
Mun disanggul ayu
Mun disinjang lenjang
Mojang Priangan
.
3. Kawih Mojang Priangan teh ngagambarkeun mojang anu ....
A. Daekan
B. Someah
C. Judes
D. Centil

4. Kawih "Mojang Priangan" teh eusina nyaritakeun ......


A. Kaendahan alam
B. nyaah ka sasama
C. nyaah ka lemah cai
D. pasipatan jalma

5. Mojang Priangan anu digambarkeun dina eta kawih, keuna kana babasan....
A. Awak satilas
B. Ngukur awak sorangan
C. Awak sabeulah
D. Awak sampayan

6. Kecap umat-imut, sura-seuri, Jeung larak- lirik kaasup kecap rajekan ...
A. Dwi Reka
B. Dwi Purwa
C. Dwi Madya
D. Tri lingga

7. Kecap "trang treng trong" kaasup kana kecap rajekan ...


A. Dwimurni
B. Dwireka
C. Trilingga
D. Dwimadya

8. Perhatikeun sababaraha judul Rumpaka ieu !


(1) Es Lilin
(2) Bubuy Bulan
(3) Asmarandana
(4) Cianjuran
Anu kaasup kana kawih nya eta nomer ....
A. 1-2
B. 1-3
C. 2-3
D. 2-4

9. Anu kaasup conto kawih modern nyaeta


A. Tanah Sunda
B. Peuyeum bandung
C. Budak jalanan
D. Karatagan Pahlawan

10. Unggal bulan, unggal bulan abdi teang


Unggal poe, unggal poe oge hadé
Rumpaka kawih di luhur judulna …
A. Situ Ciburuy
B. Bangbung Ranggaék
C. Bubuy bulan
D. Situ Patenggang

11. Situ Ciburuy laukna hese dipancing


Nyeredet hateNingali ngeplak caina
Naon judul tina sempalan rumpaka kawih di luhur?
A. Peuyeum Bandung
B. Situ Ciburuy
C. Bubuy Bulan
D. Es Lilin
12. Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung patentang taya bandinganana
Dipikagimir dipikaserab kusasama
Taya karingrang kasieun leber wawanenna
………………………………………………
Sempalan rumpaka di luhur, ditulis tina kawih …
A. Karatagan Pahlawan
B. Bajing Luncat
C. Sapu nyéré pegat simpay
D. Manuk Dadali

Baca kawih di handap ieu!

Pahlawan Toha
Getih suci nyiram bumi
Tulang setra mulang lemah
Babakti nyungkem pertiwi
Cikal bugang putra bangsa
.
Nyatana pahlawan Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuh Kolot
Tugu diwangun ngajadi ciri
.
Tarate nu mangkak
Ligar di empang
Jadi bukti gugurna
Pahlawan bangsa

13. Tema kawih Pahlawan Toha di luhur nyaritakeun ngeunaan….


A. Sumanget Muhamad Toha
B. Kawani Muhamad Toha
C. Perjoangan Muhamad Toha
D. Jasa Muhamad Toha

14. Baca kawih di handap ieu!


Pahlawan Toha
Getih suci nyiram bumi
Tulang setra mulang lemah
Babakti nyungkem pertiwi
Cikal bugang putra bangsa
.
Nyatana pahlawan Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuh Kolot
Tugu diwangun ngajadi ciri
.
Tarate nu mangkak
Ligar di empang
Jadi bukti gugurna
Pahlawan bangsa
.
Kawih Pahlawan Toha di luhur diwangun ku sabaraha pada (bait)…..
A. 2 pada
B. 3 pada
C. 4 pada
D. 5 pada

15. Istilah dina seni karawitan Sunda disebut serat kanayagan ( da-mi-na-ti-la-da ). Disusun ku...
A. Asep Sunandar Sunarya
B. R. Machyar Anggakusumah Dinata
C. Mang koko
D. Bapak Ujo Ngalegana
16. Baca conto warta ieu di handap !

KAMEKARAN SENI SUNDA


Kumaha kamekaran seni Sunda kiwari ?
Pasualan éta geus remen jadi bahan padungdengan. Pangna kitu téh lantaran kahirupan urang Sunda kiwari geus
loba kapangaruhan ku adat jeung kabiasaan nu jolna ti nagri deungeun. Éta hal téh gedé pangaruhna kana hirup
huripna Seni Sunda. Karasa pisan, seni Sunda anu sakitu euyeubna téh nungtutan laleungitan. Sok sanajan kitu,
henteu kabéh matak pikasalempangeun, sabab aya kénéh seni Sunda anu hirup, mekar, sarta tetep dipikaresep.
Kasenian Sunda nyampak tur mekar di unggal wewengkon, upamana baé wayang golék, calung, kendang penca,
jeung degung. Ari anu hirup sarta mekar di hiji atawa sawatara wewengkon nyaéta sampyong di Kabupatén
Majalengka jeung sabudeureunana, Sisingaan di Kabupatén Subang, Kuda Rénggong di Kabupatén Sumedang,
Tarling di Kabupatén Indramayu, Bénjang di Kabupatén Bandung, Surak Ibra jeung Dodombaan di Kabupatén
Garut.
Seni nu husus hirup di Kabupatén Majaléngka jeung Kuningan nyaéta Gembyung jeung Sampyong. Hanjakal
kamekaranana geus loba kadéséh ku ku seni modéren, anu antukna jadi kurang dipikawanoh ku masarakat.
Kasenian Sunda lianna anu masih kénéh pada mikaresep sarta sering dipintonkeun boh dina acara Agustusan, di nu
kariaan, malah dina siaran televisi nyaéta calung, réog, degung, jaipongan jeung wayang golék.

Naon sababna kahirupan Seni Sunda remen jadi bahan padungdengan ...
A. Kahirupan sunda geus kapangaruhan
B. Budaya sunda geus kapangaruhan
C. Kabiasaan urang sunda modérn
D. Pangaruh negatif ti luar

17. Perhatikeun sempalan warta di handap ieu :


Nurutkeun katerangan ti pupuhu MGMP (Musyawarah Guru Mata Pelajaran) Basa Sunda Kota Cimahi Ibu Susi
Budiwati, S.Pd. Ieu kagiatan téh geus rutin diayakeun saban taun.
Dina nulis warta téh kudu nyumponan hiji rumusan anu disebut 5W+1H. Ditilik tina eusina, pananya anu luyu
jeung eusi warta di luhur nyaéta....
A. Kagiatan naon anu diayakeunana?
B. Iraha éta kagiatan téh dilaksanakeun?
C. Saha anu méré hadiahna?
D. Dimana diayakeunana éta kagiatan?

18. Sempalan warta di handap ieu anu bisa ngajawab pananya dina rumusan warta kumaha (how) nyaéta...
A. Pikeun ngareuah-reuah miéling milangkala Provinsi Jawa Barat anu ka-68
B. Disabudeureun Gedong Saté Bandung
C. Hadé pisan, buktina salila tujuh poé tujuh peuting lumangsungna éta acara, teu weléh dirojong ku masarakat
D. Pupuhu Dinas Pendidikan Cimahi

19. Perhatikeun urutan ringkasan warta di handap ieu :


1) Pasanggiri ngadongeng tingkat SMP sa-Kabupaten Bandung
2) MGMP Basa Sunda Kabupaten Bandung
3) Di SMPN 1 Dayeuhkolot
4) Tanggal 20 Agustus 2018

Dumasar kana urutan ringkasan warta di luhur, rumusan pananya anu luyu jeung urutan di luhur nyaéta...
A. Naon, saha, di mana, iraha
B. Naha, saha, di mana, kumaha
C. Naon, di mana, iraha, saha
D. Naha, kumaha, naon, iraha

20. Baca sempalan warta di handap ieu!


Ngaranna ogé média sosial nu ngancikna dina internét, saha baé bisa eunteup di dinya. Dina facebook umpamana,
tina 995 juta akun aktif, 83 juta diantarana (8,7%) kaasup akun anu henteu sah. Tina sakitu juta téh réréana mah
akun palsu. Anu disebut akun palsu ku facebook, nyaéta akun nu teu puguh bungkeuleukanana di dunya nyata.
Umpamana nu maké ngaran samaran, nu boga akun leuwih ti hiji, malah di nagri deungeun mah aya sato piaraan
anu bogaeun akun facebook.
Eusi sempalan warta diluhur méré informasi ngeunaan.....
A. Dina facebook téh lolobana mah akun palsu anu teu nyata
B. Tina 995 juta akun aktif dina facebook, 83 juta diantarana kaasup akun palsu
C. Aya sato piaraan anu bogaeun akun facebook palsu
D. Media sosial anu paling loba penggunana nyaéta akun facebook

21. Salahsahiji ciri anu aya dina hiji warta nyaéta...


A. Eusina mangrupa opini
B. Eusina mangrupa carita hayal tapi logis
C. Eusina mangrupa carita hayal anu pamohalan
D. Eusina dumasar kana data anu bener

22. Nulis warta téh sarua jeung nuliskeun kajadian. Tapi henteu sakabeh kajadian bisa dijadikeun warta, sabab anu
bias dijadikeun warta téh…
A. Nyumponan kapentingan perorangan
B. Nyumponan kapentingan keluarga
C. Eta kajadian atawa hal téh dianggap bisa nyumponan kapanasaran balaréa
D. Kudu nyumponan kapentingan pribadi

23. Jadi ciri utama dina warta téh nyaéta mangrupakeun béja anu bener-bener…
A. Informasi
B. Aktual
C. Berita
D. Faktual

24. Upama urang hayang nyaho poko-poko warta, baca baé ...
A. Bagian puhu wartana
B. Bagian kateranganana
C. Bagian eusi warta na
D. Judul wartana

25. Eusi warta mah kudu nétral maksudna…


A. Kudu mihhak ka pamingpin
B. Teu meunang mihak ka salahsahiji pihak
C. Kudu aya pihak balarea
D. Kudu aya pihak anu ngawartakeun

26. Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nyaéta kajadian…


A. Nu penting pikeun urang
B. Nu penting pikeun pamingpin
C. Nu penting pikeun organisasi
D. Nu penting pikeun balarea

27. Warta téh nyaéta katerangan atawa béja anu ditepikeun ka .....
A. Balarea
B. Kelompok
C. Pribadi
D. Keluarga

28. Éta katerangan atawa béja bisa disebut warta upama .....
A. ditulis ku wartawan
B. aya dina rohang media
C. dikirim ka media
D. dibaca ku balarea
29. Warta teu meunang nuduh salah ka hiji jalma, lamun …
A. geus kabuktian kasalahanana sacara hukum
B. tacan kabuktian kasalahanana sacara hukum
C. tacan kabuktian kasalahanana ceuk balarea
D. tacan kabuktian kasalahanana ceuk wartawan

30. Struktur warta teh kabagi tilu bagean, nyaeta ….


A. Tema (theme), headline, lead.
B. Judul (headline), lead (bubuka, intro), jeung tubuh warta
C. Judul (headline), tema, jeung bubuka.
D. Bubuka, isi, jeung panutup

II. Pék béré tanda ceklis () dina kolom B (Bener) lamun pernyataan bener, jeung kolom S (Salah) lamun
pernyataan salah.

No. Pernyataan B S
“Mojang Priangan”, “Borondong Garing”, “Karatagan Pahlawan”, mangrupa
31.
sababarha conto judul kawih Sunda.
32. Kawih mangrupa salasahiji wangun karangan anu ditulisna biasana dina wangun drama.
“Sunda kukuh kuat diraksa dirumat
Pasti jembar wibawa Indonésia”
33.
Sempalan tina rumpaka di luhur nétélakeun yén tatar Sunda téh mangrupa bagian ti
Indonésia.
34. Warta dina seuhseuhan atawa kabiasaanana mah sok dijieun dina wangun sacara lisan.
Syarat dina nulis hiji warta kudu subyéktif lain objéktif, atawa ditujukkeun ka hiji jalma
35.
husus.

III. Pék pilih ku cara dijodokeun anu dianggap jawaban pangbenerna!

Situ Ciburuy laukna hese dipancing


Nyeredet hate Ningali ngeplak caina
1. tina sempalan rumpaka kawih di luhur nyaeta judulna … A. Barang
2. Kecap rajekan “umat-imut, tulang-taleng, karalang-kuriling” mangrupa kecap rajekan … B. 5 W + 1 H
3. Warta nyaeta hartina sarua jeung .... C. Dwireka
4. Lamun nulis warta kudu nyumponan unsur-unsur pangwangunna anu disebut ... D. Bubuy Bulan
5. Conto kalimah “Pak Dadang Supriatna Bupati Kabupaten Bandung” mangrupa kalimah … E. Beja

Anda mungkin juga menyukai