Anda di halaman 1dari 5

PENILAIAN SEKOLAH

AKHIR JENJANG (PSAJ)


GUGUS 1 SULAIMAN

KEC. MARGAHAYU KABUPATEN BANDUNG

TAHUN PELAJARAN 2022 / 2023

BASA SUNDA

PETUNJUK UMUM :

1. Periksalah jumlah halaman serta jumlah soal sebelum menjawabnya.


2. Periksalah lembar jawaban computer (LJK) kalian jangan sampai rusak atau kotor.
3. Laporkan kepada pengawas apabila terdapat tulisan atau gambar yang kurang jelas.
4. Jumlah soal sebanyak 25 butir pilihan ganda, 10 butir isian, dan 5 butir uraian,
5. Penggunaan kalkulator / alat bantu hitung tidak dibenarkan
6. Mintalah kertas buram kepada Pengawas apabila diperlukan.
7. Pengisian Lembar Jawaban PSAJ menggunakan pensil 2B.
8. Berilah tanda silang (X) pada huruf A. B. C. atau D yang dianggap benar pada Lembar Jawaban PSAJ.
9. Tulislah jawaban untuk soal isian dan uraian pada Lembar Jawaban PSAJ dengan jelas, dan rapih,
10. Periksalah kembali hasil pekerjaanmu sebelum diserahkan kepada pengawas ujian.

SELAMAT MENGERJAKAN DENGAN TEKUN DAN JUJUR


Berdoalah dahulu sebelum mengerjakan
“ Semoga berhasil”
A. Cakra (x) aksara a, b, c, atawa d di hareupeun jawaban nu pang benerna !
Baca jero hate bacaan di handap pikeun ngajawab soal nomer 1 – 4!

Si Jalak Harupat
Raden Oto Iskandardinatra dibabarkeun di Bandung, 31 Maret 1897. Ari pupusna di Tangerang, sasih
Desember 1945. Raden Oto hirup di lingkungan kulawarga priyayi anu boga jiwa ngarayat.
Satamatna ti SD, Oto nuluykeun ka Sakola Guru di Bandung, tuluy pindah ka Puerworejo. Ti dinya,
Oto dibenum jadi guru HIS di Banjarnegara (1920), Bandung (1921-1924), jeung Pakalongan (1924-2928).
Di Pekalongan, Oto aktip dina organisasi Budi Utomo sarta kapilih jadi anggota Dewan Kota. Taun
1925 Oto sabatur-batur ngadegkeun Sakola Kartini. Nya dina waktu harita, Oto ngeritik Paguyuban
Pasundan. Anjeunna nadar rek meuncit hayam, tuluy embe, lamun Paguyuban Pasundan bakal bubar.
Taun 1928 Oto pindah gawe ka Jakarta, jadi guru HIS Muhammadiyah. Waktu di Jakarta, Oto jadi
anggota Paguyuban Pasundan, anu kungsi dikeritikna. Minatna kana pulitik jeung pajuangan kamerdekaan
Indonesia beuki ngagedur. Nya kapilih jadi Pupuhu Pangurus Puseur Pasundan sarta jadi wawakilna di
Dewan Rakyat.
Waktu biantara, keritik-keritik Oto ka pamarentah Hindia Walanda teh pohara peureusna. Inyana kungsi
nyebutkeun yen Indonesia pasti merdeka. Naha Walanda rek indit sorangan atawa serah bongkokan bangsa
Indonesia. Nya kawanina tea, Oto meunang jujuluk Si Jalak Harupat, nyaeta ngaran nu biasa dibikeun ka
hayam jago adu anu wanian tur tara eleh.

1. Raden Oto Iskandardinata … Si Jalak Harupat.


a. disebutna c. nénéhna
b. panggilanana d. ngaranna
2. Raden Oto Iskandardinata dibabarkeun di Bandung kaping …
a. 28 Maret 1897 c. 31 Maret 1897
b. 13 Maret 1987 d. 31 Maret 1879
3. Oto Iskandardinata janten guru HIS taun 1920 di …
a. Banjarnagara c. Jakarta
b. Bandung d. Pakalongan
4. Naon sababna Oto Iskandar meunang jujuluk Si Jalak Harupat?
a. kawanterna c. kulawargana
b. kritikna d. sakolana

Perhatikeun paguneman di handap ieu, pikeun ngajawab soal nomer 5 – 7!


Ujang : “Ti iraha Mang sok icalan baso didieu téh?”
Tukang baso : “Tos lami Adén, aya kana lima taunna”.
Ujang : “Naon margina Emang hoyong icalan baso?”
Tukangbaso : “Nya lumayan wé, batina kanggo biaya hirup Emang sadidinten”.
5. Geus sabaraha lila jualan basona téh?
a. dua taun c. opat taun
b. tilu taun d. lima taun
6. Naon sababna Mang Oik jualan baso?
a. ngarah sapopoé bisa dahar baso c. batina pikeun biaya hirup sapopoé
b. dititah ku Ujang d. ngarah teu cicing di imah
7. Kalimah nu nuduhkeun bilangan nyaéta. . . .
a. Tos lami Adén, aya kana lima taunna
b. Nya lumayan wé, batina kanggo biaya hirup
c. Naon margina Emang hoyong icalan baso?
d. Ti iraha Emang sok icalan baso didieu téh?
8. Ujang : ………………………….
Tukang baso : “Tilu, budak Emang téh. Anu dua masih sakola di SD, anu cikal mah tos SMP”.

Kalimah tanya nu merenah pikeun ngeusian sempalan paguneman di luhur nyaéta. . . .


a. Sabaraha kauntungan tina icalan baso téh?
b. Sabaraha sadayana putra Emang téh?
c. Ti iraha Emang sok icalan baso didieu téh?
d. Naon margina Emang hoyong icalan baso?
Perhatikeuns ajak di handap ieu, pikeun ngajawab soal nomer 9 – 12!
Hirup bareng sauyunan
Udagan urang sakabéh
Silih asah asih jeung asuh
Jauh tina pacogrégan
Rempug jukung sauyunan
Paheuyeuk leungeun jeung hate
Wangun baligeusan ngajadi
Sangkan mekar lemah cai
Nu jauh urang deukeutkeun
Geus deukeut urang layeutkeun
Geus layeut urang paheutkeun
Geus paheut silih wangikeun
9. Dina bait kahiji sajak di luhur, kalimah nu murwakanti nyaéta baris. . . .
a. baris kahiji jeung kadua c. baris kahiji jeung kaopat
b. baris kahiji jeung katilu d. baris kadua jeung kaopat
10. Nu disebut baligeusan ngajadi téh nyaéta. . . .
a. tempat lahir c. tempat digawé
b. tempat maot d. tempat wisata
11. Kasimpulan sajak di luhur nyaéta. . . .
a. Urang kudu pacogrégan c. Urang kudu pajauh
b. Urang kudu sauyunan d. Urang kudu papaséaan
12. Hartina rempug jukung téh nyaéta. . . .
a. babarengan c. papaséaan
b. dipageuhan d. pacogrégan
13. Blangko atawa daftar eusian pikeun ngainformasikeun jati diri disebut. . . .
a. riwayat hidup c. data eusian urang
b. formulir d. surat pribadi
14. Formulir
Wasta :....
Nénéhna :....
Wanoja/Pameget :....
Tempat/tanggal lahir : . . . .

Pikeun ngeusi formulir di luhur nu bener nyaéta. . . .


a. Azifa Zahida Rahmani; Azifa; Wanoja; Bandung, 26 April 1995
b. Azifa Zahida Rahmani; Azifa; Pameget; Bandung, 26 April 1995
c. Azifa; Azifa Zahida Rahmani; Pameget; Bandung, 26 April 1995
d. Azifa; Wanoja; Azifa Zahida Rahmani; Bandung, 26 April 1995
15. Di handap ieu anu kaasup kana hal-hal nu aya dina formulir nyaéta. . . .
a. Cita-cita, nomor telepon, tawisan, foto indung
b. Padumukan, ngaran rama jeung ibu, kalangenan
c. Cita-cita, atikan, titimangsa, tawisan kapala sakola
d. Padumukan rama, telepon rama, tekepon dulur
16. Dipapatahan téh teu nerap waé kawas cai dina daun taleus.
Harti paribasa di luhur anu digaris handap nyaéta. . . .
a. cai anu ngalir di daun taleus c. ngalir ka handap
b. cai anu aya dina daun taleus d. teu aya tilasna
17. Yumna jeung Rizal téh adi lanceuk, duanana sakola di SDN Sukagalih. Yumna sakola di kelas V, ari
Rizal di kelas VI. Sapopoéna alakur, tara papaséaan, da kinging ngawurukan ibu ramana. Najan kitu,
aya nu béda antara Yumna jeung Rizal téh, nyaéta lebah pangaresep, Yumna mah resep miara
tutuwuhan, pangpangna mah kekembangan, ari Rizal resep miara sasatoan.
Sato nu dipikaresep ku Rizal téh nyaéta ucing. Ucing nu diinguna nyaéta ucing angora. Panonna
bolotot, ari buluna kandel. Jumlahna aya tilu siki, hiji ucing jalu jeung dua siki ucing bikang.
Dina potongan carita di luhur judul anu pas nyaéta. . . .
a. Miara sasatoan jeung kekembangan
b. Adi lanceuk nu akur
c. Beda karesep antara adi jeung lanceuk
d. Sasatoan jeung kekembangan
18. Sasatoan nu dipikaresep ku Rizal nyaéta. . . .
a. ucing hideung jeung bodas c. ucing bikang jeung jalu
b. ucing angora d. ucing anu lucu
19. Rizal téh pohara geténna kana . . . (1). Unggal . . . (2) dibéré hakaneun meunang meuli ti . . . (3). Ucing
téh diparaban tilu kali . . . (4). Dua minggu sakali ucing téh sok . . . (5) malah disabunan sagala.
Kecap-kecap nu merenah pikeun ngeusian kalimah di luhur nyaéta. . . .
a. ucing, poé, petshop, sakali, dimandian
b. petshop, ucing, poé, sakali, dimandian
c. ucing, petshop, poé, sakali, dimandian
d. ucing, sakali, petshop, poé, dimandian
20. Kalimah utama dina paragraf kahiji dina carita di luhur nyaéta. . . .
a. Yumna jeung Rizal adi lanceuk.
b. Yumna jeung Rizal boga pangaresep nu béda.
c. Yumna jeung Rizal adi lanceuk nu sapopoéna alakur.
d. Yumna resep kekembangan, Rizal resep sasatoan.
21. KawihSunda
Sabilulungan dasar gotongroyong
Sabilulungan sipat silih rojong
Sabilulungan genténg ulah potong
Sabilulungan persatuan témbong
Tohaga, rohaka
Teguh tangguh perbawa sabilulungan
Sadia, sajiwa
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan

Lamun lagu “Sabilulungan” ku urang dikawihkeun, nu muncul téh rasa . . . .


a. sedih c. nalangsa
b. sumanget d. agung
22. Sabilulungan téh jadi dasar gotongroyong, maksudna . . . .
a. Sabilulungan ngalantarankeun urang jadi séwang-séwangan
b. Sabilulungan ngalantarankeun sumanget kana gawé
c. Sabilulungan bisa jadi modal urang keur usaha
d. Sabilulungan jeung gotongroyong téh perlu
23. Ku cara sabilulungan, . . . téh bakal leungit.
a. pabéntar paham c. persatuan
b. silih pikahéman d. sipat sauyunan
24. Berekah tina sabilulungan téh nagara urang jadi . . . .
a. loba gawé c. kuat jeung tohaga
b. ramé ku gotongroyong d. pasalingsingan
25. Assalamualaikum wr wb.
Sampurasun!
Ibu-ibu sinareng bapa-bapa guru nu ku sim kuring dipihormat, Barudak nu ku Bapa dipikadeudeuh.
Penggalan biantara di luhur kaasup. . . .
a. salam pembuka c. panganteur isi biantara
b. eusi biantara d. salam pembuka jeung salam panghormat

B. Eusi titik-titik di handap ieu!


26. Eusi biantara
Tangtu baé ibu-ibu sareng bapa-bapa guru, kitu deui barudak sadaya héran. Ari sababna, biasana
upacara téh diayakeun tiap dinten Senén. Ayeuna téh kaping 12 November, naha diayakeun
upacara? Sadayana kedah uninga yén dinten ayeuna téh poé Kaséhatan Nasional atawa Hari
Keséhatan Nasional (HKN). Dina raraga miéling Poé Kaséhatan Nasional, bapa bade ngadugikeun
jejer ngeunaan “Pentingna Kaséhatan Pikeun Kahirupan Masyarakat”
Dina eusi biantara di luhur ngeunaan. . . .
27. Si Ibro mah beurat birit, beurat birit sarua jeung. . . .
28. Midangkeun Biantara
Asslamualaikum wr wb.
Ibu-ibu sareng bapa-bapa guru sadayana.
Puji sinareng syukur urang sami-sami panjatkeun ka Alloh nu murbeng alam. Mung ku barokah,
rahmat, sareng inayahna, Urang sadayana tiasa riung mungpulung di ieu tempat. Solawat miwah
salam mugia ngocor ngagolontor ka jungjunan alam nu pohara dipikacinta, nyaéta Rosululloh
Muhammad SAW, ka kulawargana, ka para sahabatna, para tabiit-tabiin, para alim ulama, dugi ka
umatna, Mugia sapa’atna dugi ka urang sadayana.
Dina biantara di luhur aya kalimah “Ibu-ibu sareng Bapa-bapa guru sadayana”
Seratan nu benerna nyaéta. . . .

29. Pupuh Kinanti


Hirup jeung papada makhluk
Poma ulah iri dengki
Sanajan ka sasatoan
Urang kudu welas asih
Ulah nyiksa sangeunahna
Da miboga rasa nyeri
Watak pupuh kinanti nyaéta. . . .
30. Jumlah padalisan pupuh kinanti di luhur aya. . . .
31. Guru lagu jeung guru wilangan dina pupuh kinanti nyaéta. . . .
32. Pupuh mijil watekna nyaéta. . . .
33. Sasakala Béntang jeung Panon Poé
Sakabéh déwa di kahyangan keur marilih raja. Biasana diayakeun unggal sarébu taun sakali. Nya nu
akhirna kapilih téh Batara Surya.
Sanggeus sataun leuwih jeneng raja, para déwa ngarasa kaduhung bet milih Batara Surya. Mimitina
mah réa nu kataji, sabab némbongan sifat nu hadé. Jeung para déwa teu weléh akur. Hormat ka
saluhureun, misobat kanu sapantar, mikanyaah kanu sahandapeun. Ari geus jeneng raja, kabuki
goréngna téh.
Batara Surya téh sifatna ngulit bawang, gedé ambek. Saha waé nu teu nurut kana kahayangna atawa
kana paréntahna, tangtu dihukum.
Naon eusi dongéng di luhur?
34. Kumaha sifat raja Batara Surya
35. Paribasa anu sesuai jeung sifat raja dina carita di luhur nyaéta. . . .

C. Jawab Pananya di Handap!


36. Sakabéh déwa di kahyangan keur marilih raja. Biasana diayakeun unggal sarébu taun sakali. Nya nu
akhirna kapilih téh Batara Surya. Sanggeus sataun leuwih jeneng raja, para déwa ngarasa kaduhung
bet milih Batara Surya. Mimitina mah réa nu kataji, sabab némbongan sifat nu hadé. Jeung para déwa
teu weléh akur. Hormat ka saluhureun, misobat kanu sapantar, mikanyaah kanu sahandapeun. Ari geus
jeneng raja, kabuki goréngna téh. Batara Surya téh sifatna ngulit bawang, gedé ambek. Saha waé nu
teu nurut kana kahayangna atawa kana paréntahna, tangtu dihukum.
Naon ahir dina dongeng di luhur?
37. Silih asih ka sasama
Nyaah tong dibeda-beda
Sanajan kanu teu boga
Urang teu meunang ngahina
Amanat nasehat di luhur nyaéta. . . .
38. Jieun paragrap anu eusina nyaritakeun hape atawa komputer!
39. Jieun kalimah anu eusina ngaritik lingkungan sakola hidep!
40. Jieun formulir kanggo pendaptaran anggota Pramuka!

Anda mungkin juga menyukai