Anda di halaman 1dari 6

PEMERINTAH KABUPATEN BANDUNG

DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN


UPTD TK DAN SD KECAMATAN MARGAHAYU
SD NEGERI ANGKASA 12
ULANGAN HARIAN KELAS VI
Jl. Terusan Kopo km. 10 Lanud Sulaiman Kec. Margahayu Kab. Bandung

Mata Pelajara/Semester : Bahasa Sunda /II Nama :…………………


Tanggal :........................................ Nomor Absen : ………………..

Baca wacana ieu di handap sing titen!

HADE TATA HADE BASA

Urang teh kudu di ajar nyarita nu hade. Di ajar basa nu hade lamun keying mah, tangtu urang bakal pinter
nyarita. Tapi, pinter nyarita hungkul tacan cukup, lantaran aya pribahasa anu unina hade tata hade basa. Malah sok
dituluykeun hade gogok hade tagog. Eta paribahasa teh hartina sarua. Maksudna, urang teh lamun nyarita kudu
make tatakrama. Tatakrama bisa dihartikeun sopan santun. Jadi, ari nyarita teh kudu make kasopanan.

Urang teh kudu sopan. Lain ngan ukur ka indung bapa wungkul, tapiu kum sakabeh jalma. Ka nu dagang,
ka tukang beca, ka tukang runtah, ka tukang mulung kuntung. Kitu deui ka nu baramaen. Tetep basa urang kudu
sopan. Rek mere atawa moal, angger urang kudu nyarita bari sopan.

Tetela penting kasopanan teh, lantaran eta hal ngagambarkeun jelema anu berbudi. Hirup bari hade tata
hade basa, tangtu bakal ngangkat uarang kana kamulyaan. Jelema mulya mah heunteu di ukur ku pangkatna atawa
hartana, tapi ku tatakramana. Sok komo lamun hiji jalma nya jegud nya hade budi basana. Matak resep bae nu aya.
Nya lamun lahirna, nya mulya batinna. Piraku urang teu resep kanu kitu.

Kamulyaan teh kudu diudag ku urang. Salah sah hiji carana nya hade tata hade basa tea. Eta mah salah sah
hiji perkara. Tangtu bae loba keneh saratna. Tapi, urang lamun nyekel hiji syarat bae pengkuh, geus tangtu bakal
hayang migawe sarat-sarat sejenna. Inget hirup teh heunteu langgeng.

I. Cakra (X) aksara A, B, C, atawa D di hareupeun jawaban anu bener!

1. Salah sah hiji cara pikeun ngudag kamulyaan, nya eta…..


A. Hade pake hade gidig
B. Hurung Nantung siang leumpang
C. Hade tata hade basa
D. Hambur bacot murah congcot
2. Kalimah soal nomer 1 (hiji) mangrupa pokok pikiran paragraf ka…….
A. 1 B. 2 C. 3 D. 4
3. Dina wacana di luhur aya paribasa nu unina: “hade tata hade basa, hade gogog hade tagog”. Maksudna,
nya eta…..
A. Kudu nyarita sing bedas C. Ulah nyaritakeun kagorengan batur
B. Kudu nyarita hade, maka tatakrama D. Ulah nyarita tarik-tarik teuing
4. Urang kudu sopan kasakabeh jalma.
Kalimah di luhur mangrupakeun pokok pikiran paragraf ka…….
A. 1 B. 2 C. 3 D. 4
5. Rahmi keur nyeuseuhan raksukan inu ramana.
Nu kaasup kecap repleksif dina kalimah di luhur, nya eta….
A. Rahmi C. Raksukan
B. keur nyeuseuhan D. Ibu Ramana
6. Esa keur melak……di buruan.
A. Ngembang C. Kembang gula
B. Kembang D. Kembang buruan
7. Kalimah ieu di handap kaasup kalimah transitif, iwal ti…….
A. Ami meuli sapatu C. Bi Isah keur ngagoreng lauk
B. Bapak keur maca Koran D. Kuring lumpat
8. Kecap ieu di handap ngandung aya basa hiperbola, iwal ti…….
A. Sorana awong-awongan C. ngoceak maratan jagat
B. Banjir getih D. Ngajorowok
9. Ari nyiduh teh ulah ………di mana bae.
A. Kecrot B. Kecrok C. Kecrut D. kecret
10. Arman……..di gawena di pausahaan pamarentah.
A. Bae B. Teh C. Keneh D. Deui
11. Ulah Kamana…..miceun runtah teh.
A. Oge B. teh C. Wae D. Deui
12. Nu lain kalimah parentah nya eta…….
A. Cing bawa kadieu buku teh
B. Ulah jajan rujak atuh, bisi nyeuri beuteung
C. Cik menta caiu sagelas, hanaang
D. Euh, pantes ari kitu mah
13. Kecap kolot nu hartina the geus cukup umur, leuwih ti tengah tuwuh aya dina kalimah….
A. Ari kolot hidep aya dimana? saur ema ka Amir.
B. Kalapa nu rek dikeletik mah kudu nu geus kolot
C. Nyi Eni beungeutna kokoloteun lantaran sok mindeng papanasan.
D. Eta budak teh meuni kokolot begog.
14. Kalimah parentah anu eusina the uar pangajak, aya dina kalimah….
A. Hayu Man, urang indit ka sakola tea!
B. Cing pangmeulikeun uyah sagandu!
C. Saha anu jadi pamingpin eta upacara the?
D. Entong sok huhujanan engke bisi gering!
15. Manehna……naek kana tangkal jambu.
A. Blug B. jleng C. Jung D. Terekel
16. Nu kaasup kalimah panyarek, nya eta….
A. Ualah ulin didinya,bisi cilaka!
B. Tutupkeun pantone!
C. Cing caritakeun deui,kumaha mimitina nepi ka garelut the!
D. Jang, ka dieu sakeudeung!
17. Duit anu teu meunang di pake pikeun kaperluan pribadi, duit nagara atawa duit amanat disebutna
A. Duduitan B. Mata duitan C. Duit pait D. Saduit
18. Kecap akur asal na tina basa……
A. Arab B. Prancis C. Inggris D. Cina
19. Kecap….lain gaya basa kadalon (pleonasme).
A. Maju ka hareup B. Naek ka luhur C. Jung nangtung D. Asup ka jero
20. Udin indit ka sakola.
Nu di sebut caritaan dina kalimah di luhur, nya eta…
A. Indit B. Udin C. Sakola D. Indit ka sakola
21. Kalimah ieu di handap kaasup kalimah teu sampurna, iwal ti…..
A. Di mana? B. Sabaraha C. Kumaha? D.Bi Nani nju ngaput
22. Moal jadi jelema
A
Lamun teu munjung indung

Moal gede
B
Lamun teu hormat ka Bapa

Kecap nu merenah keur gaganti A jeung B dina sajak di luhur….

A. Mulya jeung darajat C. Mulya jeung milik


B. Luhung jeung milik D. Luhung jeung darajat
23. Sajak di luhur ngandung makna……
A. Indung jeung Bapa ngahalangan urang jadi jalma mulya tur bagja
B. Urang hese jadi jelema anu mulya tur bagja ku lantaran ay Indung jeung Bapa
C. Lamun hayang mulya, urang kudu hormat ka Indung, hayang bagja kudu hormat ka bapa
D. Lamun hayang jadi jelema mulya tur bagja, urang kudu hormat ka nu jadi kolot
24. Kalimah nu ngandung gaya basa mindoan atawa repetisi aya dina kalimah
A. Kuring dina poe minggu kamari di bawa jalan-jalan ka kebon Binatang Bandung.
B. Budak teh datang deui datang deui ka dieu
C. Jieun kalimah nu ngandung gaya basa repetisi!
D. Ulah ulin ka pagawean.
25. Nu kaasup kalimah pagawean resipokatif, nya eta…..
A. Ari jadi jelema kudu hade goggog hade tagog
B. Hsna keur nyesehan raksukan Ibu ramana.
C. Si Udin silih reret jeung babaturanana
D. Ulah waka gede-gede teuing ari ngalaan sangu teh!
26. Ulah make basa kasar ari nyarita jeung kolot!
Kecap kasar bias diganti ku….
A. Badag B. Teu lemes C. Cohag D. Goreng
27. Nu daratang ka eta tempat bisa nempo paripolah uncal-uncal.
Kecap paripolah bisa di gantu ku…..
A. Kalakuan B. Pagawean C. Tingkah laku D. Popolah
28. Fahmi……hayam ku huut meunang ninyuh ku cai pana.
Kecap anu luyu pikeun ngeusian titik-titik dina kalimah di luhur, nya eta…..
A. Parab B. Maraban C. Marab D. Marabkeun
29. Irfan mah mun miara ingon-ingon teh sok babarian baranahan.
Sinonim tina kecap baranahan, nya eta……
A. Rendey B. loba C. Ngarekahan D. Paraeh
30. SD Cipagalo teh pernah Beulah kalereun panggilingan pare Pak Haji Mahpudin. Kecap panggilingan,
kaasup ……
A. Istilah sasatoan C. Istilah kadaharan jeung inuman
B. Istilah Industri D. Istilah paelmuan
31. Ucing garelut……….jeung musuhna.
A. Silih teunggeul C. Silih cakar
B. Silih Toel D. Silih reret
32. Budak nu panggedena mah……
Mun ditanya kakara ngajawab, teu ditanya mah jempe we. Ari nyarita sabedug sekali.
Kecap anu luyu pikeun ngeusian titik-titik di luhur nya eta…….
A. Gorocok C. ngembang kadu
B. Teunggar kalongeun D. carang takol
33. Nu paea the…..buuk.
A. Siliciwit B. silihtoel C. silih jenggut D. silih simbeuh

34. Kecap kantenan di wangun ku….kecap


A. Hiji B. dua C. tilu D. opat
35. Merenahna ngalarapkeun huruf gede aya dina kalimah…….
A. Rasulullah saw. Mingpin Perang Badar
B. “Tara seubeuh ulin ari usum ngijih mah,” ceuk Usep.
C. “Matak naon lamun ulinna huhujanan?” ceuk Adang.
D. Kamri Pak Rt rapat di kantor Rw.
36. Hayam pelung mah nu arah the lain daging atawa diaduna tapi…
A. Buluna B. Siihna C. jawerna D. kongkorongokna
37. Mang Danu meuli hayam ti Cianjur.
Kecap hayam dina kalimah di luhur kaasup kana istilah….
A. Indistri B. Paelmuan C. Tehnik D. Sasatoan
38. Sadia…..sa acan hujan.
A. Mayung B. Payung C. Papayung D. Mayungan
39. Wawngunan eta mah imah the ka itung aneh atawa unik.
Kecap wawangunan kaasup istilah……
A. Industri B. Sasatoan C. Organisasi D. Tehnik
40. Maung Bandung (Persib) meunang ngalawan ayam kinantan (PSMS Medan) saeunggeus gul-gulan.
A. Mindoan (Repetisi) C. Silib (Metonimia)
B. Raguman (Sinekdok) D. Kadalon (Pleonasme)
41. Basa kuring wangsul, pun biang nuju kulem.
Warna kalimah di luhur kaasup kana kalimah……
A. Nangntet satata C. Salancar basajan
B. Ngantet seler-sumeler D. Basajan jembar
42. Carita pondok mah biasa na make basa……
A. Sastra B. Sapopoe C. Rautan D. Rarahulan
43. Budak teh…..kasar jeung garihal, cacakan nyarita jeung kolot.
A. Basa B. Basana C. Teu basa basi D. Paribasa
44. Hayan Juned panonna bocoos kasiih ku hayam kemod.
Kecap siih dina kalimah di luhur disebutna istilah……
A. Tutuwuhan B. Tatanen C. Kadaharan D. Sasatoan
45. Pun paman jadi…..perancis jeung arab.
Kecap anu luyu pikeun ngeusian titik-titik dina kalimah di luhur, nya eta…..
A. Tata basa B. Paribasa C. jujur basa D. Babasaan
46. Dna mangsa usum pakanci, loba barudak anu ngahaja ulin ka bendungan jatiluhur. Kecap bendungan
mangrupakeun kecap serepan tina basa……
A. Asing B. Indonesia C. Daerah sejen D. Sunda
47. Nu kaasup kalimah refleksif, nyaeta…..
A. Si kabayan keur cunutrung
B. “Tong cinutrung bae, kabayan!”
C. Kudu nulung kanu butuh nalang kanu susah.
D. Pun bapak nembe mulih ti kantor.
48. Karangan anu ngagambarkeun hiji kaayaan, waktu atawa naon bae kalawan jetre nepi ka kacipta kunu
macana disebut……
A. Narasi B. Deskripsi C. Eksposisi D. Argumentasi
49. Anjeuna nu A
Nu miwelas kana mkhlukna
Ikhtiar mah ukur kawajiban
B
Milik mah nya di allah
Kecap nau merenaj keur ngaganti A jeung B dina guguritan anu judulna “Di tengah-tengah tanjakan”, dina
pupuh dadang gula, nyaeta….
A. Agung jeung makhluka na C. agung jeung jalmi
B. Manusia jeung sasatoan D. Agung jeung malaikat.
LATIHAN SOAL BAHASA SUNADA
NAMA : ………………………………….. Tanggal:………………………………
I . Cakraan (X) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener !

1. Beja nu katarima tina koran, radio atawa televisi disebutna . . . .


A. informasi B. warta C. amanat D. piwuruk
2. Istilah sejen pikeun peta nyaeta . . .
A. koran B. jangkar C. piwuruk D. kar
3. Nu lain babagean dina biantara nyaeta . . .
A. udur B. gering C. teu walakaya D. teu damang
4. Nyarita di hareupeun balarea atawa umum, disebutna . . .
A. ngadongeng B. pangumuman C. bewara D. biantara
5. Alusna mah teks biantara teh ku urang kudu . . .
A. ditalar B. diinget-inget C. dibaca D. diapalkeun
6. Gaganti kolot urang di sakola teh . . . .
A. ketua murid B. guru C. penjaga sakola D. babaturan sakola
7 Kuring teh . . . amanat ku Ema keur ka Santi.
A. katitipan B. katitipkeun C. titipan D. titipkeun
8. Awakna leuleus teu aya tanaga ibarat . . . kaibunan.
A. bantal B. kasur C. kapas D. keretas
9. Si Ibro mah beurat birit, beurat birit hartina . . .
A. hese dititah B. babari dititah C. eraan D. sieunan
10. Dupi Gani teh (terap) panyawat naon ?
A. di B. ka C. ti D. na
11. Papatah tinu jadi kolot teh urang kudu . . .
A. diregepkeun B. ngaregepkeun C. ragepan D. karegepkeun
12. Nu kaasup kecap rajekan dwipurwa, contona . . .
A. sumpang – simpang B. Sesepak C. cas – ces – cos D. guna – guna
13. Aya jalan komo meuntas, hartina . . .
A. mupuas kanu keur cilaka B. aya kahayang, tambah aya nu ngajak
C. tenang taya kasieun. D. jauh – jauh teu beubeunangan
14. Cing atuh jeung dulur teh sing akur ulah kawas . . . .
A. monyet jeung kuya B. ucing jeung anjing C. peucang jeung buhaya D. sendok jeung garpu
15. Conto kalimah nu eusina nasehat . . . .
A. “Cing Ujang pangmeulikeun cengek ka warung” ! B. “Budak et amah musuhna meuni loba”
C. “Angga mah budak akur jeung batur” D. “Urang hirup di dunya teh kudu akur jeung batur”

II. Eusian titik – titik di handap ieu ku jawaban nu merenah !

1. Awakna jangkung badag siga . . . salah sahiji anak Pandawa


2. Sinonimna gede hulu nyaeta . . . .
3. Dina ngaran patukangan, tukang moro sasatoan disebut . . . .
4. Lamun nampanan kudu ku leungeun katuhu ulah ku . . . sabab teu sopan.
5. Abus sakola teh jam 07.15 jadi datangna kudu isuk keneh. Kalimah diluhur lamun disalin kana basa lemes jadi .
……………….
6. Anak anjing kirik, ari anak buhaya nyaeta . . . .
7. Dipapatahan teh kalah renyah – renyoh kawas . . . .
8. Jadi jalmi teh kudu leuleus jeujeur liat . . . .
9. “Ah, abdi mah gaduh rorompok oge saung butut !" Kalimah diluhur ngagunakeun gaya basa . . . .
10. Nu kaasup istilah kadaharan diantarana . . . .
11. Salah sahiji wangun ibing sunda nu asalna ti Jawa Barat nyaeta . . . .
12. Bakat ku sieun digegel ku anjing, . . . lumpat tarik pisan.
13. Tukang nyieun parabot tina taneuh, disebut . . . .
14. Nu kaasup babagean dina biantara nyaeta . . . .
15. Para siswa kudu baris heula samemeh asup ka sakola, para siswa . . . .

Anda mungkin juga menyukai