Anda di halaman 1dari 5

PEMERINTAH KOTA DEPOK

DINAS PENDIDIKAN
SMP PANCORANMAS DEPOK
Jl. Raya Mampang No. 314 Depok (16433) Tlp. 021 – 7759647

UAS Bahasa Sunda


Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Kelas/Semester : VII/Genap
Guru Mata Pelajaran : Tien S.Pd Hari/Waktu :

I. Jawab pananya-pananya di handap kucara nyakraan a, b, c, atawa d nu pangbenerna !

A. Wacana 1 pikeun soal nomer 1 nepi ka nomer 6

DI MAKAM BAPA
E njing lebaran. Dinten ieu panungtungan abdi saum. Alhamdulilah saum te h tamat. Upami lebaran
te h abdi mah sok resep, seueur kajantenan nu ngan sataun sakali kapendakna. Takbiran di masjid sareng
re re ncangan, ngadamel kue h sareng bibi, ngadamel kupat sareng mamah, dipangme se rkeun acuk
lebaran, sapatu lebaran. Jaba upami pendak sareng wargi-wargi sok dipasihan artos kanggo jajan.
Tapi diantara sakitu seueurna karesep dina waktos lebaran te h, aya nu pangdiantos-antosna, nyae ta
ka makam Bapa. Abdi mah sok resep we . Abdi mah sok hoyong ngadonge ng ka Bapa te h. Najan
teu pendak langsung.
Abdi teu kantos e mut kana raray-rarayna acan ka Bapa te h. Nuju abdi alit ke ne h pisan, Bapa
ngantunkeun abdi sareng Mamah. Upami teu aya potona mah, abdi te h jigana moal apal sakedik-kedik
acan ka Bapa te h. Untug we Mamah rajin nyimpen poto nuju nikahna sareng Bapa. Ari ceuk abdi mah,
kasep da Bapa te h. Hanjakal yuswana teu panjang, namung untung aya lebaran.
Waktos lebaran, abdi tos ngarep-ngarep diajak ka makam ku Mamah ti barang gugah. Basa ku Nini
digugahkeun dipiwarang solat subuh, anu ka e mut pangpayuna te h, asik…engke siang ka makam
Bapa.
Tos be re s solat ‘Id, be re s sasalaman sareng anu aya di bumi, sareng nu nepangan Nini, oge
tatanggi nu pendak di jalan, abdi diajak ka makam.
Hore e e e ….! Abdi dugi ka makam. Panon te h teu ka mamana heula, langsung manteng ka
makam Bapa. Payuneun makam Bapa, abdi cingogo ge de ngeun Mamah. Waktos panangan Mamah
ranggah ngado’a, abdi oge pipilueun . abdi teu terang naon nu ku Mamah diaos, ngan katingal lambeyna
kunyam kunyem ah abdi mah jongjon we ngadonge ng ka bapa te h. E h ngawitan mah muhun
ngado’a ke tang muga-muga bapa lebet ka Surga.
………………………………………………………………………………………………………
1. Wangun karangan di luhur kaasup kana…….
a. donge ng b. drama c.carita pondok d.laporan

2. Kumaha watak abdi teh…….


a. babari ambek b. dae kan c. kedul d. taat agama

3. Kumaha kaayaan hate abdi nalika di ajak ka makam bapa…….


a. bungah b. sedih c. nalangsa d. hanjakal

4. Dimana kajadiana carita di luhur……


a. di sawah b. di makam c. di sakola d. di jalan

5. Amanah nu kapanggih dina cutatan carita di luhur nyae ta……


1
a. urang kudu papase aan c. urang kudu hormat tilawat ka kolot
b. urang kudu silih asih d. urang kudu silih acuh.

6. Re k naon abdi jeung mamah aya di makam bapa…….


a. ngadoakeun bapa b. ngadonge ng c. ngobrol d.ngirim kue h
lebaran

7. Kecap reporter ngandung harti…….


a. wartawan b. biantara c. panumbu catur d. panata acara

8. Kecap kulisik ngandung harti……


a. hudang b. lilir tina sare c. gugah d. nangtung
9. Berebet budak te h lumpat. Kecap berebet kaasup kana kecap…….
a. kecap panganteur b. kecap ngante t c. kecap kaayaan d. kecap rundayan

10. Teu kungsi lila, ge k mane hna…..


a. nangtung b. sare c. diuk d. lumpat

B. Wacana 2 pikeun soal nomer 11 nepi ka nomer 12


E ling-e ling umat muslimin muslimat
Hayu urang angkat berjamaah sholat
E stu kawajiban keur sadaya umat
Pibekeleun urang jaga di ahe rat

11. Eusi padalisan ka hiji dina pupujian bieu nyae ta…..


a. ngajak ngalaksanakeun kawajiban c. ngajak bebekelan
b. ngajak berjamaah sholat d. ngajak e ling ka muslimin

12. Eusi padalisan ka dua dina pupujian di luhur nyae ta……


a. me pe lingan umat c. ngajak bebekelan
b. ngajak berjamaah sholat d. ngajak e ling ka mulimin

13. (1)Nabi urang sadayana. (2)Arab Qurés nya bangsana. (3)Kangjeng Nabi anu mulya. (4)Muhammad
jenenganana.
Runtuyan nu merenah tina pupujian di luhur nye ta…..
a. (1), (2), (3), (4) b. (1), (3), (2), (4) c. (1), (4), (3), (2) d. (1), (3), (4), (2)

14. Kecap agre ng ngandung harti…..


a. me wah tur e ndah b. alus tur kasohor c. alus jeung e ndah d. gede

15. Kecap asal tina kecap didungakeun nyae ta…..


a. didunga b. dungakeun c. dunga d. didungakeun

16. Rarngke n tukang –an nu ngabogaan harti kecap pagawe an nyae ta…..
a. gantungan b. wadahan c. dae kan d. duaan

C. Wacana 3 pikeun soal nomer 17 nepi ka nomer 18.


Baca masing teleb sajak di handap !
PIWURUK GURU

2
Heug regepkeun barudak Pe k turut Indung jeung Bapa
Pe pe ling ti para guru Laksanakeun pare ntahna
Nu baris ngeusian pikir Ulah sok diajar melid
Nu bakal nyaangan rasa Anggur ge masing rape kan
Mun ku hidep digarugu Ngarah kolot henteu ngungun

17. Dina sajak di luhur dije ntre keun tujuan pangna urang kudu ngaregepkeun pe pe ling guru
nyae ta ….
a. sangkan jadi jalma sole h c. sangkan jadi jalma nu taat
b. sangkan jadi jalma nu caang rasa d. sangkan jadi jalma nu jujur
c.
18. Dina pada (bait) ka dua, piwuruk guru nu kudu diturut nyae ta….
a. Indung c. Guru
b. Indung jeung Bapa d. Bapa
19. Ayeuna mah loba pajabat dahar duit rayat. Kecap dahar ngandung harti……
a. Korupsi b. Ngahuapkeun c. Sarapan d. Nginjem

20. Si Badru ngendog di kelas VII sabab tara di ajar.


Kecap ngendog dina kalimah di luhur ka asup kana…..
a. denotatif b. konotatif c. sinonim d. antonym

21. Dedeh : “Assalamu’alaikum.”


Udin : “Wa’alaikum Salam.”
Dedeh : “Ieu Dedeh, punten abdi te h bade tumaros, dinten kamari aya tugas?”
Udin : “ Oh…muhun, aya tugas Basa Sunda.
Kunaon kamari teu ka Sakolah Deh?”
Dedeh :”…….”

Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyae ta…..


a. alah biasa bae c. ke bae isuk atuh
b. nyae ta abdi te h nyeri sirah d. muhun kamari atos

22. Sinonim tina kecap Beurang nyae ta…..


a. peuting b. wengi c. siang d. isuk

23. Antonim tina kecap Ge de nyae ta…..


a. ageung b. badag c. seueur d. leutik

D. Wacana 4 pikeun soal nomer 24 nepi ka nomer 26


Cikal bakal padumuk Sumedang teh bibit buitna mah ti Galuh jeung Pajajaran. Me nak
Sumedangna sorangan ti pihak indung masih rundayan ti Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran. Ari ti pihak
bapa masih rundayan ti Sunan Gunung Jati Cirebon.
Bupati Sumedang munggaran nya e ta Pange ran Kusumah Dinata nelah Pange ran Santri.
Disebut kitu sote h dume h kaasup Bupati munggaran anu ngagem Agama Islam. Ibuna nya e ta
putri Prabu Linggawastu ti Sumedang, ari ramana nya e ta Pange ran Pamelekaran, putu Sunan
Gunung Jati Cirebon. Nikah na putri sareng pange ran ti Cirebon mangrupa awal ngaislamkeun urang
Sumedang.
……………………………………………………….
24. Sempalan carita di luhur kaasup kana carita…..

3
a. dongeng b. babad c. carpon d. novel

25. Bupati Sumedang munggaran nyae ta……


a. Pange ran Kusumah Dinata c. Sunan Gunung Jati
b. Prabu Siliwangi d. Putri Prabu Linggawastu

II. Jawab kalawan bener !


1. Susun ku hidep kalimah ieu di handap jadi paguneman dina telepon !
- Muhun
+ Halow, assalamu’alaikum
+ Ieu sareng Ai, Euis sane s ?
- Wa’alaikum salam, ieu sareng saha ?
2. Pe k tulis ku hidep kecap rundayan nu ngagunakeun rarangke n barung ka-an jeung di-keun. Tuluy
jieun kalimahna !
3. Pe k te nagn naon sinonim jeung antonim kecap-kecap di handap ieu !
Kandaga kecap Sinonim Antonim
Beurang ……………… ………………
Ge de ……………… ………………
Deukeut ……………… ………………
Alus ……………… ………………
He se ……………… ………………
4. Pe k te angan ku hidep harti kecap-kecap nu dicitak condong dina kalimah-kalimah di handap ieu !
a. Re a aktivis parte y nu marebutkeun korsi.
b. Ku sabab tara di ajar mane hna ngendog di kelas VII.
c. Ayeuna mah loba pajabat dahar duit rayat.
5. Pe k ku hidep jieun kalimah tina kecap-kecap di handap ieu !
a. jung nangtung
b. le os indit
c. cikikik seuri

4
KUNCI JAWABAN
I.
1 C 11 D 21 B
2 D 12 B 22 C
3 A 13 D 23 D
4 B 14 A 24 B
5 C 15 C 25 A
6 A 16 B
7 A 17 B
8 B 18 B
9 A 19 A
10 C 20 B

II.
1. + Halow, assalamu’alaikum
- Wa’alaikum salam, ieu sareng saha?
+ Ieu sareng Ai, Euis sane s ?
- Muhun

2. a. Kahujanan : Mang Surya kamari kahujanan


b. Dipoe keun : Baju nu kamari kahujanan te h dipoe keun

3.

Kandaga kecap Sinonim Antonim


Beurang Siang Peuting/Wengi
Ge de Badag/Ageung Leutik/Alit
Deukeut Caket Jauh
Alus Sae Butut/Gore ng
He se Susah/Sulit Gampang/Babari

4. a. Korsi = Jabatan
b. Ngendog = teu nae k kelas
c. Dahar = Korupsi

5. a. Manehna te h jung nangtung, le os indit


b. Saenggeus daharna re ngse mah, si Udin te h ngan le os indit
c. Ningali si Ce pot ngibing, mang Udin ngan cikikik sueri

Anda mungkin juga menyukai