Anda di halaman 1dari 10

LATIHAN SOAL

1. Nu kaasup kana conto gaya basa Rarahulan (hiperbola) ngaleuwih-


leuwihkeun nyaeta …
A. Sawahna satungtung deuleu
B. Leumpangna ngembang sampeu
C. Puputon sekar kadaton
D. Kawas gaang katincak
2. Abdi pituin urang Ciamis, ayeuna ngumbara di Bandung. Kecap pituin
ngandung harti …
A. Kawit
B. Asli
C. Daerah
D. Turunan
3. Cau asak dipesekan dipoekeun - disale
Mun geus garing diwadahan dikantongan - sing ngentep
Pek cobaan (2x) asaan pasti kabita - yeuh mere

Wacana di luhur guru wilangan jeung guru laguna nyaeta …


A. 12a, 12 I, 12 0
B. 13e, 13a, 13o
C. 14e, 14i, 14a
D. 15e, 15e, 15e
4. Ieu di handap nu kaasup kana conto babasan babandingan tatangkalan
nyaeta …
A. Kolot sapeuting
B. Gurat batu
C. Pucuk awian
D . kokolot begog
5. Jadi budak teh kudu bodo alewoh, tong sok bodo katotoloyo, komo mun
pinter kabalinger mah. Babasan bodo alewoh nyaeta …
A. Pinter tapi kabobodo
B. Kurang kanyaho tapi tara daek tatanya
C. Pinter pisan
D. Kurang pinter tapi resep tatanya

6. Waktu hareupeun jalma rea kuring labuh tikarijet kana kabeh, rarasaan
teh asa teu beungeutan.
Harti paribasa asa teu beungeutan nyaeta …
A. Ramah
B. Hese dititah
C. Tenang, tengtrem
D. Bakat ku era
7. Aeni jeung Ana mun geus ngumpul sok resep nyaritakeun rahasia jeung
kagorengan babaturanana, nu matak teu dipikaresep ku batur sakelasna.
Babasan pikeun kalimah di luhur nyaeta …
A. Buntut kasiran
B. Birit aseupan
C. Biwir nyiru rombengeun
D. Bonteng ngalawan kadu
8. Nu beunghar ngalawan nu miskin lir atawa jelema anu teu walakaya
dilawanan jeungjelema nu kuat. Paribasana nyaeta …
A. Bilatung ninggang dage
B. Bonteng ngalawan kadu
C. Buntut kasiran
D. Babalik pikir
9. Aya jalma nu parigel dina biantara nepi ka jadi ahli biantara. Jalma anu
ahli dina biantara disebutna …
A. Curator
B. Orator
C. Koruptor
D. Kolektor

10.Cikaracak ninggang batu,laun-laun jadi legok. Maksudna mah


sakumaha hesena oge pangajaran atawa pagawean ari dileukeunan
dikeureuyeuh mah teu burung bisa. Ungkara eta the bisa jadipangjurung
laku hade pikeun barudak sakola. Hartina, lamun urang daek enya diajar
sarta leukeun, henteu gampang putus pangharepan, tangtuna bakal
bisa tur baris hasil pamaksudan atawa cita-citana.
Dumasar eusina, wacana di luhur teh mibanda pakeman basa …
A. Paribasa
B. Kila-kila
C. Caturangga
D. Uga
11.Cikaracak ninggang batu,laun-laun jadi legok. Maksudna mah
sakumaha hesena oge pangajaran atawa pagawean ari dileukeunan
dikeureuyeuh mah teu burung bisa. Ungkara eta te bisa jadi pangjurung
laku hade pikeun barudak sakola. Hartina, lamun urang daek enya diajar
sarta leukeun, henteu gampang putus pangharepan, tangtuna bakal
bisa tur baris hasil pamaksudan atawa cita-citana.

Anu kaasup pakeman basa dina wacana di luhur nyaeta …


A. Tangtuna bakal bisa tur baris hasil pamaksudan
B. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
C. Lamun urang daek enya diajar sartan leukeun
D. Sakumaha hesena oge pangajaran pasti bakal bisa

12.Cikaracak ninggang batu,laun-laun jadi legok. Maksudna mah


sakumaha hesena oge pangajaran atawa pagawean ari dileukeunan
dikeureuyeuh mah teu burung bisa. Ungkara eta te bisa jadi pangjurung
laku hade pikeun barudak sakola. Hartina, lamun urang daek enya diajar
sarta leukeun, henteu gampang putus pangharepan, tangtuna bakal
bisa tur baris hasil pamaksudan atawa cita-citana.
Paribasa anu aya dina wacana di luhur kaasup kana …
A. Paribasa wawaran luang
B. Paribasa panyaram lampah salah
C. Paribasa pangjurung laku hade
D. Paribasa babandingan

13.Ulah sok cicing di lawang panto, bisi jauh jodo.


Ungkara di luhur teh kaasup kana conto pakeman basa …
A. Uga
B. Babasan
C. Repok
D. Kapamalian
14. Kang Dodo mah jalmana teh nyalindung ka gelung, taya kaera pisan.
Harti babasan tina nyalindung ka gelung nyaeta …
A. Babari dititah
B. Resep ku barang batur
C. Lalaki anu ngandelkeun istrina
D. Istri i nu turut ka carogena
15.1) Bandung heurin ku tangtung
2) Sumedang kota tahu
3) Cianjur katalanjuran
4) Bogor kota hujan
5) Pangandaran andar-andar
Nu kaasup kana conto Cacandran nyaeta …
A. 1-2-3
B. 1-3-5
C. 3-4-5
D. 2-3-4
16.Hiji omongan anu eusina mangrupa ramalan yen dina hiji waktu bakal
aya kajadian alam boh nu pikagumbiraeun boh nu pikasusaheun,
disebutna …
A. Kapamalian
B. Gaya basa
C. Uga
D. Cacandran
17.Jaga mah barudak batu turun keusik naek, nya buktina aya anak somah
naek pangkat, anak pangkat teu naek pangkat (kedudukan).
Kalimah di luhur kaasup kana conto …
A. Paribasa
B. Uga
C. Babasan
D. Caturangga
18.Ieu di handap nu teu kaasup kana conto gaya basa personifikasi
(mijalma) nyaeta …
A. Angin subuh ngaharewos dina tukangeun jandela
B. Sora suling ngabangingik tengah peuting
C. Pajukeun atuh mobil teh kahareup
D. Manuk hiber ngibing diawang-awang

19.
Gambar kadaharan diluhur dijieunna tina sampeu di seupan, ditutuan
diwarnaan, digulaan jeung dicetak. Dingaranan …
A. Puding
B. Dadar gulung
C. Getuk
D. Katimus
20.Ieu di handap nu kaasup kana urab nyaeta …

A.

B.

C.

D.
21.Puji sinareng sukur kahadirat Gusti Allah SWT, kanggo sagala limpahan
rahmat sarta hidayahna. Dina kasempetan ieu urang tiasa patepung
paamprok jongok sasarengan dina ieu acara. Sabab, lamun teu aya
nikmatna mah, urang moal tiasa patepung sareng ngadangukeun ieu
biantara nu bade ku sim kuring didugikeun.
Wacana di luhur kaasup kana biantara bagian …
A. Bubuka
B. Salam pamuka
C. Eusi
D. Panutup
22.Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih
aya basa anu kirang eunteup seureuhna atanapi kecap anu kirang
merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Ungkara wacana di luhur kaasup kana biantara bagian …
A. Bubuka
B. Panutup
C. Salam panutup
D. Eusi pedaran
23.1) biantara sambutan 4) biantara pembukaan
2) biantara impromptu 5) biantara ekstemporan
3) biantara manuskrip 6) biantara memoriter
Dumasar kana biantara di luhur anu kaasup kana papasingan biantara
ditilik tina persiapanana, nyaeta…
A. 1, 2, 3, 4
B. 2, 3, 4, 5
C. 2, 3, 5, 6
D. 1, 3, 4, 6
24.Biantara anu ditulis dina wangun naskah teras diapalkeun kecap kana
kecap anu pentingna, kaasup kana bagian biantara …
A. Naskah
B. Ekstemporan
C. Impromptu
D. Memoriter
25.Para wargi sadaya, sim kuring salaku pupuhu panitia tina acara HUT RI
ka 77 ngedalkeun seueur sewu nuhun ka bapa, ibu, sarta adi-adi anu
parantos hadir dina acara 17 Agustusan, sarta hatur nuhun ka pihak-
pihak panitia nu ngayakeun acara dugi ka tiasa dilaksanakeun. Tujuanna
sangkan urang sadayana nambihan rasa mikacinta kalemah cai
Indonesia, sarta pikeun jalan silaturahmi antarwargi.
Dumasar eusina, biantara di luhur teh kaasup kana …
A. Penghargaan
B. Peresmian
C. Sambutan
D. Laporan
26.Hadirin nu dipihormat, urang sadaya kedah ngajalankeun hirup urang
sadidinten ku cara ngajaga kasehatan. Diantarana ibak, ngosok
waos,meresihan kuku maksimal saminggu sakali. Lamun sadididnten
urang ngajaga kabersihan, awak urang bakal beresih tina sagala
kokotor.

Eusi tina biantara di luhur nyaeta …


A. Nungtut elmu
B. Ngajaga kabersihan
C. Ngajauhan
D. Dampakna ngaroko.
27.Ditukang Bajigur biasana soK aya ….. jeung seupan cau.
A. Dodol
B. Gorengan
C. Katimus
D. Arumanis

28.
Ngaran kadaharan di luhur nyaeta …
A. Dadar gulung
B. Wajit
C. Odading
D. Bugis
29. Titenan ungkara di handap!
Bapa Kepala Sekolah kudu biantara mere pamapag dina acara pentas
seni. Tapi dina waktuna acara rek dimimitian ngadadak Bapa Kepala
Sekolah aya kaperluan nu teu tiasa diwakilkeun. Ahirna ditunjuk sacara
ngadadak Pembina OSIS pikeun nepikeun biantara pamapag ngawakilan
Kapala Sekolah.
Tina kasus di luhur, cara biantara nu dipake ku pembina OSIS nyaeta …
A. Biantara ku cara maca naskah
B. Biantara ekstemporan
C. Biantara ku cara ngapalkeun
D. Biantara impromtu (ngadadak
30. Assalamualaikum wrwb. Sampurasun,
Kalimah diluhur kaasup kana struktur Biantara bagian …
A. Salam pamuka
B. Salam panutup
C. Nepikeun eusi
D. Nyindekkeun
31.Eusi biantara anu mangrupa bentuk komunikasi jeung pihak sejen,bisa
ngajadikeun media pikeun nepikeun informasi sacara langsung. Contona
kawas guru di sakola nepikeun ka siswa. Eta hal dina eusi biantara
kaasup kana …
A. Motivasi
B. Informatif
C. Instruktif
D. Entertain
32.Ari biantara anu eusina pikeun ngahibur sakumna anu ngadangukeun /
pamiarsa. Contona kawas jalma nu ngabodor/standup comedy, disebut
eusi biantara …
A. Edukatif
B. Informatif
C. Entertain
D. Persuasif
33.Pilih nu kaasup kana tata tertib dina nepikeun biantara anu kudu
diperhatikeun, nyaeta …
1) Sora 2) wirahma 3)pasemon 4) purwakanti 5)nada
A. 1,2,3
B. 2,,4,5
C. 3,4,5,
D. 1,2,4,
34.Dina nyusun naskah biantara teH kudu ngagunakeun unsur TAMAN
nyaeta Tatag, Aktual, Munel, Alus jeung ngandung wirahma.
Ari nu disebut kecap Munel nyaeta …
A. Omongan anu kudu diatur gancang launna,Tarik alonna atawa luhur
handpna
B. Dina nyarita henteu karagok atawa garndeng
C. Topikna atawa temana ulah anu geus basi kudu anu meujeuhna
haneut keneh
D. Eusina kudu ngandung mangpaat atawa loba pulunganeunana.

35.Ari jeung dulur teh ulah sok atah anjang matak jauh rejeki.
Harti tina babasan Atah anjang nyaeta …
A. Hayang nu lain-lain
B. Jauh teuing
C. Jarang namu
D. Takabur, sombong
36.Dudung budak jalma beunghar di lembur kuring teh, manehna teu rea
nu mikaresep da ngarasa sagala aya, ka babaturanna bisana nitah jeung
teu kaopan pisan.
Babasan nu luyu jeung conto kalimah di luhur nyaeta …
A. Amis budi
B. Adigung adiguna
C. Hampang birit
D. Beurat birit
37.Harti tina paribasa kawas anjing ngagogogan kalong nyaeta …
A. Jauh teuing
B. Jarang namu
C. Takabur sombong
D. .Hayang nu lain-lain
38.Budak jaman ayeuna mah adean ku kuda beureum teu kaop ningal
batur make nu aneh sok gancang hayang.
Harti paribasa adean ku kuda beureum nyaeta …
A. Sok nyombongkeun katurunan
B. Ngagaya ku barang meunang nginjeum
C. Asal heureuy jadi pasea
D. Boga rejeki nu teu sangka
39.Alhamduliilah kuring kamari meunang rejeki anu teu disangka-sangka
aya nu masihan artos jeung sembako.
Paribasana nyaeta …
A. Aya jalan komo meuntas
B. Adat ka kurung ku iga
C. Aya jurig tumpak kuda
D. Awewe dulang tinande
40.Kadaharan tina ketan nu cakial - pan ulen
Dibeulumna dinaareng mun teu kitu - dibeuleum
Sangu ketan (2X) ditutu campur kalapa - dipoe

Cau asak dipesekan dipoekeun - disale


Mun geus garing diwadahan dikantongan - sing ngentep
Pek cobaan (2x) asaan pasti kabita - yeuh mere

Wacana di luhur kaasup kana pupuh ….


A. Kinanti
B. Sinom
C. Pucung
D. Balakbak

Anda mungkin juga menyukai