Anda di halaman 1dari 9

KELOMPOK KERJA GURU

KECAMATAN BOJONGGEDE

UJI COBA
UJIAN SEKOLAH BERSTANDAR NASIONAL
SEKOLAH DASAR/MADRASAH IBTIDAIYAH
TAHUN PELAJARAN 2019 / 2020

MATA PELAJARAN
BAHASA SUNDA

Hari / Tanggal :
Waktu : 120 Menit ( 07.30 – 09.30 WIB )

Berilah tanda silang ( X ) pada hurup A, B,C atau D di depan pernyataan yang
benar !

Bacaan di handap ieu pikeun ngajawab soal no 1-2!


Asep kungsi kaleob cai panas teu dihaja. Wa Siti rek nyician cai, nyeumpal panci eusi cai panas.
Asep ngaderengdeng lumpat nyampeurkeun Teh Lela. Panci kadupak, keplok kana awak Asep pisan.
Asep jejeritan panaseun, awakna kabanjur cai panas.
Asep diubaran. Ditutuan heula daun nona teh, terus dibalurkeun. Cep tiis. Teu kungsi melendung
kulit Asep nu kaleob teh. Ngan ari kijut saeutik mah aya we lebah dada beulah katuhu.
1. Tokoh utama teks di luhur nyaeta ....
A. Teh Nona
B. Teh Lela
C. Wa Siti
D. Asep
2. Ubar sangkan kulit Asep teu melendung basa kaleob cai nyaeta ….
A. daun cau
B. daun nona
C. daun sampeu
D. daun babadotan
3. Conto kalimah nu teu make rarangken –in nyaeta
A. mudah-mudahan hidep sing pinanggih jeung kabagjaan
B. upami aya waktos, tinangtos abdi oge dongkap
C. sagala rupa oge kudu aya perjanjian tinulis
D. barudak keur arulin di lapang
4. Nu ngandung kalimah pananya dina kalimah-kalimah di handap nyaeta ....
A. Jang ulah ulin ka kebon
B. hayu urang sasapedahan
C. sabaraha harga buku ieu mang
D. barudak kelas VI keur diajar Basa Sunda
Pupuh di handap pikeun ngajawab soal nomer 5-7!
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Henteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit.
5. Guru lagu jeung guru wilangan nu ngawangun pupuh durma di luhur nyaeta ....
A. 12-a, 7-i, 7-a, 6-a, 8-i, 5-a, 7-i
B. 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i
C. 12-u, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i
D. 12-o, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i
6. Eusi pupuh diluhur nyaeta ngagambarkeun ....
A. sumanget ngawangun lemah cai
B. rela ngorbankeun jiwa raga
C. ambek ka nagara
D. gumbira sabab merdeka
7. Harti kecap “ palastra” numutkeun pupuh di luhur nyaeta ….
A. jaya di medan perang
B. gugur di medan perang
C. mundur di medan perang
D. ngaleungit di medan perang
8. Conto kalimah nu teu make rarangken tengah –ar nyaeta ….
A. barudak keur sasapedahan di lapang
B. nu rek rapat teh can daratang
C. bentang teh meni baranang
D. maranehna silih udag
Pek baca teks di handap pikeun ngajawab soal nomer 9-10 !
HP teh singkatan tina hand phone. Telepon anu ukuranana leutik, bisa dicekel ku leungeun, tur
babari dibawa ka mana wae. Ayeuna mah hape teh eusina leuwih lengkep. Lain keur kaperluan
nelepon jeung nga SMS wungkul tapi bisa motret, ngarekam, neangan informasi, jeung internetan.
9. Bacaan diluhur kaasup kana teks … .
A. narasi
B. eksposisi
C. deskripsi
D. persuasi
10. Pokok pikiran numutkeun bacaan di luhur nyaeta ….
A. mangpaat HP
B. cara ngagunakeun HP
C. karugian HP
D. pangaruh HP
11. Kecap “informasi” kaasup kecap serepan tina basa ….
A. Arab
B. Inggris
C. Perancis
D. Walanda

12. Pangaruh positif tina dua gambar nyaeta ….


A. babari neangan informasi
B. sifat sewang-sewangan beuki ngaronjat
C. gotong royong beuki ngurangan
D. anteng maen media sosial
13. Kiwari mah sakumna aspek kahirupan teh kapangaruhan ku ayana globalisasi.
Paribasa nu saluyu jeung kalimah diluhur nyaeta ….
A. Jati kasilih ku junta
B. Mipit kudu amit ngala kudu menta
C. Ngukur ka kujur nimbang ka barang
D. Kudu bisa ngindung ka waktu mibapa ka jaman

Tengetan paguneman di handap pikeun ngajawab soal nomer 14 - 15!


Rahma :” Abdi Rahma, ieu rerencangan abdi Masayu sareng Fitri murid ti SDN Geulis 01, bade
nyuhunkeun waktos kanggo ngawawancara Bapa. Kmaha tiasa teu Pa?”
Pa Edi :” Oh, enya Neng mangga.”
Masayu :” Biasana icalanna sok di mana wae Pa?”
Pa Edi :” Nya kieu weh Neng, Bapa mah kukurilingan.”
Rahma :” Dupi Bapa icalana ti tabuh sabaraha dugi ka tabuh sabaraha?”
Pa Edi :” Bapa mah icalana ti tabuh 2 Neng, beresna kadang nepi ka sonten
atanapi dugi ka wengi.”
Rahma :” Hatur nuhun kana waktosna, mugi sing enggal pajeng icalana!
14. Narasumber dina paguneman diluhur nyaeta ….
A. Masayu
B. Rahma
C. Pa Edi
D. Fitri
15. Harti kecap “pajeng” numutkeun paguneman di luhur nyaeta ….
A. loba
B. laku
C. rugi
D. untung
16. Titenan kalimah-kalimah dihandap!
(1) Nentukeun topik wawancara
(2) Nyusun daftar pertanyaan
(3) nulis laporan hasil wawancara
(4) nentukeun narasumber
Nu ka asup langkah persiapan wawancara di tunjukkeun ku nomer ….
A. (1),(2),(3)
B. (1),(2),(4)
C. (1),(3),(4)
D. (2),(3),(4)
Baca sempalan pidato di handap pikeun ngajawab soal nomer 17-18!
Para wargi anu dipihormat,
Supados sehat, urang kedah neda katuangan anu nyumponan sarat gizi. Ari katuangan anu
nyumponan serat gizi teh, kedah ngandung unsur-unsur karbohidrat, protein,lemak,mineral,
vitamin,sareng cai. Karbohidrat gunana pikeun sumber tanaga. Protein gunana pikeun pangwangun
sel sareng zat-zat penting dina awak. Lemak gunana pikeun nangtayungan organ-organ dina jero
awak urang.

17. Simpulan tina sempalan pidato diluhur nyaeta ….


A. pentingna neda katuangan sarat gizi supados sehat
B. pentingna neda katuangan nu ngandung unsur karbohidrat
C. pentingna protein pikeun ngawangun sel-sel dina jero awak
D. pentingna lemak pikeun nangtayungan organ-organ dina jero awak
18. Istilah kasehatan anu aya dina pidato di luhur nyaeta..
A. awak
B. vitamin
C. katuangan
D. neda
19. Urang kudu miara (sehat) sangkan tetep cageur tur jagjag.
Kecap nu dina kurung, kuduna ....
A. kasehatan
B. nyehatkeun
C. sarehat
D. disehatkeun
20. Titenan kalimah-kalimah dihandap!
(1) Ku kituna miara kabersihan sabudeureun sakola atanapi sabudeureun wewengkon teh sabagian
tina iman
(2) Kitu oge kanggo urang sadaya salaku warga sakola sareng warga masyarakat
(3) Kabersihan mangrupa hiji hal anu peryogi di perhatoskeun ku urang
(4) Margina kabersihan teh hiji konci kahirupan urang di dunya
(5) Para wargi anu ku sim kuring dipihormat
Urutan nu merenah tina sempalan pidato diluhur nyaeta ….
A. (5),(4),(3),(2),(1)
B. (5),(4),(3),(1),(2)
C. (5),(3),(4),(2),(1)
D. (5),(3),(4),(1),(2)
21. Gunung Bitu
Kajadian gunung bitu teh dimimitian ku ayana lini. Taneuh karasa eundeur, hawa mimiti karasa
panas tur tutuwuhan oge lalayu. Sasatoan nu aya di gunung tarurun, hawar-hawar kadenge sora
ngaguruh. Asalna tina jero beuteung gunung, lila-lila sorana beuki tarik, terus teu lila ngajelegur,
bumi alam karasa eundeur.
Kalimah utama dina sempalan carpon di luhur nyaeta … .
A. sasatoan nu aya di gunung tarurun, hawar-hawar kadenge sora ngaguruh
B. taneuh karasa eundeur, hawa mimiti karasa panas tur tutuwuhan oge lalayu
C. kajadian gunung bitu teh dimimitian ku ayana lini
D. asalna tina jero beuteung gunung, lila-lila sorana beuki Tarik, terus teu lila ngajelegur, bumi alam
karasa eundeur
22. Nu ngabalukarkeun bencana alam sapertos gambar nyaeta iwal ti … .
A. nuar tangkal di hutan sacara liar
B. miceun runtah ka solokan
C. meresihan solokan sangkan caina ngalir
D. nutupan serepan cai ku adukan semen
23. Nu teu kaasup kana kagiatan pikeun nyegah banjir nyaeta … .
A. miceun runtah di tempat nu disadiakeun
B. melak tangkal di sabudeureun imah
C. nyieun saluran pikeun cai
D. leuweung dijieun pamukiman warga
24. Baca sajak di handap ieu!
Endah pisan lembur kuring
Disawang ti kaanggangan
Biru paul pagunungan
Kasimbutan ku halimun
Pasawahan upluk-aplak
Patani keur barang pelak
Saban poe ngucur kesang
Engke panen bakal senang
(Dicutat tina buku Pangrumat Basa kelas 5)
Ide poko sajak diluhur nyaeta … .
A. kaayaan pagunungan
B. kaayaan lembur kuring
C. kaayaan pasawahan
D. kaayaan patani
25. Titenan kalimah-kalimah dihandap!
(1) Neng Wati keur ngahariring kawih Sunda
(2) Lamun manehna meunang milik kuring sok kakecretan
(3) Manehna neuteup bentang di langit
(4) Wa Haji teh ngeupeul pisan, dipenta ge tara mere
Kecap anu ngandung harti konotatif dina kalimah-kalimah di luhur ditunjukkeun ku nomer ....
A. (1) jeung (2)
B. (1) jeung (3)
C. (2) jeung (3)
D. (2) jeung (4)

26. Bagian walungan anu jero disebutna ....


A. talaga
B. leuwi
C. babantar
D. muara

Titenan sempalan guguritan di handap ieu pikeun ngajawab soal nomer 27-28!
Rempug jukung
He barudak kudu hirup rempug jukung
Jeung babaturan ngahiji
Samiuk jeung dulur-dulur
Teu binarung goreng pikir
Komo bari olo-olo
(Dicutat tina buku Pangrumat Basa kelas 5)

27. Eusi guguritan di luhur nyaeta ....


A. akur jeung sararea
B. hirup olo-olo
C. kerja bakti
D. ulin jeung babaturan
28. Jumlah padalisan guguritan di luhur nyaeta ....
A. 3
B. 4
C. 5
D. 6
29. He barudak kudu hirup rempug jukung.
Kecap barudak dirucat dumasar kana engangna nyaeta ....
A. bar - ud – ak
B. ba –r u-dak
C. baru – dak
D. ba – rud – ak

30. Kalimah parentah anu saluyu kana gambar nyaeta ....


A. Din, meresihan buruan yu!
B. Jang, beresihan buruan teh!
C. Sep, buruan teh meni kotor.
D. Den, miceun runtah yu!

Titenan sempalan kawih di handap ieu pikeun ngajawab soal nomer 31-32!
Cita-cita , cita-cita, jadi putera bangsa bela negara
Indonesia langgeng jaya, adil makmur kertaraharja
Jadi TNI POLRI hey gagah perkasa, siap babakti ka lemah cai
Jadi maklum hukum diplomat,teknokrat
ahli ekonomi patani mandiri
31. Eusi kawih di luhur nyaeta ....
A. cita-cita jadi putra bangsa
B. babakti ka lemah cai
C. rupa-rupa cita-cita
D. cita-cita jadi ahli ekonomi
32. kecap barang numutkeun dina kawih di luhur nyaeta ....
A. putera bangsa, patani, adil
B. TNI, teknokrat, mandiri
C. TNI, POLRI, patani
D. patani, gagah, lemah cai
33. Maksud brosur di gigir nyaeta ....
A. cara ngahemat BBM
B. cara ngahemat cai
C. cara mareuman keran
D. cara ngocorkeun cai

34. Pikeun ngahemat listrik pareuman lampu jeung TV mun teu digunakeun
Nempatkeun tanda baca koma ( , ) nu bener dina kalimah di luhur nyaeta... .
A. pikeun ngahemat listrik, pareuman lampu jeung TV mun teu digunakeun
B. pikeun ngahemat listrik pareuman lampu, jeung TV mun teu digunakeun
C. pikeun ngahemat listrik pareuman, lampu jeung TV mun teu digunakeun
D. pikeun ngahemat listrik pareuman lampu jeung TV, mun teu digunakeun
35. Baca teks narasi di handap ieu!
Unggal tanggal 10 November teh sok diayakeun upacara pikeun mieling jasa para pahlawan.
Sabab harita di Surabaya, loba pahlawan anu gugur ngalawan panjajah. Diantarana Jendral Sudirman,
Yos Sudarso, jeung Supriyadi. Para pahlawan teu gimir ngusir panjajah, demi kamerdekaan bangsa
Indonesia.
Urang kudu ngahargaan jasa pahlawan sabab ....
A. pahlawan kasohor di mana-mana
B. pahlawan rela ngorbankeun jiwa ragana pikeun kamerdekaan Indonesia
C. pahlawan jasana teu loba pikeun nagara Indonesia
D. pahlawan ngabalad jeung panjajah

36. Titenan gambar di handap ieu!

1 2 3 4
Pahlawan nu asalna ti Jawa Barat nyaeta ....
A. No 1 & 2
B. No 3 & 4
C. No 1 & 3
D. No 2 & 4
37. Titenan paguneman di handap ieu!
Danu : “ Di, urang ulin ka imah Adi yu!”
Adi :” Hayu, engke balik sakola nya!”
Rega :” Kuring rek balik heula. Ke nyusul jeung Dimas.”
Dimas :” Rega apal imah Adi?
Rega : “ Henteu nyaeta, di mana Di, imah teh?”
Adi :” Imah kuring di Hegarmanah, asup ka jalan leutik, aya gapura tinggal lempang ka jero kira-
kira 200 meter, katingali aya imah warna hejo. Di hareupeun imah aya sawah opat kotak. Di
katuhueun aya home industri.Tah eta imah sim kuring.”
Posisi imah Adi teh nyaeta ....
A. di kencaeun home industri
B. dihareupeun sawah
C. di hareupen gapura
D. di sisi jalan leutik
Dongeng di handap ieu pikeun ngajawab pananya no 38-40!
Dayang Sumbi boga budak lalaki ngarana Sangkuriang. Hiji poe Sangkuriang moro ka
leuweung, dibarengan ku anjingna Si Tumang. Sapoe jeput Sangkuriang teu manggih sato hiji-hiji acan.
Sangkuriang sieun indungna bendu mun mulang teu mawa hasil. Si Tumang di panah jeung dicokot
jantungna,dipasrahkeun ka indungna.Dayang Sumbi ambek kacida, sabab si Tumang teh bapana
Sangkuriang. Bakat ku ambek, sirah Sangkuriang di takol, nepi ka baloboran getih jeung
ngabalukarkeun pitak terus di usir.
Liwat welasan taun, Sangkuriang panggih jeung Dayang Sumbi.Hiji mangsa Dayang Sumbi
ningali pitak dina sirah Sangkuriang. Dayang Sumbi nyarita yen Sangkuriang teh anakna, tapi
sangkuriang teu percaya. Sangkuriang keuekeuh maksa pikeun ngawujudkeun rumah tangga. Dayang
Sumbi menta sarat. Sangkuriang dina sapeuting kudu bisa nyieun talaga jeung parahuna. Sangkuriang
nyanggupan.
Dayang Sumbi satekah polah ngagagalkeun. Nu jadi sarat ti Dayang Sumbi teu bisa
direngsekeun ku Sangkuriang. Sangkuriang kacida ambekna, parahu nu can rengse ditalapung nepi ka
nangkub, ngabentuk siga gunung. Nya nu katelahna Gunung Tangkuban Parahu.
(Diropea deui tina kumpulan dongeng sunda)
38. Dongeng di luhur kaasup kana ....
A. legenda
B. fabel
C. mitos
D. sage
39. Watek Sangkuriang dina dongeng di luhur nyaeta ....
A. wanian
B. welas asih
C. sabar
D. bageur
40. Amanat dongeng di luhur nyaeta ....
A. kudu jadi jelema nu wanian
B. ulah ngalawan ka kolot
C. ulah mikanyaah sato
D. kudu akur jeung dulur
Titenan teks biografi pahlawan di handap ieu pikeun ngeusian nomer 41 & 42
Oto Iskandardinata dibabarkeun di Bandung , 31 Maret 1897. Satamatna ti SD Oto nuluykeun ka
sakola Guru di Bandung, tuluy pindah ka Purwerejo. Oto aktip dina organisasi Budi Utomo, jadi
anggota GAPI jeung BPUPKI. Sanajan loba jasana teu ngajadikeun manehna gede hulu. Oto menang
jujuluk Si Jalak Harupat.
(Dicutat tina Buku Pangrumat Basa Sunda kelas 6 kaca 30, Erlangga)
41. Dumasar kana biografi di luhur, tempat lahir jeung sakola Oto Iskandardinata nyaeta .... .
A. Bandung, sakola Budi Utomo
B. Purwerejo , anggota BPUPKI
C. Purwerejo, anggota GAPI
D. Bandung, sakola Guru
42. Babasan nu aya dina teks biografi di luhur nyaeta ....
A. aktip
B. gede hulu
C. jujuluk
D. organisasi
43. Tokoh nu ngamashurkeun semboyan “ Tut Wuri Handayani “ nyaeta ....
A. Ki HadjarDewantara
B. Mohamad Hatta
C. R. A Kartini
D. Dewi Sartika
44. Dina teh anakna Bu Ani. Bu Ani boga indung ngarana Bu Mumun. Dina ka Bu Mumun nyebutna ....
A. bibi
B. ua
C. nini
D. incu
45. Kuring indit ka sakola.
Ragam basa hormat tina kalimah di luhur nyaeta ....
A. abdi angkat ka sakola
B. abdi mulih ka sakola
C. abdi mios ka sakola
D. abdi wangsul ka sakola
46. “ Sep, pangnutupankeun panto!”
Kecap asal pangnutupankeun nyaeta ....
A. tutupan
B. nutupkeun
C. nutup
D. tutup

47. Congklak mangrupakeun kaulinan barudak, anu dijieuna tina kai. Panjangna kira-kira 40 cm.Luhurna
make logak, dieusian ku kewuk, atawa batu. Cara ulina pahareup-hareup, piligenti tepi ka siki congklak
beak ( asup kana logak indungna).
Congklak dimaenkeun ku ....
A. duaan
B. tiluan
C. opatan
D. limaan
48. Cara ngamaenkeun congklak nyaeta ....
a. disintreuk
b. dialungkeun
c. diawurkeun
d. dirawu
49. Disintreuk - kaleci - sangkan – kana – asup – logak
Susunan kalimah nu bener nyaeta.....
a. kaleci asup kana logak sangkan disintreuk
b. kaleci disintreuk sangkan asup kana logak
c. logak disintreuk sangkan kaleci kana asup
d. kaleci kana logak sangkan asup disintreuk
50. Ngaran kaulinan barudak dumasar kana gambar nyaeta ....
a. congklak
b. ucing sumput
c. egrang
d. oray-orayan

Anda mungkin juga menyukai