Anda di halaman 1dari 9

YAYASAN AL-ASYARIYAH BONANG CIANCANG CIAMIS

SEKOLAH MENENGAH KEJURUAN (SMK)


AL–ASY’ARIAH
Alamat : Jln. Rancawiru Utama Cijeungjing Ciamis 46271 Tlp. (0265) 2755472
E-mail : smk.alasyariah_cms@yahoo.co.id Website : www.smkalasyariah.sch.id

LEMBAR SOAL PENILAIAN AKHIR SEMESTER 1


TAHUN PELAJARAN 2019/2020
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas : X (sapuluh)
Semester : Satu
Kompetensi Keahlian : Teknik Ototronik
Waktu : 90 menit
I. Pilihlah salah sahiji jawaban anu pang benerna dina
wacana di handap ieu!

1. Assalamualaikum Wr Wb Parawargi hormaten sim


kuring dina danget ieu sim kuring timpah tipayun seja
sihapunten, sim kuring ngawakilan pupuhu atikan di ieu
sakola, jalaran anjeuna aya pamengan ku tugas tambihan
ti Dinas Propinsi
Parawargi sepuh wali murid sadaya anu tos tiasa
nyumponan pangulemna sakolah, sim kuring atas nami
lembaga ngahaturkeun rewu nuhun.
Atuh jalaran diulemna ku sakola teu aya sanes seja
nguningakeun dina maksud mayunan kagiatan
murangkalih nyaeta ngalaksanakeun program kelas X
kanggo praktek anu bade dilaksanakeun sasih payun,
kukituna ti wangkid ayeuna kedah tatan-tatan supados
dina waktosna teu janten rariwuh.
Tina sanes kanten pangrojong sepuh sadaya sim
kuring atas nami wawakil lembaga ieu sakola sejak
ngahaturkeun rewu nuhun tina kajembaran manah para
wargi, mugi Gusti tinekanan ngabales kana sanes kanten
kasaean para wargi.
Sakitu rupina biantara nu kasanggakeun ti sim
kuring mugi janten uninga, bobo sapanon carang sapakan
mugia ngahapunten tina sanes kakiranganna, hatur nuhun
Assalamualaikum Wr Wb.

1. Biantara di luhur ngandung harti ngabewarakeun ....


a. Ngawakilan Kapala sakola
b. Persiapan praktek kelas X
c. Sabab pupuhu teu hadir
d. Biaya praktek
2. Nu sarua jeng hartina wangkid, dina kalimat di luhur
nyaeta
a. Kiwari
b. Waktu
c. harita
d. ayeuna
3. Nu dimaksud wawakil pupuhu teh nyaeta ...
a. Salah saurang guru di eta sakola
b. Orang tua murid
c. Wali Kelas
d. Sim Kuring
4. Conto salah sahiji pamengan Kapala sakola nyaeta
diantarana ....
a. Teu damang
b. Urusan dinas
c. Ulin
d. Salametan
5. Dina biantara kudu puguh entep seureuhna, entep seyreuh
hartina ....
a. Nyaritana
b. Tempo jeung dinamikna
c. lentongna
d. susunan caritana
6. Sinonim tina diulem dina paragraf ka tilu nyaeta ....
a. Diajak
b. Diondang
c. Dibawa
d. Dibejaan
7. Dina kalimat panutup aya anu ka asup babasan nyaeta ....
a. Kajembaran manah
b. Pangrojong
c. bobo sapanon carang sa pakan
d. tinekanan
8. Dina paragraf sabaraha cenah ari biantara nu eusina
panutup?
a. Ka tilu
b. Ka hiji
c. Ka opat
d. Ka dua
9. Katerangan hirup sorangan dina istilah bahasa disebut ....
a. Biografi
b. Riwayat hidup
c. potografi
d. wacana
10. Dina biantara biasana ngarah teu matak bosen nu
ngabandungan kalimatna sok ngandung babasan jeung
paribasa, di handap ieu aya nu kaasup paribasa nyaeta ....
a. Cunduk waktu ninggang mangsa
b. Mun keyeng tangtu pareng
c. Tara-tara tisasari
d. Cul dog-dog tinggal igel
11. Tulisan anu bener nurutkeun cara nulis anu puguh
aturan kana bahasana di handap ieu nyaeta.
a. Ciamis 11 Agustus 1958
b. Ciamis, 11 agustus 1958
c. Ciamis, 11 Agustus 1958
d. Ciamis 11 bulan Agustus 1958
12. Dina kalimat biantara di luhur aya kalimat anu
nunjukeun hiji kata nu ngandung panganteb, contona
rewu nuhun, tah nu saruya jeung eta kata panganteb di
hadap ieu nyaeta ....
a. Torojol lumpat
b. Bring ngabring aleutan
c. bral datang
d. seak cai palid
13. Alhamdulillah dina dinten ieu sim kuring asa
kagunturan madu rehing sepuh murangkalih tiasa tepang
dina acara rempugan kanggo ngabadantenkeun praktek
kelas X.
Kagunturan madu ka asup ....
a. Paribasa
b. Sisindiran
c. Babasan
d. Wawangsalan
14. Bapa kuring boga adik ngarana Mahmud, atuh
kuring teh ka adi bapak sok nyebut ....
a. Ua Mahmud
b. Alo Mahmud
c. Mang Mahmud
d. pun emang
15. Tangtu bae adina bapa ka kuring ilaharna dina
bahasa sunda sok nyebut ....
a. Pun anak
b. Pun emang
c. pun incu
d. pun alo
16. Ari jalma someahmah nyaritana salian ti sopan, oge
kaciri dibarengan ngomong teh jeung rengkuhna, rengkuh
hartina ....
a. Dongko
b. Jongko
c. poangadeg
d. dodongkoan
17. Kalimat Nu ka asup gaya bahasa kaleuleuwihi di
handap ieu nyaeta ....
a. Daun kalapa ngagupayan
b. Cerikna ngajerit maratan langit
c. kulitna mani hideung lestreng
d. hirupna jauh tanah ka langit
18. Kamari kuring meunang kasinugrahan, aya tamu
mawa beca nu ngagumbirakeun, nya kuring sakulawargi
asa kagunturan madu, Kagunturan Madu ngandung
hartina ....
a. Kakeclakan madu
b. Rasa gumbira
c. Rasa ka bungah
d. Rasa satuju
19. Pa Haji Usman mah jalma apik kana pakaya nepi ka
hirupna bru di juru bro di panto ngalayah di tengah
imah, kalimat nu ditulis condong nagndung harti ....
a. Pabalatak
b. Botrok
c. siga kapal peupeus
d. beunghar
20. Kalimat ngalayah dina kalimat di luhur nu
sabenerna nuduhkeun kana kaayaan ....
a. Getih nu kaluarna loba
b. Seuneu nu ngagedur
c. harta nu nembrakna rea
d. rea duit
21. Pok atuh jang eta bedog teh gera kadekeun ulah
ngan dikeukeuweuk bae atuh moal beubeunangan, ieu
kalimat teh salah ngalarapkeun kecap panganteb, lain pok
tapi ....
a. Cek
b. Habek
c. bek
d. jekok
22. Dina basa sunda mah nyarita boh lampah aya
tatakrama, naon hartina arai tatakrama, nyaeta ..
a. Santun
b. Someah
c. rengkuh
d. sopan santun
23. Kedah tatan-tatan supados teu rariweuh dina makna
wacana di luhur ka asup kecap ...
a. Ajakan
b. Bewara
c. Panitah
d. Pangbagea
24. Cara nulis nu bener dina biografi di handap ieu
nyaeta ....
a. Nama : mahmud
b. Nama mahmud
c. Nama : “Mahmud”
d. Nama : Mahmud
25. Ngaran kekembangan dina bahasa sunda leuwih
eces contona kembang waluh disebut olohok, kembang
cengek mencenges, kembang jambe disebut ....
a. Caruluk
b. Rantuy
c. biruluk
d. rumbay
26. “Neng dupi bapa parantos mulih?” Alhamdulillah
.....
a. Pun bapa parantos wangsul
b. Bapa tos uih
c. Pun bapa parantos mulih
d. pun bapa tos aya
27. Jung atuh jang gera bral miang ulah murungkut bae,
bral miang nuduhkeun gera ....
a. Indit
b. Hudang
c. cengkat
d. lumpat
28. Dina biantara cara nepikeunna sing tandes, kaharti,
make rengkuh jeung lentong nu merenah, maksud
sangkan nu ngabandungan ....
a. Jentre
b. Nurut
c. Ngartieun
d. Tumut
29. Paribasa nu ngandung harti jalma adigung adiguna
sarua jeung jalma gede hulu, nyaeta ....
a. Sombong
b. Beunghar
c. bageur
d. bodo
30. Meuncit reungit dina rakit boboko wadah bakatul,
ari bakatul teh ayana dina ....
a. Parahu
b. Pare
c. boboko
d. beas
31. Di lembur kuring mah kiwari amsih keneh aya rakit
da pamarentah can kaburueun nyieun jembatan, rakit
gunana pikeun ....
a. Panumpang
b. Meuntaskeun
c. ngaraas
d. muatan
32. Sakabeh mahluk anu hirup di dunya tangtu aya
turun disebut anak baranakan, dian tatangkalan aya nu
disebut anak awi nyaeta iwung, dina sasatoan contona
anak monyek disebut begog, ari anak gajah sok disebut
....
a. Menel
b. Belo
c. eneng
d. bilatung
33. Nulis alamat padumukan dina biografi anu bener
nyaeta ....
a. Utama Rt 21 / Rw 06 Dusun Kaler
b. Rt 21 / Rw 06 Utama Dusun Kaler
c. Dusun kaler Rt 21 / Rw 06 Utama
d. Rt 21 / Rw 06 Dusun Kaler Utama
34. Nalika bapa bupati nuju biantara ngeunaan
ningkatkeun kasehatan warga di desana sewang-
sewangan, nu ngabandungan mani taruhu, sarigep, tuhu
tur sigep hartina ...
a. Rame teu puguh
b. Tulaten
c. ngabalieur
d. bener-bener ngabandunganna
35. Dina usum halodo bari dibarengan angin rada gede
baiasana sok rea barudak ngadon arulin bari jongjon
budak lalakimah medar ....
a. Langlayangan
b. Momobilan
c. kolecer
d. popoean

II. Jawab pananya di handap ieu ku jawaban nu paling


bener!

1. Naon bae urutan nu kudu aya dina biantara sangkan


tumaninah nepikeunna?
2. Naon hartina wangkid dina kalimat “Sing tatan-tatan
tiwakid ayeuna supados teu rariweuh.?”
3. Naon bae kalimat awal nu pantes ditepikan dina
biantara?
4. Naon bae eusina dina biantara nu ditepikeun ku waakil
kelas XII lamu nyanghareupan acara paturay tineng
dihijhi sakola?
5. Jieun kalimat nu ngandung harti paribasa eta budak teh
teu daek cicing!

Anda mungkin juga menyukai