I. PILIHAN GANDA
9. Ari tatakrama dina nyarita kudu merhatikeun… salian ti pasemon jeung rengkuh teh.
a. Basa lemes
b. Lagam basa loma jeung hormat
c. Basa sedeng
d. Lentong nu merenah
13. Langlayangan leupas atawa pegat sorangan henteu karena diadu istilahna sok disebut…
a. godos
b. dikubet
c. kapakan
d. nyasar
14. Istilah ngadu kaleci ku cara pasangannana ditunda dina kalang pasagi atawa buleud disebut
…
a. Kokojo
b. Golotok
c. Céntang
d. Pocés
15. Kasampak teh manehna keur moyan dina wanci … bangun genah.
a. Manceran
b. Pecat sawed
c. Rumangsang
d. Haneut moyan
16. Barudak keur loncat tinggi di … bubuhan rada lega jeung teu dipelakan kekembangan.
a. Sampalan
b. Hunyur
c. Buruan
d. Tetelar
18. Pupujian biasana dinadomkeun … bari nungguan ustad nu ngawuruk ngaji datang.
a. Pasosore
b. Rumangsang
c. Manceran
d. Sareupna
Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang,
kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut
ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi, nyaeta
Candi Cangkuang.
Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun
agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti
Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu
mulangna deui kalah betah di eta kampung.
24. Kampung Pulo ayana di daerah ...
a. Bandung
b. Tasikmalaya
c. Sumedang
d. Garut
27. Sanajan aya candi, masarakat kampung Pulo ngagem agama ...
a. Islam
b. Budha
c. Hindu
d. Kristen
Dina raraga miéling poé basa indung, SMPIT Generasi Kreatif baris ngayakeun lomba
ngarang carita pondok. Katangtuan dina lomba di antarana :
1. Siswa SMPIT Generasi Kreatif
2. Carita pondok nu dikirimkeun ka panitia asli tulisan sorangan, lain meunang niru ti nu séjén
3. Carita pondokna tacan kungsi dimuat dina majalah atawa kalawarta séjénna
4. Kaputusan juri teu bisa diganggu gugat
Pinunjul kahiji baris meunang ajén piala jeung duit Rp. 1.500.000, pinunjul kadua meunang ajén
piala jeung duit Rp. 1.000.000, sarta pinunjul katilu meunang ajén piala jeung duit Rp. 500.000.
Pinunjul kahiji baris diilukeun kana lomba di tingkat Kota. Ieu lomba teu dipungut waragad.
Pikeun no 32-34
Baca sempalan pangalaman Bah Willy di handap ieu!
Rék Dikadék
Pasosoré dina poe katilu kuring di SKPI, harita téh kuring keur dijero “camp”, gogoléran, di luar
kadéngé aya nu ngomong teugeug, maké basa Sunda ka Si Udin, Ngadéngé aya nu maké basa
Sunda, kuring gagancangan kaluar ti camp, katempo aya jelema duaan keur dirariung ku
babaturan. Nu hiji geus aya umur (40-50 taunan), ari nu hiji deui mah budak …(32)…, kira-kira
umur 20 taunan.
Pikeun no 35 – 36
Satria
Aya maung, keur ngalungsar baé handapeun kiara, geus teu bias walakaya, tina kakolotan
jeung gering ripuh deuih. Beurang peuting gawéna nga humaregung, kahujanan kapanasan téh
teu bisa ingkah. Atuh da sumawonna kaduga pindah, geus teu kuateun usik-usik acan. Ayeuna
ngan empés-empés waé, sahoseun téh éstu lain bobohongan.
“Euleuh kuat kitu cucungik nu sok nekuk batur aing téh! Cik pék aing udag deuleu!” omong
peucang ditompokeun kana ceuli maung, bari keletrak tarang maung ditéké.
“Na sakandang Kuda ngan dikir waé, mun jeplak waé ka dinya, sépak tah lebah iga burungna!
Na teu inget baréto anak sampéan dikerekeb ku ieu mangkeluk?” ceuk peucang.
40. Émberan, wawaran, atawa pengumuman ngeunaan hal-hal penting anu perlu ditepikeun ku
sala saurang ka balaréa, nyaéta ….
b. Artikel b. Biografi c. Béwara d. Carpon
II. ESSAY