Anda di halaman 1dari 14

SOAL US BASA SUNDA PAKET CADANGAN TAHUN AJARAN 2022-2023

Pék ku hidep jawab pananya di handap ku cara milih salah sahiji jawaban anu paling
bener !
1. Mana tarjamahan nu bener tina kalimah dihandap....
”Kita semua kadang enggan belajar atau menyiasati permasalahan dari pengalaman
tahun-tahun sebelumnya.”
a. Sakapeung urang embung diajar atawa nyiasatan pasualan tina pangalaman
mangtaun-taun nu geus kaliwat.
b. Sakapeung urang embung diajar atawa nyiasatan masalah tina pangalaman mangtaun-
taun nu geus kaliwat.
c. Urang sadaya embung diajar atawa narékahan pasualan tina pangalaman mangtaun-
taun nu geus kaliwat.
d. Sakapeung urang embung diajar atawa narékahan pasualan tina pangalaman
mangtaun-taun nu geus kaliwat.
e. Sakapeung urang alim diajar atawa narékahan pasualan tina pangalaman mangtaun-
taun saacanna.
Kunci Jawaban : D

Aku mencintaimu lebih dari yang kau tahu


Meski kau tak kan pernah tahu
Baru kusadari cintaku bertepuk sebelah tangan
kau buat remuk seluruh hatiku,
seluruh hatiku.
2. Paribasa bertepuk sebelah tangan sarua hartina jeung ….
a. ambon sorangan
b. keprok sorangan
c. keprok sabeulah
d. seuri sorangan
e. imut sorangan
Kunci Jawaban : A

Ujang : “Naha bener dongéng téh pernah dipigandrung ku sakumna masarakat Sunda
Ris?”
Risa : “Enya cenah, kawas urang ayeuna mikagandrung sinétron kumaha. Pada nganti-
nganti, jeung pada nyengceurikan lamun tokoh utamana meunang katalangsara,”
3. Kecap dipigandrung sarua hartina jeung….
a. Dipikawanoh
b. Dipikaresep
c. Dipikaéling
d. Dikenal
e. Diingetan
Kunci Jawaban : B

4. Salah sahiji ciri dongéng téh anonim, hartina.…


a. Nyaritakeun kahirupan sapopoé
b. Teu dipikanyaho saha nu ngarangna
c. Sumebarna tatalépa sacara lisan
d. Ngandung unsur-unsur pamohalan
e. Awalna kagolong kana sastra lisan
Kunci Jawaban : B

Pek ilo ieu sempalan dongeng di handap!


Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh,
Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala
nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu
geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si
Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si
Kabayan téh nyarita ka nangka.
Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”
“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.
“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.
“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si
Kabayan téh.
“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!”
Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.
“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan
bari ngaléos.
5. Sempalan dongéng di luhur, kagolong kana dongéng ....
a. mite
b. sagé
c. fabél
d. parabél
e. sasakala
Kunci Jawaban : D

Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu
ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai
laut jadi asin.
6. Ciri nu nuduhkeun yén éta paragraf di luhur mangrupa sempalan tina dongéng, nyaéta….
a. caritana basajan
b. ngandung ajén atikan
c. aya unsur pamohalan
d. ragem rinéka
e. anonim
Kunci Jawaban : C

Ieu di handap mangrupa bagian-bagian tina hiji artikel.


1. Kasenian jaipongan kiwari geus pohara mekar jeung sumebar ka mana-mana.
2. Kamekaran henteu ukur di panggung wungkul, tapi beuki lega ambahanana.
3. Dina dunya rékaman upamana, kiwari geus pohara lobana kasét-kasét rékaman
jaipongan.
4. Ku kitu téh manusa mah lamun jaipongan beuki kawéntar ka mana-mana.
5. Urang bisa manggihan méh di unggal toko kasét.
7. Susunan artikel nu bener, sangkan jadi hiji paragraph, nyaéta.…
a. 1 – 2 – 3 – 4 – 5
b. 1 – 2 – 3 – 5 – 4
c. 2 – 4 – 3 – 1 – 5
d. 2 – 4 – 1 – 3 – 5
e. 4 – 3 – 2 – 1 – 5
Kunci Jawaban : B

8. Runtuyan atawa sistematika laporan kagiatan saacan panutup biasana medar heula ….
a. Bubuka,
b. Pamilon
c. Waktu jeung tempat
d. Kagiatan jeung hasilna
e. Jumlah pamilon
Kunci Jawaban : D

Mimitina ngabahas jumlah pamilon paméran anu teu luyu sareng targét, saterusna nepikeun
saran-saran pikeun kalancaran éta kagiatan. Nurutkeun pamanggih sim kuring cara éta téh
teu sistematis. Luluncatan kaditu kadieu. Jadina, hésé pahamna kana maksud éta laporan.
9. Nu dikoméntaran di luhur ngeunaan aspék ….
a. Eusi laporan
b. Basa laporan
c. Kalengkepan data laporan
d. Maksud jeung tujuan laporan
e. Susunan laporan
Kunci Jawaban : E

Pananya : “ ……………………………………………….. “
Jawaban : “Ari perkawis pitempateunana, saéna di bale désa supados laluasa sarta
urang teu kedah ngémutan artos sésa. Salian ti éta, gampil dibujeng ti ditu ti
dieu.”
10. Pananya nu luyu jeung jawaban di luhur nyaéta….
a. Kumaha tempat rapat téh tos kénging?
b. Pisaéeunana rapat téh dilaksanakeun di mana?
c. Saé henteu upami rapat téh dilaksanakeun di bale désa?
d. Tos sayogi teu acan artos kanggo nyéwa balé désa?
e. Ciosna rapat téh di mana?
Kunci Jawaban : B

Mélla :”Naha janten rѐktor tѐh salasahiji udagan Akang?”


Adit :”Janten kieu, nya. Ari rѐktor, ѐta mah jabatan struktural. Tapi asana teu pernah
gaduh
cita-cita jadi rѐktor. Cita-cita dosѐn mah anu paling luhur tѐh janten guru besar.”
11. Nu jadi cita-cita pangluhurna pikeun narasumber nyaѐta....
a. Jadi rѐktor
b. Jadi dosѐn
c. Ngabogaan jabatan struktural
d. Mingpin hiji paguron luhur
e. adi guru besar
Kunci Jawaban : E

Albim :”Ris bener dongѐng tѐh pernah dipikaresep ku sakumna masarakat Sunda?”
Risma :”Enya cenah, kawas urang ayeuna mikaresep sinѐtron kumaha. Pada nganti-nganti,
jeung pada nyeungceurikan lamun tokoh utamana meunang katalangsara.
12. Ragam basa dina wawancara di luhur maké ragam basa….
a. Lemes
b. Kasar
c. Loma
d. Hormat
e. Lemes pisan
Kunci Jawaban : C

Titénan ieu sajak pikeun ngajawab soal nomer 13-14!

Wasiat Konglomerat
Lamun Apih paéh
Pangbungkuskeun ku
salambar boéh
ladang ngélékéték
tina rupa-rupa proyék

Lamun Apih nemahan pati


pangmésenkeun padung jati
ladang ngumpulkeun komisi
jeung rupa-rupa korupsi

Kontrak-kontrak nu can
ditéken jeung SPK-SPK nu
can dilaksanakeun

awurkeun luhureun paésan


na tetengger heug tulisan
parantos mulih ka
kalanggengan
Apih, konglomérat tuladan!
“ladang ngélékété tina
rupa-rupa proyék”

13. Ladang dina kalimah di luhur, hartina....


a. tanah
b. sawah
c. hasil
d. kebon
e. lahan
Kunci Jawaban : C

14. Téma sajak di luhur téh nyaéta....


a. cinta
b. kanyaah
c. kritik social
d. jalma nu nyanghareupan maot
e. kahirupan konglomérat
Kunci Jawaban : C

Baca ieu teks biantara di handap pikeun ngajawab soal no 15-16!


Cai dina Angen-angen Urang Sunda
a. Assalamu’alaikum
b. Sadaya puji kagungan Alloh Nu Murbéng Alam. Solawat sinareng salam mugi
dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
c. Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun rewu nuhun, réhna simkuring dipasihan
kasempetan kanggo ngadugikeun biantara perkara “Cai dina Angen-angen urang
Sunda”
d. Cai téh dianggap kabutuhan anu utama. Ku pentingna cai,nepi ka dina kahirupan
urang Sunda teu weléh dipatalikeun jeung alam pangpangna jeung cai, katitén tina
ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka, Cicaheum,
Cimahi, tiluanana gé dimimitian ku kecap ci. Lain waé tempat, ku penting-pentingna
cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi ngatur cai keur tatanén atawa ngebon. Di
pilemburan jalma nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.
e. Hadirin anu sami rawuh,
f. Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé
tina paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”.
g. Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu karéka.
Hatur nuhun
h. Wassalamu’alaikum.

15. Ungkara anu luyu jeung eusi biantara di luhur nyaéta.....


a. Patempatan di tatar Sunda asalna lain tina cai
b. Kahirupan manusa tara dipatalikeun jeung alam
c. Kahirupan moal lumangsung lamun taya cai.
d. Cai téh dianggap kabutuhan nu teu pati penting.
e. Kahirupan urang Sunda dipatalikeun jeung cai
Kunci Jawaban : C

16. Nu kaasup bagian bubuka dina biantara “Cai dina Angen-angen Urang Sunda”, aya dina
bagian....
a. a
b. b
c. a, b
d. a,b ,c
e. c
Kunci Jawaban : D

Titénan ungkara di handap!


Bapa Kapala Sakola kedahna maparin biantara dina acara pentas seni. Tapi ujug-ujug
pas acara ngadadak Bapa Kapala Sakola aya peryogi nu teu tiasa dikantunkeun. Ahirna
ditunjuk sacara ngadadak Pembina OSIS pikeun biantara ngawakilan Kapala Sakola.
17. Tina kasus di luhur, cara biantara nu dianggo ku pembina OSIS nyaéta ....
a. biantara ku cara ngapalkeun
b. biantara ku cara maca naskah
c. biantara ékstémporan
d. biantara kontémporer
e. biantara impromtu
Kunci Jawaban : E

Hadirin anu sami rawuh,


Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé tina
paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”.
Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu karéka.
Hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum.
18. Ungkara “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”dina téks di luhur ngandung harti....
a. kudu sauyunan, sapapait-samamanis.
b. kudu silih élingan ngeunaan pentingna cai.
c. kudu nyieun ngaran tempat dimimitian ku cai.
d. mun rék tatanén kudu diatur ku ulu-ulu
e. kudu ngutamakeun miara cai.
Kunci Jawaban : A

19. Panumbu Catur dina debat téh jalma anu boga wewenang pikeun ….
a. Ngatur lumangsungna debat ti mimiti nepi ka réngsé
b. Milih alus henteuna kelompok nu debat
c. Meunteun kelompok anu alus dina debat
d. Nuliskeun kacindekan tina debat
e. Mihak ka salah sahiji kelompok pangjejer debat

Kunci Jawaban : A

Pèk baca susunan acara ieu di handap!

1. bubuka 4. Unjukan paturay tineung


2. biantara sareng pangdeudeul ti : -.masrahkeun siswa siswi kelas ix
-biantara ketua osis -mushafahah
-wawakil kelas ix 5. maca du’a
-pupuhu komiteu sakola 6. panutup
-kepala sakola 7. hiburan
3. galindengna ayat ayat suci al quran

20. Runtuyan acara nu bener dina acara paturay tineung, nyaéta.…


a. 1 2 3 4 5 6 7
b. 1 3 2 4 5 6 7
c. 1 2 3 5 4 6 7
d. 1 2 3 4 6 5 7
e. 1 2 3 6 4 5 7
Kunci Jawaban : B

“Wilujeng siang/sonten/wengi”.
21. Pokpokan Panumbu Catur di luhur mangrupa . . . dina acara sawala.
a. salam bubuka
b. ngawanohkeun diri
c. ngamimitian sawala
d. ngawilujengkeun
e. mungkas sawala
Kunci Jawaban : B

“Nanging sateuacan kelompok VII menyampaikan matérina, sim kuring badé


ngenalkeun saurang-saurangna”
22. Kecap anu digurat handap sakuduna....
a. ngadugikeun, wawanohan
b. nepikeun, ngenalkeun
c. nyampékeun, ngenalkeun
d. méré nyaho, ngawanohkeun
e. ngadugikeun, ngawanohkeun
Kunci Jawaban : E

Baca sempalan carita pondok ”Tukang Kembang” karya Gagah Nugraha Aulia ieu di
handap!

Saréréa, saimah-imah, Pa Gumbira, Apana Inggit, Bu Gumbira, indungna. nyaah pisan ka si


Aki. Atuda Unggal si Aki mulang ka lemburna, balikna deui téh kudu baé aya oléh-oléh
husus keur Inggit. Nu dimaksud si Aki ku saréréa téh, tukang kembang langgangan bu
Gumbira jeung Inggit. Tina sering balanja kembang ti Si Aki, laun-laun jadi asa jeung baraya.
Mana komo sanggeus Si Aki tukang kembang siga nu nyaaheun pisan ka Inggit. Malah pok
deui-pok deui nyebutkeun asa ka incu sorangan. Atuh beuki asa jeung baraya baé urang
Panjalu si Aki téh. Ngaran aslina mah Abdul Manap. Ti keur ngora kénéh geus bubuara ka
Bandung. Asalna tukang minyak tanah. Ditanggung maké salang jeung rancatan. Ka béh dieu
ganti ngajualan kembang. Sabulan atawa dua bulan sakali, sok mulang ka lemburna. Ku
sabab geus teu asa jiga téa., ku Bu Gumbira sering dibahanan oléh-oléh bawaeun ka
lemburna. Aya gula, kopi, sirop, kué kaléng, sakapeung pakéan urut batur keur babasah. Anu
tara téh ngongkosan, lantaran keukeuh tara ditarima. Teu sangka nya, si Aki tukang
nyunyurung roda kembang téh, putra-putrana maraju. Diantarana waé anu natamu ka pa
Gumbira. Kagungan pabrik beusi sagala, cenah, anjeunna téh.
23. Dumasar kana sempalan carita pondok di luhur, mana anu teu kaasup ajén atikan anu bisa
dipaké tur dipatalikeun jeung kahirupan sapopoé di masarakat....
a. ulah ngajén jalma tina tagogna
b. upama urang bageur ka batur, pasti batur ogé bageur ka urang
c. kahirupan dina éta carita teu mustahil bakal kajadian
d. Si Aki urang Panjalu. Ari urang Panjalu osok marerih.
e. jalma anu beunghar teu salawasna boga sikep adigung
Kunci Jawaban : D

Titénan sempalan carita pondok “Putri Jin” ieu di handap!


“Putra Aria Wangsagoparana teteg manahna. Anjeunna geus aya deui dina pangcalikanana
anu biasa, batu démprak di gunung cadas. Jung ngadeg, nyawang kasakuriling bungking.
Lapat-lapat kasawang alam paraméan anu kedah disorang ku anjeunna. Aing lain ngan ukur
incuna Sunan Ciburang, lain ukur anakna Wangsagoparana, aing téh Wiratanudatar. Haté
aing geus teteg, suku aing geus panceg, ngadeg dina tangtungan sorangan. Aing geus sanggup
manggul kawajiban, sabab lemahna ayeuna mah geus sadia, nya éta martabat aing sorangan.
(CPPJ:47)”
24. Dumasar kana sempalan téks carpon di luhur, latar kaayaan anu kapanggih dina éta carita
nyaéta….
a. Panceg Kayakinan
b. Baluweng Pikir
c. Bagja
d. Ketir Pikir
e. Hémeng
Kunci Jawaban : A

Titénan ieu tabél di handap!


No Ciri-Ciri Karya Sastra
1. Karangan tinulis fiksi atawa rékaan nu galur caritana relatif basajan
2. Midangkeun hiji carita sacara bébas
3. Jumlah kajadian caritana henteu réa
4. Museur kana hiji kajadian
5. Aya parobahan nasib nu dialaman ku palaku utama
6. Palakuna ukur dua atawa tilu urang
7. Jejer (téma) jeung latar (setting) napak dina alam kahirupan kiwari
8. Midangkeun hiji hal sacara gembleng, rinci, spésifik jeung detail
9. Ilaharna panjangna sakitar 7.500 kecap
10. Kaca (halaman) antara 4 nepi 6 kaca kalayan 1,5 spasi
11. Leuwih loba midangkeun konflik nu leuwih kompléks
12. Museurkeun paniténna (perhatian) dina hiji kajadian
13. Miboga hiji plot, setting anu tunggal, jumlah tokoh anu kawates, tur ngawengku
jangka waktu anu singget.
14. Aya sababaraha épisodeu dina kahirupan palaku
15. Biasana palaku utama teu nepi ka maot

25. Dumasar kana data di luhur, mana anu kaasup kana ciri-ciri carita pondok….
a. 3, 4, 5, 6, 8, 9, 10, 12, 13
b. 2, 3, 4, 6, 7, 8, 10, 14, 15
c. 1, 3, 4, 6, 7, 9, 11, 12, 13
d. 1, 3, 4, 6, 7, 9, 10, 12, 13
e. 4, 5, 9, 10, 12, 13, 14, 15
Kunci Jawaban : D

Titénan ieu tabél di handap!


No Unsur Biografi
1 Ngaran, jujuluk, lalandian
2 Gumelar jeung asal usul kulawarga
3 Alamat Imahna
4 Bentuk pisik jeung pasipatan
5 Riwayat Atikan jeung padamelan
6 Agamana
7 Pikiran atawa gagasanana
8 Karya-karya nu kungsi di jieun
9 Préstasi jeung Pangajén nu kungsi katarima
10 Kalungguhan

26. Dumasar tabél di luhur, nu kaasup unsur biografi nu bener ditunjukeun ku nomer....
a. 1-2-3-4-5-6-8-9
b. 1-2-3-5-6-7-8-9
c. 1-2-3-4-5-7-8-9
d. 1-2-4-5-7-8-9-10
e. 1-3-4-6-7-8-9-10
Kunci Jawaban : D

Biografi Doel Sumbang


Taun 1980-an ngaran Doel Sumbang mimiti kakoncara dina widang seni. Ieu seniman nu
dilahirkeun di Badung téh kaasup jalma nu gedé paniténna kana basa Sunda. Buktina waé
lagu-laguna lain dina basa Indonesia wungkul, tapi ogé dina basa Sunda.
Ieu seniman nu kungsi nganggit lagu pop Sunda Pangandaran téh kungsi sakola di SMA
BPI Bandung jeung SMA Ma’arif Bandung. Hasil tina rékaman jeung minton di unggal
daérah téh teu dikeukeuweuk ku sorangan, tapi ogé dipaké pikeun kapentingan sosial.

27. Anu dicaritakeun dina paragraf kadua dina wacana di luhur téh ngeunaan….
a. lahirna Doel Sumbang
b. sakolana Doel Sumbang
c. karir Doel Sumbang
d. sohorna Doel Sumbang
e. lagu-lagu Doel Sumbang
Kunci Jawaban : D

Pék baca sing gemet!


Pikeun ngajawab soal nomer 28 – 30

Adat-istiadat dina Ngalamar


Ngalamar jaman ayeuna, leuwih gampang jeung sederhana. Béda jeung jaman baheula, loba
pisan cara jeung aturanana. Jaman baheula mah, antara si lalaki nu rék ngalamar, jeung si
awéwé nu rék di lamar téh, tacan tangtu wawuh. Ari ayeuna mah apan umumna lain baé geus
wawuh, tapi geus jadi bébéné. Jadi, nu disebut ngalamar téh, ukur formalitas atawa nanya
resmi, siap henteuna si awéwé diajak kawin. Atuh jawabanana ogé, moal aya basa nolak.
Tah, ngalamar jaman baheula mah can tangtu kitu. Teu unggal ngalamar pasti
ditarima. Bisa waé si awéwéna nolak, boh lantaran teu bogoh, boh lantaran geus kapiheulaan
ku nu séjén. Ngan dina nolakna tara togmol nyebut lantaran geus kapiheulaan ku nu séjén.
Umpana langsung ngajawab, ”Punten pun anakna henteu bogoheun.” Atawa, ”Punten,
parantos aya nu gaduh.”

28. Ngalamar jaman ayeuna béda jeung jaman baheula, jaman baheula mah....
a) Si lalaki jeung si awéwéna geus jadi bébéné
b) Si awéwéna bisa waé nolak
c) Si lalaki jeung si awéwéna geus pasti wawuh
d) Si awéwéna geus pasti narim
e) Si lalaki jeung si awéwéna sarua bogohna
Kunci Jawaban : D

“Punten, parantos aya nu gaduh.”


29. Ungkara di luhur ngandung harti....
a. si awéwé narima lamaran
b. si awéwé bogoh ka si lalaki
c. si awéwé can boga kabogoh
d. si awéwé siap diajak kawin
e. si awéwé nolak lamaran
Kunci Jawaban : E

30. Sasaruaan (sinonim) tina kecap togmol, nyaéta....


a. sindiran
b. omongan
c. malapah gedang
d. poksang
e. pok torolong
Kunci Jawaban : D

31. Bagian dina résénsi nu medar sawangan ngeunaan eusi karya….


a. Judul
b. Idéntitas karya
c. Tilikan eusi
d. Kacindekan
e. Panutup
Kunci Jawaban : C

32. Pagelaran drama anu dialogna ditembangkeun atawa dikawihkeun, disebut ….


a. Opera
b. Gending karesmén
c. Longsér
d. Kabarét
e. Sinétron
Kunci Jawaban : B

Di jero imah Ma Onih aya korsi sapasang geus butut. Dina bilik deukeut panto ka luar, aya
lampu téplok, seuneuna leutik kurang minyak.
33. Unsur drama nu dipedar di luhur, nyaéta….
a. tokoh
b. téma
c. latar
d. alur
e. épilog
Kunci Jawaban : C

Juragan Hajat
Nyi Icih keur moé-moékeun seuseuhan. Jang Kéméd rék indit ngabéca.
Jang Kéméd : “Icih! Aing rék ngabéca. Bisi aya nu nanyakeun aing keur dines. Kadé ati-ati
di imah.”
Nyi Icih : “Heueuh jung… kadé balikna tong beurang teuing, aing butuh duit.”
34. Kecap aing dina paguneman di luhur dikedalkeun dina situasi.…
a. bungah
b. gumbira
c. sedih
d. ambek
e. nalangsa
Kunci Jawaban : D

Juragan Hajat
Nyi Icih keur moé-moékeun seuseuhan. Jang Kéméd rék indit ngabéca.
Jang Kéméd : “Icih! Aing rék ngabéca. Bisi aya nu nanyakeun aing keur dines. Kadé ati-ati
di imah.”
Nyi Icih : “Heueuh jung… kadé balikna tong beurang teuing, aing butuh duit.”
35. Paguneman antara jang Kéméd jeung Nyi Icih dina istilah drama, disebut….
a. prolog
b. epilog
c. monolog
d. dialog
e. lalakon
Kunci Jawaban : D

36. Ieu di handap nu lain ciri-ciri pedaran wangun artikel, nyaéta.…


a. Aya ngaran nu nulisna
b. Eusina bisa mangrupa fiksi
c. Gagasan anu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma réa
d. Dipidangkeunana dina basa nu hirup, populér, jeung komunikatif
e. Orisinil, artikel anu ditulis karya sorangan lain mindahkeun karya batur
Kunci Jawaban : B

37. Ieu di handap nu lain ciri-ciri pedaran wangun artikel, nyaéta.…


a. Aya ngaran nu nulisna
b. Eusina bisa mangrupa fiksi
c. Gagasan anu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma réa
d. Dipidangkeunana dina basa nu hirup, populér, jeung komunikatif
e. Orisinil, artikel anu ditulis karya sorangan lain mindahkeun karya batur
Kunci Jawaban : B

38. Ieu di handap mangrupa bagian-bagian tina hiji artikel.


1. Seureuh mangrupa tutuwuhan nu ngarambat, daunna sari lada, sok dipaké nyeupah
jeung dipaké ubar.
2. Seureuh bisa dimangpaatkeun atahna, ogé bisa diolah heula jadi minyak.
3. Sanajan kiwari wanoja nu ngarora langka nyeupah, tapi seureuh masih aya kénéh
dijarualan di tukang rampe.
4. Lamun aya nu raheut, bisa dibalurak ku minyak seureuh atawa bisa ogé daun
seureuhna dirieus, dicampuran apu saeutik, tuluy ditaplokkeun ka nu raheutna.
Susunan artikel nu bener, sangkan jadi hiji paragrap, nyaéta ….
a. 1 – 2 – 3 – 4
b. 1 – 3 – 2 – 4
c. 2 – 4 – 3 – 1
d. 2 – 4 – 1 – 3
e. 4 – 3 – 2 – 1

Kunci Jawaban : D

Tengetan téks di handap!


Bisi aya para ratu nu teu kasebutkeun
Para raja nu teu kacaritakeun
Patih mantra anu teud dikawihkeun
Neda agung nya paralun
Panjang pangampura
39. Téks di luhur nyaéta bagian carita pantun anu disebut ....
a. rajah bubuka
b. rajah panutup
c. dialog
d. narasi
e. monolog
Kunci Jawaban : B

40. Ieu di handap anu henteu kaasup kana galur carita pantun, nyaéta…
a. Satria ngalalana (miang)
b. Kajadian anu karandapan (meunang ujian)
c. Satria Pajajaran unggul perang
d. Tokoh miang tapi teu mulang
e. Ngadeg jadi raja
Kunci Jawaban : D

Anda mungkin juga menyukai