Anda di halaman 1dari 4

YAYASAN PEMBINA LEMBAGA PENDIDIKAN (YPLP) PGRI

SMP PGRI 2 CIKIDANG


SK. BUPATI SUKABUMI TGL. 30-07-2009 NO. 421.3/1746/DISDIK
NSS : 202020615193 – NIS : 201930 – NPSN : 69758322
TERAKREDITASI “B”
Alamat : Jl. Lio Rt. 002/008 Desa Bumisari Kecamatan Cikidang 43367
Kabupaten Sukabumi – Jawa Barat

Nama : ……………………………… Mata Pelajaran : ………………………………


Kelas : ……………………………… Hari/tanggal : ………………………………

PENILAIAN AKHIR TAHUN (PAT)

Baca cutatan dongeng ieu di handap, tuluy jawab pananya ti nomer 1 nepi ka nomer 6!

Kampung Pulo

Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut
kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi,
nyaeta Candi Cangkuang.
Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah
utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu
mulangna deui kalah betah di eta kampung.

1. Kampung Pulo ayana di daerah ....


a. Bandung b. Tasikmalaya c. Sumedang d. Garut
2. Kampung Pulo mimiti aya dina abad ka ....
a. 15 b. 16 c. 17 d. 18
3. Di kampung Pulo aya nelah situ ....
a. Bagendit b. Cangkuang c. Karamat d. Pulo
4. Sanajan aya candi, masarakat kampung Pulo ngagem agama ....
a. Islam b. Budha c. Hindu d. Kristen
5. Mulih ..., Bu ?
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
a. ti mana b. ka mana c. ka dinya d. ti dinya
6. “Nabil diuk ... korsi.”
Kecap pangantet pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
a. Ka b. dina c. tina d. di luhureun

Titenan paguneman ieu di handap, tuluy jawab pananyana ti nomer 7 nepi ka nomer 10!

Yuni : Nin, bade angkat ka mana ? Mani rurusuhan kitu ?


Nina : Bade ka sakola Yun, kasiangan puguh Nina teh, kedahna mah tabuh 8.00 tos kempel di sakola
Yuni : Har, na aya kagiatan naon di sakolah teh Nin ?
Nina : Ih, teu acan terang nya ? Pan sakola urang teh bade ngiring rampak sekar di Bandung. Tah
minangka wawakilna teh nyaeta ti kelas Nina. Naha Yuni teu ngiringan kitu ?
Yuni : Pami ti kelas Yuni mah ngiringna pasanggiri maca sajak
Nina : Ke, ari Yuni ayeuna bade ka mana deuih, tos aged ?
Yuni : Nya sami bade ka sakola oge, pan bade latihan sareng Bu Susi

7. Topik anu jadi paguneman di luhur teh nyaeta ....


a. latihan kanggo pasanggiri b. ulin ka sakola c. latihan drama d. rek aya pagelaran wayang
8. Paguneman nyaeta obrolan nu dilakukeun ku ....
a. obrolan keur diskusi c. tanya jawab nu dilakukeun di sakola
b. obrolan nu dilakukeun ku saurang d. obrolan anu dilakukeun ku dua urang atawa leuwih
9. Dina wacana di luhur, saha anu rek miluan pasanggiri maca sajak ?
a. Bu Susi b. Yuni c. Nina d. Dadan
10. Dina paguneman di luhur, rek jeung saha cenah Yuni latihanana ?
a. Bu Eli b. Bu Susi c. Bu Tuty d. Dada

Baca sajak di handap ieu, tuluy jawab pananya ti nomer 11 nepi ka nomer 14 !

Kampung Naga
Nurugtug mudun nincak hambalan
Jaman geus dirobeda
Malipir sisi-sisi Ciwulan
Jog, tangkal ngajenghok
“Geuning taya bedana jeung urang ?”
Kampung Naga, cenah saur guru mah maket
Gambaran kahirupan masarakat urang
Nu dek kadesek modernisasi
Tepi keueung keneh lamun teu nurut ka karuhun
Kabuktian tina hateup jeung model wangunan
Tapi geus aya antene tivi-an
Kampung Naga, pasawahan, Ciwulan mun caang bulan
Tingkaretip lampu tempel nu kudu di kemitan pamuda
Naha bakal teu kabita
Ku listrik nu hemat energi ?
11. “Nu rek kadesek modernisasi”. Saha nu rek kadesek ku modernisasi dina eta ungkara teh ?
a. Urang kampung Naga c. Pamuda urang kampung Naga
b. Pasawahan jeung walungan Ciwulan d. Gambaran kahirupan urang
12. Naon nu dicaritakeun dina eta sajak ?
a. Kahirupan anu basajan c. Meuweuhna modernisasi
b. Nyawang walungan Ciwulan d. Kudu hemat listrik
13. Kumaha rasa pangarang nu kagambar dina eta sajak ?
a. Bungah c. Inggis
b. Gumbira d. Sabar
14. Dina sajak di luhur aya ungkara. “Naha teu bakal kabita”
Kabita kunaon maksud pangarang dina eta ungkara teh ?
a. Kana kabasajanan urang kampung Naga
b. Ka lembur singur saperti kampung Naga
c. Ka pasawahan jeung Ciwulan di mana caang bulan
d. Ka listrik nu hemat listrik

Baca pupuh di handap ieu, tuluy jawab pananya ti nomer 15 jeung nomer 16 !

Asmarandana Lahir Batin

Eling-eling mangka eling


rumingkang di bumi alam
darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
napsu matak kaduhung
badan anu katempuhan
Jisim nu ngarasa nyeuri
raga nu ngarasa lara
hate nu ngarasa cape
hareudang nyandang wiwirang
purwa perbawa hawa
iyub sumaah takabur
ria ku panggoda setan

15. Sabada maca pupuh di luhur, watek eta pupuh teh nyaeta ....
a. Gumbira b. prihatin c. nasehat d. silih asih
16. Diwangun ku sabaraha padalisan pupuh di luhur teh ?
a. 8 padalisan b. 8 engang c. 7 padalisan d. 7 engang
17. Dina usum ... mah loba sawah kagaringan.
a. Ngijih b. hujan c. sasalad d. halodo
18. Dua poe nu bakal datang nyaeta ....
a. Kamari b. isukan c. mangkukna d. pageto
19. Babasan anu hartina bodo tapi daek tatanya nyaeta ....
a. bodo katotolojoh b.buntut kasiran c. bodo alewoh d. handap asor
20. Kalimah mana anu merenah undak-usuk basana, nyaeta ....
a. Punten abdi wangsul ti payun, kumargi bade angkat ka luar kota
b. Punten abdi wangsul ti payun, kumargi bade mios ka luar kota
c. Punten abdi mulih ti payun, kumargi bade angkat ka luar kota
d. Punten abdi mulih ti payun, kumargi bade mios ka luar kota

Baca sajak di handap, tuluy jawab pananya ti no. 21 nepi ka 22 !

Wawaran
Karya : Gustini Rohmayanti

Alam ngamuk
mahekeun sagala eusina
bongan manusa
teu bisa wae ngajaga
Bumi oyag
murahkeun sagala rupa
bongan kalakuan jalma anu teu bisa ngajaga
Jelema pating jarerit
neda pitulung
neangan tempat nyalindung
salian ka indung
Hanjakal …
manusa teu sadar
puguh eta wawaran ti Gusti urang

21. Naon anu dicaritakeun dina sajak “Wawaran” di luhur ?


a. kaayaan alam anu endah c. jelema anu keur menta tulung
b. jelema anu pating jarerit d. bencana alam
22. Ceuk sajak di luhur, naon anu ngalantarankeun alam ngamuk ?
a. kajadian alam anu geus lumrah c. kalakuan jalma anu hade pisan dina ngajaga alam
b. kajadian alam anu biasa wae d. kalakuan jalma anu teu bisa ngajaga alam
23. Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Welas Asih, anu parantos maparin kasehatan rehna dina dinten ieu urang
tiasa kempel riung mungpulung paamprok jonghok di ieu patempatan dina kaayaan sehat walafiat.
Ungkara basa di luhur sok aya dina acara ....
a. Debat b. panutup c. wawancara d. bubuka biantara
24. Gaya basa ocon disebut oge gaya basa ....
a. Eufimisme b. metanomia c. personifikasi d. hiperbola
25. Tulisan anu midangkeun hasil telaah atawa analisis ngeunaan hiji hal, dumasar kana fakta jeung data terus dimuat dina media
massa disebut ....
a. Esey b. artikel c. carpon d. wawaran

Baca carita di handap ieu, tuluy jawab pananya to no. 26 nepi ka 27!

NYIEUN KECAP

Can kungsi aya dina cap botol kecap ditulis nomer dua, nomer tilu, jeung saterusna. salawasna nomer hiji. Pabrik mana wae pasti
nyebutkeun yen kecap jieunanana minangka kecap nomer hiji, panghadena, jeung pangngeunahna.
Bisa jadi nu daragang kecap mah moal ngarasa hariwang risi daragang kecapna mubajir jadi runtah, lantaran teu laku. Dagang kecap
mah bisa rineh sabab salian ti tahan lila teh jeung taya usumna, meh unggal imah butuh ku kecap.
Teu kitu kumaha, lantaran loba kaolahan anu kudu make kecap. Nyieun sangu goreng, semur daging, orek tempe atawa tahu, jeung
sajabana. Munasabah lamun kecap ge kaasupna minangka samara asakan “penyedap rasa” anu teu kurang perluna, teu beda jeung
bawang, tomat, pecin, uyah, jeung nu sejenna.

26. Wacana di luhur maparkeun ....


a. prak-prakan nyieun tempe c.prak-prakan nyieun sangu goreng
b. prak-prakan nyieun kecap d. prak-prakan nyieun semur daging
27. Kaolahan naon wae anu biasa sok dikecapan teh ....
a. semur daging, orek tempe, semur jengkol, sangu goreng, jsbc.
b. rendang jengkol, pais lauk, sangu goreng, orek tempe, jsb
c. semur daging, sayur haseum, semur jengkol, sangu goreng, jsb
d. semur daging, orek tempe, sangu goreng, pais oncom, jsb
28. Maneh mah mapatahan soal mesin ka Insinyur mesin, sarua jeung ....
a. goong nabeuh maneh c. lodon kosong ngagelentrong
b. hulu gundul dihihidan d. mapatahan ngojay ka meri
29. Basa anu digunakeun dina surat resmi nyaeta basa ....
a. Gaul b. loma c. sedeng d. ringkes tapi jelas
30. Omongan palaku dina drama ka dirina sorangan disebut ....
a. Prolog b. dialog c.palaku d. monolog
31. Ciri carita pondok teh nyaeta ....
a. palakuna loba c. temana ganda
b. setingna di mana bae d. diwangun ku hiji kajadian utama
32. Nu disebut guguritan teh nyaeta ....
a. karangan pondok anu diwangun ku hiji kajadian utama
b. karangan pondok anu disusun make patokan pupuh
c. karangan pondok anu diwangun ku sababaraha kajadian utama
d. karangan panjanganu disuusn make patokan pupuh
33. Nu disebut guru lagu nyaeta ....
a. tiap-tiap kalimah atawa jajaran nu ngawangun pada
b. katangtuan jumlah engang dina tiap padalisan
c. katangtuan purwakanti sora dina tungtung padalisan
d. pasipatan nu dipibanda ku hiji-hijina pupuh
34. Warta anu ditulis dumasar kana ... nu aya di lapangan.
a. Rekaan b. carita c. fakta d. hayalan
35. Kade ulah antel kana ... anjing, najis !
a. Sihung b. bangus c. siih d. tulale
36. Kecap anu salah makena aya dina kalimah ....
a. Iraha mulih ti Bandung, pa ? c. Abdi udur tos sapuluh poe
b. Pun biang wengi tadi teu damang repot d. Enjing abdi bade mulih ka Sukabumi
37. Dupi Bapa iraha bade mulih teh ?
Kalimah di luhur teh ngandung harti ....
a. Ngajak b. nanya c. marentah d. nyarek
38. Hutbah kudu komunikatif, maksudna ....
a. ngagunakeun basa anu baku c. ngagunakeun basa gaul
b. ngagunakeun basa anu merenah jeung jelas d. ngagunakeun basa nu modern

39. Bakating ku tunduh ... manehna sare dina korsi.


a. Guher b. clak c. am d.bus

Baca cutatan novel di handap ieu, tuluy jawab pananya to no. 40 nepi ka 41 !

Pasosore Ambu Warji ngalangeu di lawang imahna, panonna molotot teu puguh nu dipencrong, ceulina kawas nu torek, taya
dedengeanana, sabab harita pikiran jeung ingetan Ambu Warji keur sabil, rusras ka jaman baheula, eling ka waktu bihari, waktu
manehna hirup senang.Ceuk dina pikirna, “Eh, naha teu nyana teuing ku milik diri, bet nepi ka kieuna. Padahal baheula mah waktu aya
keneh Bapa Warji, aing teh teu kurang hakaneun teu kurang pakeeun, ari ayeuna aing nepi ka mindeng nyorang ngongkrong. Eh, naha
ti mana aing bisa meunang hakaneun keur anak aing?”
40. Cutatan tina novel naon carita di luhur teh ?
a. nu ngageugeuh legok Kiara b. misteri haur geulis c. patepung di Bandung d. budak teuneung
41. Pangarangna teh nyaeta ....
a. Dadan Sutisna b. Samsoedi c. Tatang Sumarsono d.Narti Suparti
42. Kagiatan tukeur pikiran pikeun maham kana hiji pasualan nu ngalantarankeun timbulna pasualan, sarta neangan jalan atawa
solusina, nyaeta ....
a. pedaran
b. bahasan
c. sawala
d. biantara
43. Anu disebut pangjejer sawala teh nyaeta jalma anu jadi ....
a. pamilon sawala
b. mairan pasualan
c. nepikeun jejer
d. nyatet pasualan
44. Dramatisasi sajak nyaeta ....
a. drama wangun ugeran biasana paguneman teh dina wangun puisi
b. drama wangun lancaran biasana dibaca atawa diucapkeun dina basa lancaran
c. drama tina wangun pupuh biasana ditembangkeun
d. drama teu ngagunakeun dialog, tapi ngungkabkeun carita teh ku tari
45. Lalakon drama biasana dibagi sababaraha ....
a. bagian
b. babak
c. ronde
d. episode
46. Pilih mana anu kaasup kalimah resiprokatif !
a. Dede jeung Ujang keur parebut cocoan
b. Dudus keur make sapatu
c. Mang Endang keur sibeungeut di pancuran
d. Tatang gegetret wae titatadi
47. Rarangken hareup pada- anu ngandung harti “loba anu migawena” nyaeta ....
a. padameuli
b. padageulis
c. padalucu
d. padakasep
48. Kecap serepan tina basa Cina, diantarana ....
a. mih, baso, cengkeh, loteng, tauco
b. baju, bedil. cameti, martil, peti
c. adus, dusun, kulem, lali, sasih
d. ajaib, dunya, gaib, hakim, hak, imam
49. Rarangken tukang –na anu ngandung harti “waktu” nyaeta ....
a. bapana
b. indungna
c. sawahna
d. tujuhna
50. Lanceukna pinter.
Adina bodo.
Lamun dihijikeun jadi ....
a. Lanceukna pinter, sabab adina bodo
b. Lanceukna pinter, jadi we adina bodo
c. Lanceukna pinter, tapi adina mah bodo
d. Lanceukna pinter, sanajan adina bodo

PAT_bhssunda

Anda mungkin juga menyukai