Anda di halaman 1dari 9

Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA Kelas : VI …………….

Hari / Tanggal : Jum’at, 6 November 2020 Waktu : 60 menit

Nama Siswa : …………………………………… No Absen : …………….

No. Muatan Pelajaran KD Nomor Soal Nilai


1
2
3
Petunjuk : 1. Berdoalah sebelum dan sesudah mengerjakan soal !
2. Bacalah dengan teliti seluruh soal-soal, sebelum kamu memberikan jawaban!
3. Jawablah pertanyaan dengan benar dan tulisan harus rapi sehingga mudah dibaca.
4. Periksa kembali pekerjaanmu sebelum diserahkan kepada guru pengawasmu!

Berilah tanda silang pada huruf a,b,c, atau d yang jawabannya benar !

Bacaan keur soal nomer 1 – 4

Kamajuan Tehnologi Komunikasi

Internet mangrupa bagian tina kamajuan anu luar biasa dina bidang tehnologi
komunikasi. Internet ( Internasional Network ) mangrupa sistim jaringan komunikasi
internasional. Sing saha wae jeungdimana wae, bisa menta informasi ngeunaan naon
wae. Malah bisa balanja barang bari henteu kudu ninggalkeun imah, nu disebut balanja
online tea. Kagiatan komunikasi tadi bisa dilaksanakeun ngagunakeun alat nyaeta
computer, laptop jeung handpon.

Dibandingkan jeung teknologi sejena, kamajuan teknologi widang telekomunikasi


gancang pisan majuna. Ku kamajuan tehnologi komunikasi, alam dunya nu sakieu
legana, beuki dieu caritana beuki ngaheureutan bae. Kajadian nu lumangsung
ditungtung dunya Beulah kaler, dina waktu sakedet netra geus nyebar ka sakuliah
dunya. Kajidian- kajadian di daerah sejena urang bisa nyaho ngaliwatan medsos atawa
berita sejena.

Kamajuan tehnologisakapeungmatak teu kahontal ku akal. Nu tadina pamohalan,


ayeuna mah kajadian naon bae bisa ditinggali dina internet, sabab beuki canggih
tehnologi komunikasi. Ayeuna acara televise anu saban poe dilalajoanan ku urang geus
teu karasa anahna, lantaran dimana- dimana geus aya televise.
Dina ngagunakeun internet, urang kudu bisa milih mana nu alus jeun goring,
kucara ngabedakeun mana nu positif jeung negatif.

1. Kajadian nu lumangsung ditungtung dunya berulah kaler, dina waktu sakedet netra
geus nyebar ka sakuliah dunya. Harti sakedet netra, nyaeta ….
A. waktuna beuki nambahan
B. waktu anu sakeudeung pisan
C. waktuna anu lila pisan
D. waktuna sababaraha jam

2. Antonim tina kecap pamohalan, nyaeta ….


A. akal- akalan
B. teu kaharti ku akal
C. teu asup akal
D. kahontal ku akal

3. Sinonim tina kecap canggih, nyaeta ….


A. gampang
B. hese
C. istimewa
D. rumit
.
4. Sikep urang nu pantes tur bener, dina ngagunakeun internet, nyaeta ….
A. Urang kudu bisa neangan inpormasi naon bae.
B. Urang kudu narima inpormasi naon bae
C. Urang teu kudu ngajaga budaya luar asup ka urang.
D. Urang kudu bisa ngabedakeun mana nu positif jeung negative

Bacaan keur soal nomer 5 – 8

Mang Koko digawe di Bale Pamulangan Pasundan, Bandung sabada lulus ti


MULO Pasundan tahun 1937. Anjeuna digawe kalayan soson- soson. Sabada revolusi
kamerdikaan, manehna digawe di Jawatan Penerangan Propinsi Jawa Barat. Dina tahun
196, pindah jadi guru dina Konservatori Karawitan Indonesia di Bandung. Sarta
ngagarap gamelan pelog nu rupa- rupa surupanana.

5. Ide poko tina paragraph di luhur nyaeta ….


A. Mang Koko digawe di Bale Pamulangan Pasundan, Bandung.
B. Sabada revolusi kamerdikaan, manehna digawe di Jawatan Penerangan.
C. sabada lulus ti MULO Pasundan tahun 1937.
D. Sarta ngagarap gamelan pelog nu rupa- rupa surupanana.

6. Sikap nu kudu diconto ku urang tina paragraph diluhur nyaeta …


A. Diajar sahayuna, cita- cita bakal kahontal.
B. digawe kalayan soson- soson.
C. Ngabogaan tujuan nu saparengna
D. Teu ngabogaan tujuan dina sakola.
.
7. Pasipatan tokoh dina paragraph di luhur, nuduhkeun sikap ….
A. Cengeng
B. Getol
C. Pamalesan
D. mumul
8. Sabada revolusi kamerdikaan, manehna digawe di Jawatan Penerangan Propinsi
Jawa Barat.
Kalimat di luhur ka asup kana jenis ….
A. kalimah ajakan
B. kalimah berita
C. kalimah pananya
D. kalimah parentah

9. Amanat Ibu Kapala Sako;a dina upacara poe senen : “Barudak urang kudu tiasa
miara jeung ngajaga kabersihan lingkungan sakola, kucara teu menang miceun
runtah dimana bae, miceun runtah kudukana tempatna!”
Sikep anu sakuduna urang tunjukkeun, saluyu jeung amanat di luhue, nyaeta ….
A. Biasa wae daeta mah tugasna penjaga sakola
B. Hare- hare, sababengke oge runtahna bakal aya nu nyapukeun.
C. Kudu bisa nerapkeun budaya disiplin dina miceun runtah.
D. Wajarn miceun runtah dimana ba, sabab budak sakolana loba

10. Perhatikeun dua teks di handap !

TEKS 1
Lingkungan tempat urang mukim ngiring mangaruhan kana kasehatan. Jandela
dibuka unggal dinten, sangkan hawa di lebet bumi ka gentos ku hawa ti luar nu
langkung seger.

TEKS 2
Urang kedah olahraga sangkan tetep sehat. Olahraga mah nao bae nu penting
tiasa kaluar kesang. Namung sok sanaos kitu, ulah asal- asalan olahragana, tetep
kudu ati- ati, bisi cilaka.

Hal anu sarua tina dua teks tadi, nyaeta ….


A. Lingkungan kudu dijaga kabbersihanana.
B. Jandela imah kudud dikonci samemeh sare.
C. Rupa- rupa nu mangaruhan kasehatan urang.
D. Supaya sehat kudu olahraga.

11. Daftar jumlah murid- murid nu seneng nembangkeun pupuh

KELAS Ngaran Pupuh


Dangdanggula Pangkur Durma Gurisa Mijil
IV 18 10 17 12 18
V 15 14 14 13 12
VI 16 11 19 16 11

Pupuh nu pangsaeutikna ditembangkeun ku murid- murid, nyaeta ….


A. Dangdanggula
B. Durma
C. Gurisa
D. Mijil
Teks kanggosoal nomer 12 – 16 ( Sajak )
SUNDA
Karya : Ginulur Nugraha
Dulur,
Pangjagakeun tanah warisan leluhur
Tina pangrobeda jeung tarekahna durujana
Geuingkeun turunan urang nu masih keneh morongkol
Diharudum simbut teu purun

Sunda padungdung tarung


Ngayonan sagala kamunapekan
Tumpes saha- saha nu deleka
Sing taya tapakna
12. Tema dina sajak di luhur, nyaeta ….
A. tanah dulur
B. tanah leluhur
C. tanah sunda
D. tanah warisan

13. Nu dimaksud dulur dina sajak di luhur, nyaeta ….


A. turunan urang
B. masyarakat sunda
C. sakabeh jalma
D. warga nagara

14. Tumpes saha- saha nu deleka. Kecap deleka hartina nyaeta ….


A. bumela
B. ngarawat
C. ngajaga
D. jahat

15. Geuingkeun turunan urang nu masih keneh morongkol. Maksud tina kalimah tadi,
nyaeta ….
A. bere beja sakabeh turunan Sunda nu caricing bae.
B. bere beja sakabeh jalma warga nagara nu geus bumela
C. bere beja sakabeh turunan nu geus numpes saha nu deleka
D. bere beja sakabeh jalma nu teu malire ka lemah cai

16. Pangjagakeun tanah warisan luluhur.


Makna tina frase warisan leluhur, nyaeta ….
A. Imah urang sunda
B. Lingkungan urang sunda
C. Tanah Sunda
D. Nagara Sunda
Lembur Kuring
Karya : Gilang

Endah pisan lebur kuring Manuk- manuk ngahariring


Disawng ti kaanggangan ina tangkal dadap cangkuring
Biru paul pagunungan Deudeuh teuing, deudeuh teuing
Kasimbutan ku halimun Nungguan pare karoneng

Pasawahan upluk- uplak Waas pisan lembur kuring


Patani keur barang pelak tempat endah matak tingtrim
Saban poe ngucur kesang
Engke panen bakal senang Kudu diriksa dijaring
Alam paparin pangeran

17. Kasimpulan nu bener tina puisi diluhur nyaeta ….


A. Alam paparin Pangeran nu teu kudu diriksa
B. Endahna lembur kuring, matak was jeung tingtrim
C. Kasimbutan ku halimun, pagunungan.
D. Waas pisan lembur batur, anu tingtrim

18. Ceuk sajak di luhur, endahna lembur kuring teh disawang ….


A. Ti kaanggangan
B. Ti kacaketan
C. Ti kadeuketan
D. Ti katebihan

19. Kaayaan pasawahan dina puisi di luhur nyaeta ….


A. Biru paul
B. Heureut
C. Lega
D. Upluk- uplak

20. Tema dina puisi di luhur nyaeta ….


A. biru paul pagunungan
B. endahna lembur kuring
C. biru paul pagunungan
D. manuk- manuk ngahariring

21. Titenan teks di handap ieu !


Seueur pisan anu mangaruhan kana kasehatan teh. Nu pangeaketna kana diri
urang, nyaeta katuangan sareng leueuteun. Dina milih katuangan kedah apik, teu
kedah anu anu awis atanapi mewah, nu pentingmah tiasa nyumponan kanggo ka
butuh badan urang. Kitu deui dina leueuteun, kedah milih cai nu baresih tur
ditaheur dugi ka ngagolak. Sok sanaos kiwari seueur leueuteun nu instan.
Namung eta leueuteun teh, tacan tangtos bakal
….
A. Loba disadikaeun di mini market
B. Loba disadikaeun di warung- warung
C. Ngabantu kana karesep urang
D. Nyehatkeun kana awak urang

22. Titenan teks di handap ieu !


Aya sawatara sikep anu kudu dimumule pikeun ngawujudkeun persatuan dina
kaanekaragaman bangsa Indonesia, diantarana wae, (1) ulah ngaremehkeun
seler (suku) bangsa atawa budaya batur, (2) henteu nganggap yen seler bangsa
jeung budayana pangluhurna, (3) narima bangsa nu gede ajena, jeung (4) leuwih
ngutamakeun kapentingan bangsa jeung Nagara ti batan kapentingan pribadi.
Nilai moral positif dina paragraph tadi nyaeta ….
A. Apatisme
B. Demokrasi
C. Tanggung jawab
D. Toleransi

23. Titenan teks wacana di handap !


Asep Sunandar Sunarya tapis pisan dina ngigelkeun sakabeh tokoh wayang,
seperti ngigelkeun Kresna, Arjuna, Bima, jeung Gatotkaca. Utamana mah dina
mintonkeun jeung ngigelkeun panakawan ( Semar, Cepot, Udel, jeung Gareng).
Dina lebah dieu pisan Asep Sunandar Sunarya bisa magunemkeun, atawa
ngigelkeun lamun eta tokoh teh keur tarung ngalawan para raksasa.
Hal nu pantes diconto ti tokoh dina kutipan biografi tadi nyaeta ….
A. Kreatif dina gamajukeun kasanian sandiwara
B. Soson- soson micinta profesi karawitan ku giat latihan
C. Tapis dina merankeun salah sahiji tokoh sandiwara
D. Tekun ngahontal profesi dalang ku ningkatkeun kreatipitas.

24. Urang sarerea ngarasa heran kana …. komputer anu luar biasa. Kecap nu bener
keur ngalengkepan
A. Kacanggihan
B. Kamapuh
C. Ipis biwir
D. Pucuk awian

25. Fathur mah upami cumarios ka sasaha oge teu weleh sopan, daek ngahormat ka
batur. Kecap kantetan atawa babasan nu saluyu jeung kalimah tadi nyaeta ….
A. Ateul biwir
B. Handap asor
C. [pis biwir
D. Pucuk awian

26. Hari paribasa “ Anak Emas “ nyaeta ….


A. Anak bungsu nu dipikanyaah ku kolotna.
B. Anak cikal nu dipikanyaah ku kolotna
C. Budak atawa anak nu dipikanyaah ku kolotna
D. Budak sakola nu dipentaan tulung ku guruna

27.

Cara ngagunakeun alat nu aya dina gambar di luhur, nyaeta ….


A. Colokeun kabel listrik, anteupkeun sina panas, puter tombol power jeung
pengatur suhu.
B. Colokeun kabel listrik, colokeun kabel antenna , puter tombol power,
anteupkeun sina panas
C. Colokeun kabel anteneu, colokeun kabel listrik, puter tombo; power,
anteupkeun sina panas
D. Colokeun kabel anteneu, anteupkeun sina panas, colokeun kabel listrik, puter
tombol power.

28. Titenan urutan pentujuk di handap ieu !

Cara Ngummbah Sapatu

NO KALIMAH
1 Poekeun sapatu nu meunang nyeuseuh, sangkan garing
2 Siapkeun cai saember jeung deterjen sacukupna
3 Sikap sapatu nu meunang ngeueum ku sikat,nepi ka bersih
4 Kumbah/bilas sapatu ku cai nu beresih
5 Keueum sapatu kotor kana cai dina ember make deterjen

Urutan pituduh nyeuseuh sapatu, nyaeta ….


A. 1 – 2 – 3 – 4 – 5
B. 2 – 5 – 3 – 4 – 1
C. 3 – 4 – 5 – 1 – 3
D. 4 – 3 – 1 – 5 – 2

29. Titenan kalimah di handap ieu !

NO KALIMAH
1 Bapak sareng Ibu Guru siap mariksa kabersihan sareng karapihan
muridna
2 Barudak sakola baris di hareupeun kelasna masing- masing
3 Jam 07.00 WIB, bel disada nandakeun asup sakola
4 Murid- murid asup ka kelas masing- masing kayalan tartib, siap diajar

Urutan kalimah- kalimah di luhur sangkan jadi paragraf deskripsi anu padu nyaeta
….
A. 1 – 4 – 3 – 2
B. 2 – 1 – 4 – 3
C. 3 – 2 – 1 – 4
D. 4 – 3 – 2 – 1

30. Titenan kalimah- kalimah di handap ieu !

NO KALIMAH
1 Abdi mantuan ibu nyiapkeun kalengkepan nu bakal dibawa
2 Dinten minggu, abdi sarang kuwarga bade piknik ka kebon binatang
Ragunan
3 Abdi hudang isuk- isuk pisan
4 Samemeh indit, abdi sareng kulawarga sarapan heula.

Urutan kalimah- kalimah di luhur supaya jadi paragraf narasi nu padu nyaeta ….
A. 3 – 4 – 2 – 1
B. 4 – 1 – 3 – 2
C. 1 – 2 – 3 – 4
D. 2 – 3 – 1 – 4

31. Baca teks biantara di handap ieu !


Teu hilap nu kusimkuring … Bapa Pupuhu Komiteu Sakola, Bapak Kapala
Sekola, Bapak miwah ibu guru sadaya, katut rerencangan anu ku sim kuring
dipihormat.

Kecap nu bener keur ngalengkepan biantara diluhur, nyaeta ….


A. dipihormat
B. hormatna
C. dipikahormat
D. hormateun

32. Baca kalimah iklan di handap !

Inget balita sehat


POSYANDU bae
Solusi tepat balita ibu

Maksud iklan di luhur nyaeta ….


A. ajaran ngadegkeun Posyandu
B. ajakan ngabantu Posyandu
C. ajakan mawa balita ka Posyandu
D. ajakan nyehatkeun balita

33. Keur nyegahna erosi, ku cara melakan sapanjang basisir ( pantai ) ku tangkal
mangrup, keur menerkeun kecap nu dicetak miring dina kalimah tadi nyaeta ….
A. abrasi
B. reaksi
C. regresi
D. reboisasi

34. Barudak kelas genep ( lumpat ) muru ka lapangan sakola rek baris. Kecap dina
jero kurung dibere rarangkeun –al-al, jadi …
A. dilumpatan
B. lulumpatan
C. lalumpaatan
D. lumpatan

35. Kalimah nu bener, saluyu jeung ejaan nu digukeunana nyaeta ….


A. Alfi nganggo calan beureum.
B. Buah jambu, saageung bal
C. Caca nuju mengpeun
D. Putri nuju nuang peuyeum

36. Cara nulis kalimah langsung nu bener di handap ieu nyaeta ….


A. Hafis : “Saha nu bade ngiring latihan silat ?”
B. Hafis : “Saha nu bade ngiring latihan silat .”
C. Hafis : “Saha nu bade ngiring latihan silat ,”
D. Hafis : “Saha nu bade ngiring latihan silat !”
37. Ngadegna sim kuring di ieu tempat, bade … minangka wawakil ti rerencengan
murid kelas genep dina acara paturay tineung.
A. nyanggem
B. sanggem
C. nyanggemna
D. sasanggem

38. Yuhana : “Punten,pangyadakeun buku basa Sunda diperpustakaan ….”


Tanda baca nu bener keur mungkas kalimah langsung tadi nyaeta ….
A. koma
B. penyeluk
C. pananya
D. titik

39. Urang dina hirup kumbuh sapopoe, kudu mibanda tatakrama.


Tatakrama teh mibanda harti ….
A. C\campur gaul
B. hirup kumbuh
C. sopan santun
D. sosobatan

40. Dinas pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat ngayakeun Festival Kuliner. Festival
khusus kuliner has Jawa Barat. Tujuanana pikeun ngamumule kadaharan (kuliner)
has Jawa Barat. Dina festival eta sadaya pengunjung tiasa nyobian kadaharan has
Jawa Barat.

Kalimah inti tina paragraph tadi nyaeta ….


A. Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat gayakeun Festival Kuliner
B. Dina festival sadayapengunjung tiasa nyobian kadaharan has Jawa Barat
C. Festival kuliner has Jawa Barat.
D. Tujuanana pikeun ngamumule kadaharan (kuliner) has Jawa Barat.

Anda mungkin juga menyukai