Anda di halaman 1dari 5

KEMENTERIAN AGAMA KABUPATEN BANDUNG

PENILAIAN AKHIR TAHUN ( PAT )


TINGKAT MADRASAH TSANAWIYAH
TAHUN PELAJARAN 2020/2021

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Waktu : 11.30 – 13.00


Hari / Tanggal : Sabtu / 12 Juni 2021 Kelas : VIII ( Delapan )

PETUNJUK UMUM

1. Apabila menjawab dengan jawaban yang keliru/salah, dan ingin memperbaikinya, maka hapuslah jawaban yang benar.
Contoh: pilihan semula b c d dibetulkan menjadi a c d
2. Dahulukan menjawab soal-soal yang anda anggap mudah.
3. Awali dengan membaca Basmalah dan akhiri dengan Hamdalah.

I. Pilih salah satu jawaban di handap ieu anu pangmerenahna.


1. Karangan anu ditulis dina wangun pupuh sarta ditulis dina hiji pupuh wungkul mangrupa wangenan
(pengertian) tina…
a. Pupuh b. Kawih c. Guguritan d. Wawacan
2. Guguritan raket patalina jeung pupuh. Aya sabaraha jumlah pupuh?
a. 15 b. 16 c. 17 d. 18
3. Lantaran kauger ku aturan pupuh, ku kituna dina guguritan téh aya nu disebut guru lagu. Guru lagu téh nya éta…
a. Jumlah engang dina unggal padalisan c. Jumlah hurup dina unggal padalisan
b. Sora vokal tungtung dina unggal padalisan d. Sora tungtung dina unggal padalisan
Titénan guguritan di handap ieu!
Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi kakésrék
Réh ka sepuh parantos ngusir
Takabur sareng diri
Téga nundung sepuh
Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna ngerik
Lir digerihan hinis
Manahna mo’lipur
4. Naon jejer (téma) pupuh di luhur?
a. Ulah jail b. Silih asih c. Silih pikanyaah d. Hormat ka kolot
2.
5. Kacindekan tina rumpaka guguritan di luhur téh nyaéta….
a. Ulah jail kaniaya ka makhluk séjén c. Kudu silih pikanyaah jeung dulur
b. Kudu hormat kana nu jadi kolot d. Silih pikanyaah jeung babaturan
6. Aya sabaraha padalisan pupuh di luhur?
a. 12 b. 2 c. 10 d. 13
7. Kecap takabur miboga harti nyaéta….
a. Adigung/sombong b. Gedé ambekna c. Ngarti kana diri d. Poho kana diri
Titénan guguritan di handap ieu!
Sopan santun singer titih rintih
Sabar handap asor
Getén titén percéka rancagé
Hampang birit apik rikrik gemi
Binékas binangkit
Suhud junun jujur
8. Guru lagu jeung guru wilangan guguritan di luhur nyaéta….
a. 10h-6r-10é-10i-6t-6r c. 12a-7i-6a-7a-8i-5a-7i
b. 10i-6o-10é-10i-6i-6u d. 10i-6r-10é-10i-10t-10u
9. Suhud junun jujur
Maksud kecap junun nyaéta….
a. Kudu sopan ulah sombong c. Teu hésé dititah/daékan
b. Kudu bisa neundeun duit (hémat) d. Kudu bener-bener

10. Anu kaasup kana pupuh sekar ageung nyaéta….


a. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Durma c. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula
b. Kinanti, Balakbak, Asmarandana, Gambuh d. Sinom, Dangdanggula, Magatru, Lambang
11. Patokan pupuh Durma nya éta 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i. Di handap ieu guguritan anu saluyu jeung patokan
pupuh Durma dumasar kana guru lagu jeung guru wilanganana nya éta…

a. Lamun hayang salamet dunya ahérat b. Lamun hayang salamet dunya ahérat
Nurut paréntahna Ulah doraka
Ka kolot kudu bakti Ka kolot kudu bakti
Ulah hésé dititah Ulah hésé dititah
Ulah doraka Nurut paréntahna
Bisina meunang kanyeri Bisina meunang kanyeri
Sangkan salamet diri Sangkan salamet diri

c. Lamun hayang salamet dunya ahérat d. Lamun hayang salamet dunya ahérat
Ka kolot kudu bakti Ka kolot kudu bakti
Nurut paréntahna Ulah doraka
Ulah hésé dititah Ulah hésé dititah
Bisina meunang kanyeri Bisina meunang kanyeri
Ulah doraka Nurut paréntahna
Sangkan salamet diri Sangkan salamet diri

12. Lengkepan guguritan pupuh kinanti di handap ieu!


Kembang ros ku matak lucu (8.u)
Nya alus rupa nya seungit (8.i)
Henteu aya papadana (8.a)
………………………….. (8.i)
………………………… .(8.a)
…………………………. (8.i)
a. Néangan nu amis-amis c. Tapi heurin kunu ulin
Sarupaning bungbuahan Bandung kota keur balanja
Naon baé nu kapanggih Kota kembang salin jinis
b. Ratuning kembang sajati d. Loba nu datang bangbara
Papaés di patamanan Resep kanu seungit-seungit
Seungit manis ngadalingding kembang nu matak lucu
13. Aya sabaraha padalisan pupuh Kinanti di luhur?
a. 6 padalisan b. 8 padalisan c. 7 pdalisan d. 5 padalisan
14. Panata acara sok disebut ogé…
a. Pangjejer b. Protokol c. Panumbu catur d. Narasumber
15. Di handap ieu anu teu kaasup kana jenis acara formal atawa resmi nya éta…
a. Upacara b. Gempungan Sawala c. Rapat d. Péntas Seni Siswa
16. Runtuyan acara dipungkas ku…
a. Pintonan kasenian b. Balakécrakan c. Do’a d. Sasalaman
17. Bédana panata acara/MC jeung panumbu catur/moderator nya éta…
a. Panata acara mah dipilih ku panata calagara, panumbu catur mah ku MC dipilihna
b. Panata acara mah pancénna mandu acara, panumbu catur mah anu nepikeun arahan ka MC
c. Panata acara mah nu muka acara, panumbu catur anu nutup acarana
d. Panata acara mah mandu acara sacara umum, sedengkeun panumbu catur mah biasana mingpin/mandu acara dina
sawala atawa debat.
18. (1) Ngadugikeun runtuyan acara
(2) Milih heula pamilon nu badé ngadugikeun koméntarna
(3) Nyarios kalawan jelas
(4) Acara teu kedah saluyu jeung runtuyan acara
Dua hal anu kudu diperhatikeun ku panata acara nyaéta….
a. 1-2 b. 2-3 c. 1-3 d. 3-4
19. Susun runtuyan acara ieu di handap kalawan merenah!
(1) Bubuka (4) Pintonan seni ti murid-murid kelas VII jeung VIII
(2) Laporan pupuhu panitia paturay tineung (5) Pamasrahan ijasah sacara simbolik ka siswa kelas IX
(3) Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an
a. 1,2,3,4,5 b. 1,3,2,5,4 c. 5,2,3,1,4 d. 1,3,2,4,5
20. “Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, rupina mah acara parantos réngsé, sim kuring atas name pangjéjér acara
ngahaturkeun nuhun kana perhatosanana, hapunten tina samudaya kalepatan….”
Sempalan acara sawala di luhur kaasup kana bagian….
a. Eusi b. Bubuka c. Pangbagéa d. Panutup
21. (1) Salam bubuka
(2) Pangbagéa kanu hadir
(3) Muka acara
(4) Ngahaturan
(5) Umajak kanu hadir pikeun merhatikeun lumasungna acara
Acara anu merenah pikeun runtuyan acara di luhur nyaéta….
a. Acara gempungan atawa rapat c. Acara nyérénkeun pangantén
b. Acara paturay tineung d. Acara miéling muludan
22. “Salajengna sim kuring ngahaturanan Sadérék Syifa Rahmawati kanggo maoskeun ayat suci Al-Qur’an. Sumangga
dihaturanan!”
Ungkara di luhur mangrupa….
a. Nganuhunkeun b. Ngahaturanan c. Nepikeun komentar d. Mungkas acara
23. “Tina sawala urang némbé rupina tiasa dicindékkeun yén anu penting téh nyaéta kasadaran urang ngagunakeun basa
Sunda dina kahirupan sadidinten. Perkawis undak-usuk, naha leres atanapi henteuna dina ngalarapkeunana, teu
kedah janten hahalang. Nu penting urang nyarita ku basa Sunda. Rupina mung sakitu anu tiasa kapidangkeun dina
ieu sawala. Hatur séwu nuhun kana perhatosan sadayana. Wassalamu’alaikum wr. wb.”
Sempalan téks di luhur kaasup kana….
a. Bubuka biantara c. Téks girang acara
b. Mungkas jeung nyindekkeun sawala d. Mungkas acara
24. Dumasar kana sempalan di luhur, jejer anu merenah pikeun sawala di luhur nyaéta….
a. Ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. c. Basa Sunda téh hésé
b. Undak-usuk basa Sunda d. Nyarita maké basa Sunda
25. Di handap mangrupa unsur intrinsic carpon, iwal….
a. Téma b. Palaku c. Rasa d. Latar
Carpon pikeun nomer 26- 28
Harita di kelas, nalika abdi ngasongkeun artos tilu rébu rupia, Pa Guru teu langsung nampi, malah
anjeunna neuteup. Réréncangan sakelas ogé arolohok. Pa Guru cangcaya ka abdi pédah rék nyumbang ka bencana
kalaparan di Irian Jaya saageung kitu, da réréncangan anu sanésna mah nyumbang paling ageung lima ratus rupia.
Si Ferry jeung Si Tini malah muji abdi cenah lobah duit pédah bapa abdi kepala bank. Atuh, dikitu-kitu abdi rebéh
irung katambah dibéwarakeun ku Bapa Guru yén abdi nyumbang pangageunna, réréncangan kaleprok muji abdi.
26. Palaku utama dina carpon di luhur nyaéta….
a. Fery b. Tini c. Abdi d. Pa Guru
27. Kecap rebéh irung dina wacana di luhur ngandung harti….
a. Bungah lantaran meunang pamuji c. Percaya diri
b. Irungna rebéh d. Hayang dipuji baé

28. Latar tempat carpon di luhur nyaéta di…..


a. Imah b. Sakola c. Lapangan d. Kelas
Baca sempalan carpon di handap!
Tukang Ngala Suluh
Aya urang gunung imahna di sisi leuweung, nu hiji ngaranna Samin. Ari pagawéanna ngajualan suluh ka pasar,
beunang ngala ti leuweung. Tapi ngalana téh ngan di sisina baé, da ka jerona mah teu kadarugaeun, di jero
leuweungna loba sato garalak. Ari imahna téh teuing ku leutik jeung butut deuih, hateup eurihna gé geus témbong
lalangit.
Pakasaban ngala suluh téh teu mahi kana kaperluan sapopoé, nyeungeut damar ogé endap-endap. Puguh
ngarasa ripuh mah, tapi teu bisa ganti usaha, sabab ngan sakitu nu dipikabisa ku Udin jeung Samin. Teu bisa ganti
gawé lantaran sakolana teu luhur ngan nepi SMP, kana ngala suluh gé neruskeun pagawéan kolotna.
29. Tina sempalan carpon di luhur kumaha kaayaan Udin jeung Samin téh?
a. Bungah ku kaayaan dirina c. Pasrah sumerah kana kaayaan
b. Ngarasula kana kaayaan d. Keuheul kana kaayaan dirina
30. Amanat sempalan carpon di luhur nyaéta….
a. Ulah pundah pindah pagawéan c. Kudu sakola ngarah bisa néangan gawé
b. Pasrah bari sabar ngajalankeun pagawéan d. Kudu buru-buru néang pagawéan anyar
31. Hal anu penting dina nyusun laporan kagiatan nyaéta….
a. Nyebutkeun waktu jeung tempat kagiatan lalampahan
b. Méré nilai ka pamilon anu tertib dina ngalaksanakeun kagiatan
c. Baju nu bakal dianggo ku pamilon jeung pembimbing
d. Biaya nu bakal dikaluarkeun dina lumangsungna kagiatan
32. Ieu wisata budaya diayakeun kalawan tujuan 1) sangkan para siswa wanoh kana adat kabiasaan di Kampung
Mahmud, 2) sangkan para siswa bisa ngajénan kana budaya nu hirup di éta wewengkon, 3) sangkan para siswa boga
tekad jeung sumanget pikeun miara banda budaya titinggal karuhun.
Sempalan di luhur kaasup kana bagian….
a. Kasang tukang b. Pamilon c. Tujuan kagiatan d. Waktu jeung tempat kagiatan
Baca sempalan laporan kagiatan di handap!
Dina poé Senén tanggal 5 November 2020 MTsN Cianjur ngayakeun kagiatan study tour ka situs Gunung
Padang, ieu kagiatan téh dilaksanakeun ku murid kelas VIII hususna ditambah ku guru salaku pembimbing. Pamilon
study tour kumpul di MtsN Cianjur jam 07.00 WIB. Ti dinya pamilon diabsén teras lebet kana bus masing-masing.
Salami perjalanan pamilon dipasihan lembar kerja anu bakal dieusian. Jam 07.30 WIB rombongan study tour
arangkat ka situs Gunung Padang, dugi ka anu dituju jam 09.00 WIB teras pamilon kempel heula dipassihan
pengarahan ku guru pembimbing kanggo niténan situs Gunung Padang. Tabuh 11.30 pamilon istirahat kanggo solat
sareng tuang.
33. Tina sempalan laporan kagiatan di luhur gagasan utamana nyaéta…..
a. Jadwal kagiatan study tour c. Tempat nu bakal dituju study tour
b. Biaya nu kedah dikaluarkeun kaggo kagiatan d. Waktu lumangsungna study tour
34. Kagiatan study tour MtsN Cianjur tempat tujuanna nyaéta….
a. Ka kota Padang c. Ka situs Gunung Padang
b. Ka Gunung Gedé Pangrango d. Ka Museum kota Padang
35. Kagiatan anu dilaksanakeun ku MtsN Cianjur nyaéta….
a. Study tour b. Kerja kelompok c. Piknik sakola d. Jalan-jalan

I. ESSEY
36. Baca guguritan di handap ieu!
Sipat jalma adat masing-masing
Nu rajin nu getol
Nu balabah soméah daréhdéh
Wijaksana tulatén gumati
Lantip amis budi
Ampuh lungguh timpuh
Sebutkeun guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur!
37. Sebutkeun tugas utama jadi panata acara, paling saeutik dua!
38. Jieun conto panutup acara dina sawala!
39. (1) Sarkawi diuk ngalungsar. (2) Beungeutna lir beusi atah beuleum alatan kapentrang panon poé. (3) Hiji mangsa
Sarkawi ngarasa kacida capéna. (4) Panonna neuteup kana lebah panon poé. (5) Keur kitu jol jorojoy manéhna
hayang nginum saregot mah.
Susun kalimah acak di luhur jadi sempalan carita pondok!
40. Dina kaping 15-17 September 2020 MTs Mekararum ngayakeun karya wisata ka Yogyakarta anu tujuanna nyaéta
dina raraga study tour. Tempat anu dijugjug téh nyaéta 1. Museum Dirgantara 2. Masjid Karaton 3. Malioboro 4. 4.
Hotél Matahari jeung 5. Candi Borobudur. Jam 17.00 pamilon kempel di sakola kanggo persiapan, jam 20.00
ngawitan mios ka Yogja jam 23.00 istirahat di Rajapolah…
Jieun laporan kagiatan dumasar kana catetan-catetan di luhur!

Anda mungkin juga menyukai