Anda di halaman 1dari 7

MTs.

AL-HIDAYAH CUKANGKAWUNG
ASESMEN SUMATIF AKHIR SEMESTER (ASAS)
TAHUN PELAJARAN 2023/2024

Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA


Kelas / Semester : VIII /Ganjil
Hari / Tanggal : ..........................
Waktu : .........................

PETUNJUK UMUM:
1. Jawaban dikerjakan pada lembar jawaban yang disediakan baik untuk jawaban pilihan
ganda maupun jawaban uraian.
2. Pergunakan pensil hitam yang lunak atau balpoint untuk mengisi pada lembar
jawaban.
3. Apabila menjawab dengan jawaban yang keliru/salah, dan ingin memperbaikinya,
maka hapuslah jawaban yang keliru itu dengan karet penghapus pensil, kemudian
hitamkan bulatan lain sesuai dengan jawaban yang benar.
4. Apabila keliru mengerjakannya dengan balpoint, garislah dengan dua garis mendatar
pada jawaban yang keliru itu, kemudian hitamkan bulatan lain sesuai dengan jawaban
yang benar.
5. Dahulukan menjawab soal-soal yang anda anggap mudah
6. Awali dengan membaca Basmalah dan akhiri dengan membaca Alhamdulillah.

I. Pilihlah salah satu jawaban yang paling tepat, dengan menghitamkan bulatan
jawaban pada huruf a, b, c, dan d pada lembar jawaban yang disediakan.

1. Puisi anu sok dikawihkeun disebut...


a. Tembang
b. Lagu
c. Nyanggi
d. Rumpaka kawih

2. Perbedaan kawih jeung tembang nyaeta...


a. Kawih mah teu kauger ku rupa-rupa aturan, tembang mah kauger kuaturan nyaeta
aturan pupuh
b. Tembang mah lalaguan jaman kiwari, Kawih mah lalaguan jaman baheula
c. Kawih mah tradisional, tembang mah modern
d. Kawih mah make sinden, tembang mah menang kusaha wae

3. Guguritan nyaeta karangan pondok nu ka uger ku patokan ...


a. Kinanti
b. Sinom
c. Asmarandana
d. Pupuh

4. Karangan panjang nu ka uger ku patokan pupuh nyaeta ...


a. Sekar Ageung
b. Sekar Alit
c. Wawacan
d. Pupuh

Soal no. 5 nepi ka no. 9


Penggalan Rumpaka Kawih
Padataran tatar Sunda
Nu aya di Jawa Barat
Kakoncara lalega ku pasawahan
Pangkal perjuangan
Sagala nu moal ilang
Dipinding kabudayaan
Nanjeurkeun Kota Karawang

5. Judul rumpaka kawih diluhur nyaeta...


a. Kota karawang
b. Tatar Sunda
c. Karawang
d. Kota Perjuangan

6. Rumpaka Kawih Sunda di luhur ngandung Jejer/tema...


a. Kaendahan Alam
b. Kabudayaan
c. Pangkal perjuangan
d. padataran tatar Sunda di Kota Karawang

7. Rumpaka kawih diluhur eusina nyaritakeun....


a. Kaendahan alam
b. Nyaah ka sasama
c. Nyaah ka lemah cai
d. Pasipatan jalma

8. Padataran tatar sunda ngabogaan harti....


a. Nagara Sunda
b. Kota Sunda
c. Tempat wilayah sumebarna adat serta budaya Sunda nu dicicingan ku urang
Sunda
d. Tempat wilayah sumebarna adat serta budaya Sunda jeung budaya sejenna

9. Aturan guru lagu jeung guru wilangan dina rumpaka kawih di luhur nyaeta....
a. 8a-8a-12n-6n-8a-8a-8a
b. 8a-8a-12a-6a-8a-8a-8a
c. 8a-8t-12a-6n-8a-8a-8a
d. 8a-8a-12n-6an-8a-8a-8ang

10. Nu kaasup kecap rajekan dwireka, nyaeta..


a. Sesepak
b. Sababaraha
c. Umat – imut
d. Jalma – jalma
11. Warta teh nyaeta katerangan atawa beja anu ditepikeun ka...
a. Balarea
b. Pribadi
c. Kelompok
d. Kulawarga
12. Mobil pikeup anu ditumpakan ku karyawan pabrik aci tabrakan jeung bis hebring ,
unsur berita anu digunakeun nyaeta..
a. Kumaha
b. Iraha
c. dimana
d. Naon

13. Jenis media massa nu digunakeun pikeun nepikeun warta di koran atawa di majalah ...
a. Internet
b. Google
c. citak
d. Elektronik

14. Kajadian nu bisa dijadikeun warta teh nyaeta kajadian...


a. Anu dianggap penting pikeun Urang
b. Anu dianggap penting pikeun keluarga Urang
c. Anu dianggap penting pikeun pemingpin
d. Anu dianggap penting pikeun balarea

15. Dina seuhseuhanana warta teh dijeun dina wangun....


a. Lisan
b. Tinulis
c. Kajadian
d. Carita

16. Eusi warta teh kudu netral, maksudna...


a. Teu menang mihak ka pamingpin
b. Teu menang mihak ka balarea
c. Teu menang mihak ka salah sahiji pihak
d. Teu menang mihak ka nu boga mediana

Warta longsor dipasawahan warga


.......................
Tina kajadian ieu, sakedikna hiji warga pupus anu jenenganna bapa Sobri tukang
kuli macul, sareng opat warga sanesna kudu di candak ka cimande kusabab tulang
panangana pateuh katinggang urug
........

17. Upama ditilik tina adeganana, warta diluhur teh asup kana bagian......
a. puhu warta
b. Katerangan warta
c. eusi warta
d. Tema warta
18. Nu ngabedakeun warta dina majalah jeung dina televisi nyaeta...
a. Naskahna, waktu siarna, jeung jam kerjana
b. Naskahna, Tulisanana, jeung beritana
c. Cara nulisna, peristiwana, jeung tujuanana
d. Temana, waktu siarna , jeung tanda bacana

Kabakaran lumangsung di pasar Jatisari, selasa sore (10/02-2020) kajadian ieu


nyieun panik, sakabeh padagang tarekah nyalametkeun barang daganganna.
19. Informasi nu rek ditepikeun dina warta di luhur nyaeta....
a. Kabakaran nyieun panik sakabeh pedagang
b. Padagang nyalametkeun dagangannana
c. Kabakaran di pasar jatisari
d. Kajadian kabakaran tanggal 10/02/2020

20. Kalimah nungandung kalimah pagawean nyaeta....


a. Kabakaran lumangsung di pasar Jatisari
b. Kajadian kabakaran nyieun panik sakabeh pedagang
c. Sakabeh padagang tarekah nyalametkeun daganganana
d. Salasa sore kajadian kabakaran

21. Wangun karya sastra nu diwangun ku cangkang jeung eusi disebut....


a. Guguritan
b. Kakawihan
c. Sisindiran
d. Pupujian

Kamari kuring diurut


Diurutna ka mang aleh
Ka Indung Bapak kudu nurut
Supados janten budak soleh
22. Wangun sisindiran di luhur kaasup kana...
a. Rarakitan
b. Paparikan
c. Wawangsalan
d. Kakawihan

23. Belut sisit saba darat


Kapiraray siang wengi
Wangsalna.....
a. Belut
b. Bamgkong
c. Kadal
d. Oray

Rarasaan ka Cilembang
Teu nyaho ka Cibaduyut
Rarasaan awak lenjang
Teu nyaho awak gendut

24. Ditilik tina eusina sisindiran di luhur kaasup kana....


a. Sesebred
b. Piwuruk
c. Silih Asih
d. Banyol

Soal pake nomer 25 nepi ka no. 27


Hayang teuing kueh bugis
Teu bisa ngasakanana
Hayang teuing ka nu geulis
Teu bisa ngakalanana
25. Dumasar kana wangunana, sisindiran di luhur kaasup kana wanda....
a. Kakawihan
b. Rarakitan
c. Paparikan
d. Wawangsalan

26. Dumasar kana jumlah guru wilangan unggal jajaran dina sisindiran di luhur diwangun
ku.....engang
a. Genep
b. Dalapan
c. Salapan
d. Tujuh

27. Jumlah padalisan sisindiran di luhur di wangun ku.......padaliasan


a. Dua
b. Tilu
c. Opat
d. Lima

28. Hayang teuing buah bugis


Teu bisa ngasakanana
Penggalan sisindiran di luhur di sebut....
a. Eusi
b. Cangkang eusi
c. Cangkang
d. Eusi cangkang

29. Hayang teuing kanu geulis


Teu bisa ngakalanana
Penggalan sisindiran diluhur di sebut.....
a. Cangkang
b. Eusi
c. Cangkang eusi
d. Eusi cangkang

30. Wangun sisindiran wawangsalan dina satiap padana di wangun ku.......padalisan


a. Dua
b. Tiga
c. Empat
d. Lima
31. Artikel teh karangan dina koran atawa majalah anu eusina.....
a. Subyektif
b. Konotasi
c. Obyektif
d. Deotasi

32. Nilik kana eusina, artikel teh kaasup kana karangan.....


a. Non ilmiah
b. Sastra
c. Ilmiah
d. Fiktif

33. Nu ngabedakeun artikel jeung karangan sastra sejena nyaeta.....


a. Puguh teorina
b. Dumasar imajinasi
c. Dumasar daya hayal
d. Loba fiktifna

34. Eusi artikel mah kacida pisan bedana jeung eusi karya sastra lianna, sabab eusi artikel
mah kudu....
a. Luyu jeung imajinasi
b. Ngandung unsur kaendahan
c. Bisa dipertanggung jawabkeun
d. Mangrupa kritik

35. Di handap ieu conto kalimah nu ngandung harti gaya basa eufimisme, iwal...
a. “Ibu punten Abdi nyuhunkeun widi bade ka pengker.”
b. Bentang ngiceupan ka sim kuring nu keur ngahariring
c. Kurdi mah kirang pisan dina matematikana
d. Ki Asung kirang dangu kumargi tos sepuh

36. “Ibu punten Abdi nyuhunkeun widi bade ka pengker.”


Kecap ka pengker dina kalimah diluhur ngandung harti...
a. Ka dapur
b. Ka tukang
c. Ka jamban
d. Ka buruan

37. Sangkan gampang kahartina ku nu maca, basa dina artikel kudu.....


a. Merhatikeun sopan santun
b. Ditulis dina kalimah anu pondok
c. Disusun secara ilmiah
d. Komunikatif

Soal pikeun no. 38 nepi ka 40

PENCA
Di urang mah moal aya nu birek deui kana penca teh. Sok aya oge anu nyebut
ulin, ameng, maenpo, atawa silat. Malah loba oge anu nyebut penca silat.
Dina penca teh ngandung rupa-rupa unsur. Ku urang bisa disawang tina jihat
olah raga, kasenian, atawa palasipahna. Kitu deui lebah kagunaanna. Penca teh bisa
dipake pikeun miara kasehatan, lamun dipatalikeun jeung unsur olah ragana. Bisa
dipake pintonan anu nembongkeun kaendahan gerak jeung wirahma, anu
ngawengku seni ibing, seni karawitan, jeung seni ngagunakeun pakarang. Lamun di
sawang tina jihat palasipahna, penca teh gede mangpaatna pikeun atikan
kapribadian, anu ceuk istilah populer kiwari mah ngawangun karakter.

38. Jejer dina artikel di luhur nyaeta.....


a. Penca
b. Penca ngandung unsur olah raga, kasenian, jeung palasipah
c. Penca ngawangun atikan kapribadian
d. Kaendahan gerakan penca

39. Ditilik tina struktur pola pengembangan tulisan artikel di luhur ngagunakeun pola......
a. Khusus
b. Umum
c. Khusus Umum
d. Umum Khusus

40. Penca silat kaasup kana wanda seni......


a. Seni tari
b. Seni karawitan
c. Seni sastra
d. Seni bela diri

Soal Essay

41. Naon bedana Kawih jeung Tembang?


42. Sebutkan patokan Pupuh Durma !
43. Guguritan the nyaeta ……
44. Sebutkeun unsur-unsur teks warta !
45. Bere conto sisindiran !

Anda mungkin juga menyukai