Anda di halaman 1dari 6

Jawab sakur pananya di handap ku cara milih salah sahiji jawaban antara a, b, c, d, jeung e anu

dianggap pangbenerna !

1. Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatu,


Hadirin anu sami-sami linggih, hadirin kersaning Gusti Nu Maha suci, urang tiasa patepung
lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara teh lungsur langsar kahontal sagala anu
dipimakusd. Aaamiiin.
Ngadegna ieu sim kuring dina danget ieu payuneun para sepuh miwah para tamu anu sami
rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang.
ungkara basa dina sempalan wacana di luhur kaasup kana kelompok………………
a. paguneman c. sisindiran e. artikel
b. biantara d. essay
2. supados teu ngangkolong teuing kana waktos, mangga ayeuna urang lajengkeun kana acara anu
kadua nya eta galindengna ayat suci Al-Quran, anu bade didugikeun ku Saderek Sobri Hasobri. Ungkara
ieu mangrupa bagian tina ucapan anu biasana ditepikeun …………….
a. Panata calagara
b. Panata lampu
c. Pupuhu kagiatan
d. Panata acara
e. panumbu catur
3. Kamari waktu Minah datang ka imah babaturanana, dijalan manehna dipegat ku dua urang lalaki
anu dedeganana pikasieuneun, beungeutna bosongot, pangawakana gede, malah halisna ge meni
ngajareblag kawas hileud. Minah gura-giru leumpangna teh sabab ngarasa sieun nempo lalaki anu kawas
kitu. Barang gok datang ka buruan imah babaturana, dua urang lalaki tadi bet milu asup, singhoreng teh
masih keneh kulawarga babaturana.
nilik tina wacana di luhur pangarang teh salaku……….
a. jalma kahiji d. jalma kaopat
b. jalma kadua e. jalma kalima
c. jalma katilu
4. Barudak jaman ayeuna mah geus loba kapangaruhan ku gaya hirup moderen tea, teu saeutik anu
nyandu kana internetan, nya dek teu kataji kumaha ku anu disebut ngarana dunia maya, da gening
sagala fasilitas na bisa muaskeun nu ngagunakeuna, ti mimiti hiburan, gaya hirup, barang-barang
mewah, jual beuli, malah gening anu ngajomantara pisan mah facebookan jeung twitteran tea, malah
lain sawates eta wungkul gening aya akses-akses sejenna anu teu kawilang lobana.
nilik kana eusina wacana di luhur kaasup………….
a. carpon d. essey
b. dongeng e. wawacan
c. artikel
5. jejer dina wacana di luhur nya eta………….
a. gaya hirup moderen d. sagala fasilitas di internet
b. pangaruh dunia maya e. facebook jeung twitter
c. kacanduan internet
6. Dina wacana di luhur aya kecap ngajomantarakeun, harti tina eta kecap nya eta………….
a. ngaronjatkeun d. ngaleungitkeun
b. ngamajukeun e. mendunia
c. mayukeun
7. Di handap ieu mana anu mangrupa cara panulisan kalimah langsung nu bener?
a. “ urang mah moal jadi ah ka latihan karinding teh, hujan wae tuh da.”ceuk Budi ka babaturanana
b. Jang, isukan tea jadi teu latihan karinding teh? “si Sobri nanya ka babaturanana”
c. Bud, jigana jadi lah ka latihan karinding teh.
d. “Bu, pokona mah enjing saur Bapa Kapala sakola kedah ka sakola, Maman ngajak ka indungna”
e. dinten Jumaah kamari mah pere sakola teh,sabab guru-guru na upacara.
8. Maneh mah dasar si kabayan, daek we sok sanajan euweuh mangfaatna oge……..kecap anu dicetak
miring ngandung harti………….
a. teu boga pikiran d. tukang ngaladenan
b. teu boga rarasaan e. tukang dititah kaditu-kadieu
c. teu boga babaturan
9. mana kalimah di handap anu ngandung gaya basa mijalma………..
a. si gantar mah moal hese lamun miluan voli teh
b. angin ngaharewos waktu kuring keur cicing sisi walungan
c. si Mamah ngaharewos ka Bapa cenah menta dipangmeserkeun baju
d. pantes we da manehna mah anak buah Pa Jujun
e. Mang Ulis naek kana tangkal buah bari mamawa gantar
10. Di handap ieu mangrupa kalimah anu ngandung gaya basa hiperbola, iwal ti…………
a. kamari mah futsal teh kesang meni teu kaluar
b. basa jalan-jalan ka pines kesang ngaragajag asa dipeureut
c. hawa awak ngadak-ngadak kaduruk waktu ningal manehna keur duduaan
d. beungeutna asak siga beusi meunang meuleum basa keur parea-rea omong
e. ngabelaan kulawargana mang Udin digawe teh indit isuk balik subuh
11. Anu mangrupa gaya basa lalandian anu bener nya eta…………..
a. Hj. Wiwi teh bentang masjid ayeuna mah
b. Neng Ratih bade angkat ka tanah suci
c. Mang Suryana jadi juara lomba nyieun batagor
d. Bi Yuyun bakal datang ka Jakarta
e. isukan mah moal ka sakola da aya rapat di kulawarga
12. Nanya :”sakumaha anu kauninga ku Bapa, Ieu warung teh teu acan kantos sepi ti pelanggan,
kumaha tah numutkeun Bapa salaku pangusaha supados para padagang teh tiasa sukses
dina usahana?”
Jawab :”eta mah kumaha kaseriusan sareng kerja keras ti unggal padagang, kedah ngayakeun
inovasi anu enggal, kedah angger pami nyadiakeun hiji produk teh, ulah dikurangan
pangpangna mah.”
Wacana di luhur mangrupa conto……………
a. Wawaran c. wawancara e. drama
b. dialog d. biantara
13. Lamun urang rek ngawawancara, urang kudu apal heula……………..
a. gurat badagna materi anu diterangkeun ku narasumber
b. gurat badagna katerangan anu dicatetkeun salila wawancara
c. gurat badagna materi anu bakal ditanyakeun ka narasumber
d. gurat badagna hasil wawancara anu rek dimuat dina Koran atawa majalah
e. gurat badagna informasi ngeunaan narasumber nu bakal diwawancara
14. sangkan meunang bahan anu lengkep ti narasumber, alusna mah…….
a. materi nu rek ditanyakeun disusun heula
b. pertanyaanana mah kumaha narasumber wae
c. nanyana spontan jeung sakaingeut
d. teu kudu nyiapkeun nanaon da wawancarana di tempat narasumber
e. narasumberna anu ku urang bener bener apal
15. Dina prak na ngawawancara, urang kudu sonagar.
kecap sonagar ngandung harti………..
a. teu boga kaera d. teu eraan
b. ngersakeun batur e. ngarakeun diri sorangan
c. eraan pisan
16. saena mah urang ayeuna mios teh supados enjing keneh. Pami tos siang mah kabujeng
panas.Ungkara ieu teh eusina nuduhkeun…………..
a. nitah c. ngabejaan e. ngajak
b. nyaram d. nyarekan
17. kalimah parentah anu maksudna nyaram nya eta……………
a. pangnyimpenkeun buku basa Sunda kana lokerkeun!
b. mun sarepna kade tong cicing wae di luar!
c. hayu lah urang ayeuna ka Lembang teh!
d. tiheula wae Min, abdi mah bade ka pasar heula!
e. supaya teu kabeurangan wae, sok ayeuna indit na!
18. Anu mangrupa kalimah wangun gramatikal nya ete……………
a. Nyi, pangnyandakeun sapu!
b. ti kamari si Bapa mah ngan momobilan weh hantem, bulak-balik matak lieureun nu nempo.
c. sare teh tong di tengah imah,teu pantes katempona.
d. urang saragamkeun weh buku teh sampulna warna beureum
e. gambar dina sampul buku basa Sunda asa kurang payus
19. kalimah anu ngandung harti heureut nya eta………….
a. kembang teh meni seungit ngahiliwir.
b. kadaharan naon wae lamun diasakana bener mah pasti moal ngabahayakeun
c. nu dagang asakan teh mawa daganganana disuhun
d. kandaraan teh ayeuna mah marahal
e. sakola nu alus mah disiplina nomer hiji
20. Di handap mangrupa kecap-kecap anu geus di rarangkenan Nasalisasi (N-), iwal ti……………
a. ngadadak c.ngadat e. paok
b. ngayakeun d. ngacay
21. teu puguh monyet hideungna
asa teu puguh tungtungna
(………………)
wangsalna atawa eusina tina wawangsalan di luhur nya eta…….
a. jalma hideung c. lutung e. monyet anu tungtung
b. monyet buntung d. momonyetan

22. ngala jambu di buruan


diwadahan kana baskom
lamun urang digeroan
gancang datang mawa oncom
eusi tina sisindiran di luhur mangrupa…………..
a. silih asih c. sesebred/banyol e. kadaharan
b. piwuruk d. kaagamaan
23. Dina hiji peuting jempling nu karasa ukur sora angin nu nyulusup kana sela-sela jandela kamar,
wwwuuushhhh karasa tiis kana punduk, di luar katempo aya nu mencrong kana jero jandela……
wacana di luhur mangrupa bagian tina drama anu mangrupa…………..
a. monolog d. prolog
b. epilog e. trilog
c. dialog
24. suasana anu kagambar dina sempalan wacana di luhur nya eta…………
a. pikaseurieun c. pikabungahuen e. pikawatireun
b. pikasieuneun d. pikaendaheun
25. riwayat hirup anu ditulis ku batur disebut…………..
a. biografi c. geografi e. etnogeografi
b. abiografi d. otobiografi
26. nganilai hiji buku kalayan digali kahengkeran jeung kaunggulanana disebut…………
a. nalungtik buku c. meuli buku e. nguji eusi buku
b. ngaresensi buku d. ngolah buku
27. magelarkeun hiji carita wayang kalayan dideudeul ku rupa-rupa iringanana disebut………..
a. wawayangan c. wayang e. ngawayang
b. carita wayang d. diwayangan
28. Dongeng anu nyaritakeun kahirupan baheula sarta ngandung sajarah disebut……….
a. fabel c. legenda e. sage
b. farabel d. mite
29. Anu lain mangrupa ciri-ciri tina dongeng nya eta…………
a. aya pangarangna
b. nyebarna sacara lisan
c. loba unsur pamohalan
d. mangrupa carita balarea
e. teu kapanggih saha nu ngarangna
30. KOTA BANDUNG
kota Bandung
tempat genah jeung merenah
kiwari heurin ku tangtung
heurin ku jalma sarakah
lemah endah
pinuh ku limbah jeung polusi
Cikapundung bangun nguyung
Citarum ge humarurung
caina pinuh ku runtah
hayu urang mulangkeun Bandung
hayu urang teang kota Bandung
kuring jeung anjeun
nu kudu miara jeung mulasara

Jejer (tema) sajak di luhur nyaeta………..


a. kota Bandung kiwari c. ngajak jeung miara kota Bandung e. Bandung heurin
b. kaayaan kota Bandung d. kota Bandung nu endah
31. Cikapundung bangun nguyung. Kecap nu mibanda harti konotatif nya eta………
a. Cikapundung c. Nguyung e. cai
b. Bandung d. pundung
32. Rasa nu nyampak sabada maca eta sajak nyaeta…………
a. prihatin c. gumbira e. suka bungah
b. guligah d. hariwang
33. Hayu urang mulangkeun Bandung.
kecap mulangkeun ngandung harti………
a. nganteurkeun kota Bandung d. ngajajapkeun deui Bandung
b. malikeun deui kota Bandung e. ngajak deui Bandung
c. ngajadikeun deui kota Bandung jadi kota kembang
34. tadi peuting hujan meni gede pisan, matak pantes pare pelakna Abah……………ku cai hujan
a. rarubak c. rarebah d. paraeh
b. marurag d. rarebeh
35. Bah, ka pasar teh engke lah wanci pecat sawed nya?naon sababna disebut pecat sawed………….
a. munding keur dileupaskeun sawedna d. patani keur sumanget gawe
b. munding keur meujeuhna motah e. waktu keur panas poe
c. patani keur reureuh heula
36. di handap anu kaasup kana kecap rajekan dwipurwa nya eta………….
a. sasakolaan c. indit-inditan e. kasarean
b. imah-imahan d. kabogohan
37. . anu mangrupa harti heureut tina kecap ngasakan kadaharan nu bener nya eta…………..
a. numis, masak, naheur, ngagodog
b. dikulub, diseupan, digoreng, dibubuy
c. disayur, disamaraan, dipoe, didadarkeun
d. dihearkeun, ditumis, diseupan, dibikeun
e. digoreng, dipoe, dihuapkeun
38. Neng Wati mah sakur nempo babaturana mawa tuangeun sok kabitaan wae. Paribasa nu merenah
pikeun ungkara ieu nya eta………….
a. letah panjang c. gado letaheun e. babari kabita
b. laer gado d. letah rarasaeun
39. Engkus : “Jon urang nyakseni Indonesia Mencari Bakat yu!”
Jono : “aaaah moal ah, abdi mah dek milarian inspirasi heula ah.”
Engkus : “lah meni balaga Jon, emangna aya tugas naon?”
Jono : “tugas basa Sunda atuh, nyieun naskah biantara ke digunakeun dina ujian praktek.”
Engkus : “alah bener Jon, abdi poho, da soalna kalah ka ingeutna ka Sandrina jeung Joshua
Pangaribuan.”
ungkara di luhur mangrupa…………
a. wawancara
b. bobodoran
c. biantara
d. paguneman
e. gerentes hate
40. jejer (topik) utama dina wacana di luhur nya eta…………..
a. tugas basa Sunda
b. Indonesia Mencari Bakat
c. Pangaresep hiji jalma beda beda
d. Pangaresep nu nyababkeun poho kana kawajiban
e. neangan inspirasi pikeun tugas

2. Esey!S

Jawab sakur pananya di handap sing jentre!

1. Jelaskeun naon anu dimaksud panumbu catur!

2. Sebutkeun tugas utama panumbu catur!

3. Jelaskeun naon anu dimaksud dongeng!

4. Tuliskeun huruf vokal dina aksara Sunda (7)!

5. Jelaskeun kumaha akibatna lamun di sakola-sakola bahasa jeung budaya Sunda teu dipake deui!

Anda mungkin juga menyukai