Anda di halaman 1dari 10

UJIAN SEKOLAH

BAHASA DAN SASTRA


SUNDA

SMP/MTs

UTAMA

Tahun 2021/2022

“Jujur téh sumber kabagjaan." US - B.S SUNDA - UTAMAkaca 1 tina 12


PEMERINTAH KABUPATEN KUNINGAN
DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN
UJIAN SEKOLAH
SMP/MTS NEGERI/SWASTA
TAHUN PELAJARAN 2020/2021

LEMBAR SOAL

Mata Pelajaran : Bahasa dan Sastra Sunda


Satuan Pendidikan : SMP/MTs
Hari, Tanggal : Selasa, 24 Mei 2022
Alokasi Waktu : 60 Menit
Dimulai Pukul : 09.00 WIB
Diakhiri Pukul : 10.00 WIB

Petunjuk Umum
1. Tulis identitas Peserta US yang meliputi Nama Peserta, Nomor Peserta, Nama
Mata Ujian, pada kolom yang disediakan.
2. Periksa dan bacalah soal-soal sebelum anda menjawabnya.
3. Laporkan kepada pengawas ujian, jika terdapat tulisan yang kurang jelas,
rusak atau jumlah soal kurang.
4. Jumlah soal sebanyak 20 butir dengan rincian;Pilihan Ganda 8 butir, Pilihan
Ganda Kompleks 4 butir, Menjodohkan 2 butir, Isian Singkat 1 butir, Uraian
5 butir.
5. Petunjuk dan keterangan bentuk soal :
a. Pilihan Ganda : Pilihlah salahsatu jawaban yang paling benar
b. Pilihan Ganda Kompleks : Pilihan jawaban bisa lebih dari satu
c. Menjodohkan : Jodohkan pernyataan pada bagian A dengan jawaban yang
tepat pada bagian B
d. Isian Singkat : Jawab dengan singkat dan jelas sesuai petunjuk soal
e. Uraian : Jelaskan jawaban dengan baik dan benar
6. Dahulukan mengerjakan soal yang anda anggap mudah.
7. Periksalah pekerjaan anda sebelum diserahkan kepada pengawas ujian.

“Jujur téh sumber kabagjaan." US - B.S SUNDA - UTAMAkaca 2 tina 12


1. Pilihan Ganda

Ilo sing gemet ieu sempalan biantara di handap!


Diayakeunana ieu acara téh minangka tawis panghormat sareng pangajén ka
Ibu Dewi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina mah dina widang atikan.
Jalaran kitu, sim kuring umajak ka sadayana, sumangga ieu kagiatan téh
urang mangpaatkeun kanggo ngarojong cita-cita sareng udagan urang
sadaya. Ka sakumna patandang dina acara pasanggiri, sim kuring
ngadugikeun wilujeng tandang makalangan.

Dumasar sempalan biantara anu ditepikeun di luhur, wanda jeung kasang


tukang éta kagiatan nya éta ….
a. Pangémut-ngémut ka Ibu Rd. Dewi Sartika anu sakitu ageung jasana
b. Pasanggiri dina raraga miéling dibabarkeunana Ibu Rd. Dewi Sartika
c. Upacara panghormat ka Ibu Rd. Dewi Sartika
d. Gempung sukuran réhna diayakeun pasanggiri

2. Pilihan Ganda
Rupa-rupa pakeman basa diantarana, bababasn nya eta kecap atawa gundukan
kecap anu ngandung herti injeuman atawa kiasan.
Ka budak anu……. Moal loba nu nyaah, da sok resep cocokot kana barang
batur.
Babasan anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah diluhur, nya eta….
a. buntut kasiran
b. kandel kulit beunget
c. Panjang leungeun
d. gede hulu

3. Pilihan Ganda

Ilo sing gemet ieu sempalan biantara di handap!

Miara kasenian Sunda téh teu cukup ku ngapalkeun ngaran rupa-rupa


waditraSunda. Nu leuwih alus, urang kudu diajar nabeuh éta waditrasangkan
urang parigel, teu éléh ku urang deungeun. Di sakola, biasana sok aya waditra
Sunda kayaning degung, calung, angklung, kacapi jeung réa-réa deui. Tah ti
ayeuna, hayu urang mangpaatkeun sarana nu aya disakola kalayan pangaping
ti bapa jeung ibu guru.
Pamungkas………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………..…………
Nu dipiharep, budaya Sunda teu leungit sarta terus nanjeur sapanjang jaman.
Sakitu anu kapihatur, wabilahi taufik wal hidayah, wassalmu`alikum
warohmatullohi wabarokatuh. 

Ungkara anu paling merenah pikeun ngalengkepan biantara di luhur nya éta ….
a. Simkuring seja ngadugikeun biantara anu jejerna “Sangkan Urang Tetep
Micinta Budaya Sunda,
b. Mugia ieu pedaran teh jadi panggeuing ka sim kuring hususna, umumna ka
sadayana urang Sunda sangkan leuwih soson-soson miara jeung micinta
budayana
c. Hayu urang muji sukur ka Alloh nu Maha Gopur, ku inayah Mantena urang
tiasa patepang raray paamprok jonghok manteng maheutkeun tatali
silaturahmi
“Jujur téh sumber kabagjaan." US - B.S SUNDA - UTAMAkaca 3 tina 12
d. Ibu miwah Bapa Pangajén nu luhung elmu panemu, jembar pangabisa
hormateun sim kuring. Teu hilap, sadaya réréncangan anu lengah di ieu
tempat, anu ku sim kuring dipihéman.

4. Pilihan Ganda

Ilo sing gemet ieu poin-poin biantara di handap!

(1) Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.


(2) Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun, dilengserkeun ka
jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat Islam nyatana kanjeng
Nabi Muhammad SAW, ka para kaluwargina sohabatna tabi’in tabi’atna
anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

(3) Panghulung kalbu kajembaran puji janten panghias ati urang sanggakeun
ka dzat anu maha suci. Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul ijati.
Puji anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha
kawasa nyatana Allah, aza wajala. Anu parantos masihan rahmat, taufik
sinareng hidayahna tug dugi urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu
majlis ilmu, mugia kénging ridhoNa. Amiin…..

(4) Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah badé nyobian ngadugikeun hiji
biantara anu jejerna;“Cobaan jeung Ujian Allah SWT”

(5) Kepala Madrasah, Déwan Guru sadayana anu ku simkuring di pihormat,


ogé teu hilap ka sadaya réréncangan, anu kusimkuring di pihormat.

Runtuyan biantara anu merenah tur mérélé nyaéta….

a. 1, 5, 3,2, 4

a. 1, 4, 2, 3, 5

b. 1. 3, 2, 5, 4

c. 1, 4, 2, 5, 3

5. Pilihan Ganda
Ieu di handap wacana ngeunaan kampung adat Sunda. Prak ku hidep ilo sing
gemet!

Ieu kampung adat téh gampang didongkangna, lantaran tempatna henteu jauh
ti jalan gedé antara Garut jeung Tasikmalaya. Pakampunganana aya dina
léngkob. Upama rék asup ka jero pakampungan kudu ngaliwatan jalan
nurugtug, mangrupa séséngkéd. Beulah kalér jeung wétan diwatesanan ku
Walungan Ciwulan.

Dumasar pertéléan di luhur ieu kampung adat téh nya éta ….


a.Kampung Kasepuhan Ciptagelar
b.Kampung Cikondang
c.Kampung Naga
d.Kampung Kuta

6. Pilihan Ganda
Ilo sing gemet ieu caritadi handap!

“Jujur téh sumber kabagjaan." US - B.S SUNDA - UTAMAkaca 4 tina 12


Mamat jeung Robi geus lila sosobatan. Maranéhna bareng sakola ti SD kénéh
nepi ka lulus SMA. Malah ayeuna kuliahna gé bareng sakampus. Nu salembur
mah geus arapal kumaha dalitna Mamat jeung Robi, keuna kana paribasa lir
gula jeung peueutna.Kamana-mana layeut babarengan. Waktu Robi jeung
babaturanana ulinka lembur Pasirangin, Mamat teu ngilu. Kabeneran harita
Mamat dititah ku kolotna ka imah nini akina. Mamat Bendu alatan teu diajak
ku Robi. Ti saprak harita Mamat jeung Robi can kungsi katempo babarengan
deui.

Carita di luhur upama digambarkeun kana pakeman basa, keuna kana ungkara
paribasa ….
a. Adat kakurung ku iga
b. Buruk-buruk papan jati
c. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe
d. Hadé gogog hadé tagog

7. Pilihan Ganda
Novel Sunda téh loba, salah sahijina nyaéta “Budak Teuneung”. Ieu novel bisa
keur bacaeun barudak.
Ieu di handap anu mangrupa eusi novel Budak Teuneung, nyaéta ….
a. Ngaranna Karnadi, ari pagawéanana ngala bangkong. Hirupna kacida
ripuh. Lamun ngala bangkong manéhna sok babarengan jeung Marjum,
sobatna. Sakali waktu Karnadi mikahayang Eulis Awang anak Mas Sura.
Pikeun ngalaksanakeun Paniatanana Karnadi ngabohong ka kulawargana
jeung ka Mas Sura.
Ieu novel téh karanganSoekria/Joehana, medal taun 1928
b. Sunarya, budak umur wewelasan anu dipaksa kudu sakola ka Sérang.
Manéhna kudu ngagantikeun lanceukna Winarya. Ari saenyana Winarya
téh lanceuk téréna. Indung Sunarya kawin ka bapana Winarya. Sanggeus
indungna maot bapana Winarya hayang ngawasa harta indungna Sunarya.
Ieu novel téh karangan Ki Umbara, medal taun 1983.
c. Warji budak yatim umur wewelasan, hirupna matak pikawatirweun.
Manéhna mindeung meunang pamoyok ti babaturanana. Tapi najan kitu ku
Warji teu weléh disabaran. Sakali waktu Warji nulungan Asep Onon nu
tigebrus ka sumur basa ngudag langlayangan. Ti harita éta dua budak
sosobatan.
Ieu novel téh karangan Samsoedi, medal taun 2008.
d. Ahmad Hutomi, sok di-Entom-entom. Manéhna milu gawe di dunungan
bapana. Lantaran calakan manéhna dipercaya ngurus kuda bogana Haji
Tantowi atawa haji SPBU, da usahana kana SPBU. Entom nu sakola kénéh
téh sasakola jeung anakna Pa Haji, Neng Dinar.
Ieu novel karangan Tatang Sumarsono, medal taun 2007

8. Pilihan Ganda
Ilo sing gemet ieu sempalan naskah drama di handap!

BABAK I
(Sang Prabu, Praméswari, para putri, ponggawa, jeung paman léngsér arasup
ka panggung. Sang Prabu katénjo henteu bérag. Gék diuk, tuluy hulang-
huleng, bangun keur boga kabingung.)(1)

Gusti Prabu(2) : Keur baluweng kaula téh. Binggung ku rupa-rupa


pasualan(3)

Paman Lengser : Pasualan naon tea, Gusti Prabu?

Gusti Prabu : Baluweng ku dua perkara kaula téh, Paman. Anu kahiji
rahayat urang keur tingkocéak. Saban waktu keuna ku
“Jujur téh sumber kabagjaan." US - B.S SUNDA - UTAMAkaca 5 tina 12
rupa-rupa musibah. Anu kadua, anak kaula si Endén,
apan teu waras pipikiranna bari teu cageur-cageur di
ubaran kamamana ogé.

Paman Lengser : (Ngahuleng) Puguh sami, gusti Prabu. Kaula ogé keur
hariwang ayeuna téh?

(Keur kitu torojol Raden Aria nyampeurkeun, Ogo. Lungak-linguk)(4)

Raden Aria : (Ngomongna ogo) keur naraon, iyeuh, Paman?

Candraan dina sempalan naskah drama di luhur di tuduhkeunku nomer


sabaraha?
a. 1
b. 2
c. 3
d. 4
9. Pilihan Ganda Kompleks
Ilo sing gemet ieu dadaran di handap!
Kampung Kuta
Di Kampung Kuta ukuran imah téh kudu 10x6 meter kalayan wangunna
manjang jeung kudu imah panggung teu meunang témbok (maké semén).
Upama di rempak éta pantrangan bakal aya kajadian anu teu dipikahayang.
Pikeun nyumponan pangabutuh cai sapopoé, masarakat Kampung Kuta
dipantrang nyieun sumur galian, tapi ngala cai ti opat sumber cai, nyaéta
Cibangbara, Ciasihan, Cinangka, jeung Cipanyipuhan.

Kampung Ciptagelar
Wangun imah di Kampung Ciptagelar téh mangrupa imah panggung.
Suhunan panjang jeung suhunan juré. Rangkayna tina kai, pipidingna
ditutupan ku bilik, jeung hateupna tina kiray jeung injuk.
Warga kasepuhan pantang ngahéler paré, pantang ngajual béas, pantang
ngagarap sawah dina poé Juma’ah jeung poé Ahad jeung pantang héhéotan
di sabudeur kampung.
Sagala siklus tatanén teu leupas tina upacara.

Sasaruaan Kampung Kuta jeung Kampung Ciptagelar anu mangrupa


kampung adat, nyaéta ….
a) Masih kéneh nyekel tali paranti karuhunna
b) Imahna panggung
c) Kalintang merhatikeun alam
d) Pantang ngalaksanakan acara upacara ritual
e) Pantang ngala cai ti sumber cai

10. Pilihan Ganda Kompleks


Pakeman basa teh ungkara basa anu husus tur mandeg mandiri. Harti anu
dikandungna mangrupa harti injeuman, anu teu bisa dihartikeun sajalantrahna
nurutkeun harti tata basa atawa harti nu di kandung ku unsur-unsurna.
Aya rupa-tupa pakeman basa nya eta, babasan, paribasa, kekecapan, rakitan
lantip, cacandran, candrasangkala, uga, caturangga, jeung panyaram.

Kalimah di handap anu ka asup pakeman basa rakitan lantip, diantarana…….


a. Adat ka kurung ku iga
b. Pa,leutikan Tv na
“Jujur téh sumber kabagjaan." US - B.S SUNDA - UTAMAkaca 6 tina 12
c. Nyai, pangaleutikankeun kompor
d. Jang, pangmegatkeun sado kosong

11. Pilihan Ganda Kompleks


Ilo sing gemet ieu cutatan di handap!

Pakeman basa nuduhkeun ungkara basa anu angger atawa geus matok.
Ilaharna pakeman basa teh mangrupa kalimah atawa gundukan kecap anu
geus dipatok, geus ditaker diwatesanan, teu meunang di robah, boh di robah
unina atawa ejahanana, boh di robah tempatna atawa dilemeskeun.

Dumasar kana cutatan di luhur, pakeman basa téh ngabogaan sababaraha ciri,
diantarana ……….
a. Ungkara basa anu husus tur mandiri
b. Susunan kecapna teu bisa dirobah
c. Kecap-kecapna teu bisa diganti atawa dilemeskeun
d. Susunan kecapna bisa dirobah
e. Harti nu dikandungna harti nu sajalantrahna

12. Pilihan Ganda Kompleks


Ilo sing gemet ieu sempalan noveldi handap!

"Enggeus, ulah ngobrol waé. Bisi kanyahoan ku Kapala Sakola!" Lilis


ngagebés ti tukang.
"Enya, céréwéd pisan kawas awéwé waé," ceuk Noneng.
Jaja jeung Opik nyéréngéh, da asa kasindiran. Agus gé milu nyéréngéh
deuih, pédah rumasa manéhna nu ngamimitian. sanggeus kitu mah, jep wé
barudak téh teu ngobrol deui. Ayeuna mah saréréa manco ka hareup. Daria
naker. Ongkoh saréréa gé, ngadadak jempling. Da harita téh rék geus
waktuna naékeun bandéra.

Amanat atawa pesen anu kacangking sabada maca sempalan novel di luhur
nya éta ….
a) Urang kudu saregep dina upacara
b) Saéstuna ngahargaan batur téh sarua jeung ngahargaan diri sorangan
c) Urang kudu wani nyarék saupama babaturan urang milampah salah
d) Upama waktuna naékeun bandéra mah urang ulah ribut
e) Pentingna upacara bandéra minangka tarékah mikanyaah lemah cai

Menjodohkan

Répokkeun bagéan A jeung jawaban anu cocog dina bagéan B

NO. B. PILIHAN
A. SOAL
JAWABAN

“Jujur téh sumber kabagjaan." US - B.S SUNDA - UTAMAkaca 7 tina 12


13. …. a. Jogo/Tagog
Anjing
b. Parahu Kumureb
c. Capit Gunting

14. ….

15. Isian Singkat


Jawab kalayan singget tur jéntré!

Baca sing gemet!


RINGKESAN NOVEL SI PASER
karangan Tatang Sumarsono

Éson téh anak patani anu ngebon di suku gunung Manglayang.


Hiji mangsa aya anak mencek asup ka kebonna, lantaran dibeberik ti
leuweung ku anjing pamoroan. Éta anak mencek téh tigebrus kana
lombang, atuh ku Éson jeung bapana bisa ditéwak.
Éta anak mencek téh tuluy diingu ku Éson. Dingaranan Si Paser,
lantaran luncatna tarik pisan, diibaratkeun kana paser anu ngabelesat
tina sumpit. Éson tulatén pisan ngurusna téh. Beuki lila Si Paser beuki
gedé, luncatna ogé beuki luhur. Malah hiji waktu mah Si Paser bisaeun
kabur, sanggeus ngaluncatan buruan. Untungna bisa ditéwak deui ku
Éson, bubuhan geus lindeuk. Ngarah teu kabur deui, pager buruan téh ku
Éson dijangkungan.
Hiji waktu Pa Yéyé, bapana Éson kadatangan jurutulis désa.
Maksudna rek ngolongan sangkan Éson ngaleupaskeun deui mencek
inguanana ka leuweung, sabab éta sato kaasup anu ditangtayungan ku
pamarétah. Puguh baé Éson teu panujuaeun da geus nyaaheun pisan ka Si
Paser téh. Ngan lantaran hantem diolo ku bapana, ahirna Éson daékeun
ngaleupaskeun deui Si Paser. Éta mencek téh dibawa ka leuweung,
dileupaskeun. Éson kagegeringan. Tilu poé ti harita Si Paser téh balik
deui.
Ahirna éta mencek téh dipasrahkeun, minangka hadiah, ka kebon
binatang. Éson henteu ngarasa kaleungitan teuing, da unggal waktu
manéhna bisa ngalongokan sato kameumeutna.

Sabada hidep maca ringkesan novel di luhur, prak ku hidep jéntrékeun


kumaha pasipatan atawa karakter tokoh Si Éson!
………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………

16. Uraian
Jéntrékeun ku hidep luyu jeung pamaredih soal!
Dina bagéan panutup biantara aya sababaraha hal anu kudu ditepikeun,
diantarana kacindekan, saran, sanduk-sanduk, salam panutup. Supaya
éndah basana, dina panutup biantara sok diselapan mamanis basa
kayaning babasan, paribasa, sisindiran, jst.

“Jujur téh sumber kabagjaan." US - B.S SUNDA - UTAMAkaca 8 tina 12


Tah, ayeuna prak ku hidep jieun téks biantara “Paturay Tineung Kelas IX”
cukup bagéan panutupna wungkul!
………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………

17. Uraian
Jéntrékeun ku hidep luyu jeung pamaredih soal!
Dina pakeman basa aya nu disebut paribasa, nya eta ungkara basa
winangun kalimah anu ngandung harti babandingan siloka lakuning hirup
manusa. Eusi paribasa bisa mengrupa wawaran luang, pangjurung laku
alus, jeung panyaran lampah salah.
Pek ku hidep hartikeun paribasa ieu dihandap!
Paribasa harti
Kudu bodo alewoh ……………………………………………………

Mihape hayam ka heulang


………………………………………………

Kudu babalik pikir


………………………………………………

18. Uraian
Jéntrékeun ku hidep luyu jeung pamaredih soal!

Prak ku hidep jieun sempalan naskah drama!


Éta naskah téh kudu aya prolog, dialog, jeung katerangan adegan.
………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………

19. Uraian
Jéntrékeun ku hidep luyu jeung pamaredih soal!

Longsér téh salah sahiji wanda drama tradisional Sunda. Dina prak-
prakanan, aya sababaraha hal dina longsér anu geus maneuh tur jadi ciri
mandiri.
Tah ayeuna prak ku hidep jéntrékeun kumaha prak-prakan pintonan
Gending karasemen! Timimiti naskah caritana, eusi caritana, wangun
caritana, sarana anu dipaké dina pintonan, jst.
………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………

20. Uraian
Titénan naskah drama ieu di handap!
“Jujur téh sumber kabagjaan." US - B.S SUNDA - UTAMAkaca 9 tina 12
Sanggeus karaton Pulasari Pandéglang kacangking ku wadya balad
Surasowan Banten, bénténg pamungkas pajajaran di tungtung kulon
runtag. Rahayat bubar katawuran, séwang-séwangan nyalametkeun diri.
Sababaraha pemuda welasan taun tingkuniang dina panyalindungan
dapuran hanjuang.

Bujang I : “ jeueung ituh! Silalatu ti lebah karaton teu pareum-


pareum! Leuh, Dayeuh Pulasari tangtu geus jadi ruhak!”

Bujang II :(Sedih) “ Bapa kuring tiwas katiruk panah lebah dadana.


Indung katinggang tihang karaton nepi kahanteuna. Adi-adi... teuing
kumaha nasibna...”

........................................................................................................................
............................

Dina sempalan naskah di luhur nyampak ungkara basa anu ditulisna


dicondongkeun nukitu disebutna Cacandran. Pék geura jéntrékeun naon
anu dimaksud ku Cacandran!

“Jujur téh sumber kabagjaan." US - B.S SUNDA - UTAMAkaca 10 tina


12

Anda mungkin juga menyukai