Wacana Dongeng
Dina hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa,
katebak kuangin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan. Keur kitu, teu kanyahoan ti
tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan. “Ha ha ha,
kabeberan, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya. Sakadang
Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina bisana ogé kétang, kateuteu ari, da nagger
bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna. “Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk
Sakadang Kuya, neger-neger manéh. “Naon deui? Anu jelas sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk
Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala.
1. Palaku utama dina sempalan dongéng di luhur nyaéta…
a. Kuya c. Kuya jeung Maung e. Peucang
b. Maung d. Kuya jeung Peucang
2. Kumaha sikep kuya sabada digarewahkeun ku Sakadang Maung ?
a. béréhan c. éléhan e. pinter
b. reuwas d. bungah
3. Kumaha sipat Maung nukagambar dina éta dongéng ?
a. bageur c. éléhan e. hade lampah
b. bengis d. sopan
4. Judul dongéng anu luyu jeung sempalan dongéng diluhur nyaéta…
a. Kuya jeung ajag c. Peucang jeung Kuya e. Kuya jeung Maung
b. Maung dahar kuya d. Kuya reuwas
5. Dongéng diluhur kaasup kana jenis dongéng…
a. fable c. sasakala e. mite
b. parable d. Sagé
6. Jalma nu mingpin diskusi disebut….
a. protokol c. panyatur e. pamilon
b. moderator d. penonton
7. Nu boga pancen nepikeun materi/bahan dina diskusi disebut…
a. protokol c. panyatur e. pamilon
b. moderator d. penonton
8. Hal nukudu diperhatikeun ku moderator dina mingpin diskusi, iwal…
a. Kudu bisa milih kalimah nu éfektif d. kudu bisa ngahudangkeun sumanget pamilon
b. Kudu bisa ngabagi waktu e. kudu bisa nanyakeun ka panyatur
c. Kudu bisa ngatur jalana diskusi
9. Kumaha cara nepikeun pamadegan dina diskusi?
a. tegas c. haré-haré e. salsé
Soal Prediksi UAS/PAS Ganjil 2018 Bahasa Sunda hal. 1 dari 5
Wacana Carpon
BABALIK PIKIR
Geus opat poé Esti teu sakola. Panas tiris babakuna mah. Tadi gé geuning aya budak sakola mani
ngaliud, ngalayad. Ma’lum Esti mah ketua kelas tur nyaahan pisan ka babaturan téh. Katurug-turug jelema
aya. Sakalieun aya budak nu teu bogaeun buku téh, Esti mah tetelepék, jorojoy hayang ulin cenah ka imah
babaturan téh. Mun geus puguh katempona babaturanna téh teu mampuh, Esti sok buru-buru
mangmeulikeun buku. Pikareueuseun puguh gé. Keur mah pinter, anak nu beunghar, katurug-turug bageur
deuih.
Kasoléhan Esti téh hanjakalna teu meunang pangrojong ti kolotna. Ayeuna gé bapana keur
tutunjuk bari hahaok. Bapana kacida ambekeunana basa tadi Bu Rida wali kelasna nganuhunkeun kana
kasaéan putrana nu tos masihan kasur sapuratina ka Ikeu babaturan sakelasna. Sihoréng budak téh nyokot
tabunganana.
“Paingan atuh duit téh béak baé. Yeuh Bapa jeung Ema bisa kieu teh usaha popohoan. Dug hulu
pet nyawa. Ulah kéna-kéna tabungan téh leuleuwihan duit bekel, tuluy sangeunahna dibagi-bagikeun.”
Esti cicing baé. Haténa manghanjakalkeun ku naon Si Ikeu maké ngobrol sagala ka Ibu Rida?
Kumaha atuh? Kasalahan manéhna geus nembrak. Teu bébéja ka indung bapana. Ceuk pamikirna bébéja
ogé ka baseuh-baseuh biwir da pasti moal diidinan, sedengkeun Ikeu kacida butuh pisan ku bantuanana.
Ikeu saréna ukur dina raranjangan ditilaman ku samak salambar. Bantalna ogé buntelan bubututan. Teu
bisa majar kumaha, da geus tigejebur, geus baraseuh. Esti ngeluk baé tungkul hareupeun bapana.
Manéhna teu wanieun ngarérét-rérét acan. Lalaunan cai sakeclak maseuhan pipina nu pias. Da puguh
hudang gering téa. Satuluyna mah ngagukguk ceurik menta dihampura ka bapana.
Sanggeus kajadian harita Esti tara deui kumawani barangbéré ka babaturanana, sanajan dina haté
leutikna mah mungguh aya perang rongkah nu teu bisa kaungkulan ku sorangan. Bekelna ogé diseret
ayeuna mah ku bapana téh. “Keun Bapa baé nu nabungna, sakalian di bank. Engké ogé keur saha deui,
kabéh ogé dalah jang anak.” Kitu ceuk Pa Uja juragan angkot nu kacida keur meumeujeuhna beunghar.
Orokaya da jalma téh teu nanjeur baé, sataun ti harita barang Esti naék ka kelas 3 SMP angkotna
tabrakan, nu maotna ogé aya opatan, atuh lumayan ogé béayana téh. Lian ti béaya, gegedéna mah jadi
beuki melang loba angkot téh. Kurang katenangan. Kendat saminggu ti harita motor anyar di buruan aya
nu maling. Acan ogé opat puluh poé ti barang angkot tabrakan, Pa Uja ujug-ujug gareuneuk sababadan.
Barang dipariksa téh cenah infeksi darah. Geus méh sabulan awakna leuleus waé, kituna mah kandungan
hémoglobinna ngan lima. Jauh pisan tina wates normal.
Wacana Kawih
Rampak Gawé
Hayu urang pada karumpul, batur
Beberesih sakola urang
Digawé rampak babarengan, dulur
Tempat urang beresih tur séhat
Digawé ulah rék talangké, batur
Anggur digawé sing rancagé
Gotong royong tur sauyunan, dulur
Rampak gawé, hasilna mucekil
Reff : Sakola jadi beresih
Diajar matak betah
Sakola resik tur asri
Diajar héy tur tumaninah
24. Sabaraha pada kawih di luhur?
a. 5 pada b. 4 pada c. 3 pada d. 2 pada e. sapada
25. Saha nu kudu miara kabersihan di sakola téh?
a. guru-guru d. sakabéh warga sakola
b. penjaga sakola e. masyarakat
c. sakabéh siswa
26. Kudu kumaha sangkan dina miara sakola teu karasa beurat?
a. Masing-masing kudu beberesih
b. Saréréa kudu daék nitah beberesih
c. Guru kudu sering nitah beberesih ka siswa
d. Sakabéh warga sakola kudu rancagé tur gotong royong beberesih
e. Sakabéh kolot siswa kudu beberesih unggal poé
27. Lamun urang daék beberesih tangtu lingkungan sakola urang bakal saperti di handap, iwal...
a. Lingkungan bakal resik d. lingkungan sakola kotor tur pikarujiteun
b. Sakola bakal pikabetaheun e. Lingkungan sakola jadi éndah
c. Lingkungan sakola jadi séhat
28. Maksud tina pada kadua dina kawih di luhur nyaéta....
a. Kudu daék beberesih d. pagawéan mucekil kucara gotong royong
b. Mun hayang maju kudu digawé e. Lamun sakola beresih diajar gé bakal tumaninah
c. Sakola bakal resik mun siswana beberesih
29. Ieu dihandap kawih anu sok dihariringkeun ku barudak bari arulin, nyaéta....
a. kalangkang d. mawar bodas
b. éslilin e. ayang-ayang gung
c. colénak
30. Harti husus tina ngala kembang nyaeta....
a. ngundeur c. mupu e. gacong
b. mipit d. metik
31. Kecap “paranje” hartina....
a. kandang munding c. kandang kayam e. kandang sato galak
Soal Prediksi UAS/PAS Ganjil 2018 Bahasa Sunda hal. 4 dari 5
B. Uraian
Jawab kalawan bener !
1. Tulis masing-masing hiji conto kalimah nu maké kecap rajékan dwimurni, dwireka, dwipurwa,
dwimadya, jeung trilingga!
2. Tulis 5 harti husus tina:
a. Ngala
b. Ngumbah
c. Mawa
3. Tuliskeun papasingan dongéng jeung contona!
4. tulis harti tina kecap-kecap ieu :
Soal Prediksi UAS/PAS Ganjil 2018 Bahasa Sunda hal. 5 dari 5