Anda di halaman 1dari 8

PEMERINTAH KABUPATEN BEKASI

DINAS PENDIDIKAN

PENILAIAN AKHIR SEMESTER


TAHUN PELAJARAN 2023/2024
LEMBAR SOAL
Mata Pelajaran : Pendidikan Kewarganegaraan
Satuan Pendidikan : SMP NEGERI 6 BABELAN
Kelas : 8 ( Delapan )
Hari/Tanggal :
Waktu : 90 Menit

PETUNJUK UMUM
1. Periksa dan bacalah soal-soal sebelum anda menjawabnya.
2. Dahulukan soal-soal yang anda anggap mudah.
3. Kerjakan pada lembar jawaban yang disediakan dengan menggunakan pensil 2B.
4. Pilih salah satu jawaban yang benar dengan cara menghitamkan bulatan jawaban.
5. Apabila anda ingin memperbaiki/mengganti jawaban, bersihkan jawaban semula dengan karet penghapus sampai bersih
(jangan sampai rusak), kemudian hitamkan bulatan jawaban yang anda anggap benar.

Benar Salah
Salah Salah

6. Periksa seluruh jawaban anda sebelum diserahkan kepada pengawas.

I. PILIHAN GANDA
Tengetan téks kawih di handap sarta jawab pananya nomer 1-4.

BUBUY BULAN
(Benny Corda)

Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang,


Panonpoe, panonpoe disasate,
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang,
Unggal poe, unggal poe oge hade

Situ Ciburuy laukna hese dipancing,


Nyeredet hate ningali ngenclong caina,
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing,
Nyeredet hate ningali sorot socana.

1. Tema kawih di luhur teh ngeunaan….


a. Kaendahan alam
b. Kaayaan hiji situ
c. Kaendahan Situ Ciburuy
d. Cinta

2. Ceuk kawih di luhur, abdi teh sabenerna hayang diteang unggal….


a. Poe
b. Waktu
c. Minggu
d. Bulan
3. “bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang.”
Anu sok biasa dibubuy mah….
a. Jagong
b. Lauk
c. Sampeu
d. Oncom

4. “bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang.”


Ungkara di luhur miboga harti….
a. Sabenerna
b. Sajalantrahna
c. Denotatif
d. Konotatif

5. Kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa kawih barudak lantaran….
a. Dikawihkeunana ku barudak sakola
b. Dikawihkeunana dina kaulinan barudak
c. Wajib dihaleuangkeun ku barudaak sakola
d. Eusi rumpaka kawihna ngeunaan barudak

6. Perhatoskeun kalimah di handap ieu!


1) Umumna anonym
2) Miboga rumus jeung pola
3) Polos jeung lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan
4) Mibanda patokan 5W + 1H
5) Ngagunakeun ragam basa lemes

Dumasar kalimah di luhur, anu kaasup kana ciri kakawihan nyaeta nomer….
a. 1, 3 jeung 5
b. 1, 2 jeung 3
c. 2, 4 jeung 5
d. 3, 4 jeung 5

7. Dihandap ieu kaasup kana kawih anu dibarung ku kaulinan budak, iwal….
a. Cingciripit
b. Bubuy bulan
c. Ambil-ambilan
d. Oray-orayan

8. Gagasan poko anu rek ditepikeun ku nu ngarang rumpaka kawih ka nu maca disebut….
a. Purwakanti
b. Suasana
c. Tema
d. Nada

9. Perhatoskeun kecap di handapieu!


1) Rasa 4) Pupuh
2) Nada 5) Guguritan
3) Tema

Dumasar kecap diluhur, anu kaasup kana unsur kawih ditunjukkeun nomer….
a. 1 ,3 dan 5
b. 1, 2 dan 3
c. 2, 3 dan 5
d. 3, 4 dan 5

10. Kalimah ieu di handap nu miboga harti konotatif, nyaeta….


a. Kuring ka pangajian make baju hejo.
b. Yani Dibere tiung warna hejo ku neng Nani.
c. Maneh mah mani hejo ningali duit gepokan the.
d. Kuring mah resep pisan kana warna hejo teh.
11. Conto kalimah nu ngagunakeun gaya basa denotative, nyaeta….
a. Si Udin ceurik getih basa diseuseulkeun ku emana
b. Pa guru ka sakola naek motor
c. Si Usman naek kelas
d. Hirup mah ulah gede hulu.

12. Perhatikeun judul lagu di handap ieu!


1. Kawih Cingciripit
2. Kawih Manuk Dadali
3. Kawih Sanga Gancang
4. Kawih Samoja
5. Kawih Enjing Deui

Dumasar kecap di luhur, anu kaasup kana kawih buhun ditunjukkeun nomor….
a. 1 dan 5
b. 1, 2 dan 3
c. 4 dan 5
d. 3, 4 dan 5

13. Gaya basa anu digunakeun pikeun nunjukeun sikep handap asor disebut gaya basa….
a. Ngasor
b. Rarahulan
c. Mindoan
d. Kadalon

Baca sempalan warta ieu di handap!

Musim Konfrensi Asia Afrika (MKAA), dina poe rebo (4/8) mitembeyan Program
Festival Konfrensi Asia Afrika (FKAA) 2010 nu boga tema “Cerita Kota” Eta program nu
dialpukahan ku MKAA rukun gawe jeung Netzwerk katut Smart Convex teh minangka
program advokasi di widang diplomasi public.

14. Kecap dialpukahan nu diketik didengdekeun dina sempalan naskah warta di luhur the mibada
harti…
a. Diringkeskeun
b. Diheureuyan
c. Dipaparin
d. Dipokalan

15. Salahsahiji tujuan diayakeunana program FKAA the, iwal….


a. Ngageuing deui ajen historis jeung modal politis KAA di Bandung taun 1955
b. Ngaraketkeun deui rukun gawe papada nagara di Asia Afrika
c. Ngabeungkeut urang Bandung dina acara FKAA
d. Ngarojatkeun daya saing sektor atikan jeung industri kreatif

16. Iber atawa beja ngeunana perkara hiji kajadian atawa hiji hal boh sawangan boh pamadegan,
dumasar kana kanyataan nu diumumkeun dina media massa disebut….
a. Wawaran
b. Warta
c. Kawih
d. Wawartos

17. Kecap warta teh asalna tina basa Sansekerta nu hartina….


a. Beja
b. Bewara
c. Iklan
d. Dokumentasi
18. kecap di handap ieu!
1) Beja 4) Amanat
2) Informasi 5) Carita
3) Beware

Dumasara kana kecap di luhur, anu mangrupakeun harti tina kecap warta nyaeta nomer….
a. 1, 3 jeung 5
b. 1, 2 jeung 3
c. 1, 2 jeung 4
d. 3, 4 jeung 5

19. Struktur warta teh kabagi tilu bagian….


a. Tema (Theme), headline, lead
b. Juudul (headline) tema jeung bubuka
c. Judul (headline) lead (bubuka, intro) jeung tubuh warta
d. Bubuka, isi, penutup, jeung riset dokumentasi

20. Ieu dihandap anu teu bisa dijadikeun bahan warta, nyaeta….
a. Musibah gunung bitu
b. Diwangunna hiji pabrik
c. Tempat wisata
d. Catetan poean

Baca sempalan ieu warta di handap!

Pagelaran dituluykeun kana jaman peperangan. Digelar dina umbul-umbul nu


pabaliut, muter bari mamawa beker, para juragan neunggeulan jampana. Tepi
kana Gending Sunda, nembongkeun urang Sunda nun wedel iman ngabring bari
solawat, bring rarubuh, gambaran gotong royong sauyunan.

21. Pikiran utama anu aya dina paragraph kahiji, nyaeta….


a. Pagelaran dituluykeun kana jaman peperangan
b. Digelar dina umbul-umbul nu pabaliut, muter bari mamawa beker, para juragan neunggeulan
jampana.
c. Pagelaran digelarkeun salila saminggu
d. Tepi kana Gending Sunda, nembongkeun yen urang Sunda nu wedel iman ngabring bari
solawat, bring rarubuh, gambaran gotong royong sauyunan.

22. Nu lain tujuan pagelaran gending nu aya di pasirlayung the, nyaeta….


a. Ulah aya papaseaan sasama warga dibarengan ku beresih hate
b. Kudu akur sesame warga, sok sanajan beda etnis
c. Hirup kudu akur jeung batur, sok sanajan pasalia paham
d. Sauyunan dina sagala widang tur dibarengan ku beresih hate.

23. Ieu di handap media nu digunakeun pikeun nepikeun warta, iwal….


a. Koran
b. Majalah
c. Poster
d. Internet

24. Laporan reporter tipi secara langsung disiarkeun ti tempat kajaadian mangrupa conto warta….
a. Langsung
b. Teu langsung
c. Dadakan
d. Olahan
25. Perhatoskeun hal di handap ieu!
1) What (naon) 4) Water (cai)
2) Who (saha) 5) Hair (buuk)
3) When (iraha)

Dumasar kana hal di luhur, warta biasana mibanda sawatara panduan nyaeta nomer….
a. 1, 2 jeung 4
b. 1, 2 jeung 3
c. 1, 3 jeung 5
d. 2, 3 jeung 4

26. Perhatoskeun ragam basa di handap ieu!


1) Basa lemes pikeun sorangan
2) Basa lemes pikeun batur
3) Basa loma
4) Basa lemes pisan
5) Basa lemes budak

Dumasar ragam basa di luhur, anu masih keneh dipake dina jaman kiwari nyaeta basa nomer….
a. 1, 3 jeung 5
b. 1, 2 jeung 3
c. 2, 4 jeung 5
d. 3, 4 dan 5

27. Warta biasana diwangun ku basa…


a. Kasar
b. lemes jeung loma
c. Loma
d. Goreng

28. Sisindiran diwangun ku basa ugeran anu disebut….


a. Puisi
b. Prosa
c. Drama
d. Paguneman

29. Dina kasusastraan malayu, sisindiran sarua jeung….


a. Mantra
b. Gurindam
c. Pantun
d. Lagu

30. Jumlah padalisan dina sisindiran, seperti ieu di handap, iwal….


a. Opat
b. Dua
c. Genep
d. Hiji

31. Sisindiran nu diwangun ku dua padalisan, serta padalisan ka hijina cangkang, padalisan kaduana
eusi kalayan aya jawabanana, disebut….
a. Paparikan
b. Sisindiran
c. Rarakitan
d. Wawangsalan

Perhatikeun ieu sisindiran di handap!


Baju kudu heureut pola,
Dikelin teu dijalujur.
Mun teu cucud ti sakola,
Arisin balik ka lembur.
32. Wangun di luhur disebutna….
a. Sisindiran
b. Rarakitan
c. Paparikan
d. Wawangsalan

33. Nilik kana eusina, wangun di luhur the watekna….


a. Sesebred
b. Moyok
c. Piwuruk
d. Silih asih

Perhatikan ieu sisindiran di handap!

Lamun urang melak cabe,


Moal matak jadi bonteng.
Lamun urang melak hade,
Moal matak jadi goreng.

34. Wangun di luhur disebutna….


a. Sisindiran
b. Rarakitan
c. Paparikan
d. Wawangsalan

35. Nilik kana eusina, wangun di luhur the watekna….


a. Sesebred
b. Moyok
c. Piwuruk
d. Silih asih

36. Bedana antara rarakitan jeung paparikan, nyaeta….


a. Rarakitan mah kekecapanana kudu murwakanti, paparikan mah henteu perlu murwakanti
b. Dina rarakitan, kecap awal dina cangkang sok dibalikan deui; dina eusi paparikan mah henteu
c. Paparikan guru lagu teu sarua, rarakitan mah sarua kecapna
d. Paparikan sapadana dua padalisan, rarakitan mah sapadana opat padalisan.

37. Imah ngambang di sagara.


Ulah kapalang nya bela.
Wangsalna….
a. Kapal udara
b. Kapal laut
c. Parahu
d. Motor but

38. Karangan pondok winangun puisi anu ditulisna make patokan pupuh, nyaeta puisi anu kauger
(boga patokan; katangtuan) ku guru lagu, guru wilangan, serta jumlah padalisan dina sapadana
disebut….
a. Guguritan
b. Wawacan
c. Pupuh
d. Pantun

Perhatikeun guguritan ieu di handap!

di mamana penjajah pada marudah lantaran


dikritik
ku ahli nagara
yen eta lampah jahat
tapina kalah mudigdig
ambek-ambekan
dasar nu buta-tuli
39. Ungkara di luhur ngagunakeun pupuh….
a. Mijil
b. Durma
c. Dangdanggula
d. Magatru

40. Ceuk pupuh di luhur, anu buta-tuli the, nyaeta….


a. Rahayat
b. Jalma jahat
c. Penjajah
d. Jalma nu teu iman

41. “tapina kalah mudingdig.”


Kecap mudigdig nuduhkeun jalma anu keur….
a. Bingung
b. Samar polah
c. Ngambek
d. Susah

42. Pupuh Durma mah mibada watek….


a. Siap perang
b. Nganti-nganti
c. Sedih
d. Bungah

43. Guru wilangan jeung guru lagu anu aya dina pupuh Durma….
a. 12-a, 7-a, 6-a. 7-a, 8-i, 5-a, jeung 7-i
b. 12-a, 7-i, 6-I, 7-a, 8-i, 5-a, jeung 7-i
c. 12-a, 7-i, 6-a, 7-i, 8-i, 5-a, jeung 7-i
d. 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, jeung 7-i

44. Pupuh di handap anu kaasup kana sekar alit, nyaeta….


a. Sinom
b. Dangdanggula
c. Kinanti
d. Lambing

45. Pupuh di handap anu kaasup kana sekar ageung, nyaeta….


a. Asmarandana
b. Gurisa
c. Maskumambang
d. Mijil

Anda mungkin juga menyukai