SISINDIRAN by Nunik
SISINDIRAN by Nunik
Teh Niar
Mangkatna ti kota banjar
Tujuana cimareme
Nami abi teh neng niar
Mojang gelis padarme
Teh Eva
Mamah abi teh bu lilis
Janda cantik luar biasa
Ceuk baturmah abi geulis
Tapi alim kanu duda
Teh Vidia
Kapan abi lain randa
Matak disebut si eneng
Nami abi neng vidia
Putri cantik mamah noneng
Uri
Omat omat ulah kagoda
Buuk galing ku di catok
Abi nu paling menggoda
Mojang saksi seksi montok
Neng lidya
Aya yoyo aya yaya
Budak letik budak gede
Nami abi neng lidia
Incu cantik ema dede
Rahma
Bapa abi emang kasep
Sabab budakna ma piyah
Abi anak bapa asep
Nu imut luar biasah
Rifa
Abi incu ema iyah
Mun seuri katinggal waos
Kan abi budak ceu yayah
Nu sholehah rajin ngaos
Uli
Abi bade indit ka gandok
Belah ditu cimareme
Abi jangkung sesksi montok
Bule lokal padarame
Jenny
Bapa abi emang jhony
Anu resep kana acis
Nami abiteh neng jheny
Mirip pisan ria ricis
Fani
Ceuk baturmah abi jangkis
Kahoyogna lauk emas
Abi emang budak geulis
Incu cantik ema imas
Eka
Aya dede aya kaka
Aya lanceuk aya adi
Nami abi teh neng eka
Pacar cantik ayang adi
Disti
Nami abi sanes cucu
Sabab abi eneng disti
Abi emang budak lucu
Putri cantik mamah isti
Risa
Abi hiji hijina istri
Anu sering pisan mandi
Abi putri mamah astri
Anu mirip dinar candi
Senaz
Abi resep nuang teri
Buatana eceu nana
Abi budak bapa very
Nu cantik kabina bina
Bilqis
Tujuh belas tamah tujuh
Sama dengan dua opat
Abi emang rada lintuh
Turunan ti bapa amat
Ardella
Anu jajan meuni lila
Pirage meuli papaya
Iyeu abi eneng della
Anu mirip iis dahlia
Sulis
Nami abi eneng sulis
Kahoyong jadi juara
Iyeu abi budak geulis
Nu mirip lesti kejora