Anda di halaman 1dari 8

PAGUNEMAN

Mata Pelajaran
Bahasa Sunda
Kompetensi Dasar
 3.1. Memahami dan mengidentifikasi kaidah,
bentuk, struktur teks, dan aspek kebahasaan
paguneman tentang menyapa, memperkenalkan
diri, berpamitan,meminta izin, mengucapkan
terima kasih dan meminta maaf.
Baca téks paguneman ieu di handap kalawan make lentong
jeung tata basa nu merenah!

 Agung : Sampurasun! wilujeng énjing sadayana!

 Murid: Rampés!

 Agung : wilujeng énjing sadayana!

 Murid: wilujeng énjing!

 Agung : kumargi nembé tepang, nepangkeun, wasta pun Agung.

 Rina : dupi name lengkepna saha?

 Agung : wasta pun Agung Nugraha, nénéhna Agung.

 Damar : dupi kawit ti mana?


Baca téks paguneman ieu di handap kalawan make lentong
jeung tata basa nu merenah!
 Agung : simkuring kawit ti Tasikmalaya. Margi pun bapa damelna ngalih ka Bandung,

simkuring ayeuna nganjrek di Lembang, teras saparantos lulus SD, simkuring lebet ka SMP IT Ibnu

Khaldun. Alhamdu lillah ayeuna tiasa tepang sareng réréncangan sadaya.

 Mail : naon karesep anjeun?

 Agung : Karesep simkuring mah olahraga futsal sareng voli. Resep sasatoan ogé. Simkuring ge

resep kana seni Sunda, komo seni beluk sareng tarawangsa mah simkuring téh resep pisan.

 Dadi : wah, sami sareng simkuring. Resep kana seni Sunda.

 Agung : oh, gening aya nu sami resep kana seni Sunda ogé. Hatur nuhun. Ruppina mung sakitu

salam pang wanoh ti simkuring. Hapunten bilih dina sasanggem aya ucap nu kurang merenah. Hatur

nuhun.
Naon ari paguneman?
Paguneman mangrupa interaksi nu
dilakukeun ku manusa kalayan make
basa nu kaharti, merenah, jeung
tatakrama nu hade.
Ciri-ciri paguneman
 Make basa Sunda

 Palaku leuwih ti hiji

 Patembal-tembal

 Ngandung eusi
Basa Lemes
Basa nu nyopan. Biasana dipake
Ragam basa keur ka saluhureun atawa sapantar.
Conto: Tuang, neda.

Basa Loma
Basa nu dipake keur sapantar
atawa keur babaturan.
Conto: Dahar, indit, nginum, jre.

Basa Kasar
Basa nu kurang sopan nalika dipake
keur ka manusa. Biasana dipake keur
sato,
Conto: Lebok, nyatu
Tata basa

ASPEK
Lentong
PAGUNEMAN

Gestur tubuh

Anda mungkin juga menyukai